masarakat sunda. Budaya Sunda dipikawanoh ku budaya nu ngajungjung luhur kasopanan. Umumna karakter masarakat Sunda adalah soméah hadé ka sémah, murah imut, handap asor, lemah-lembut, jeung hormat ka kolot. Intina budaya Sunda teh ngawengku konsepsi- konsepsi abstrak ngeunaan naon wae anu dianggap goreng (yang perlu dihindari) jeung mana anu dianggap alus (yang perlu dianut). Konsepsi nilai positif jeung negatif eta teh saterusna dimunculkeun kana praktek-praktek budaya nu ngabentuk tradisi. 1. tradisi lisan, mangrupa tradisi nu wangunna murni lisan, misalna: babasan, paribasa, kakawihan, pupujian, sisindiran, caritapantun, jeung dongeng. 2. tradisi nonlisan, mangrupa tradisi yang nu wangunna dibagi dua (1)material, saperti arsitektur, kadaharan tradisional, obat-obatan tradisional, (2)nonmaterial, saperti olah raga (Pencak Silat, Lais), seni musik, jeung seni teater. 3. tradisi campuran lisan jeung nonlisan, misalna: kaulinan barudak, tari-tarian, upacara-upacara, jeung pesta rayat.
Ieu hal dasar nu kawengku dina konsepsi nilai-nilai
budaya Sunda nyaeta ayana informasi nu kudu diteruskeun ti hiji generasi ka generasi lianna. Dina konteks ieu budaya sunda teh ibarat sakumpulan picaritaeun nu pating haleuang ménta dilalakonkeun Konsepsi Karakteristik “Cageur, Bageur, Bener, Singer, Pinter” “Cageur” atawa “sehat” nandakeun hiji karakter masarakat sehat sacara jasmani jeung rohani, tapi istilah “cageur” dina Sunda miboga palsafah leuwih lain ngan saukur sehat hungkul, tapi “cageur” nyontokeun watek masarakat nu mampuh mikir jeung ngalakukeun pagawean sacara rasional jeung proporsional sarta nyoko kana nilai moral. “Bageur” atawa “baik” nandakeun hiji karakter masarakat nu miboga sifat-sifat jiwa kamanusaan, ngajungjung akhlak nu mulya antara sasamana. “bener” atau “benar” nu nyontoan karakter masarakat nu amanah, tara bohong, tara hianat sasrta ngajungjung luhur integritas nu hartina unggal ucapan kudu saluyu jeung tindakan, oge kalakuan. Conto paribasa: “ulah cueut ka nu hideung ulah ponteng ka nukoneng”, hartina (harus mengatakan apa adanya, sesuai fakta, tidak ada manipulasi fakta.) “nu lain kudu dilainkeun, nu enya kudu dienyakeun, nu ulah kudu diulahkeun”, (bahwa kita tidak boleh melarang sesuatu karena itu benar, dan harus melarang sesuatu karena hal tersebut tidak benar). singer” atau “mawas diri” nyontoan pribadi nu, resep ngorbankeun kapentingan batur, seneng narima kritikan ti batur ka dirina pikeun dijadikeun bahan refleksi diri, sarta miboga rasa nyaah ka sasama. “pinter” atau “pintar” nu nyontokeun masarakat nu boga elmu sarta ku elmuna bisa nganteurkeun kana jalan kabarokahan dunya, nu akarna kana kamulyann hirup keur bekel di aherat . Lain elmu nu ngajadikeun kasombongan jeung lain pikeun kemudaratan. (mampu menyeimbangkan kehidupan yang berorientasi pada dunia dan akhirat seperti istilah dalam islam yaitu “tawazzun”. ) konsep kapamingpinan nurutkeun kaarifan Sunda; (1) lain palid ku cikiih, lain datang ku cileuncang, (bahwa pemimpin itu tidak sekonyong-konyong ada di tengah masyarakat, tetapi keberadaanya itu melalui proses dan atas kepercayaan rakyat); (2) landung kandungan laer aisan, (pemimpin harus memiliki jiwa kasih sayang, sebab pemimpin itu harus jadi ibu sekaligus bapak bagi rakyatnya); (3) kudu handap asor; (pemimpin jangan sombong, jangan semena-mena); (4) bentik curuk balas nunjuk capetang balas miwarang, (jadi pemimpin jangan otoriter, jangan main perintah, sebaiknya sama-sama bekerja dengan bawahan); (5) ulah getas harupateun, (jangan emosional jangan cepat mengambil tindakan); (6) kudu dibeuweung diutahkeun, (sebagai pemimpin harus mempertimbangkan masalah) atau “kudu asak-asak ngejo bisi tutung tambagana, kudu asak-asak nempo bisi kaduhung jagana” (harus penuh pertimbangan dalam memutuskan perkara atau mengambil keputusan); (7) ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara, (pemimpin harus mampu mengelola daerahnya dengan mempotensikan rakyat, dan mampu menjadi abdi Negara yang baik); (8) ulah lali ka purwadaksi, (jadi pemimpin jangan lupa kepada asal-usul ); (9) unggah pileumpangan, (berubah sikap jadi sombong setelah jadi priayi.”) LAWUNGAN KA 5 NILAI-NILAI BUDAYA SUNDA
Falsafah atawa (pandangan hidup) teu leupas tina
kahirupan masarakat sunda. Maksudna boh dina hubungan antara individu atawa sakabeh masarakat Indonesia. Saperti di kahirupan masarakat aya istilah silih asah, silih asih jeung silih asuh. Silih Asah nu hartina ngasah atawa nyeukeutan elmu jeung kacerdasan antara individu , lain ngan saukur lingkungan sakola, kampus, tapi neangan elmu bisa dimana wae. Silih Asih miboga harti silih pikanyaah atawa pikaasih. yang memiliki arti saling menyayangi atau mengasihi. Lamun masarakatna bisa silih pikanyaah kahirupanana bakal aman, tengtrem . Ieu sakuduna nu dicepeng ku masarakat dina prinsip hirupna. Silih Asuh hartina silih ngabingbing atawa ngasuh. Nu ngabutuhkeun bimbingan lain budak leutik wae tapi nu geus dewasa oge kudu aya bingbingan pikeun neangan jatidirina.Bisa disebut oge neangan jati diri teh ngahalalkeun sagala cara (hade, gorengna). Silih pikanyaan, silih ngasahkeun, jeung silih ngabingbing bakal pinuh hartina lamun dilakukeun dina kahirupan masarakat. Komo deui lamun ningali kaayaan masarakat jaman kiwari anu labil, mangka ku ayana silih asih, silih asah, silih asuh bakal ngawangun masarakat kana kualitas nu geus leungit ku sabab peralihan zaman.