Anda di halaman 1dari 2

Usum halodo geus kalewat, ayeuna geus mimitian usum hujan.

Tapi ceuk dina berita mah hujan ayeuna teh hujan buatan nu fungsina minuhan waduk saguling nu dipake pembangkit listrik. Sanajan kitu kuring ngarasa bungah sabab kuring bisa huhujanan di tengah kota bari neangan duit. Panon poe nu katutupan ku awan hideung nandakeun sakedeng deui bakal turun hujan. Kuring kaluar ti imah bari mawa payung nu kacida gede na, kusabab gede payung eta bisa dipake ku tilu urang sakaligus. Biasana mah loba babaturan nu indit ka kota lamun usum hujan, tapi teuing atuh ari ayeuna mah. Kusabab usum hujanna can lila kuring can loba manggihan babaturan di kota. Hujan geus mimiti turun, kuring lumpat neangan tempat jang ngiyuhan. Kuring diuk di sisi Dept. store nu aya di jalan Kepatihan. Hujan nambahan gede, kuring moal lila-lila diuk lamun hujanna nambahan gede. Kuring huhujanan di hareupeun salah sahiji pusat perbelanjaan di Bandung bari ngasong-ngasong payung nu kacida gede na. WanWan, kedieu sakedeng! Aya naon Din? Uing keur sibuk yeuh. Tong ngaganggu uing!!! Hampura Wan, urang ge euweuh maksud ngaganggu maneh. Ngan payung maneh katingalina jiga nu bengkok. Cik urang nginjeum heula sakedeng, engke ku urang benerkeun. Maneh diuk heula we di ditu! Kuring nurut ka si Didin, diuk di deket tukang gorengan bari ngabibrig kabulusan. Hujan nambahan gede, loba pangunjung Dept. store nu ngiyuhan di lawang panto tapi si Didin can datang wae. Padahal loba jelema nu ngabutuhkeun jasa kuring. Kuring ngan saukur bisa diuk nungguan si Didin. Hujan nu nambahan gede dibarengan ku angin jeung dor-dar gelap. Panasna kompor tukang gorengan ngahanetan awak kuring nu kacida tirisna. Ti kajauhan kuring ningali ibu-ibu nu make seragam hejo nu aya tulisan LINMAS di dadana. Manehna luak-lieuk jiga nu linglung poho jalan, di lengeun katuhuna ngagantung keresek balanjaan warna hideung. Barang balanjaan nu sakitu lobana di lengeun katuhuna ngajinjing keresek. Manehna cicing di lawang panto dibarengan ku barang balanjaan nu moal dilepaskeun. Manehna gegerenyeman jiga dukun, teuing naon nu diomongkeun. Cai hujan can ngorotan, hiliwir angin karasa asup kana liang irung ngahudangkeun bulu irung. Kuring bersin nepikeun ka tilu kali jigana mah kuring kaserang flu. Katingali ti arah alun-alun rombongan saragam hejo nu aya tulisan SATPOL PP datang.

Tibum.euy aya tibum gorowok saurang tukang dagang. Padagang kaki lima lalumpatan ngabelah hujan bari marawa dagangan nana. Kuring rewas tukang gorengan oge ngilu lumpat. Kuring ayeuna katirisan sorangan kusabab kompor tukang gorengan nu panas oge ngilu dibawa. Ibu-ibu berseragam LINMAS oge ngilu panik sieun ku SATPOL PP. Jang.jang, ojeg payung!!! Kadieu!! Muhun, Bu bade nganggo payung? Enya, burukeun bisi SATPOL PP kadieu aya razia PNS. Kuring ningali si Didin mayungan ibu-ibu make payung anu kuring. Kuring teu narima lalampahan si Didin. Cenah rek ngomean payung tapi kalakah dipake ngojeg payung. Kuring diantep didieu bari kahujanan jeung katirisan. Din, maneh rek kamana? kuring lumpat nyamperkeun si Didin. Ke heula Wan, tong waka suudzon Akhteuing balikkeun payung uing!!! Jang..jang tong parasea atuh!! Anterkeun ibu heula. Ceuk ibu-ibu bari jeung panik. Katingali ti tukang SATPOL PP ngadeketan, kuring rewas punduk kuring ditepak ku salah sahiji SATPOL PP. Ibu-ibu eta oge jiga nu rewas ningalina. Aya naon ieu teh Jang? Parasea wae!!! Ieu Pak, payung kuring dipaok Jang balikeun payungna!! ceuk SATPOL PP ka si Didin. Si Didin ngasongkeun payung ka kuring, ngan ibu-ibu tadi katingali jiga nu sieun ningali kadatangan SATPOL PP. Kunaon bu jiga nu sieun ningali abdi? ceuk salah saurang SATPOL PP Bapak-bapak teu ngarazia kan? Ditingali loba PKL anu lalumpatan ningali kadatangan Bapakbapak. Hehehe, tong sieun ka abdi Bu. Urang sadayana kadieu ngan saukur jalan-jalan sareng bade shopping. Lamun ibu hoyong dirazia mangga atuh ngiring ka pos sareng abdi. Ceuk saurang SATPOL PP bari jeung sura-seuri.

Anda mungkin juga menyukai

  • Paragraf Jenis
    Paragraf Jenis
    Dokumen5 halaman
    Paragraf Jenis
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • Filtrasi Adalah
    Filtrasi Adalah
    Dokumen2 halaman
    Filtrasi Adalah
    Almira Wedyagustiffany
    Belum ada peringkat
  • Bahan C Organik
    Bahan C Organik
    Dokumen3 halaman
    Bahan C Organik
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • BATUBARA
    BATUBARA
    Dokumen7 halaman
    BATUBARA
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • NAMA PERUSAHAAN
    NAMA PERUSAHAAN
    Dokumen34 halaman
    NAMA PERUSAHAAN
    NdaChandra
    67% (6)
  • Kegunaan Gas Mulia
    Kegunaan Gas Mulia
    Dokumen2 halaman
    Kegunaan Gas Mulia
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • Paragraf Jenis
    Paragraf Jenis
    Dokumen5 halaman
    Paragraf Jenis
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • Dasar Teori Campuran
    Dasar Teori Campuran
    Dokumen2 halaman
    Dasar Teori Campuran
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • Menurut Alter
    Menurut Alter
    Dokumen1 halaman
    Menurut Alter
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • BATUBARA
    BATUBARA
    Dokumen7 halaman
    BATUBARA
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • Renang
    Renang
    Dokumen4 halaman
    Renang
    Almira Wedyagustiffany
    Belum ada peringkat
  • ZEOLIT
    ZEOLIT
    Dokumen1 halaman
    ZEOLIT
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • Artikel Otomotif
    Artikel Otomotif
    Dokumen9 halaman
    Artikel Otomotif
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • Pidato Tentang Kedisiplinan
    Pidato Tentang Kedisiplinan
    Dokumen2 halaman
    Pidato Tentang Kedisiplinan
    firstisela
    100% (1)
  • Pidato
    Pidato
    Dokumen3 halaman
    Pidato
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • Atletik
    Atletik
    Dokumen14 halaman
    Atletik
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • BATUBARA
    BATUBARA
    Dokumen7 halaman
    BATUBARA
    firstisela
    Belum ada peringkat
  • Atletik
    Atletik
    Dokumen14 halaman
    Atletik
    firstisela
    Belum ada peringkat