Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum wr wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan
hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan
sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang
sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira
pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah
ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun...
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : Kabersihan teh sabagian tina Iman

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat
muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah,
berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung,
nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung
sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga.
Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga,
sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih
sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo
kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur
Maha Asih.

Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang
entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammualaikum Wr. Wb.










Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh

Alhamdulillahi robbil alamin. Wassholatu wassalamu ala Muhammadin. Waala alihi washohbihi
azmain. Amma badu
Bapa-bapa, ibu-ibu anu dipihormat tur dipiajrih ku sim kuring.
Teu kakantun hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Langkung tipayun sim kuring muji syuur ka Alloh ku ngedalkeun Alhamdulillahi robbil alamin
wireh dina ieu waktos tiasa ngadeg di payuneun parabapa, paraibu miwah hadirin kanggo
ngadugikeun biantara.
Sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka panutan alam, nabi anu pinuji nyaeta
Nabi Muhammad SAW. Ka kaluwargina ka parasohabat sareng ka umatna anu taat kana pituturna.
Amin ya robbal alamin.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Neda widi ka sadayana, dina ieu waktos sim kuring seja ngadugikeun perkawis program wajib
belajar salapan taun anu ayeuna nuju dilaksanakeun.
Tujuan pamarentah ngedahkeun sadaya warga nagara ngalaksanakeun wajar dikda 9 taun the sanes
kanggo ngahontal cita-cita bangsa Indonesia anu kaunggel dina Tujuan Pendidikan Nasional nyaeta
ngahontal masyarakat anu sampurna. Dina babasan urang mah manusa anu cageur, bageur, bener,
pinter, tur singer.
Kanggo umat islam program belajar the diwajibkeun tur teu diwatesanan 9 taun tapi wajib ti kawit
dibabarkeun dugi ka maot.
Sakumaha pidawun Rosululloh SAW Tolabul ilmi faridotun ala kullil muslimin walmuslimat
minal mahdi ilalahdi.
Naging nu dimaksad program wajar dikdas 9 taun mah nyaeta program diajar di pendidikan formal.
Murangkalih anu yuswana 7 dugi ka 15 taun kedah diajar di sakola ti SD dugi ka SMP.
Bapa-bapa, ibu-ibu, hadirin anu dimulyakeun ke Alloh SWT.
Ieu program pamarentah moal tiasa kalaksanakeun upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan
masyarakat, utamina ti para sepuh nu kagungan murangkalih ti yuswa 7 dugi ka 15 taun.
Mugi-mugi ku cara rempug jukung sauyunan, gawe rancage sadaya lapisan masyarakat ti kawit
pejabat dugi ka rahayat ieu program tiasa dilaksanakeun kalayan hasil nu nyugemakeun.
Pamungkas, sadaya pamaksadan moal tenekanan upami teu aya ridho Alloh SWT. Ku kituna urang
sami neneda ka Mantenna mugia sadaya paneja urang diijabah. Amiin Ya Alloh Ya Robbal alamin.
Rupina sakitu nu kapihatur, bilih aya catur nu ngalantur, aya basa nu teu luyu sareng tetakrama,
mugia sadayana jembar manah nghapuntenna.
Wassalamualaikum warohmatuloohi wabarokatuh.

Anda mungkin juga menyukai