Anda di halaman 1dari 3

Pangersa bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat,

Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat,


Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni SMA Negeri 2 Ciamis anu ku sim
kuring dipihormat,
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci
rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya
dipaparin kasehatan sareng nimat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium,
patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya
diantos-antos, nyaeta acara tepang sono Akbar SMA Negeri 2 Ciamis.
Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad
SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabiin-tabiina dugi ka urang salaku
umatna mugi di yaumil ahir kenging sapaat ti manten-Na.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Nepangkeun wasta pu Siti Nur Azizah Alumni angkatan 1993. Sim kuring ngadeg cumarios
di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta
acara tepang sono Akbar SMA Negeri 2 Ciamis ti kawit sakola ieu ngadeg dugi ka wanci
ayeuna. Sim kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja
nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara,
sewu nuhun laksaketi kabingahan. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos
disayogikeun. Mugia sing genah betah.
Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :
1. Bubuka
2. Ngaoskeun ayat suci Al-Quran dilajengkeun solawat nabi
3. Kedal pamappag ti pupuhu panata calagara tepang sono Akbar
4. Nembangkeun Nasyid
5. Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola
6. Biantara pangbagea ti pupuhu OSIS SMA N 2 CMS
7. Biantara pangbagea ti wawakil Alumni
8. Bewara forum alumni
9. Doa
10. Panutup
Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat!
Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos
basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..
Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah
SWT.
Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek ..... kanggo maoskeun ayat suci Al-Quran
dilajengkeun mingpin solawat nabi. Sumangga dihaturanan!
Hatur nuhun ka saderek ...... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alquran sareng mingpin
solawat nabi, Tos lami acara tepang sono ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung
saparantos sakola tilu taun lamina nungtut elmu di SMA 2. Emut ka sakola, emut ka
rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap.
Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga kersana
Bapa H. Endang Rachmat A. M.Pd. dihaturanan
......
Hatur nuhun ka Bapa H Endng Rahmat anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana.
Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten
ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu
dipikahoyong.
Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun
ku pupuhu osis. Sumangga saderek Yogi K.P dihaturanan.
.........
Hatur sewu nuhun ka pupuhu Osis SMA n DUA Ciamis anu parantos ngadugikeu biantara
kalayan singget mung teges maksadna.
Acara salajengna nyaeta biantaa pangbagea ti wawakil Alumni. Sumangga kersana bapak
Sudrajat, dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka Bapak Sudrajat anu parantos ngadugikeun sababaraha kecap anu
janten wawakil eusi tina manah alumni.
Hadirin sadaya hormateun sim kuring!
Saparantos ngabandungan biantara pangbagea, urang kupingkeun hariring nasyid anu bade
dipintonkkeun ku group nasyid SMA Negeri 2 Ciamis anu janten kareureueusan di sakola
SMA Negeri 2 Ciamis. Sumangga dihaturanan!
........

Hatur nuhun ka group nasyid SMA Negeri 2 Ciamis anu parantos maparin hariring nasyid
anu kacida halimpuna. Alhamdulillah Group Nasyid ieu teh tos janten pinunjul dina lomba
Nasyid sapriangan Timur. Mugia group Nasyid SMA Negeri 2 Ciamis langkung mekar,
nyandak nami SMA Negeri 2 Ciamis langkung seungit. Amin ya Allah ya Rabbal alamin.
Hadirin sadaya, sateuacan nincak kana acara inti, urang susun heula panitia forum Alumni
dilajengkeun bewara hasil panyusunan. Sumangga pupuhu forum Alumni, Bapa sudrajat
dihaturanan!
.....
Alhamdulillahirabbil Alamin panitia forum Alumni parantos diwangun, ku kituna tiasa
langkung gampil upami ngayakeun deui acara reuni.
Hadirin sadaya, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayana nyaeta sawala
antawis alumni pikeun kenging hiji kamufakatan anu bade dipingppin ku moderator.
Sumangga kersana ibu Ramni dihaturana!
.......
Hatur nuhun ka Ibu Ramni anu paratos mingpin sawala, alhamdulillah urang sadaya
parantos kenging hiji kamufakatan.
Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh!
Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta
ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku dua. Sumangga bapa
Ustad Mahmud Ramli dihaturanan kanggo mingpin dua
............
Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad Mahmud Ramli anu parantos mingpin dua, mugia dua
urang sadaya di kobul ku AllaH swt. Amin.
Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil alamin.
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan
panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara
ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS SMA Negeri 2 Ciamis di wales ku
Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Bobo sapanon carang
sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah
wassalamualaikum wr.wb.


1. Bubuka
Meletkna srangng dipapag ku ricitna sora manuk nu patmbalan jeung papada
baturna. Ngeclakna cai ibun tina dangdaunan nu maseuhan alam dunya. Sammhna
sora hayam jago kongkorongok disambung ku sora suci nu ngagero sadaya manusa
pikeun babakti kanu maha suci. Mungguh ndah alam dunya. Subhanalloh hatur
nuhun gusti.. Tos teu kaetang nikmat ti gusti anu parantos ku uarng katampi, moal
katang.Sadaya puja puji mung kagungan mantenna, mung payus kasanggakeun ka
gusti nu maha suci Alloh SWT. Solawat sinareng salam mugia salawasna ngocor
ngaolontor ka jungjunan uran sadaya, kangjeng nabi Muhamad SAW.
Bapa. Anu ku sim kuring di pi hormat
2. Ngahturkeun nuhun ka hadirin
Salaku panata acara sim kuring ngahaturkeun wilujeng sumping ka para tamu uleman,
utamina bapa.. bpa .., bapa/ibu, og teu hilap ka ibu miwah bapa anu janten
sepuh murid, sareng teu hilap
3. Nepikeun pamaksudan
Sakumaha anu paranos kauinga ku sadayana yn ieu acara th taya sans kanggo
ngbrhkeun kabingah rhna sadya murid parantos lulus kalawan nyugemakeun.

Anda mungkin juga menyukai