Anda di halaman 1dari 1

Pasantrn Kilat.

Bada salat Lohor, sadayana santri parantos ngarempel. Harita mah Pa Ustad nembe
ngadugikeun rarancang jadwal pangajaran salami di pasantrn kilat. Salajengna, Pa Ustad
nerangkeun perkawis hal-hal anu aya patula-patalina sareng pasantrn kilat.
Hidep tangtos tumaros, naon ari pasantrn kilat th? Tah, anu disebut pasantrn kilat th
nyata pasantrn anu dilaksanakeun mung sakedap, henteu salamina. Pasantrn kilat anu
diayakeun ku urang mah lamina th sasasih, nyaeta salami sasih Romadon. Upami ditang
dintenna panginten mung tilu puluh dinten, saur Pa Ustad.
Saparantos kitu, para santri diwuruka ngaos. Katawis ayeuna mah, unggal murangkalih th
benten katiasana. Jaka sareng rerencanganna parantos tiasaeun nganggo lagam ngaosna th.
Ari anu sansna mah, nembe narabas biasa bae. Malihan, aya oge anu nembe ngejah, teu acan
kana narabas ku nyalira. Ku margi kitu, Pa Ustad enggal ngelompokeun murangkalih,
supados gampil dina ngawuruk sareng nalingakeunana.
Dugi ka tamat minggon kahiji sasih Saum, murangkalih th dialajar ngaos sareng ngiringan
pangaosan tiap subuh sabada salat. Nincak kana minggon kadua, nembe diajar tata tertib salat
bareng nacaan kanggo wiridna. Unggal murangkalih ku Pa Ustad dibingbing dina praprakan
salat. Saparantos adengan salatna leres, nembe kana bacaan anu dilengkepan ku medar
hartos-hartosna. Rengse kitu, ditema ku apal-apalan kana bacaan wiridan sareng hartoshartosna deuih.
Waktos sasih Saum parantos nincak kana minggon katilu, Jaka sareng rerencanganana
ngawitan diwurukan perkawis hadis-hadis any aya patalina sareng kahirupan murangkalih. Di
sagedengeun kitu, marurangkalih oge dipirawang ngapalkeun doa-doa anu parondok.

Anda mungkin juga menyukai