Anda di halaman 1dari 6

Soal Bahasa Sunda Kelas VI

I . Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !


1. Beja nu katarima tina koran, radio atawa televisi disebutna . . . .
A. informasi
B. warta
C. amanat
D. piwuruk
2. Istilah sejen pikeun peta nyaeta . . . .
A. koran
B. jangkar

C. piwuruk

D. kar

3. Nu lain babagean dina biantara nyaeta . . . .


A. udur
B. gering
C. teu walakaya

D. teu damang

4. Nyarita di hareupeun balarea atawa umum, disebutna . . . .


A. ngadongeng
B. pangumuman
C. bewara
D. biantara
5. Alusna mah teks biantara teh ku urang kudu . . . .
A. ditalar
B. dibaca
C. diapalkeun

D. diinget-inget

6. Si Ibro mah beurat birit, beurat birit hartina . . . .


A. hese dititah
B. babari dititah
C. eraan

D. sieunan

7. Dupi Gani teh (terap) panyawat naon ?


A. di
B. ka
C. ti

D. na

8. Papatah tinu jadi kolot teh urang kudu . . . .


A. diregepkeun
B. ngaregepkeun
C. ragepan

D. karegepkeun

9. Nu kaasup kecap rajekan dwipurwa, contona . . . .


A. sumpang simpang
C. sesepak
B. cas ces cos
D. guna guna
10. Aya jalan komo meuntas, hartina . . . .
A. mupuas kanu keur cilaka
B. aya kahayang, tambah aya nu ngajak
C. tenang taya kasieun.
D. jauh jauh teu beubeunangan
11. Gaganti kolot urang di sakola teh . . . .
A. ketua murid
B. guru
C. penjaga sakola

D. babaturan sakola

12. Kuring teh . . . amanat ku Ema keur ka Santi.


A. katitipan
B. katitipkeun
C. titipan

D. titipkeun

13.

Awakna leuleus teu aya tanaga ibarat . . . kaibunan.


A. bantal
B. kasur
C. kapas

D. keretas

14. Conto kalimah nu eusina nasehat . . . .


A. Cing Ujang pangmeulikeun cengek ka warung !
B. Budak et amah musuhna meuni loba
C. Angga mah budak akur jeung batur
D. Urang hirup di dunya teh kudu akur jeung batur
15. Cing atuh jeung dulur teh sing akur ulah kawas . . . .
A. monyet jeung kuya
C. ucing jeung anjing
B. peucang jeung buhaya
D. sendok jeung garpu

II. Eusian titik titik di handap ieu ku jawaban nu merenah !


16. Dina ngaran patukangan, tukang moro sasatoan disebut . . . .
17. Nu kaasup babagean dina biantara nyaeta . . . .
18. Para siswa kudu baris heula samemeh asup ka sakola, para siswa = . . . .

19. Awakna jangkung badag siga . . . pangisina.


20. Sinonimna gede hulu nyaeta . . . .
21. Lamun nampanan kudu ku leungeun katuhu ulah ku . . . sabab teu sopan.
22. Abus sakola teh jam 07.15 jadi datangna kudu isuk keneh.
Kalimah diluhur lamun disalin kana basa lemes jadi . . . .
23. Anak anjing kirik, ari anak buhaya nyaeta . . . .
24. Dipapatahan teh kalah renyah renyoh kawas . . . .
25. Salah sahiji wangun ibing sunda nu asalna ti Jawa Barat nyaeta . . . .
26. Bakat ku sieun digegel ku anjing, . . . lumpat tarik pisan.
27. Tukang nyieun parabot tina taneuh, disebut . . . .
28. Jadi jalmi teh kudu leuleus jeujeur liat . . . .
29. Ah, abdi mah gaduh rorompok oge saung butut !"
Kalimah diluhur ngagunakeun gaya basa . . . .
30. Nu kaasup istilah kadaharan diantarana . . . .

1. ........
Wasta abdi Sulianti
a. Saha namina?
b. Saha wasta anjeun
c. Saha ngaran anjeun
d. Saha jenengan teh?
2. Ari kalimah tanya mah dicirian ku tanda....
a. titik
b. panyeluk
c. pananya
d. kekenteng
3. .....datangna? jawabna : kamari
a. kunaon
b. naha
c. iraha
d. kumaha
4. .......
Rorompok mah di jalan Baranangsiang.
a. Di mana bumi teh?
b. Kumaha di Kopo ayeuna?
c. Di Kopo bumi teh?
d. Ari di Kopo bumi saha?
5. ......
Wangsul ti pasar abdi mah
a. tos ti mana?
b. mulih ka mana?
c. nembe ti saha?
d. mulih ti mana neng?
6. .....
Pangaosna nu ieu mah tilu rebu.
a. Sabaraha ieu mang?
b. Pangaosna nu ieu, mang?
c. Sabaraha ieu, mang?
d. Nu ieu mah sabaraha, mang?
7. ......
Alhamdulillah pun bapa sareng pun biang daramang.
a. Kumaha kabarna?
b. Ari bapa sareng ibu araya?
c. Bapa sareng ibu kumaha ayeuna?
d. Kumaha bapa sareng ibu wartosna?
8. nepangkeun ieu....
a. Pun bapa sareng pun biang abdi
b. Pun bapa sareng ibu abdi
c. Pun bapa sareng pun biang
d. Pun bapa sareng pun ibu
9. Mulih ti mana neng? Jawabna.....
a. tos ti dinya
b. mulih ti palih dinya
c. wangsul ti palih dinya

d. tos ti palih dinya

10. Nu kaasup cacandran nyaeta.....


a. Bandung heurin ku runtah
b. Bandung heurin ku tangtung
c. Bandung heurin ku mobil
d. Bandung heurin ku jalma
11.Angklung dijieuna tina....
a. pelastik
b. awi
c. kai
d. hoe
12. Suling dijieuna tina..
a. hoe
b. awi
c. kai
d. tamiang
13. Nu kaasup kana alat nu modern nyaeta...
a. ayakan
b. bubu
c. komputer
d. sirib
14. Ti payun abdi parantos ngupingkeun eta dongeng teh. Pun bapa kantos....
a. ngadenge
b. ngadangu
c. ngareungeu
d. ngupingkeun
15. Pakakas dapur nu lain dijieun tina awi mah....
a. boboko
b. hihid
c. ayakan
d. baskom
16. Lauk....pajarkeun teh leutik!
a. gede
b. gedean
c. galede
d.sagede-gede
17. Mamawa HP teh bisa ngondang ayana....
a. kakacowan
b. kajahatan
c. kasombongan
d. kabohongan
18. Mobil teh....wae ngangkutan runtah ti pasar Ciroyom
a. bulak-balik
b. babalikan
c. balikeun
d. sabalikeun

19. Congkrang teh ngaran pakakas paranti....


a. ngala suluh
b. meulah awi
c. motong kai
d. nyacar jukut
20. Pengki gunana paranti....
a. nandean runtah
b. sasapu
c. ngala keusik
d. ngala cai

KAAYAAN SD SUKASARI I

SD abdi SD Sukasari I, kaasup SD "Percontohan". Dina sagala widang kegiatan


sok diilukeun. Kamari oge meunang lomba calistung (membaca, mnulis dan
berhitung), tingkat kabupaten.
Murid-murid di SD Sukasari mah disiplin pisan. Uanggal poe Senen, sok make
seragam bodas-bodas, sarta didasi jeung ditopi. Sapatuna kudu hideung. Lamun
aya barudak nu ngalanggar aturan, sok dibere sanksi. Husus poe Jumaah mah,
barudak marake baju takwa, iwal nu non muslim.
Di sakola teh aya sapuluh rohangan. Nu genep rohangan dipake pikeun diajar.
Nu opat rohangan deui mah, dipake pikeun rohangan kesenian, rohangan UKS jeung
pramuka, perpustakaan jeung laboratorium.
Rohangan kesenian dihijikeun jeung rohangan olahraga, legana mah kurang
leuwing 8 x 8 meter pasagi. Atuh dijerona teh aya gamelan, angklung jeung calung.
Barudak sok lalatihan degung, calung jeung angklung. Nu ngalatihna oge husus
lulusan sarjana seni.
Rohangan UKS jeung Pramuka rada leutik ukuranana, kurang leuwih 6 x 7 meter
pasagi. Di ieu rohangan aya kasur, paranti istirahat upamana aya nu geuring. Atuh
obat-obatana oge kawilang lengkep. Ari nu sok ngalatih UKS jeung Pramuka mah ti
Dinas kasehatan.
Rohangan nu panggedena dipake komputer jeung laboratorium ukuranana 11
x 11 meter pasagi. Komputer aya 25 siki. Murid-murid diwajibkeun diajar komputer.
Ieu nu ngabedakeun pangajaran di SD Sukasari jeung SD sejena.
Rohangan perpustakaan ukuranana 9 x 9 meter pasagi. Perpustakaan
sakola pangalusna ditingkat kabupaten mah. Buku-bukuna lengkep. Pengurus
perpustakaan oge, lain guru didinya, tapi husus jalma nu ahli dina ngokolakeun
perpustakaan. Pernahna ieu perpustakaan aya dikencaeun rohangan diajar

pantungtungna. Jadi barudak teh bakal tenang, upama maca jeung diajar di
perpustakaan. henteu kagiridig ku murid sejen.
Dicutat tina buku Pangrumat Basa Sunda
Pek jawab sakur pananya di handap ieu!
1. ku naon SD Sukasari bet disebut SD percontohan?
2. Sebutkeun contona yen SD Sukasari teh disiplin pisan!
3. Kumaha kaayaan barudak SD Sukasari dina poe Jumaah?
4. Aya sabaraha rohangan di eta sakola teh?
5. Dipake rohangan naon wae cenah?
6. Ditingkat mana yen perpustakaan SD Sukasari kaasup alus?
7. Saha nu ngokolakeun perpustakaan sakola teh?
8. sakumaha gedena ukuran rohangan komputer jeung laboratorium nu aya di Sd
sukasari?
9. Pangajaran naon nu ngabedakeun SD Sukasari jeung Sd nu sejena?
10. Kumaha kaayaan buku pangajaran di SD Sukasari?

Anda mungkin juga menyukai