Anda di halaman 1dari 7

Basa mamah rek ngajual imah

Bubar ti sakola teh sok jadi hareneg, asa horoream mulang ka imah. Beda jeung
babaturan siga nu jigrah. Geura we Revi, babaturan sakelas, teu sirikna lumpat balik ka imah teh,
dina angkot ge asal kabawa we kajeun kabagean diuk ukur nember.

Cenah mah di imahna teh boga cocooan, dua anak ucing keur kumincir. Di imah kuring
mah geus dua bulan ilang dangiang, diburuan ge asa teu hegar henteu ari barala mah da aya ari
nu sasapu bae mah. Kekembangan dina pot siga nu alum. Dua minggu kaliwat Mamah masang
plang hareupeun imah tina sesemplekan triplek, aya tulisan unina : Rumah ini akan dijual TP hub
08xxx. Kuring kacida ngagebegna basa maca eta tulisan, geuning imah teh rek dijual. Kakara
sababaraha poe sanggeus plang dipasang Mamah betus ngabejaan pangna eta imah rek dijual,
pajarkeun rek pindah. Betusna ukur kitu. Keur kuring mah asa teu kaharti naha bet kudu pindah
jeung naha imah kudu dijual sagala?

Teu wani tatanya boh ka Mamah boh ka Apa, sieun kabarerang. Pedah eta sok kaciri siga
nu keur pahereng-hereng, malah ampir dua bulan siga nu tara pati patanya, lamun teu penting-
penting teuing mah. Tara ari ningali pasea mah, malah nepi ka umur kuring sapuluh taun asa can
ningali Apa jeung Mamah patorong-torong komo pasea mah. Duka pedah era ku budak pantar
kuring, duka kitu we meureun etikana. Kungsi eta ge Mamah jeung Apa siga nu keur parea-rea
omong, tapi barang jol kuring mah jep we jempling. Apa harita tuluy kaluar, ka buruan ngadon
sasapu, ari Mamah mah tuluy kadapur kadenge kaprak keprek ngumbahan piring. Kituna teh
basa poe Minggu, da ari sapopoe mah boh Mamah boh Apa sok ka kantor. Kuring di imah ukur
jeung Bi Saroh, istri tengah tuwuh nu kumawula di kolot kuring.

Kungsi aya Ua Uyuh ti Cimahi ngobrol uplek jeung Mamah, tuluy kuring ngilu
masamoan, Ua Uyuh teh rada beda sikepna, ngusapan sirah bari rada ngeukeupan. Saur Mamah
harita “ Jung ameng kaditu, ieu mah nuju ngobrol dewasa…”. Kuring ngoloyor kaluar nepungan
barudak deui nu keur arulin di buruan. Tapi kadenge keneh cariosan Ua ka Mamah “ Tong
luluasan kitu…karunya ka budak..dipikir we heula eta mah..” Kuring teu ngarti naon maksudna.
Kitu deui basa kuring dibawa ka Aki ku Apa, kecap tong luluasan karunya ka budak teh kadenge
deui, eta mah ti Aki jeung ti Nini. Enya da dihenteu-henteu ge kuring teh geus umur sapuluh
taun, sakola ge geus kelas lima. Aya hal hal anu pikahartieun ari ngadenge obrolan kolot tapi aya
oge nu matak baluweng, teu kaharti. Lamun tea mah sagala tindakan kolot teh aya pakaitna jeung
kuring nu jadi budakna, atuh matak naon mun brukbrak we ngabejaan. Kuring teh budak nunggal
nu aya, kungsi rek boga adi lalaki ngan waktu Mamah ngandeg sababaraha bulan tuluy kaluron.
Nyaho lalaki teh pedah di USG ku dokter. Mamah harita nangis eueuriheun, bari dibeyeng ka
rumah sakit. Asana mah waktu umur kuring keur lima taun waktu keur di TK kelas enol besar.
Aya tulisan hareupeun imah yen imah rek dijual teh karasa ngaganggu, loba tatangga nu
tatanya, loba tamu nu teu wawuh. Atuh kitu deui babaturan ge loba nu nanya, komo Heri mah,
babaturan lalaki nu imahna kahalangan opat imah, remen pisan tatanya. Malah mun ulin ka imah
teh sok hayoh we nangtung hareupeun tulisan, kungsi ngomong “sugan we unggal poe ge ieu
tulisan teh aya keneh”, kuring malik nanya naon maksudna. Ari pokna enya lamun ieu tulisan
aya keneh didieu hartina imah teh can payu, hartina Rere can pindah. Rere teh nenehna ngaran
kuring ari lengkepna mah Rainy Ramadhani, ceuk apa, dibere ngaran kitu teh pedah basa kuring
diborojolkeun keur bulan puasa bari keur ngaririncik hujan, tuluy di imah sok disebut Rere eta
teh singgetan tina er-er dibaca tibalik. Kungsi tulisan imah rek dijual teh ku apa dilaan, tapi ku
mamah dipasangkeun deui, dipakukeunana ge ditakol ku batu ti sisi jalan, da palu diteangan teh
teu kapanggih, duka mun disumputkeun ku apa mah. Mun Mamah balik ti kantor sok mawa
kotak kardus urut nu gede, tara loba mawana teh paling dua atawa tilu, keur engke ngepak
barang cek mamah teh. Nepa ka di dapur numpuk, disusun rapih, ditalian ku plastik.

Diwawaas mun kudu pindah imah teh karasa haroreamna, boa boa sakola ge kudu
pindah. Nu matak nyeblak kana hate mah beurat ninggalkeun ade Ira, anak tatangga umurna
kakara dua taun, apet pisan ka kuring. Mun kuring balik ti sakola sok keukeureuweut kana tas,
neangan buku bari tutunjuk menta dipangmacakeun dongeng. Imahna pagigir-gigir pisan, malum
imah kopel. Jadi lamun kuring balik sakola teh ade Ira sok geus megat, atawa miheulaan ulin di
imah kuring dibarengan ku mamahna. Lucu ade Ira teh, ngomongna balelol keneh, ngan siga
capetang, loba tatanya. Nyebut ka kuring Tet Lele, maksudna mah Teh Rere, lantaran cadel
kadengena Tet Lele. Mun kuring keur nganggeuskeun PR sok miluan tapi tara ngaganggu, malah
siga nu kerung milu mikiran. Mun kaciri kuring geus anggeus ngagawekeun PR, ade Ira sok
tuluy emprak, siga nu atoheun lantaran sok terus dipangmacakeun dongeng. Kacipta mun kuring
pindah, kuring kudu papisah jeung ade Ira. Meureun kuring bakal leungiteun ku anu ngajemput
di lawang panto, meureun ade Ira bakal nananyakeun. Basa pere sakola ge kuring ka imah nini di
Cicalengka, mamahna ade Ira kudu hayoh nelepon ka kuring, malah menta dipangdongengkeun
dina telepon. Ari dongengna mah pira ge sakadang peucang jeung sakadang kuya, paling ge ukur
tilu dongeng nu kuring apal, jeung nu aya dina buku ge eta keneh eta keneh.

Duka teuing kunaon atuh ade Ira resep resep teuing dipangdongengkeun ku kuring,
padahal mamahna ge osok ngadongeng. Ngeusian imah teh geus aya kana dalapan taun mah, kitu
teh saur mamah, mimiti ngeusian imah teh waktu kuring kakara umur dua taun, nya meureun
saumur jeung ade Ira ayeuna. Gues loba kajadian nu kuring inget keneh, asana waktu kuring
kelas hiji, usum ngijih, ka imah teh aya bangkong leutik, bancet tea. Anclog-aclogan,
ngadeukeutan kuring nu keur anteng lalajo televisi, barang katingali kuring ngajerewet tarik, bari
ngejat, jedak teh sirah ngadagor korsi, atuh puguh kuring beuki ngajerit. Mamah sareng Apa
ngajol, reuwaseun, disangkana aya naon. Kuring tutunjuk kana bancet, jeung ngusapan tarang nu
buncunur balas tidagor. Apa ngoer bancet ku sapu nyere, ari Mamah mah ningalian tarang, terus
ngusapan. Kuring ceurik teh rada lila, eta tuda nyeri tarang, ku Mamah dibalur ku beas cikur
meunang ngarendos. Kuring sare dina pangkonan Mamah.
Aya kajadian lucu, harita subuh, kuring ge sare keneh, ti kamar mandi Mamah ngajerit,
Apa nu nuju netepan subuh ge reuwaseun, nepi ka solat ge ebat. Kuring ge hudang da
kagandengan ku Mamah nu ngagedoran panto kamar mandi. Sugan teh aya naon, sihoreng aya
cacing di kamar mandi. Mamah mah barang panto dibuka teh tuluy ngabret kaluar bari
bubulucunan pinuh ku sabun. Mun inget kadinya sok seuri sorangan, mamah ge sok gumujeng,
komo Apa mah sok tuluy ngaledek ka Mamah bari ngehkey. Saur Mamah pangna sieun ku
cacing teh pedah keur leutik Mamah kungsi cacingeun.

Nu dipikabeurat sejenna, eta ari poe Minggu pasosore, kuring sok ngaji di masjid, ari
indit atawa balik sok bareng jeung Heri, dibonceng kana sepedah. Nepi ka babaturan mah
ngajangjaruhkeun majarkeun kuring jeung Heri teh bobogohan, pasangan ideal cenah.
Dijangjaruhkeun kitu teh kuring sok ambek, jejebris, tapi ari indit atawa ari balik teu bareng
jeung Heri teh asa aya nu leungit, antukna keukeuh we sok silih tungguan. Heri teh sakolana
kelas hiji di SMP, tadina di SD nu sarua jeung kuring, sok bareng kana mobil jemputan nu sarua
deuih. Ari keur kuring mah aya untungna sosobatan jeung Heri teh, mindeng loba nanyakeun
pelajaran. Nu karasa Heri teh tulaten pisan mun mere nyaho pelajaran. Da manehna mah kaitung
murid nu nyongcolang, keur di SD ge sok jadi juara bae. Ceuk Mamah ge alus boga babaturan
siga Heri mah, pinter jeung bageur. Buukna galing, jangkung ngan rada hideung pakulitanana.
Kungsi dina maen drama basa acara Agustusan kuring dipasangkeun jeung Heri, atuh babaturan
mani ear jeung suat suit sagala. Dramana niru-niru lenong bocah, caritana kuring jeung Heri jadi
pasangan suami istri.

Loba kajadian nu kasaksian di imah ieu, nu jadi kenangan manis, keur kuring mah moal
kapopohokeun. Kabayang keneh ngaclogna bancet, Apa ngoerkeun ku sapu sanyere, tempatna
kuring tidagor. Tuh dina tangga eta kuring sok ngalangeu, diuk dina titincakanana, tangga ka
luhur ka tempat pamoean. Ari Heri sok diuk dina jojodog bari mukaan buku. Geus baku Heri
mah mun ka imah teh sok mukaan buku ensiklopedi Indonesia atawa buku seri ilmu pengetahuan
sejen. Apa nu sok meulian buku tehm majarkeun bacaeun kuring mun geus gede.

Tah palebah dieu kuring sok dadagangan mangsa kuring keur sakola TK, kungsi Mamah
ngagambreng nyeukseukan pedah kuring corat coret ku spidol dina tembok deukeut kamar
mandi. Ari ayeuna naha imah rek dijual sagala, jeung kudu pindah deuih. Kungsi eta ge nanya ka
Bi Saroh, sugan aya beja naon alesanana pang kudu pindah, Bi Saroh kekepehan teu apal, kalah
malik nitah nanya ka Mamah atawa ka Apa. Eta ge da kungsi nanya ka Mamah ari jawaban
Mamah teh engke ge mun Rere tos ageung pasti ngartos, ari nanya ka Apa jawabanana teh
taroskeun we ka Mamah. Jawabannana asa teu pararuguh, ari maksa ka Mamah teu biasa deuih.
Kahayang teh bejaan we alesanana nu asup akal keur pantar kuring nu kakara umur sapuluh taun,
sabelas jalan. Sabenerna mah teu hayang sakabeh pasoalan kolot kuring nyaho, kalieur-lieur, tapi
pan ari soal pindah imah sakuduna kuring nyaho alesanana. Nu pangdipikasieun teh lamun kudu
pindah sakola, mangkaning tereh ulangan naek ka kelas genep. Kacipta pungak pinguk di sakola
anyar, euweuh kawawuhan hiji hiji acan, kumaha mun aya tanyakeuneun, mangkaning jauh
jeung Heri. Ari nanya ka Apa sok teu jelas nerangkeunana, da nganggap kuring teh siga
mahasiswa nu geus sagala nyaho. Mun nanya ka Mamah kalahka cerewedna, antukna kuring sok
keuheul sorangan.

Tadi isuk-isuk, Mamah katingali tos kuramas, ngagaringkeun rambut ku anduk bari ngadagoan
kuring mandi. Ari rek indit pisan ka kantor Mamah ngarawel plang tulisan imah rek dijual, tuluy
diasupkeun kana wadah runtah. Kuring ngahuleng sakeudeung, tuluy ngagabrug Mamah, kuring
ceurik bakat ku atoh, teu tulus pindah. Indit ka sakola teh karasa hegar, sugema, euweuh
kahareneg, hayang buru-buru panggih jeung Heri, hayang ngagorowok teu tulus pindah. Apa
mah ningali kuring ceurik teh tuluy ngusapan, henteu ari cumarita mah. Teu, teu hayang tatanya
kunaon eta plang dipiceun kana wadah runtah. Nu puguh mah atoh we nu aya.

NAMA : FUJI FAUJIAH


KELAS : IX-C
SEKOLAH : MTSN SAWAH GEDE CIANJUR
Karya ilmiah
Pentingna cahaya panon poe keur kahirupan
Saratus taun nu geus kaliwat nyaeta dina tanggal 30 Juni 1908, isuk-isuk kira-kira tabuh 7.14,
aya kajadian aheng, aya sora bitu nu ngageleger kacida rongkahna di hiji wewengkon Siberia
Rusia. Disebut kacida rongkah sabab akibatna ngancurkeun kurang leuwih radius 80 km,
tatangkalan ge nepi ka puluhan juta anu rubuh tur semu tutung. Ngan untungna lain ditempat anu
loba pangeusina, nepi ka korban manusa mah kawilang teu siginifikan lamun dibandingkeun
jeung bituna anu sakitu rohakana. Ceuk sababaraha ahli nyebutkeun nu ngageleger bitu teh
kajadianana kurang leuwih sapuluh kilometer di luhureun beungeut taneuh. Lamun
dibandingkeun jeung bom atom anu diragragkeun di Hirosima jeung Nagasaki di Jepang basa
Perang Dunya II mah meh sarebu kalieun kakuatanana. Salian ti ngahuru beungeut taneuh
ditambah bari jeung ayana lini anu meh 5 skala Richter.

Bisa kagambar kumaha ancur leburna lamun seug eta kajadian saratus taun kaliwat teh dina
mangsa kiwari heug di daerah nu loba pangeusina. Meureun bakal loba pisan jalma nu jadi
korban. Bulan Juni 2008 nu geus kaliwat diayakeun paringetan saratus taun kajadian di
Tunguska. Tunguska ngalap ngaran hiji walungan didaerah kajadian bitu nu rohaka.

Nepi ka kiwari kajadian Tunguska teh masih keneh jadi bahan panalungtikan sabab para ahli siga
anu teu sapuk naon anu nyababkeun ayana bitu kitu. Aya nu nyebutkeun eta teh akibat tina
meteor raksasa atawa asteroid, ngan nu matak hemeng bet euweuh sesa meteorna boh lebuna boh
batuna kitu deui tapak lacak lebu (partikel) tina komet. Malahan aya nu ngabade eta teh lantaran
aya lianghideung (blackhole) anu kasasar asup kana asmosfir dunya, mimiti asup ti beulah kaler
kidul nu mubus bumi terus bijil ti laut Atlantik beulah kaler nu antukna ngabeledug bitu deukeut
Tunguska.

Kajadian siga kitu, ragragna material langit lain bae ngan saukur di Tunguska, tapi mindeng
kajadian, ngan lolobana leutik nu akibatna teu matak ngaruksak langsung. Lain deui kajadian di
Yukatan di jojontor Meksiko, kurang leuwih 65 juta taun nu geus kaliwat. Ukuran asteroid nu
ragrag ka dunya kawilang gede meh sapuluh kilometer pasagi. Akibat tina tubrukan teh nepika
nyieun kawah legana ampir salega Jawa Barat. Lambak raksasa ti laut Karibia ngababet ka darat
lir kajadian tsunami anu mokaha, kitu deui nimbulkeun lebu ka asmosfir nu kacida luhurna.
Energi bituna lamun disaruakeun jeung bom nuklir nepi ka miliaran kali. Lebu nu mancawura ka
langit nepi ka nutupan dunya, cahaya panon poe teu bisa asup, nya ieu nu disebut “impact
winter” atawa usum tiris akibat tumbukan. Ieu salah sahiji kajadian nu cek teori mah nepi ka
ngamusnahkeun dinosaurus jeung mahluk hriup sejen di dunya.
Naha kahareup bakal aya kajadian deui samodel kitu? Wallohu’alam, anging Alloh nu Maha
Uninga nu nangtoskeun sagala rupi perkara kajadian di alam semesta. Ngan nu mangsa kiwari
keur ditelek-telek tur terus diawaskeun nyaeta asteroid Apophis. Harita teh tanggal 18 Juni 2004
di Observatorium Nasional Kitt Park Arizona, David Tholen ti Universitas Hawaii keur nelek-
nelek monitor babarengan jeung sababaraha baladna. Aya citra (gambar) semu bodas ti langit
peteng, posisina robah robah unggal sababaraha menit. Tuluy inyana ngalaporkeun hasil nimu
eta gambar ka International Astronomical Union bagian Minor Planet Centre, puseur nu
ngumpulkeun data asteroid jeung komet. Saterusna eta asteroid teh dingaranan MN4 sok disebut
Apophis, nyokot ngaran dewa nu ngarusak tina carita Mesir kuno. Sabenerna mah gedena teu
gede-gede teuing aya sababaraha sumber anu nyebutkeun cenah nepi ka 1320 feet atawa kurang
leuwih 402 meter, tapi ari dina majalah National Geographic Indonesia bulan Agustus 2008 mah
nyebutkeun 274 meter. Anu ngabahaykeun teh dina bulan April 2029 eta asteroid teh bakal asup
kana orbit dunya, malah lamun diukur ku Torino Skala mah nepi ka skala 2, hartina eta benda
langit teh kudu terus ditengetan bisi enya nabrak dunya. Sabab salila ieu can aya benda langit
anu skalana nepi ka 2 nu kaitung bakal ngarusak dina harti bakal nambrak bumi. Sanajan
diprediksi dina taun 2029 teu nambrak bumi, Apophis bakal balik deui dina taun 2036, tur bakal
leuwih ngabahayakeun, sabab kungsi meunang gaya tarik bumi dina taun 2029. Perbandinganana
1 banding 45.000 bakal nambrak bumi. Malah aya itungan ti murid sakola SMP di Jerman
ngaranna Nico Marquardt nu ngoreksi hasil itungan ti NASA (National Aeronautics and Space
Administration) nyebutkeun lain 1 : 45.000, tapi 1 : 450. Ieu itungan budak SMP teh teu dibantah
ku NASA.

Sanajan gedena Apophis teh teu sagede asteroid nu kungsi ragrag ka dunya 65 juta taun nu geus
kaliwat nu nepi ka ngamusnahkeun dinosaurus, tapi akibatna tetep bakal ngaruksak saheunteuna
kota sagede kota metropolitan mah bakal ancur lebur, malahan aya nu nyebutkeun bakal
ngancurkeun salega Jawa Barat. Bakal dimana ragragna Apophis? Can bisa diteguh kalawan
pasti. Sok sanajan aya nu nyebutkeun ragragna bakal di sabudeureun Laut Atlantik, bakal
nyiptakeun seuneu nu ngandung iridium gedena kurang eluwih 320 m, beurat 200 milyar ton
ngajelegurna bakal 98.000 kali bom atom Nagasaki Hirosima. Lamun didarat bakal ngaruksak
sababaraha nagara nu pasti bakal loba korban, kitu deui lamun ragrag di laut bakal aya tsunami
nu kacida rongkahna. Akibat sejen tangtu bakal ngarobah sistem ekologi kaasup robahna iklim
global. Apophis bakal jadi ujian nu munggaran pikeun kapinteran kolektif manusa dina
nyingkahan bahla nu bakal kaalaman. Dina dekade nu bakal datang tangtu kudu aya tarekah
diplomasi ti unggal bangsa, lain bae diplomasi pikeun nangtukeun saha nu bakal ngaluluguan
misi nyalametkeun dunya tina ragragna benda langit nu ngaruksak tapi deuih kudu nu bisa
ngaluluguan secara teknologi. Lamun tea secara teknologi eta asteroid bisa digeser lintasan
orbitna sangkan teu nambrak ka bumi, kacida alusna. Tapi lamun tetep bakal nabrak bumi, kudu
dimana muragna, naha di darat atawa di laut. Lamun di darat beulah mana atawa dinagara mana
kitu deui lamun dilaut. Tangtuna sakabeh nagara bakal embung keuna musibah. Teu aya deui
jalan iwal ti ngadu’a ka Alloh Swt sangkan urang sadayana dileupaskeun tina sagala
marabahaya. Amin

Wallohua’lam.

NAMA : FUJI FAUJIAH


KELAS : IX-C
SEKOLAH : MTSN SAWAH GEDE CIANJUR

Anda mungkin juga menyukai