Anda di halaman 1dari 20

LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT

Kacaturkeun sakur piwuruk Rama parantos kapaham, kaharti ku pikir, sumurup kana
kalbuna, sasat Rd. Muslimin sareng Rd. Muslimat teh parantos ngaraos sawawa, pasagi
pangarti, pangpangna bag-bagan Elmu Agama. Nya Rd. Muslimin sareng Rd.
Muslimat teh pamitan ka Ibu Ramana, seja ngalih tempat ka Lembur Singkur , supados
langkung khusyu enggoning ngalenyeupan Elmu Agama. Ku Ibu sareng Ramana diwidian,
bari dijajap ku dua restu.
Saparantos raka sareng rai araya di lembur singkur, beberes bebenah suapaya tumaninah
tur ngarasa betah. Dina hiji waktos, nalika Raden Muslimin nuju anteng ngalenyeupan
Elmu anu aya dina kitab, norojol raina Raden Muslimat, gek calik payuneun bari sila
meneko, bari pok nyanggem :

1. Rd. Muslimat : Manawi salira engkang nuju rineh, mugi ridho galih, kersa
ngajelaskeun perkawis elmu agama anu ku rai teu acan kapaham pisan.
2. Rd. Muslimin : Insya Allah rai, anu sakinten engkang terang mah, atuh anu
ku engkang can kapaham, urang sasarengan pilari. Cing perkawis naon anu masih
keneh teu acan ngartos teh ?.
3. Rd. Muslimat : Anu bade ditaroskeun teh, anu kahiji perkawis kecap
Agama , naha tina bahasa naon?, naha bahasa Arab, Sunda, Jawa, anu kaduana
gunana Agama , pikeun manusa?.
4. Rd. Muslimin : Rai !, ari kecap Agama mah lain tina bahasa Arab, tapi tina
bahasa Sangsekerta. Ari hartina, geura urang recah : A, hartina henteu . Gama,
hartina Kacau . Jadi lamun dihijikeun mah A-Gama teh hartina henteu kacau .
Gunana pikeun manusa, atuh jelas mangrupa ageman, padoman, tuntunan
sangkan hirupna ulah kasasar, sangkan tujuanana tepi kanu dituju.
5. Rd. Muslimat : Euh.tadina rai mah nyangka teh tina bahasa Arab,
dumeh Agama Islam diturunkeun di tanah Arab. Dupi bahasa Arabna naon agama
teh ?.
6. Rd. Muslimin : Ari bahasa Arabna mah Agama teh Din . Geuning dina
dalilna oge kieu INNA DINNA INDALLAHIL ISLAM , Sundana : Mungguh Alloh,
Agama Islam teh anu pangluhung-luhungna. Teras sanggeum hadist Rasululloh
kieu : AWALUDINI MARIFATULLOH , Sundana : Awal-awalna Agama teh kudu
Marifat heula ka Alloh.
7. Rd. Muslimat : Nuhun kang, ngartos ayeuna mah, boh kecapna boh
gunana. Cohagna mah upama manusa sajeroning di umbarakeun di dunya supaya
ulah kacau, nya kudu ngaranggeum agama. Tapi. Rai sok mendakan, kanyataan
di masyarakat, aya sawatara tukang ngolah tur mamatahan agama, teu pika teu
patanya jeung tukang ngolah agama deui, alatan ragot sawala ngeunaan kaidah-
kaidah agama . Tah upami nu kitu kumaha ?.
8. Rd. Muslimin : Nya upami dugi ka pasea tur teu patanya mah, nya kacau
tea, papalimpang jeung kecap Agama. Anggap bae teu ber-Agama, tapi da dituduh
kitu mah moal teuing kersaeun.
9. Rd. Muslimat : Keari di turunkeunana agama ti kawit iraha ?, naha ti
mimiti Nabi mana ? . Cing manawi aya katerangan .. ?.
10. Rd. Muslimin : Ti jaman Nabi ka hiji, Nabi Adam oge parantos nurunkeun
agama mah, da tadi oge kapan agama mah pikeun sakumna umat manusa. Ngan di
luyukeun sareng kaayaan waktu harita. Contona geuning aya katerangan, nalika
jaman Nabi-nabi, sateacan Nabi Muhammad termasuk ngeunaan sahadat-na para
Rasul, di antawisna :
RASUL NU KA HIJI NABI ADAM A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ADAM HALIFATULLOH
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Adam dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna
ulah hayang Marifat ka Kami, kanyahokeun heula wujud maneh pribadi, sabab wujud
maneh eta kanyataan ayana Kami.
Kapan ceuk dalilna oge :
WALLAHU BATHINUL INSAN AL INSANU DOHIRULLAH
Artina : Jeung Alloh teh batinna manusa ari manusa dohirna Allah (di ibaratkeun wadah
jeung eusina). Jeung maneh Adam kudu solat 2 (dua) rokaat, waktu subuh pikeun
tumarima, hiji boga nyawa kaduana boga wujud.
RASUL NU KA DUA NABI ENUH A.S
ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ENUH HABIBULLOH
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Enuh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna
ulah hayang Marifat ka Kami, kanyahokeun bae heula denge maneh pribadi, sabab denge
maneh eta Pangdenge Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : SAMI WAL SAMIAN. (Artina : Ceupil jeung Pangdanguna ).
Jeung maneh kudu solat waktu duhur lobana 4 (opat) rokaat, sing tarima boga dua ceupil
jeung dua suku.

RASUL NU KA TILU NABI IBRAHIM A.S


ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA IBARAHIM HALILULLOH
Dawuhan Gusti Alloh : He Ibrahim Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan, tapi montong
hayang Marifat ka Kami, kanyahokeun bae heula paninggal maneh pribadi, sabab
paninggal maneh eta Paninggal Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : BASHIR WAL BASHIRAN. (Artina : Soca jeung Paninggalna ).
Jeung prak maneh kudu sujud, solat waktu ashar lobana 4 (opat) rokaat, kudu tarima
ngabogaan dua siki mata jeung dua leungeun kenca katuhu.

RASUL NU KA OPAT NABI MUSA A.S


ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUSA KALAMULLOH. Kitabna
nyaeta Taurat.
Dawuhan Gusti Alloh : He Musa Maneh dikersakeun ku Kami jadi utusan aing pribadi, tapi
montong hayang nyaho kana Dhat-Sifat Aing, kanyahokeun heula pangucap maneh
pribadi, sabab pangucap maneh eta Pangucap Kami.
Kapan ceuk dalilna oge : KALAM WAL MUTAKALIMAN. (Artina : Ucap jeung Nu
ngucapkeun ). Jeung prak maneh geura solat waktu maghrib lobana 3 (tilu) rokaat, sabab
saperkara boga baham, kaduana boga lisan, katiluna boga ati.
Sedengkeun saatos jaman Nabi Musa diteraskeun ku Nabi Dawud A.S. Ari Kitabna
nyaeta Jabur.

RASUL NU KA LIMA NABI ISA A.S


ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA ISA ROHULLOH. Ari Kitabna
nyaeta Injil.
Dawuhan Gusti Alloh : Maneh Isa dikersakeun ku Kami geus jadi utusan Kami, tapi teu
kudu hayang nyaho kana Dhat Kami, kanyahokeun bae heula Napas maneh pribadi, sabab
Napas eta kanyataanana hirup Kami Kami.
Prak maneh geura solat Isa 4 (opat) rokaat, lantaran di maneh eta ngabogaan 2 (dua) liang
irung, katiluna Nafas, nu kaopat geutih, geus bukti sabab lamun geutihna lampus,
nafasna oge moal aya.

RASUL NU KA GENEP NABI MUHAMMAD S.A.W


ASHADU ANLA ILAHA ILALLAH WA ASHADU ANA MUHAMMAD RASULULLOH. Ari
kitabna nyaeta Al-Quran.
Dawuhan Gusti Alloh : He Muhammad Maneh teh utusan Kami, ka Kami maneh kudu
Marifat, sabab maneh anu pang deuheusna,
Kapan ceuk dalilna oge : AL INSANU SIRI WA ANA SIRUHU. (Artina : Sategeusna maneh
Muhammad rasa Kami, jeung Kami teh rasa anjeun) kapan pangkatna oge Muhammad
Rasululloh,. Ieu kami mere Buroq pikeun engke ngadeuheus ka hadirat Kami, Jeung turun
ka anak incu, terus ka para Wali sadayana, Muslimin para Aulia, nu menang pitulung
Gusti, malah nepi ka poe Qiyamah.
Tingali lafadna Nabi-nabi : Adam, Enuh, Ibrahim, Musa, Isa. Sadayana teu
ngangge tasjid ( ), iwalti Nabi Muhammad, sami sareng lafad Alloh, netelakeun carita teu
aya deui, yen Nabi Muhammad anu dipaparin Konci keur ngadeuheus ka Hyang Agung.
Jadi sanajan ayeuna umat Nabi, tangtu bisa, lamun kapanggih Tasjidna asal suhud
neanganana, dibeulina ku prihatin, tirakat mutih puasa sareng dibarengan ku TEKAD
UCAP LAMPAH anu suci. Mangga lenyeupan. Saur sepuh : KERIS MANJING
WARANGKA, WARANGKA MANJING CURIGA.

11. Rd. Muslimat : Ke kang.aya bedana antara kitab Tauret, Jabur, Injil,
sareng Quran atawa sami ?.
12. Rd. Muslimin : Tadi oge parantos diterangkeun, yen diturunkeunana wahyu
teh gumantung kana kaayaan, kana kaperluan. Atuh tangtu loba bedana mah. anu
nonjol bedana mah kieu. Ari kitab anu tilu mah ( Tauret, Jabur, Injil ), ngan
nyarioskeun sajarah masing-masing Nabi-na, henteu nerangkeun dugi ka akhirna
jaman, atawa akhirna dunya. Sedengkeun Al-Quran mah, eusina teh nerangkeun ti
awalna dugi ka akhirna, anu mawi disebat WAL AWALU WAL AKHIRU, ti
kawit Nu Maha Suci (Dzat) jumeneng Sifat nyaeta Nur, atawa Hakekat
Muhammad (Johar Awal), teras janten Nur Muhammad, terasngajantenkeun Alam
Semesta, teras ngajantenkeun Adam sareng Hawa, dugi ka
janteun MuhammadNabi Panutup, terus ka umat-umatna, tug dugi ka engke
Kiamat.
13. Rd. Muslimat : Ke.kang !, Al-Quran teh cenah sok disebut Dalil atawa
Pangandika Alloh, naha sareng Kanjeng Nabi Muhammad teh kantos pajonghok
kieu, teras masihan wahyu ?, atawa kumaha ?.
14. Rd. Muslimin : Rai, eta alus patarosan teh hartina rai teh maju emutan.
Kapan sanggem Rasululloh oge : TAFAKKURU SAATIN KHAIRUN MIN IBAADATI
SABIYNA SANATAN . (Anu hartosna : mikir /tafakur samenit atawa sakedeung
leuwih alus batan ibadah 70 taun). Ngan eta patarosan teh nenggeul teuing sok
sanaos diterangkeun oge, moal ujug-ujug jelas katarimana, eta mah kudu malapah
gedang heula. Ke urang papay saeutik-saeutik. Keur saheulaanan mah, kumaha
lalakon Muhammad nalika di Guha Hiro kasumpingan Malaikat Jibril
masihkeun wahyu anu kahiji.
15. Rd. Muslimat : Punten kang.nafsu teuing abdi, da hoyong enggal-enggal
jelas atuh. Leres tah lalakon di Guha Hiro teh, kumaha cara ibadahna di dinya teh
?, naha cara solat anu ayeuna ?. teras cenah ku Malaikat Jibril teh dikaluar-
kaluarkeun heula getihna anu kalotorna, leres kitu eta teh ?.
16. Rd. Muslimin : Rai..ari tata cara ibadah di Guha Hiro waktos harita mah,
tangtu oge lain kawas rokaat-rokaat atawa pertingkah solat jiga ayeuna, kapan
ibadah solat mah diwajibkeunana oge saparantos Kanjeng Nabi Muhammad SAW di
Isro jeung di Mirajkeun ka Sidratul Muntaha/langit katujuh tea. Ari sate acan eta
mah panginten sapertos SIDAKEP SINUKU TUNGGAL, keyeng manteng sumerah
diri ka Nu Maha Suci, kop badak, kop maung ceuk babasaanana, ridho
masrahkeun ka nu Maha Suci. Tah upami jalmi anu terus-terusan kitu, atuh pasti
moal kaancikan nafsu anu teu pararuguh, nafsu anu kalotor anu ngancik ngagoda
diri teh kalaluar laleungit, kitu eta jelasna matak ceuk dongeng dikaluarkeun
getihna anu kalotor. Ari anu jadi nafsu teh kapan tina getih.
17. Rd. Muslimat : Kahartos kang, rada ngagebray ayeuna mah. lamun kitu
mah, panginten ku bersihna Qolbu Kanjeng Nabi Muhammad SAW, anu tiasa
nangkep kana sagala rupi Wahyu-Wahyu Illahi teh leres kitu kang ?.
18. Rd. Muslimin : Tah geuning parantos rada calakan meueusan. Arek bisa
nangkep kana rahasiah-rahasiah Alloh kumaha, upama kaayaan poek mah. anu
mawi rai., anu hese teh usaha sangkan QOLBU atawaHATE bersih tina kokotor-
kokotorna, boh kokotor anu lemes (hadas leutik) boh anu katara (hadas gede). Jadi
wayahna kudu perang salilana, da musuhna ngagulung di diri urang, sawaktu-
waktu datang ti luar diri urang, nyaeta ti papada urang.
19. Rd. Muslimat : Ke.kang !, masih keneh dina soal Kitab Al-Quran. Naha
tina wahyu-wahyu anu katampi ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW teh disusun ku
mantenna atawa kusaha ?.
20. Rd. Muslimin : Rai!, boh wahyu anu perantaraan Malaikat Jibril, boh
Isyarat atawa tanda-tanda ti Nu Maha Suci, nu katangkep ku Caangna manah
Kanjeng Nabi Muhammad SAW, diterjemahkeun kana bahasa Arab, didugikeun ka
para Sahabat. Ku para sahabat di catetkeun dina naon bae anu kaleresan harita
aya, begitu nampi, terus dicatet. Da disusunna mah saparantos Kanjeng Nabi
pupus nyaeta kuSayidina Usman, saparantos ngalangkungan musyawarah
mufakat.
21. Rd. Muslimat : Tahayeuna mah, anu bade ditaroskeun teh faedahna
atawa gunana Al-Quran keur manusa, mugi engkang kersa ngajelaskeun.
22. Rd. Muslimin : Kieu.rai !, manusa di umbarakeun ka Alam Dunya teh
lain lur kitu wae, tapi puguhTujuan jeung Tugasna. Ari Tujuan-na aya dua tahap :
1. TAHAP KAHIJI
Tujuan jangka pendek, nyaeta kudu bisa nyaluyukeun diri jeung kahirupan di Alam Dunya
(Pidunya Hasanah).
2. TAHAP KADUA
Tujuan jangka panjang, nyaeta Perjalanan mulang deui kana asal urang nyatana Alam
Akherat. Sagala tekad, ucap, lampah keur di Alam Dunya teh kudu jadi pangdorong kana
kalancaran WA INNA ILLAIHI ROJIUN . Sedengken Tugas-na nyaeta kudu bisa
nyuburkeun di Bumi Alam ieu. Hartina kudu bisa ngagolangkeun modal ti Nu Maha Suci
nyaeta BADAN JASMANI jeung BADAN ROHANI.
Tina Rohani kudu bisa ngagelarkeun BUDHI (CIPTA, RASA, KARSA). Sedengken
tina Jasmaningagelarkeun eta Cipta, Rasa jeung Karsa, nya ngajanggelek hasilna disebut
Karya atawa hasil pagawean. Dina palebah dieu, jelema mah gumantung kana
museurkeun Cipta, rasa, jeung karsana , kana ciptaan atawa dadamelan Allah SWT, anu
Dua pasangan nyaeta Alam Semesta sareng Agamapikeun imbangannana.
23. Rd. Muslimat : Cing sing jentre kang!, tadi sanggeum engkang gumantung
kana museurkeun ciptaanana anu dua papasangan tea. Ayeuna kumaha upama
salah sahiji jalma anu museurkeun kana ciptaan Allah nyaeta kana Alam
Semesta ?.
24. Rd. Muslimin : Upami museurkeun kana Alam semesta atawa benda, bakal
ngahasilkeun mangrupi Elmu teknologi , saperti dilaksanakeun ku bangsa
deungeun (urang eropa), geuning ku urang ayeuna kasaksi jeung karasa, jadi
lampu listrik, jadi kendaraan di darat, dilaut, diudara, jadi telepon, jadi Radio, jadi
televise, jadi senjata (ti nu leutik tepikeun ka Bom jeung Atum). Tah teknologi ieu
upama teu di imbangan ku ajaran Agama, bakal atawa jadi ancur.
Contona : Ku hasil karyana mangrupa bom jeung rudal, kapan dicadangkeun keur maehan
jalma. Jadi nya gede mangfaatna, oge gede bahayana pikeun kahirupan umat manusa.
Jedi perlu diimbangan.
25. Rd. Muslimat : Tah ayeuna kumaha jalma anu muserkeun teuing ka
Ciptaan Allah SWT, anu mangrupa Agama ?
26. Rd. Muslimin : Upama jalma muserkeun teuing kana Agama, eta akibatna
awon bakal Leuleus, dina arti bakal katinggaleun dina widang elmu teknologi,
pikeun nyumponan kaperluan kahirupan, cohagna mah leleus dina ngudag
kamajuan jaman. Pek ku rai titenan kamajuan urang atawa bangsa-bangsa Eropa,
Amerika, jeung bangsa-bangsa timur tengah, oge urang Asia kaasup Indonesia ?,
kapan bangsa Eropa jeung Amerika mah disebutna oge nagara maju.
27. Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !, kahartos, sihoreng kudu saimbang
paingan saur sepuh, kudu Sineger tengah. Jadi upami kitu mah urang teh kudu
pinuh ku elmu, pasagi ku pangarti, boh elmu lahir, boh elmu batin. Elmu lahir anu
muserkeun kana Ngali, naliti Alam Semesta, pikeun nyumponan kaperluan
kahirupan di dunya salila diumbarakeun. Elmu batin mah atawa ajaran Agama
mah pikeun pangenyed, ngelesan supaya ulah mangprung teuing, bisi hasil elmu
lahirna lain jadi mangfaat keur papada manusa, tapi sabalikna jadi mamala pikeun
umat manusa.
Parantos kang !, kahartos kana tugas manusa sajero di pangumbaraan mah, cohagna mah
kudu boga elmu, kudu pinter bari bener (Pi dunya khasanah). Tah ayeuna teraskeun kana
Tujuan jangka panjang, (Wa pil akhiroti khasanah), suapaya salamet perjalanan mulang
deui ka akherat atawa WA INNA ILLAIHI ROJIUN , mulang deui ka Allah SWT.
28. Rd. Muslimin : Rai !, lancar jeng henteuna, salamet jeung henteuna
enggoning mulang deui ka akherat atawa kana Asal tea, gumantung nalika aya di
dunyana, gumantung Elmuna tea, boh elmu keur kaperluan di dunyana, naha
elmu anu dipibandana teh jadi Karya henteu ?, lamun geus jadi karya, naha anu
matak mangfaat atawa anu matak jadi mamala keur manusa atawa oge karya anu
mubah ?. Lamun karyana matak mangfaat, naha parantos di amalkeun ka papada
manusa?.
Catet Rai !, Elmu jeung Karya anu di amalkeun nu nunjel kana kalancaran, kasalametan
urang engke ka akherat. Ari jelema anu teu boga elmu jeung karya mah, hartina anu teu
ngalaksanakeun tujuan jeung tugas, atuh moal boga bekel boh keur dijalan boh keur
engke geus datang ka akherat.
29. Rd. Muslimat : Kekang !, et amah nembe elmu kanggo kaperluan di
dunya, nyaeta elmu pengetahuan sareng kaparigelan oge teknologi, ari ngeunaan
elmu Agama kumaha nunjelna kana pamulihan ka akherat engke?.
30. Rd. Muslimin : Euh! Leres ampir wae hilap. Elmu ka-Agamaan mah rai,
atuh anu nangtukeun pisan pikeun kalancaran mulang ka Asal.
Penting pisan Elmu Agama ieu disused sing tepi ka tutug, sabab lamun henteu tutug,
engke bakal utag atog. Ari anu utag atog teh biasana oge anu poekeun. Kusabab kitu,
ngajina sing tepi ka CAANG , ngarah teu utag atog. Syaratna kedah tumutkeun
sakumaha dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Nyaeta AWALUDINI
MARIFATULLOH . Ceuk sundana : Ari awal-awalna Agama kudu nyaho heula ka Alloh.
Ngandung harti, urang teh kudu maluruh heula INNA LILLAHI nyaeta Asal ti Allah.
Eta rai, rumasa asal ti Alloh ?.
31. Rd. Muslimat : Ari engkang !, atuh kantenan rumasa mah..
32. Rd. Muslimin : Emut rai waktos lungsur ti Alloh ?
33. Rd. Muslimat : Nya henteu atuh.
34. Rd. Muslimin : Ceuk saha atuh asal ti Alloh teh ?.
35. Rd. Muslimat : Kapan sanggeum jeung Rama, oge jeung Ibu, malah ti
rerencangan, sanggeum Mama Ajengan, sanggeum Ustas, sanggeum Pa Haji, sareng
seueur-seueur deui anu masihan wartos, sami sanggeumna teh asal manusa teh ti
Alloh. Ari kitu kumaha ?
36. Rd. Muslimin : Kieu ..rai,..rai anu percaya teh sing tepi ka yakin, komo
deui percanten ka Alloh anu wajib di sembah ku urang. Kapan ceuk dalil oge :

WABUD ROBBAKA HATTA YATIYAKAL YAKIN,
Anu hartosna : Nyembah ka Alloh teh kudu sidik sarta yakin. Tah upama urang percayana
asal ti Alloh karana eceuk, beja ti papada urang atawa ti papada manusa, eta percayana
atawa iman-na teh disebut Iman Taklid, atawa Ilmu Yakin
37. Rd. Muslimat : Janten Iman Taklid mah, upami beja ti papada manusa.
Kumaha upami sanggeum katerangan dalil ?, kapan dalil teh Pangandika Alloh ?.
38. Rd. Muslimin : Tah upami aya katerangan tina Dalil atawa Hadist, eta
kapercayaan atawa iman-na teh disebut Iman Idlal atawa Aenal Yakin. Rada
undak tina Iman Taklid.
39. Rd. Muslimat : Janten kedah percaya atawa Iman kumaha atuh anu
saleresna ?, cing pasihan terang !.
40. Rd. Muslimin : Kedahna teh dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul Yakin, lain
cenah ceuk papada manusa, lain ceuk dalil atawa hadist, tapi tina eta dua beja teh
parantos di buktikeun, tur dirasakeun ku diri pribadi. Jadi ceuk kuring pribadi.
Urang ibaratkeun kana Film di bioskop, sanajan nampi wartos ti rerencangan yen
aya Film rame, terus dikuatkeun deui ku Pamplet boh anu ditapelkeun boh anu
di awur-awur, lamun semet terang beja kitu, moal matak jadi yakin. Tapi upami rai
nyalira teras angkat, meser karcis, teras lebet nongton, kasaksian enya pisan beja
teh bener. Tah ibarat kitu urang percaya atawa iman, yakin ka Alloh teh.
41. Rd. Muslimat : Rada aya cepengan eta katerangan ti engkang teh , mung
carana hoyong dugi ka Iman Tahkik atawa Haqul yakin teh kudu kumaha ?
42. Rd. Muslimin : Atuh nya kedah terang elmuna sareng terang jalanna atawa
tarekahna. Lamun elmu rai, atawa katerang rai ngan semet beja atawa ceuk, cenah
mah, nya ngan semet Basa. Tina Maca jadi Basa, henteu nepi Karasa.
Upami hoyong dugi kana Karasa, nya kedah susul sakumaha anu parantos
dipayunkeun tadi tuntunan ti Rasululloh nyaeta hadist : AWALUDINI
MARIFATULLOH. Janten rai teh wayahna kedah neleman Elmu Ka-Marifatan.
Naming sateuacanna kadinya teh kedah terang heula kana RUKUN AGAMA.
43. Rd. Muslimat : Kekang !, rai mah nembe nguping aya Rukun Agama,
manawi teh ngan Rukun Iman sareng Rukun Islam wungkul ?. cing mangga ku
engkang dadarkeun ?

44. Rd. Muslimin : Anu matak oge rai..!, kedah ngotektak, kedah rapekan, da
elmu mah moal aya tungtungna. Omat ulah dipenggeul ku parantos ngaraos tutug,
atawa nutup Elmu et amah lain bantrak-bantrakeun urang pokna teh , padahal
eta teh elmu jungjungan urang Kanjeng Nabi. Tah anu kitu nutup diri, hartina
ngawatesanan ngarasa sugema semet dinya. Ayeuna engkang bade naros ka rai, ari
rai perkawis cepengan Agama, kasaha ngadunungan teh ?
45. Rd. Muslimat : Nya ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, panginteun engkang
oge sami, pokona anu ngangken Agama Islam mah pasti ka Anjeunna.
46. Rd. Muslimin : Sedengkeun ayeuna anu didunungan, anu dituturkeun ku
urang parantos pupus, parantos teu aya di ieu Alam dunya, tah.ayeuna urang rek
nurut teh kana naonnana ?
47. Rd. Muslimat : Nya tangtosna oge kana Elmuna, boh anu aya rengkolna
dina tulisan, atawa anu diwasiatkeun, pikeun diesotkeun, diturut ku sing saha anu
ngangken ka Anjeunna.
48. Rd. Muslimin : Tah upami kitu, mugi kauninga ku rai, yen Elmu
(katerang) anu jadi ageuman Kanjeung Nabi Muhammad SAW. teh sagemblengna
disebatna nya RUKUN AGAMA tea. Ari Rukun teh sauyunan atawa runtut, ari
Agama, hartina nya sakumaha parantos diterangkeun ti payun nyaeta Henteu
kacau.
49. Rd. Muslimat : Kekang !, ari basa sauyunan mah diterapkeunana teh
kedah kanu langkung hiji, naha ari rukun Agama teh sabaraha hiji ?
50. Rd. Muslimin : Da memang sanes hiji, sadayana teh aya 4 (opat) tahap. Hiji-
hijina nyaeta :
1. ELMU SYAREAT
2. ELMU TAREKAT
3. ELMU HAKEKAT
4. ELMU MARIFAT
Tah ieu Elmu Kanjeung Nabi Muhammad SAW. Dina bag-bagan Agama Islam teh, antara
ka hiji sareng ka dua, sareng nu ka tilu, oge sareng nu ka opat teh istuning pakuat-pakait
(satu kesatuan).
51. Rd. Muslimat : Kang !, teu tiasa kitu bae kedah aya dasar hukumna, cobi
rai pasihan terang !.
52. Rd. Muslimin : Ih. Kantenan atuh ay amah, kieu geura :
1. Engkang sering nguping ti para Ulama, kieu sanggeumna : Ari
neuleuman Agama teh kudu nete taraje nincak hambalan,
kudu Iman heula, terus kedah Tauhid, kedah Marifat, salajengna
nembeIslam. Tah geuning parantos kasebat Marifat.
2. Engkang kantos nguping kieu : SYAREATUN BILLA HAQIQATUN
ATILLATUN. Anu hartosna : ngaji sareat lamun teu jeung hakekat, cenah
kosong. Atuh sawangsulna HAQIQATUN BILLA SYAREATUN BATILLUN.
Hartosna : ngaji hakekat lamun teu jeung sareat, cenah batal.
3. Dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad SAW kieu :
Ari SYAREAT teh : Caritaan Kami.
Ari TAREKAT teh : Pagawean Kami.
Ari HAKEKAT teh : Kalakuan Kami.
Ari MARIFAT teh : Tujuan Kami.

4. Hadist Rasululloh :


AWALU DINI MARIFATULLAHI TAALA
Anu hartosna : awal-awalna Agama kudu nyaho heula ka Alloh Taala.
Rupina rai!, pikeun saksi yen leres elmu Kanjeung Nabi Muhammad SAW. Aya 4 (opat)
tahap, di anggap cekap heula.
53. Rd. Muslimat : Parantos cekap kang, kantun mugi sakantenan jelaskeun
kumaha tah peretelan hiji-hijina.
54. Rd. Muslimin : Puguh oge da sok nyosok jero. Urang sacara gurat badagna
wae, kieu geura :
Ari Elmu Sareat teh tahap munggaran anu nekenkeun kana ka Imanan, yen Alloh SWT teh
aya. Nya didadarkeun ku Rukun Iman anu genep perkara tea. Tah pikeun ngabuktikeun
ka Imanan teh, kudu daek ngalaksanakeun sagala aturan-aturan atawa katangtuan katut
kadisiplinan ibadah anu di tangtukeun dina Rukun Islam anu lima perkara tea. Atuh
kudu bisa ngahargaan atawa ngahormat ka Kolot, ka Guru, ka Pamingpin
(Penguasa), tur kudu patuh kana aturan-aturan kamasyarakatan sareng ngajaga
kasaluyuan lingkungan. Cohagna, Syareat mah muser dina Sah jeung batalna ibadah,
boh Hablum minalloh, boh Hablum minannas, nekenkeun ibadahna ku pamolah jasad.
Tapi..rai, upami jalmi parantos ngaraos cekap semet ibadah Syareat upami nembe ngaku
percaya wungkul ka Alloh (kakara Taklid sareng Idlal ), teras nembe terang sarta apal
kana hukum-hukum, kawajiban-kawajiban, katut sah batalna ibadah, eta teu acan cekap
tiasa numuwuhkeun rasa sieun ku Alloh, upami teu disarengan ku nitenan atawa
ngelesan jiwa. Ibarat tukang madu gula. Tina ngupingkeun, tina Macabakal jadi Basa,
can tangtu Karasa ku pribadina. Anu mawi sanggeum Kanjeung Nabi Muhammad SAW,
Syareat teh Caritaan Kami.
55. Rd. Muslimat : Janten ibadah teh ulah betah semet dinya nya kang ?,
ayeuna cobi teraskeun kana tahap ka dua Tarekat .
56. Rd. Muslimin : Ari Elmu Tarekat mah, undakna tina Elmu Syareat, mesek
tur neleuman, ngalenyeupan (penghayatan) elmu syareat, teras neangan jalan, cara
pikeun ngaronjatkeun ajen ibadah, tarekah ngabersihan Hate atawa Qolbu tina
kotoran-kotoran Hawa Nafsu anu ngancik teu pisah di diri manusa. Pastina oge
bakal ngaronjat ajen tata cara hirupna. Ibadah dina Tarekat mah muserkeun
Pamolah Kalbu/hate saolah-olah dipencrong ku Alloh SWT.
DINA AL-QURAN DI JELASKEUN :

Thariqat ( ) Artina : Jalan atau Usaha pikeun menuju ka Allah.




Artina :
Hai jalma-jalma anu iman, kudu tarakwa ka Allah, jeung usahakeun / teangan Jalan ( ) anu
ngadekeutkeun maraneh ka Manten-Na. Jeung kudu Jihad tina Jalan-Na (Allah) ngarah maraneh
menang kemenangan (Dunia-Akhirat).(Q.S. Al-Maidah Ayat 35).

WA ANNA MINNAA SHOLIHUUNA WA MINNAA DUUNA DALIKA KUNNA


THARAAIQO QIDADAN
Anu hartosna : Sabenerna di antara maraneh aya jalma-jalma anu saroleh, oge aya anu henteu. Eta
teh maraneh nyarokot jalan (Tarekat) anu beda-beda. (QS. Al-Jin Ayat 11).


Artina :
Jeung saenyana lamun maranehna tetep tumetep dina jalan anu lurus ( ) sesuai kalawan
ISLAM, saenyana Kami baris mere nginum anu bisa ngaleungitkeun hanaang jeung haus. (Mere
pituduh Tarekat pikeun ngaleungitkeun jiwa anu kalangsu jeung sesat). (Q.S. Aj-Jin Ayat 16).
Pituduh Hadits ngeunaan Tarekat, nurutkeun katerangan ti Sahabat Sayidina Ali kieu :
Kuring tumaros ka Rasululloh, Ya Rasululloh jalan (Tarekat) anu mana anu paling deukeut
pisan ka Alloh, sareng panggampil-gampilna salaku Abdi Alloh tur anu pang mulya-
mulyana di payuneun Alloh SWT ?.
Waler Rasululloh : Ya Ali, penting pikeun anjeun sing ngalobakeun khusyu Dzikir ka
Alloh.
Syaidina Ali : Saban jalma Dzikir ka Alloh ?
Rasululloh : Ya Ali, moal kajadian kiamat, satungtung anu nyaricingan di luhur bumi
ieu, jalma-jalma sok ngarucapkeun Alloh.. Alloh.
Syaidina Ali : Kumaha carana Dzikir ya Rasululloh ? .
Rasululloh : Cing peremken panon anjeun, sarta dengekeun naon anu di ucapkeun ku
Kami. Teras Rasululloh masihan conto, ngucapkeun LAA ILAHA ILALLAH tilu kali, bari
socana peurem.
Syaidina Ali : Nurutan sakumaha anu di contokeun ku Rasululloh ngucapkeun LAA
ILAHA ILALLAH tilu kali bari pereum.
Tah ajaran ieu, saterusna ku Syaidina Ali di ajarkeun deui Hasan Husen sareng pala
putra putrina dugi ka para Allul Bait-na. Saterusna mah nya ngawujud jadi Elmu
pendidikan anu ayena disebat elmu Tarekat / Tasawuf. Jelasna, yen tarekat / tasawuf
teh, mangrupa bagian tina Elmu Sareat. Lamun Elmu Sareat wajib dikanyahokeunana ku
sakumna Muslimin, atuh tarekat / tasawuf oge hukumna wajib di kanyahokeun. Imam
Malik : ngaringkeskeun jalan pikiran ngeunaan ha lieu, sarta pamadeganana kieu : MAN
TAFAQQOHA BIGHOIRI TASSAWWUFIN FAQOD TAFASSAQA WA MAN TASSAWUF
BIGHOIRI TAFAQQUTIN FAQOD TAHAQQOTA . Anu hartosna : Saha-saha anu ngulik
Elmu Fikih bari Tauhid wungkul, bari henteu ngulik Elmu Tassawuf / Tarekat, pasti boga
laku Fasek (kurang moral). Sabalikna saha-saha anu nganut Tassawuf bari henteu
dibarengan ku Fikih sarta Tauhid, eta bakal jadi golongan Zindik (nyelewengkeun Agama).
Saha-saha anu ngalaksanakeun dua-duana, eta anu jadi golongan anu Hakiki (tulen).
57. Rd. Muslimat : Nuhun pisan kang kana sagala rupi pedaranana perkawis
tahapan Elmu Tarekat. Ayeuna mugi ulah kapalang, teraskeun kana tahapan Elmu
Hakikat.
58. Rd. Muslimin : Kieu et amah rai, saupami jalmi parantos kateleuman Elmu
Sareat oge Elmu Tarekat, tur khusyu dilaksanakeun, bari disarengan ku Ridho
Alloh SWT, nya bakal kapendak Hakekat (Kanyataan anu benerna), mangrupa
tahapan anu sampurna.
Sabenerna ari Elmu Hakekat, ayana ditulis di Lauhim Mahfuds . Sabab sagala rupa anu
bakal kajadian parantos aya tulisanana didinya. Ngan gumantung kana bersih sareng
kotorna Qolbu atawa Hatena jalma. Upami kaayaan beresih Kaca kalbu na hate nya
bakal bisa noropong ka Lauhim Mahfudz, bakal tiasa ningali Elmu anu aya didinya. Ari
anu jadi hijab (pepedut), panghalang antara kalbu/hate sareng Lauhim Mahfudz teh
nyaeta dosa-dosana. Ari hate/kalbu teh aya dua lawang atawa panto : Panto Kahiji nyaeta
anu mukakeun Panca indera anu nyoko kana Alam Wujud ieu. Panto Kadua, upama
teu kahalangan ku Hijab, nya molongpong ka Alam Malakut, sabab alam nu aya ieu,
asalna parantos ditetepkeun dina Alam Malakut / Lauhim Mahfudz.
59. Rd. Muslimat : Manawi engkang henteu kaabotan kumaha kagok hiji deui
kana tahap Marifat, margi rai ngaraos gantung areuyeun.
60. Rd. Muslimin : Edas ari rai, sok nyosok jero ngukuy Elmu teh. Tapi sae rai,
da kedah kitu neleuman elmu mah kedah tutug ngarah teu utag atog. Perkawis
Elmu Marifat teh rai, eta tahap pangluhurna, nyaeta tahapan manusa parantos
ngaraos gumulung dirina sareng nu Maha Suci. Dina tahapan ieu, jiwa manusa
parantos kontak sareng Jiwa Alam Semesta, moal ngaraos digunjang-ganjing ku
kabungah atawa prihatin ku haliah dunya. Istuning parantos teguh tangtu hatena,
percaya kana Wujud-Na Dzat nu Wajibul Wujud, tur parantos tembusna paningal
atina kana Dzat Alloh ku ridho tur pitulung Manten-Na. Kitu tah rai, perkawis Elmu
Marifat mah.
61. Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang .!, kana sagala rupi penjelasanana.
Satadina mah manawi teh elmuna Kanjeng Nabi teh mung sakumaha anu ilahar
dilaksanakeun secara biasa, singhoreng kakara elmu sareat eta mah. Cik kang !,
manawi aya katerangan anu langkung eces, supados gampil katangkepna.
62. Rd. Muslimin : Edas ari rai, urang ibaratkeun atuh nya, kieu :
ELMU SAREAT Teh ibarat WANGUNAN KAPAL LAUT
ELMU TAREKAT Teh ibarat KAMUDI KAPAL LAUT
ELMU HAKEKAT Teh ibarat LAUTNA
ELMU MARIFAT Teh ibarat INTEN ANU AYA DIDASAR LAUT
Jadi enggoning ngudag tujuan menangkeun inten eta, jelas kedah kagungan
Tarekah/jalan/pagawean anu sanes lumayan hese belekena, bari eungap teuleum ka dasar
laut. Upama kuat, teras kapendak, karasa kecepeng eta inten ku pribadina, nya Marifat
(nyaho), lain ceuk cenah beja wungkul, yen didasar laut palebah dinya teh aya inten.
63. Rd. Muslimat : Ke kang !, upami kitu mah elmu ka-Marifatan teh ngait
pisan sareng Hadist AWALUDINI MARIFATULLOH tea ?
64. Rd. Muslimin : Kitu pisan rai !, da Marifat mah penting pisan, mangrupi
enas-enasna tina Iman.
65. Rd. Muslimat : Naha pangna kitu kang !, kapan dina Rukun Iman anu
kahiji oge cukup ku Amantubillah, nyaeta Percaya ka Alloh , geuning teu aya
tumbah tambihna ?

66. Rd. Muslimin : Rai.!, kapan Rukun Iman mah kagolong kana Elmu
Syareat tea, salancar tahapan kahiji kapan et amah, ari tingkatanana mah kapan
ku engkang parantos diterangkeun ti payun, yen Iman teh aya tilu tahap, nyaeta
: IMAN TAQLID (ILMU YAKIN), IMAN IDLAL (AINAL YAKIN) ,IMAN TAHKIK
(HAKUL YAKIN) alias Marifat kitu tah.
67. Rd. Muslimat : Eueuh !, kahartos kang !, kahartos, hapunten rai rada
kuled, anu mawi mugi engkang ulah kapalang sabar ngajelaskeun anu rada gampil
kahartosna. Anu bade ditaroskeun ayeuna : Naha pangna dianggap penting pisan
urang kedah Marifat (terang) ka Alloh ?, malih kedah diheulakeun, naon margina
eta teh kang ?
68. Rd. Muslimin : Bade teu penting kumaha rai !, kapan Alloh teh tujuan
ibadah urang, kapan Tujuan hirup manusa teh , nyaeta pikeun ibadat ka Alloh,
sasat Alloh teh sembaheun urang. Kumargi anu bade disembah ku urang, atuh
kedah puguh heula, tangtukeun heula anu bade disembahna, lain sabalikna,
ngahelakeun sembah tapi anu bade disembahna teu tangtu, teu acan dikenal, ke
bilih mubazir, hanas hese cape.
69. Rd. Muslimat : Kahartos kang !, nanging kumaha carana hoyong kadugi
kana TAHKIK atawa HAKUL YAKIN atawa MARIFAT teh ?
70. Rd. Muslimin : Nya kedah ku Elmu, ari elmu teh kapan kanyaho, ari
kanyaho kapan datangna ti dua lawang, nyaeta ti papada urang sareng tina
daluang. Ti papada urang nya sapertos rai ayeuna, ulah narima kitu bae, tapi kudu
weleh tetelepek sing dugi ka ngarti. Ari tina daluang nya sing seueur bucu-baca,
bari disarengan ku sabar, lekeun, keyeng. Elmu anu parantos katarima boh
tipapada urang boh tina dalung, tingkatkeun sing jadi luang, hartina pangalaman,
ari pangalaman kapan buah ti nu kaalaman ku urang. Anu matak sing loba
ngalaman.
71. Rd. Muslimat : Mudah-mudahan kang !, rai tiasa ngalaksanakeun
sakumaha katerangan-katerangan sareng wejangan ti engkang. Rada emut kang !,
rai kantos nguping kieu : SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR
TI DIRINA SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA RASA
ALLOH JAUH TI DIRINA. Cing kumaha salang surupna tah kang ?
72. Rd. Muslimin : Eta teh rai, Hadist Nabi Muhammad SAW. :


WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA DHOLALAN BAIDA
Ceuk sundana : SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA
SORANGAN CENAH DISEBUTNA TEH KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI
DIRINA.
73. Rd. Muslimat : Sumuhun, naha disebat bakal kasasar, naha Alloh teh aya
dina diri manusa kitu ?, atuh upami Alloh aya dina saban diri manus amah,
panginteun seueur Alloh teh, atuh pasalia saret Surat Al-Ikhlas. Kalihna ti eta,
naha geuning anu nga-daroa bet sok disebat Tamu Alloh, naha memang Alloh
teh aya di Baetulloh ?, cing kang !, lieur keneh rai mah.
74. Rd. Muslimin : Tuh .nya rai !, ari seuh-seuhannana mah bingung
nangtukeun anu di ibadahan ku urang teh, sedengkeun urang kapan ti aalit
parantos ngalaksanakeun ibadah cenah ka Manten-Na, kumaha tah rai ?, netepan
sadinten sawengi tijuh belas rokaat, seja sujud sumujud sumerah ka Alloh, tapi
sareng Allohna teu acan TAHKIK /HAKUL YAKIN, nembe Percaya ngaraos
cekap ku ngucapkeun Syahadat, sareng percaya soteh dumeh aya padamelannana.
Padahal geuning teu cekap semet kitu, sakumaha pituduh Jungjunan Kanjeung
Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Salaku panutan urang Islam, anu dipiconto ku
sakumna umat Islam yen AWAL-AWALNA AGAMA TEH KUDU NYAHO HEULA KA
ALLOH . Maksudna supados ulah ragu-ragu enggoning urang sujud sumujud tur
sumerah ka Manten-Na.
75. Rd. Muslimat : Muhun..kumaha atuh ?, rumaos pisan palebah dieu
masih sisip ku pangarti, suda ku pangabisa, pakewuh ku Elmu. Nyanggakeun ka
salira engkang, ulah bosen masihan wejangan ka rai !.

76. Rd. Muslimin : Ke..urang papay heula nya, etang-etang pager enggoning
nangtukeun kayakinan urang. Pikeun nambihan, ieu pituduh ti jungjungan
Kanjeung Nabi Muhammad SAW, ieu dalilna :

Iqro Kitabaka kapa binafsika alyauma alaika hasiba (Artina : Baca ku maneh kitab anu
langgeung, anu teu keuna ku ruksak, anu aya di diri maneh, bakal leuwih nyata Elmu-Na
Panggeran teh aya dina diri maraneh, tingali-Na, dangu-Na, Pangandika-Na aya di diri
maneh. (Q.S Al-Isra :14)
Teras deui :


WAMAN AROFA NAFSAHU FAQOD AROFA ROBBAHU, WAMAN AROFA ROBBAHU
FAQOD JAHILAN NAFSAHU (Singsaha jalma anu geus nganyahokeun kadirina sorangan
tangtu bakal nyaho ka Panggerannana, Samangsa-mangsa geus nyaho ka Panggerannana
tangtu bakal leuwih nyaho kadirina anu bodo).
Supados muser rai !, ieu aya dalil :
LAKOD HOLAQNAL INSAANA FIYAKHSANI TAKWIN (Anu hartosna : Manusa teh
pang alus-alusna jeung pang aheng-ahengna kajadian ti sasama makhluk. Alloh, geura
lamun maneh geus nyaho kana kaayaan diri sajeroning diri maneh sorangan.
Salajeungna dina dalil disebatkeun :
WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID (Q.S. Qaf : 16 )
Hartina : Kami jeung maneh geus eweuh antarana deui, deukeut keneh Kami ka maneh ti
batan urat beuheung nu nganteung dina beuheung maraneh.
WAHUWA MAAKUM AENAMA KUNTUM
Hartina : Gusti Alloh teh babarengan bae jeung makhluk-makhlukna, dimana bae
maranehna aya didinya anjeun-Na aya ( Q.S. Al-Hadid : 4 )
Rupina cekap sakitu rai !, mangrupi pager pituduh marifat ka Alloh.
77. Rd. Muslimat : Saparantos ngetan anu dikapayunkeun ku engkang nembe,
boh Hadist boh dalil Quran, sadayana museur nuduhkeun yen teu kinten
pentingna NGAJI DIRI , ngukur, ngaca ka awak sorangan. Upami hoyong terang
ka Alloh SWT. Sawangsulna anu hoyong terang ka Alloh SWT, tapi milarian kaluar
tina dirina, nu kitu bakal kasasar.
Anu jadi patarosan rai teh, anu kedah dipilari, diaji teh Diri anu mana ?, kapan diri anu
ieu mah parantos puguh ngajentul, naha make kedah dipilari, dikanyahokeun deui ?, cing
kumaha maksadna kang ?
78. Rd. Muslimin : Rai..!, sing emut, kapan diri urang teh aya dua bagian,
bagian anu luar, anu katingali ku panon ieu disebatna JASMANI, ibarat Baju
atawa bungkusna. Sedengkeun bagian jero, anu teu katingali (ghoib/samara-samar)
disebutna ROHANI atawa Batin, nya mangrupa eusina anu dibungkusan ku
Jasmani. Tah diri anu ghoib, anu samara-samar atawa batin atawa Rohani, ieu anu
kedah dipilari teh.
79. Rd. Muslimat : Kekang !, kapan et amah parantos puguh teu katingali ku
soca, atuh kumaha tiasa kapendak ?
80. Rd. Muslimin : Eta rai percaya kanu Ghoib henteu ?, upami rai teu percaya
atuh hartina rai teu percaya kana Lafadz Al-Quran : ALADZINA YUMINUNA BIL
GHOIB, Hartosna : Nyaeta anu percaya (ngabenerken) kana hal-hal ghoib.
81. Rd. Muslimat : Ih. Ari engkang, atuh kantennan percaya mah.
82. Rd. Muslimim : Nuhun atuh, nanging percayana ulah semet basa, tapi
kedah dugi karasa. Kieu geura rai !, ari anu disebat Rohani teh diwangun ku 4
(opat) perkara, nyaeta :
NARUN
HAWAUN
MAUN
THURABUN
83. Rd. Muslimat : Punten kang !, jelaskeun ku bahasa anu kahartos ku rai.
84. Rd. Muslimat : Kieu atuh :
Ari NARUN teh Cahaya Berem
Ari HAWAUN teh Cahaya Koneng

Ari MAUN teh Cahaya Bodas


Ari THURABUN teh Cahaya Hideung
Tah ieu cahaya anu 4 (opat) teh disebatna NUR MUHAMMAD, atawa HAKEKAT
ADAM (Bahrul Adam), Hartina : Sagara saniskara anu ngabukti di Alam Semesta katut
sagala eusina.
85. Rd. Muslimat : Ke . Kang !, kapan eta mah moal katingali ku soca anu
bukti ieu, kumaha atuh supados tiasa katingali ?.
86. Rd. Muslimin : Ningali anu ghoib mah, sakumaha Sanggeum Rasululloh oge
dina dalilna : RUYATULLAHI TAALA FIDUNYA BI AENIL QOLBI, anu hartosna :
Ningalina Alloh di dunya kudu ku awasna hate/ Qolbu.
87. Rd. Muslimat : Ulah kapalang kang !, upami hoyong tiasa awas hate kedah
kumaha ?
88. Rd. Muslimin : Nya kedah bersih Qolbu/hate tina kokotor, sabab kokotor
Qolbu eta jadi Hijab atawa pipinding kana awasna ka Nu Maha Suci.
89. Rd. Muslimat : Ari anu janten kokotor teh naon kang ?
90. Rd. Muslimin : Dosa rai !, dosa alit sareng dosa ageing. Geuning unggal
wudhu, ari bade sholat sok dibersihkeun ku cai. Rai uninga, ari dosa alit anu
kumaha ?, sareng dimana tempatna ?, oge kumaha meresihannana ?
91. Rd. Muslimat : Hemeng keneh kang !, keun et amah lenyeupanen rai. Mung
nu bade ditaroskeun teh, eta nyusul anu tadi perkawis Cahaya anu opat rupa tea,
upami ieu mah, upami kaleresan rai parantos mendakan, naha eta Alloh teh ?
92. Rd. Muslimin : Issatuh sanes, . Moal enya Alloh tiasa disaruakeun
sareng warna, kapan Alloh mah Teu warna, henteu rupa, henteu imah, henteu
enggon. Pokona henteu tiasa diumpamakeun sareng naon bae oge. Dalilna
: DHAT LAESA KAMISLIHI SYAEUN ( DHAT BILA HAEFIN DHAT BILA
MAKOMIN)
93. Rd. Muslimat : Ke.kang !, atuh ari teu warna, teu rupa, teu imah, teu
enggon mah panginten teu aya .?
94. Rd. Muslimin : Teu aya kumaha ari rai ?, kapan cirina Alloh aya teh
diantarana aya dadamelannana, nya buktosna ieu Alam Semesta katut eusina.
Rai!, omat kedah yakin teh AYANA, nanging Ayana teh,Dzat-Na anu katara
sareng anu henteu karampa. Tah palebah dieu anu kedah leres-leres dilenyeupan,
sing kersa nyusul, sing dugi ka HAKUL YAKIN tea, supados teu ragu-ragu, henteu
was-was. Antebkeun deui rai!, tah Rukun Iman anu kahiji, sareng SYAHADAT.
Cing sok rai, ucapkeun deui Syahadat !
95. Rd. Muslimat : Mangga : ASHADU ANLA ILLAHA ILALLAH, WA ASHADU
ANNA MUHAMMADARRASULULLOH.
96. Rd. Muslimin : Cobi hartosna ?
97. Rd. Muslimat : Abdi nyakseni teu aya deui Panggeran kajabi Alloh, sareng
abdi nyakseni yen Muhammad Rasulna Alloh.
98. Rd. Muslimin : Cing rai !, ari kecap Nyaksi kedah anu kumaha ?
99. Rd. Muslimat : Nya.. anu nyaksi mah anu ningali, geuning aya kecap
nyaksian.
100. Rd. Muslimin : Tadi rai!, ngucapkeun Abdi nyaksi yen teu aya deui
Panggeran kajabi Alloh, naha leres-leres rai teh parantos ningali ka Alloh ?
101. Rd. Muslimat : Aaah. Teu acan kang !, bororaah..
102. Rd. Muslimin : Naha atuh wanton-wantun ngucapkeun Abdi Nyakseni ari
teu acan ningali mah ?, atuh kitumah sulaya.
103. Rd. Muslimat : Muhun da abdi mah sanggeum anu mamatahan sareng
dina Kitab, nya kumaha ramena bae atuh kang !
104. Rd. Muslimin : Iiiiihsanes kumaha ramena rai !, tapi kedah ajeg
pamadegan. Rai! Upami ieu SYAHADAT teu acan kapendak SAJATINA, atuh dina
RUKUN IMAN anu kahiji oge nyaeta Amantubillah, pasti moal leres, ngan basa
wungkul henteu dugi kana RASA.
105. Rd. Muslimat : Aaah.. rumaos kang !, kumaha atuh nya ?
106. Rd. Muslimin : Sawios anu parantos mah rai !, da dimaklum murangkalih
keneh, itung-itung ngapalkeun basana heula. Tapi ari parantos dewasa kieu mah,
penting ngarautan, mikir, nafakuran, sakumaha dina hadist Kanjeung Nabi
Muhammad SAW oge : TAFAKKURU SAATIN KHAIRUN MIN IBAADATI
SABIYNA SANATAN . (Anu hartosna : mikir /tafakur samenit atawa sakedeung
leuwih alus tibatan ibadah 70 taun).

Rai..!, Hadits Nabi : AWALUDINI MARIFATULLOH teh estuning ngajurung supados pas
sareng eusina kalimah Syahadat, oge Rukun Iman anu kahiji, nyaeta Amantubillah.
Kukituna wayahna ayeuna mah kedah dilenyeupan tur ditingkatkeun eta elmu anu
parantos katampi the, sangkan dugi kana sasaranana. Kedah keying tur leukeun rai !,
nyusud Elmu teh margi dawuhan Kanjeng Nabi oge : MAN THOLABAL SYAIAN
BIJIDDIHI WA JADAHU, Hartosna : Saha-saha jalma anu nungtut salah sahiji hal bari
keyeng, tangtu maranehna pasti bakal hasil.
107. Rd. Muslimat : Atuh ari kitu mah, rai teh kedah ngawangsulan deui tina
Syahadat, kumaha carana supados kapendak sareng SAJATINING SYAHADAT .
108. Rd. Muslimin : Penting pisan rai !, sing kapendak, margi pangemut engkang
mah Syahadat teh ibarat Pondasina Agama, anu matak dina Rukun Islam jadi
nomer hiji. Insya Alloh upami pondasina kuat, weweg, atuh kana ibadah-ibadah
Rukun Islam anu sanesna oge bakal kuat sareng weweg :
Kana ibadah nomer dua, mangrupa tihangna Agama, nyaeta Sholat, bakal kuat, tihangna
kuat da pondasina kuat.
Kana ibadah nomer tilu, nyaeta Zakat, bakal ngarasakeun ka sasama, jadi jalma berehan.
Kana ibadah nomer opat, nyaeta Puasa, bakal ngarasakeun puasana tina tekad, ucap,
lampah anu henteu pararuguh.
Kana ibadah nomer lima, nyaeta Munggah Haji, mangrupa puncak tina rentetan ibadah-
ibadah tea, upami : dirina parantos TAHKIK (mantep) kayakinan ka Nu Maha Suci. Dirina
parantos kosong tina sifat tur pagawean anu kotor nyaeta dosa-dosa (Taqhalli). Dirina di
eusian ku sifat tur ibadah anu pinuji (Tahalli). Dirina baris Awas ka Hakekat Dzat Nu
Maha Suci (Tazalli), nya disebut Munggah Haji.
109. Rd. Muslimat : Rupina eta enas-enasna atawa saripati ibadah anu
kawengku ku Rukun Islam. Rai mah eta tah..cobi hoyong enggal terang kana
SAJATINING SYAHADAT ?
110. Rd. Muslimin : Mangga rai catet..!, ari Syarat Sahna maca Syahadat teh,
kedah kacumponan 5 (lima) syarat, nyaeta :
1. Kudu geus Netepkeun Kana Dhat-na Allah Taalla
2. Kudu geus Netepkeun Kana Sifat-na Allah Taalla
3. Kudu geus Netepkeun Kana Asma-na Allah Taalla
4. Kudu geus Netepkeun Kana Afal-na Allah Taalla
5. Kudu geus Sidik/Tasdik Ka Rasululloh kalawan geus netepkeun kana Sifat
Rasululloh, nyatana : Sidik, Amanah, Fathonah, jeung Tabligh.
Tah.. rai !, DZAT, SIFAT, ASMA, AFAL teh disebatna RUKUN MARIFAT , Marifat ka
Alloh, Marifat ka Rasululloh.
111. Rd. Muslimat : Cobi . Kang !, mugi di eceskeun hiji-hijina !
112. Rd. Muslimin : Ke rai !, kumargi hal ieu mah nyusul ka puhu, supados
rada gampang ka hartos, cing urang kaitkeun sareng katerangan MARTABAT
ALAM TUJUH, mugi rai !, masing tengeut ngabandunganana :
Alam Kahiji : disebutna AHADIAT
Alam Kadua : disebutna WAHDAT
Alam Katilu : disebutna WAHIDIAT
Alam Kaopat : disebutna ARWAH/ROH
Alam Kalima : disebutna AJSAD/AJSAM
Alam Kagenep : disebutna MITSAL
Alam Katujuh : disebutna INSAN KAMIL
PENJELASAN MARTABAT ALAM TUJUH

1. ALAM AHADIAT
Martabat Alam Ahadiat mah, kaayaanana teh SUWUNG, kosong, uwung-uwung awang-
awang, estuning bersih suci. Martabat (tingkat) ieu disebat oge martabat KUN HI DZAT,
nyaeta kaayaanana teh estuning ngan Dzat. Teu aya martabat (tingkat) anu sejena anu
ngalangkungan tina Dzat ieu. Istuning mangrupa sumber pikeun martabat-martabat
saterusna. Dupi Dzat ieu di terangkeun ku dalil : DZAT LAESA KAMISLIHI SYAEUN
WAHUWA SAMIUL BASHIR , Anu hartosna : Dhat anu teu aya upamana sareng naon-
naon oge, sareng Manten-Na, Maha Ngadangu sareng Maha Ningali. Dikiatkeun deui ku
dalil : DZAT BILLA HAEFIN , Anu hartosna : Anu henteu warna teu rupa. DZAT
BILLA MAKANIN , Anu hartosna : Anu henteu arah teu enggon. Moal aya anu mampuh
ngalewihan tingkat ieu, sok sanajan para Nabi-Nabi, sanajan para Malaikat Muqqarobin,
moal saurang oge makhluk anu bisa tepi kana tingkatanKun Hi Dzat (Kaayaan Dzat).
Sakumaha didawuhkeun ku Alloh SWT :
WA YUHADZ DZIKRUMULLAHU NAFSAHU
Anu hartosna : Alloh nyarek maraneh pikeun nyaho Kun Hi Dzat.
Kitu deui dawuhan Rasululloh SAW :
QULLUKUM FI DZATILLAHI AHMAQ
Anu hartosna : Maraneh tetep teu bisa ngarti soal Kun Hi Dzat Alloh SWT.
2. ALAM WAHDAT
Dina martabat Alam Wahdat mah Kun Hi Dzat atawa Dzat Mutlak teh bade
ngawujud Mungkin, tinaKalam-Na sareng Iradat-Na (Kersa-Na), nya
ngawujud Sifat mangrupa NUR DZAT disebut JOHAR AWAL(Johar = Cahaya, Awal=
mimiti). Ieu Nur atawa Johar Awal teh gumulungna antara Dzat sareng Sifat. Ieu teh
mangrupa sumber pikeun sifat-sifat anu sejenna. Saniskara Sifat tangtu kaancikan Dzat.
Gumulungna Dzat sareng Sifat teh ibarat KEMBANG JEUNG SENGITNA, atawa MADU
JEUNG AMISNA, teu bisa di pisahkeun. Nur Dzat atawa Johar Awal teh, disebat
oge HAKEKAT MUHAMMAD, asal sagala rupa anu jadi.
HAWIYATUL ALAM atawa Hakekat Alam, Bahrul Hayat (Sagara Hirup) Sanggeum para
Wali mahSYAHADAT SAJATI.
3. ALAM WAHIDIAT
Dina martabat ieu ku QUDRAT sareng IRADAT-NA (Kawasa sareng Keresa-Na),
sorotna NUR DZAT atawaJohar Awal atawa Hakekat Muhammad, bijil NUR PAPAT
WARNAE (CAHAYA OPAT WARNA) :
Nyaeta Cahaya Bereum (Ngajadi Seneuna alam dunya)
Nyaeta Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam dunya)
Nyaeta Cahaya Bodas (Ngajadi Caina alam dunya)
Nyaeta Cahaya Hideung (Ngajadi Taneuhna alam dunya)
Ieu Nur (Cahaya) anu opat rupa teh disebatna Nur Muhammad. Saterasna tina Nur
(cahaya) opat rupa ieu, ngajantenkeun ASMA ALLOH, margi ti dieu ngajadina Huruf /
Lapad ALLOH ( ) , nyaeta :
Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF ALIP ( )
Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF LAM ( )
Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF LAM ( )
Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF HE ( )
Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( )

Ieu Nur (Cahaya) anu opat rupa atawa Nur Muhammad teh, mangrupa bibit
atawa Cikal Bakal 7 lapis Langit, 7 Lapis Bumi katut sakumna eusina. Sakumaha
dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW :

AWWALUMA KHALAQALLAHU NURA NABIYYIKA YA JABIRU WA KHALAQA
MINHUL-ASYYAA WA ANTA MIN TILKAL ASYAI,,
Artina :
Awal mula anu Alloh jadikeun nyaeta Nur Nabi Anjeun ya,, Jabir. Jeung Alloh ngajadikeun tina
Nur eta, sagala sesuatu ieu, jeung Anjeun hai,,Jabir nu kamasuk tina sesuatu eta.

ANA MINALLAHI WAL MUMINUNA MINNI,,
Artina :
Kuring nyaeta asal ti Alloh, sedeng jalma-jalma mukmin asal ti kuring.


INNALLAHA KHALAQA RUHANNABIYYI SHALALLAHU ALAIHI WASALLAMA MIN
DZATTIHI WA KHALAQAL ALAMA BIASRIHI MIN NURI MUHAMMADIN SAW. ,,
Artina :
Saenyana Alloh nyiptakeun Roh Nabi Muhammad tina Dzat-Na, tuluy Alloh nyiptakeun alam,
kalawan rahasiah-Na tina Nur Muhammad SAW.


YA JABIRU INNALLAHA KHALAQA QABLAL ASYYAI NURA NABIYYIKA MIN
NURIHI. ,,
Artina :
Ya ,,Jabir Saenyana Allah nyiptakeun samemeh ayana sesuatu, nyaeta Nur Nabi anjeun, daripada
Nur-Na.

LAQAD JAAKUM MINALLAHI NURUN. ,,

Artina :
Enggeus Allah datangkeun pikeun anjeun Nur daripada Allah nyaeta Nur Muhammad SAW.

YA AYYUHANNASU QOD JA AKUMUL HAQQU MIN RABBIKUM.,,
Artina :
Hai manusa, geus datang Al-Haq ti Panggeran aranjeun nyaeta Nabi urang Muhammad SAW.
Tegesna :
Moal aya Sifat, lamun teu aya Dzat.
Moal aya Dzat, lamun teu aya Sifat.

Tina martabat Alam Wahidiat ieu lahirna KALAM QODIM (Ucapan Alloh Anu Maha Sadia),
nyaetaANNAHU ANALLAHU, hartosna : Sabenerna Kami Alloh.
Ku ayana cariosan (tuturan=khithob) ku Kalam Qodim eta, hartina aya
anu diturutkeun (sasaran cariosan), nyaeta Alam Sifat sareng Alam Asma. Martabat tilu
alam ( Ahadiat, Wahdat, Wahidiat), nyaetaQodim.

Catetan :
Ayana susunan Martabat (tingkat) oge Alam teh, sakadar hiji gambaran wungkul, anu
sabenerna mahUlah dihartikeun saolah-olah tingkatan nurutkeun waktu, sareng tempat
(ruang) alam. Tempat (ruang) alam, waktu can aya, kumargi Alloh SWT teu kakurung ku
waktu sareng tempat, sapertos anu tos diterangkeun di luhur.
Nu matak nyata tur jelas dina Alam Wahdat (Sifat) sareng Alam Wahidiat (Asma), Roh
Muhammad , ngaliputan, mangrupa awal atawa Cikal bakal saniskara anu dumadi.
Dina salah sawios Hadits Qudsi Allah SWT Berfirman :

KUNTU KANZAN MAKHFIYYAN, FA AHBABTUAN URAFA FA KHALAQTUL LIYARIFANI
Hartosna :
Kami nyaeta (hiji) rusiah (pembendaharaan) anu Ghoib. Tuluy Kami boga kahayang
supaya di kanyahokeun. Terus Kami nyiptakeun Alam sarta makhluk (Muhammad). Taya
lian supaya maranehna bisa Marifat (nyaho) ka Kami.

4. ALAM ARWAH/ROH
Nyaeta martabat Afal nu Maha Suci, nyaeta Afal Alloh ku Qodrat-Na (Kawasa-Na) sareng
Irodat-Na (Kersa-Na), ngersakeun Alam Semesta.
Supados gampil kahartos, urang ibaratkeun kieu ceuk elmu akal mah, cara ngadamelna
teh : Upami di bioskop mah Alam Wahdat (Nur Dzat/Johar Awal) teh ibarat KACA dina
proyektor :
Cahaya Bereum (NARUN) teh ibarat Kaca Berem
Cahaya Koneng (HAWAUN) teh ibarat Kaca Koneng
Cahaya Bodas (MAUN) teh ibarat Kaca Bodas
Cahaya Hideung (THURABUN) teh ibarat Kaca Hideung
Barang eta kaca disorot ku JOHAR AWAL, kajadian bijil kalangkang, nyaeta :
Tina Cahaya Bereum (Ngajadi Seneuna alam dunya)
Tina Cahaya Koneng (Ngajadi Anginna alam dunya)
Tina Cahaya Bodas (Ngajadi Caina alam dunya)
Tina Cahaya Hideung (Ngajadi Taneuhna alam dunya)
Tina Johar Awal (Ngajadi Mataharina alam dunya)
Kitu tah upama ngagunakeun elmu akal mah, proses ngagelarkeun Alam Semesta (Dunya)
teh. Nagging ari saleresna mah teu kitu, ku Kawasa-Na, ku Kalamulloh-Na, KUN
FAYAKUN, nya jleg bae, Alam Semesta (Dunya) kumplit sareng eusina, boh anu lemesna
boh anu kasarna. Jadi tegesna Alam Semesta (dunya) teh kajadiannana tina Nur
Muhammad mangrupi Afal-Na nu Maha Suci (Alloh SWT).

5. ALAM AJSAD/AJSAM
Nyaeta Martabat Manusa.
Parantos gelar Alam Semesta (Dunya), nu Maha Suci seja ngersakeun deui midamel
Manusa (Adam Majaji). Nimbalan ka Malaikat kedah nyandak sari pati (acina) Seneu,
Angin, Cai, Taneuh. Eta sari pati anu opat rupa teh dipidamel, nya kajadian kieu :
ACINA ANGIN kajadian KULIT Jeung BULU ADAM
ACINA SENEU kajadian GEUTIH Jeung DAGING ADAM
ACINA CAI kajadian URAT Jeung BALUNG ADAM
ACINA TANEUH kajadian OTOT Jeung SUMSUM ADAM
Ku Kawasa-Na (Qudrat-Na) sareng Keresa-Na (Iradat-Na) Alloh SWT, nya ngagelar jadi Dalil
Muhammad, nyaeta MIM HE MIM DAL, nyaeta :
Tina NARUN (NURUL AHMAR) NGAJADI HURUF MIM AWAL ()
Tina HAWAUN (NURUL ASHFAR) NGAJADI HURUF HE ()
Tina MAUN (NURUL ABYAD) NGAJADI HURUF MIM AKHIR ()
Tina TURABUN (NURUL ASWAD) NGAJADI HURUF DAL ()
Ari JOHAR AWAL janten Hakekat Tasjid ( )

SAREATNA NYA JANGGELEK JADI WUJUD MUHAMMAD



MIM AWAL ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna SIRAH
HE ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna DADA
MIM AKHIR ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna UDEL
DAL ( ) Tina Lafadz Muhammad tegesna SUKU

Tapi teu acan usik malik. Saparantos diliangan eta wujud teh, anu lobana 9 (salapan)
liang, nyaeta :
Dina palebah SIRAH :
PANON = 2 LIANG
CEUPIL = 2 LIANG
PANGAMBUNG = 2 LIANG
BAHAM = 1 LIANG
JUMLAH = 7 LIANG
Tina palebah UDEL (handapenana) = 2 Liang
Jumlah sadayana jadi 9 Liang.
Saparantos kumplit, teras disorot ku NUR MUHAMMAD kajadian bisa usik eta wujud teh.
Jelasna kieu :
Wujud /Adegan/Jasad luar, bungkusna anu asalna tina Saripati : SENEU, ANGIN, CAI,
TANEUH, disebatna Adam.
Wujud jero /Batin/Rohani, eusina anu diwangun
ku Nur, Rasa (sir), Roh, Qolbu (Budhi), Nafsu (Akal), anu asalna tina Nur
Muhammad (Cahaya nu opat rupa), anu ngahirupkeun, ngusikeun, melikeun eta
adegan ADAM.
Sedengkeun Sagara Hirupna atawa Bibit Nyawana mah, tina JOHAR AWAL atawa Nur
Dzat atawa Dzat Sajati atawa Hakekat Muhammad atawa NURULLOH tea.
Tah..boh Alam Semesta (Jagat Gede/Alam Qubro/Alam Kabir), boh Diri Manusa (Jagat
leutik/Alam Sagir, anu diwangun ku Badan Rohani disebut Muhammad Rasululloh,
sareng Badan Jasmani disebut Adam), malah sareng saniskara anu aya di ieu Alam
semesta, ieu ka asup kana martabat Alam Arwah mangrupaAfal-Na atawa Karya-Na Alloh
SWT.
Kitu tah.. rai !, babaran Dzat, Sifat, Asma, sareng Afal teh. Sateuacana neraskeun kana
martabat anu sanesna, kumaha dugi ka dinya parantos paham ?

113. Rd. Muslimat : Ke.kang !, rada lebeng keneh., janten eta anu di
jelaskeun ku engkang nembe teh, mangrupi sarat pikeun SAHNA MACA SYAHADAT
?
114. Rd. Muslimin : Leres eta saratna teh !, ari kitu kumaha ?
115. Rd. Muslimat : Geuning bangga nya kang !, ari sugan tea mah cukup maca
we Syahadat teh.
116. Rd. Muslimin : Iiihari rai !, ari semet maca mah, eta kapan Syareat, ari
anu dijelaskeun bieu mah eta parantos kana Elmu Hakekat, hartosna anu leresna
atawa anu Hakikina. Ieu tengeutkeun deui bilih kurang jelas ! :
Martabat Alam Ahadiat teh nuduhkeun Dzat-Na Alloh, anu LAESA KAMISLIHI SAEUN,
nyaeta Dzat anu teu tiasa di umpamakeun sareng rupa, sareng warna, sareng tempat,
sareng waktu, sareng sora jeung sajabana. Anging ieu Dzat teh ngaliputan atawa Murba
Wisesa kana saniskara anu aya, boh kanu Ghoib, boh kanu nyata.
Martabat Alam Wahidiat mah, Dzat teh jumeneng Sifat nyaeta Nur, ari sifatna (rupana)
teh CAANG GUMILANG. Dzat teh gumulung dina Sifat, lir upama seneu sareng
hurungna. Dzat ibarat seneu/panas,Sifat ibarat hurungna, teu tiasa dipisahkeun, Dzat
ngaliputan Sifat. Di dieu nyata aya Bibit Hirup Hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad
HURIP nyatana Rasa, Rasana Alloh nya RASULULLOH.
Martabat Alam Wahidiat, mah nuduhkeun ayana Asma (jenengan) nu asal tina
sorotna tina Johar Awalatawa Nur Dzat atawa Dzat Sajati atawa Hakekat
Muhammad atawa NURULLOH , jadi cahaya opat rupa, disebut Nur Muhammad nya
ngajadi Huruf / Lapad ALLOH ( ) = Alif Lam Lam He, ari Tasjidna jadiJohar Awal.
Sing lenyeup Rai !, ieu Nur Muhammad atawa Cahaya Opat Rupa : Berem, Koneng, Bodas,
Hideung teh mangrupa sumber atawa bibit saniskara anu ngajadi. Ari sumber atawa
bibit Hirup sareng Hurip (Rasa) mah nyaeta JOHAR AWAL atawa Nur Dzat atawa Dzat
Sajati.
Ningkat deui ka Alam Arwah, ieu mah parantos Alam Nyata/Bukti/Aen Nya buktina Alam
Semesta, manusa, sasatoan, tutuwuhan, kaasup oge Makhluk lemes (Jin) jeung Setan. Ieu
ngabuktikeun Afal-Na Alloh SWT (Padamelan Alloh SWT), ku Sifat Kawasa-Na (Qudrat-
Na), sareng Sifat Keresa-Na (Irodat-Na), istuning ngaliputan, ngancik, akrob, gumulung
sareng saniskara anu ngajadi atawa anu dijadikeun ku Alloh SWT.
Jadi Rai..!, sadayana anu dumadi di Alam Arwah ieu, boh anu ghoib, boh anu nyata,
istuning ka Dzat-an, kaSifat-an, ka Asma-an, ka Afal-an Alloh SWT.

117. Rd. Muslimat : Ke..kang !, tadi ku engkang diterangkeun :


Dzat Alloh Taala teh LAESA KAMISLIHI SAEUN
Sifat Alloh Taala teh CAANG LUMENGGANG Nyatana NUR
Asma Alloh Taala teh NUR MUHAMMAD (Nur Papat Warnae)
Afal Alloh Taala teh Saniskara anu dumadi, Alam Semesta katut sagala eusina, kalebet
diri manusa. Anu bade ditaroskeun ku rai ! ayeuna ari Alloh-Na nu mana ?
118. Rd. Muslimin : Ari.rai !, kapan Alloh mah kaunggeul dina dalil oge :
INNALLOHA ALA KULLI SAIIN QODIR, Hartosna : Satemen-temenNa Alloh
Taala Maha Kawasa kana saniskara dina sakabeh Alam.
Pikeun jelasna, kieu geura rai :
Dzat ngaliputan Sifat, ibarat Madu gumulung sareng amisna ari
Lafadzna Alip
Sifat, enggon/tempat netelakeun Asma, ibarat Srangenge (Panon
poe) gumulung sareng caangna ari Lafadzna Lam Awal.
Asma, enggon/tempat netelakeun Afal, ibarat Kaca enteung anu
dipake ngenteung, pasti aya wawayangannana (Kalangkangna) nurutkeun
saparipolah anu ngaca. Ari Lafadzna Lam Akhir.
Afal, enggon/tempat perbawaan Dzat, ibarat Laut sareng
ombakna, pasti pangawasa ombak gumntung ka laut. Ari Lafadzna He.

Tuhkapan ngawujud Lapad ALLOH ( ) . Janten sakali deui, sagala rupi anu aya boh
anu batin (ghoib=samara-samar), boh anu lahir (bukti) parantos ka Dzat-an, ka Sifat-
an, ka Asma-an, kaAfal-an Alloh SWT. Kumaha rai!, parantos rada ngageubray ?,
paham ?......
119. Rd. Muslimat : Nyakanggo Asma Alloh mah parantos aya gambaran,
janten ku Qudrat Irodat-Na, ngaliputan kana saniskara alam katut eusina, nya
kalebeut diri manusa. Parantos kahartos kang !, kana sarat Sahna Maca Syahadat
anu opat mah, nyaeta Dzat, Sifat, Asma, Afal, ayeuna kantun hiji deui,
kedahSidik ka Rasululloh, mugi dijelaskeun !.
120. Rd. Muslimin : Nuhun atuh rai !, ari parantos paham mah, ngarti kana
Dzat, Sifat, Asma, Afal Alloh, nanging henteu cekap ku ngarti sareng paham
wungkul, da kedah ku teras tiasa ngabuktikeunnana kanggo nyumponan sumpah
urang dina kecap Ashadu, hartosna Nyaksi teu aya deui Panggeran kajabi Alloh,
kapan kitu lain ?....., ari nyaksi teh kapan ningali, nya atuh kedah dugi ka awasna,
ulah mung semet basa.
121. Rd. Muslimat : Upami hoyong dugi ka kitu, kumaha carana kang ?
122. Rd. Muslimin : Nya kedah kagungan padamelan, milari cara, milari jalanna,
pilari tarekahna atawaTorekat-na.
123. Rd. Muslimat : Ari Torekat-na, Tarekat naon kang ?
124. Rd. Muslimin : Nya Torekat para Wali atuh, da kapan para Wali anu
ngarulik tur parantos dugi ka Elmu et amah. Geuning dicarioskeun yen
Kanjeng Syarif Hidayatulloh salaku lulugu para Wali anu aya di Cirebon, anu
kantos Marifat kana Hakekat Muhammad. Urang oge upami kekeuh keyeng mah,
piraku teu kapecretan-kapecretan wae mah.
125. Rd. Muslimat : Nuhun kang !, diwartosan, et amah emutaneun sareng
pilarieun oge pidameleun rai. Cobi ayeuna mah teraskeun heula bae kana
papahaman perkawis Kedah Sidik ka Rasululloh.
126. Rd. Muslimin : Rai upami Rasululloh anu maot tur dikubur di tanah
Madinah, eta disebatna naon ?
127. Rd. Muslimat : Kirang paos kang !, mugi diwartosan sakantenan !
128. Rd. Muslimin : Eta mah rai !, Muhammad Majajina atawa Syareatna, oge
Rasululloh Majajina, Syareatna, da
ari Muhammad sareng Rasululloh Hakekina atawa Hakekatna mah teu maot.
Cing ku rai !, eta catetan ngeunaan Alam Wahdat sareng Wahidiat buka deui sareng
lenyeupan deui. Kapan saparantosna jumeneng Nur atawa Johar Awal anu jadi
bibit hirup jeung bibit hurip.
HIRUP nyatana Nur (Cahaya) atawa Hakekat Muhammad

HURIP nyatana Rasa, Rasana Nurani, Rasa Alloh nya RASULULLOH.


Pan saterasna boh Nur boh Rasa, kapan ngaliputan gumulung dina saniskara anu dumadi,
nya tangtosna oge ngaliputan, ngancik, gumulung, akrob di diri manusa.
Sing eta ku rai emut !, ngaraos aya Hirup sareng Rasa ?....... lamun diri rai parantos
dikantunkeun ku Hirup (Nur), sareng Hurip (Rasa) atuh nya maot pingaranennana.
129. Rd. Muslimat : Parantos rada paham sareng rumaos, oge karaos kang
pangna rai tiasa usik malik teh ku ayana Hirup, teras sok ngaraos pait, asin, lada,
amis, sieun, keueung, melang, ngewa, water, sedih, sareng sajabana, kapan eta teh
nuduhkeun yen di diri urang aya Rasa. Paingan dalil sareng Hadist nuduhkeun
kudu daek ngukur ka kujur, ngaji ka diri, da bisa ngajinis.
130. Rd. Muslimin : Tapi mangkade rai !, perkawis Rasa teh sanes hiji, tapi aya
tilu tumpa atawa tingkat. Ka hiji Rasa Jasmani, kadua Rasa Rohani, katilu Rasa
Nurani. Ari Rasa Jasmani tangtuna anu karasa ku jasad, contona : ateul, diciwit,
kakadek, dicabok, pasti nyeri. Anu ngaliwatan letah, contona : Asin, amis, pait, lada
jsb. Anu kana irung contona : Hanyir, bau, seungit jsb. Ari Rasa Rohani contona :
Nyeri hate, ngewa, keuheul, resep, senang, sugema, melang, keueung, sieun jsb.
Ari Rasa Nurani anu ngadorong kana sifat-sifat kahadean, luyu sareng Sifat Alloh
Rahman Rahim, contona : Jorojoy rasa nyaah, hayang mere ka budak yatim, kanu
miskin (welas asih), jorojoy hayang ngalaksanakeun ibadah luyu sareng ajaran
Agama, rasa cinta ka Alloh SWT, sujud, sumerah diri dibarung ku rasa rumasa yen
usik malik teh ku Qudrat tur Irodat-Na Alloh SWT. Tah. Rasa anu ieu rai !, anu
ka golong kana title Rasa Alloh atawaRasululloh mah, penting pisan Sidik tur sing
langgeung karasana ku urang. Kumaha rai !...... kahartos sareng kapaham.?
131. Rd. Muslimat : Alhamdulillah kang !, rada kahartos ayeuna mah. sing
horeng Rasululloh atawa Rasa Alloh anu teu pisah sareng diri urang anu kedah
diusahakeun sangkan langgeung karasana. Hanas tadina mah kedah kapendak
atawa sidik ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Sareng Rasululloh anu parantos
pupus emutan teh.
132. Rd. Muslimin : Tahkapan nyambung sareng anu sakumaha ka- unggeul
dina dalil oge hadist-hadist Nabi anu parantos dikapayunkeun. Diantarana :


WAMAN THOLABAL MAULANA BIGHOIRI NAFSIHI FAQOD DHOLA DHOLALAN BAIDA
Ceuk sundana : SAHA-SAHA JALMA NEANGAN PANGGERAN, KALUAR TI DIRINA
SORANGAN BAKAL KASASAR, SABAB BOGA RASA ALLOH JAUH TI DIRINA.
Sok sanaos rai parantos paham kana babaran kedah Sidik ka Rasululloh, tetep kedah
kagungan padamelan, kanggo ngabuktoskeun kana kecap : WA ASHADU ANNA
MUHAMMAD RASULULLOH.
Rai..!, kamalinaan geuning ieu teh parantos wengi teuing, peryogi istirahat. Insya Alloh
ngeunaan bag-bagan Martabat Alam Mitsal sareng Insan Kamil mah engke kapayun
urang di sambung didadarkeun deui.

WASSALAM ( DISAMBUNG KA JILID II .. ! )

Anda mungkin juga menyukai