Anda di halaman 1dari 5

Carita Ti Hiji Makam

Ku: Aat Suwanto


Di lembur kuring, kapisah ku Cibuyut - susukan leutik nu mun halodo caina
ayeuna mah sok saat, pahareup-hareup jeung Masjid Kaum (disebut kitu, pedah
eta masjid teh di lembur mah panggedena), aya hiji makam. Leutik makamna
mah. Teuing makam naon ngaranna. Ngan nu jelas eta makam teh pikeun lembur
kuring mah dipusti-pusti.
Makam karamat istilah gampangna mah. Pedah eta cenah, di dinya aya
makam Eyang Jayalalana, karuhun nu geus boga jasa muka leuweung di lengkob
Gunung Sawal ngajadi lembur gede nu ayeuna nelah Cihaurbeuti, lembur kuring
tea. Malah cenah, ceuk kolot-kolot di lembur, geuning Eyang Jayalalana teh
karuhun ti Pangeran Dipatiukur. Ku alatan geus dikaramatkeun tea, atuh teu
sambarang jalma nu bisa dikurebkeun di eta makam. Iwal ti nu bener-bener
sagetih alias turunan Si Eyang jeung orok wungkul. Pedah eta meureun, orok mah
masih suci. Sedeng ari nu ngaranna karamat mah, pan sok dianggap suci.
Kualatan geus ngajadi makam karamat, nya sok sanajan mun dibandingkeun
ka Makam Pasir Dalem nu legana jauh leuwih lega, tapi anehna rahayat di lembur
kuring teu ieuh pati wanieun asup ka eta makam. Sieun aya nanaon. Iwal ti jalma-
jalma nu boga kawani leuwih nu daekeun asup ka dinya teh. Atawa jalma nu geus
nekad. Siga jalma-jalma nu kapengpeongan ku kode buntut. Baheula, basa Porkas
jeung SDSB aya keneh.
Ku aya basa pikeun leuwih ngahurmat ka Si Eyang meureun. Tilu bulan ka
tukang, di eta makam diayakeun proyek pangwangunan. Nu ngaluluguan tur
nyokong dina widang pendanaan teh dua kolot asal ti kota.
Teuing saha sabenerna eta kolot dua adi lanceuk teh. Ngan nu jelas,
manehna teh masih pituin urang Cihaur. Malah masih pituin turunan Si Eyang.
Ngan ti keur leutik keneh ngumbara di kota. Pikeun sakola tur nyiar pakasaban
hirup.
Jalma-jalma nu kawilang sukses cenah maranehna teh. Lian ti beunghar,
maranehna oge kungsi boga kalungguhan nu kawilang aheng pikeun urang lembur
mah. Nu hiji pangsiunan dosen - malah salaku guru besar. Ari nu hiji deui mah
kungsi jadi pajabat agung di Bank Indonesia pusat.
Demi pikeun kuring bisa percaya mun manehna bener-bener salaku jalma
sukses, buktina memang geus atra pisan. Siga ilaharna jalma-jalma sukses di
urang, ti bareto keneh kuring geus apal mun di eta makam aya sababaraha tumbak
tanah kosong nu geus dicirian ku tembok aduk. Bareto mah kuring nyangka eta
tanah kosong teh makam. Tapi anehna taya jahulan. Waktu ditanya, cenah eta teh
bakal pimakameun pikeun dua jalma si anu jeung si anu; dua ngaran ti maranehna.
Kualatan geus aya kavlingna tea, kuring oge yakin mun eta adi lanceuk teh
memang masih turunan eyang.
Cenah, eta makam rek dijadikeun Taman Makam. Enya Taman Makam siga
nu aya di kota. Nu para pahlawan biasa dikurebkeun tea. Jeung nya eta pisan nu
jadi alesanana, yen senah pan jasa Si Eyang ka lembur teh geus kacida gedena.
Jadi payus mun makamna diistimewakeun siga bangsa urang nu geus
ngistimewakeun pikeun ngurebkeun para pahlawan-na di Taman Makam.
Tah! Kusabab eta makam bener-bener bisa ngajadi Taman Makam, atuh
puguh bae bestek pangwangunan eta makam oge bener-bener jiga nu beunang
neplak ka Taman Makam nu aya di kota tea. Alhasil, eta makam nu tadina jalanna
ngan saukur jalan satapak, bari teu puguh ngulon ngetanna, komo sambunganana,
ayeuna mah estu nyarambung bari jeung ditembok. Kitu deui, di eta makam oge
jadi aya pangdiukan sagala ayeuna mah.
Kitu deui, sabangsaning tangkal kembang oge jadi leuwih rea ayeuna mah.
Komo di sisi-sisi makamna mah. Ngagantikeun eurih-eurih nu ngagalaksak
minuhan sisi-sisi makam, jeung geus moal mungkin hirup deui da eta sisi makam
teh geus ditembok kacida tohagana. Jadi geus teu sieun loba oray cara tiheula.
Alhasil bener-bener teu pikasieuneun deui siga baheula ayeuna mah eta makam
teh. Malah jadi pikabetaheun siga ilaharna Taman Makam.
Komo deui mun enya mah jahul-jahul nu rajeg nyirian paesan di eta makam
oge, nu tadina tina batu jeung aya sapasang, tur sawarehna tak bernama, baris
diganti hiji jahul marmer nu ngaranna rek diukir. Da kitu tea cenah jahul para
pahlawan nu aya di Taman Makam oge.
Nu jadi kahemeng kuring, na kumaha engke rek mere ngaran pikeun paesan-
paesan nu tadina jahulna tak bernama tea. Na rek make ngaran "pahlawan tak
dikenal bae kitu'. Pan jelas-jelas di makam eta mah ngan saukur paesan orok
wungkul. Jadi pahlawan dina palebah naonna?
Tapi keun bae eta mah, kuma karep. Tinggal urusan maranehna. Nu jelas
pikeun diri kuring aya hal sejenna. Terus terang, kuring ngarasa teu panuju kana
eta proyek. Nyaeta perkara tumpurna tatangkalan nu aya di eta makam. Nurutkeun
kuring, eta korban teh kawilang mahalna. Malah teu bisa dibalitungkeun deui ku
rega duit. Utamana kana tangkal Kiara nu nilik tina ngarunggunukna mah paling
henteu umurna geus puluhan taun. Malah nurutkeun kokolot lembur nu umurna
geus ampir saratus taun mah geus kana leuwih ti saabadna.
Ngan nya kitu tea. Ku alatan rek dijadikeun Taman Makam tea, nya siga
sakumaha mistina Taman Makam nu aya di urang, nu estu negla tur plung-plong,
antukna tangkal Kiara nu geus janggotan tur lukutan teh ditaluar.
Nu kuring ngarasa beuki nalangsa, eta ku sikep warga di lembur. Najan
tangtuna pada sarieun aya mamalana ku alatan geus nuar eta tangkal nu geus milu
dikaramatkeun ku warga lembur oge - da buktina nu nuarna oge kudu make
ngundang ti luar lembur sagala da urang lembur nu biasa sok nuaran kai mah teu
aya nu wanieun - nu jelas urang lembur pada satuju mun eta maskot makam-
makam nu sok aya di kampung teh dituar. Beda-beda alesanana mah. Ngan nu
jesa asana hal ieu geus bisa jadi bukti mun intina, sakabeh warga kampung, sok
sanajan teu rundingan heula, geus nyatujuan kana eta proyek modernisasi makam
tea.
"Ngarah eta makam teu geueuman deui." Cenah ceuk sawatara jalma mere
alesan. Pedah eta meureun ku nempo dedegan Kiara mah memang matak
pikakeueungeun. Komo mun maju kasaraeupna tur mun kabeneran hujan
ngaririncik. Teuing kunaon, mun teu bueuk, pasti manuk suit incuing nu sok
ngadon disada. Nu matak nu barorangan mah, komo mun nu ngaredul ka masjid
mun geus aya girimis wanci kitu teh, pasti geus moal pada ka masjid!
"Jeung ngarah taya deui kamusrikan." Kitu ceuk para ahli masjid waktu eta
Kiara geus dituar. Dumeh eta, sok sanajan jaman SDSB geus lekasan, tapi anehna
sok aya bae jalma nu sok ngadon meuting di handapeun eta tangkal. Da
kabeneran, malah siga nu dihaja ti tadina, nya siga umumna makam-makam para
karuhun, di palebah handapeun eta tangkal pisan ayana makam Eyang Jayalalana.
Pikeun kuring pribadi mah terus terang bae ku dituarna eta tangkal teh bet
jadi asa kaleungitan pangaresep. Jeung enyana, sanggeus eta Kiara ditaur, kuring
jadi teu bisa deui nempo sapasang Tikukur sok biasa, datang ti palebah kidul tiap
jam salapan isuk. Kitu deui tontonan tina kalakuan bajing nu meh unggal rebun-
rebun sok katingali aya aclok-aclokan dina dahan Kiara, malah aya kalana nepi
ngagajleng tur lulumpatanana di luhureun masjid. Malah kadang-kadang sok
lulumpatan dina kabeh listrik, ayeuna mah jadi musna.
Teuing, teuing kumaha, ngan pikeun kuring, najan resep kana sasatoan, tapi
kana miara sasatoan estu teu resep. Asana, rarasaan kuring ieu mah meureun, mun
nempo sato geus dikurungan teh asa nalikung kana kabebasan eta sato. Jadi mun
geus ngadenge manuk nu aya na kurung disada na ceuli kuring mah lain ngaheot
atawa nyanyi eta manuk teh. Tapi ceurik. Jadi mending nempo kalakuan tur
ngadenge sora sasatoan nu aya di alam bebas pikeun kuring mah.
Enya. Teuing mun kuring mah beda ti batur meureun. Nu jelas, basa bareto,
basa kuring keur leutik, sok sanajan batur -komo barudak- mah pada sieun ka
makam Si Eyang, kuring mah malah resep pisan aya di jero teh. Komo mun geus
usum jambu aer. Kuring sok ngadon ngahajakeun ka eta makam tur naekan
tangkal jambu haer nu aya di eta makam. Da ngeunah atuh jambu ti dinya mah.
Lian ti leuwih peungkeur -teu juuh teuing caina-, bener-bener aramis pisan deuih.
Atuh basa usum SDSB, mun geus aya nu tapa, kuring malah sok
kakarayapan ngadeukeutan tangkal Kiara. Malah sakali-kalieun mah, mun
kabeneran nu tapa geus ngomong nembrakkeun kahayangna, enya menta nomer
buntut nu wacis tea, kuring sok gegereman pikeun mirupakeun sora embah, da
cenah bejha waktu keur leutik ari sora embah mah sok ngagerem, bari terus sacara
sabulangbentor mere angka, dua malah nepi ka opatna ka eta nu tapa. Da eta ku
hayang manehna buru-buru balik. Ngarah sasajenna nu kacida pikabitaeunana,
utamana kana beuleum hayam jeung daweganana. Nu jelas iwal ti cai kopi jeung
surutu nu tara ditoel teh. Da teu resep!
Nepi ka ayeuna sakabeh pangalaman di makam masih kagambar sacara jelas
na ingetan kuring. Nu matak, kamari-kamari ieu, saencan eta makam dibukbak,
mun ka dinya, mun batur mah, cenah, sok pating paruringkak bulu pundukna,
komo mun ka palebah tangkal Kiara, kuring mah kalah sok ngadon seuri
sorangan. Bener! Inget kana kaeuleuyeuran baheula.
Tapi nepi ka ngarasa harenegna diri kuring kana kanyataan nu geus tumiba
ka eta makam, lain kualatan eta makam geus neundeun catetan hirup kuring jaman
baheula. Tapi kualatan rasa kasieun nu nyangkaruk na hate leutik kuring mun
jaganing geto, kualatan kalakuan sabahagian warga nu geus ngaruksak makam Si
Eyang, sakumna warga baris kabarerang.
Jeung tetela geuning sual kasieun kuring tadi teh sarua pada dirasakeun ku
sakumna warga lembur. Atuh waktu kuring ngayakinkeun yen mamalana isuk
jaganing geto pasti aya dina mangsa jama'ah masjid pada ngaromongkeun
mamala nu mungkin baris datang maranehna ku akibat amarah Eyang Jayalalana
nu tempatna geus diburak-barik tea, manehna langsung pada percaya.
"Sok bae, pan ayeuna Mang Kemen bae mun erek ka sawah teh sok
manggihan bae oray hideung. Padahal pan ti makam teh sawah si emang mah rada
anggang." ceuk kuring bari ngalieuk ka Mang Kemen nu harita milu dina riungan.
"Bener. Matak mun rek ka Citanduy, kuring mah tara ngaliwat ka palebah
sawah Si Emang. Sok nguriling bae. Da sok manggihan bae oray." Ceuk hiji
jama'ah mairan.
"Naha nya jadi kitu? Na eta teh oray piaraan Si Eyang kitu?" Ceuk nu liana
teu bisa nyamunikeun rasa kasieun.
Kuring ngan saukur seuri. Ku alatan nu dimaksud ku kuring mah lain
mamala nu siga kitu. Lain pikeun ngabahas sual oray nu cenah, waktu akar Kiara
nu geus dituar keur dibongkar pada kalaluar ti handapeun akar, bet ujug-ujug loba
kalaluar oray hideung, Sabab hal na eta oray, ceuk kuring mah pantes bae rek aya
bae katempo oge, da pan ti baheulana oge eta makam teh enggonna oray. Buktina
bareto oge pan warga lembur nu ngadon ka eta makam meh sarerea kungsi
manggihan oray. Demi ayeuna tepi ka nyebar ka sawah-sawah nu aya di sisi
makam -siga sawah Mang Kemen, pantes bae pan enggonna geus pada di ruksak.
Nu dimaksud ku kuring mah mamala nu sejen. Nu leuwih rohaka ti batan
mamala alam nu malah, sok sanajan sakumna jamaah masjid tacan sadar yen eta
teh mamala ku alatan tina makam nu geus koredas tangkal badagna. Leuwih
rohaka tibatan tina ngajadi panasna masjid akibat sumorrotna panon poe di wanci
asar nu langsung asup ka masjid sanggeus masjid teu kapindingan deui ku
linduhna daun kiara. Nyaeta sual bakal datangna mamala moral.
Enya. Sok sieun sanggeus dijadikeun taman makam, makam nu tadina
dipusti-pusti ku urang lembur salaku makam karamat, makam suci, isuk jaganing
geto antukna dijadikeun tempat bobogohan ku kaum rumaja di lembur, malah ti
lembur batur. Beh dituna malah dijadikeun tempat mesum siga Taman makam-
taman makam nu aya di kota.
Kitu!
Nu matak aneh pikeun diri kuring mah, na naon alesanana demi eta bahaya
di luhur teu make dibalitungkeun heula ku dua jalma nu geus nyeponsoran eta
pagawean. Da, salaku jalma-jalma pinter, asa teu mungkin mun pasualan nu
pikeun jalma siga maranehna kacida basajanna kitu make teu kapikiran ku dirina.
UNSUR INTRINSIK
Tema : Lingkungan
Judul : Carita di hiji makam
Tempat/Latar : Lembur kuring,dihiji makam
Palaku : Kuring,eyang jalalana,adi lanceuk ti kota,warga lembur
Watak Palaku :
1.Kuring : Perduli kana lingkungan lemburna,pinter,bijaksana bisa
ngabedakeun mana nu bener jeung salah,teu kagoda ku kahirupan kota,lemah
lembut,wanian.
2.Eyang Jalalana: Jasa na gede yen bisa muka leuweung jadi hiji lembur kawas
ayuna.
3.Adi lanceuk ti kota: beunghar,pinter/intelek,tapi sabodo wae heunteu nimbang-
nimbang heula kaputusan anu matak jadi bahaya kangge lembur eta.
4.Warga : Sieunan,percaya teuing kana tahyul.
Kasimpulan : Urang anu hirup di dunya kudu hanya percaya kana takdir anu
ditentukeun gusti Allah. Teu kenging percaya kana tahyul anu dijieun-jieun.komo
jadi musrik.nu namina makam teu aya istilah makam karamat,sadaya makam
oge sami wae.da anu hirup pasti maot.anu diinget mah ngaran sarenv kalakuan
anu bener samasa hirup/jasa na.tapi ulah urang jadi ngapusti-pusti atawa
ngajadikeun istimewa.komk di jadikeun tempat musrik yen neangan kekayaan.

Anda mungkin juga menyukai