DINAS PENDIDIKAN
SD NEGERI CIPAMOKOLAN 1
Jl. DERWATI NO. 40 KEC. RANCASARI
NAMA : Nilai :
Isuk keneh barudak teh geur ngagarimbung di sakola. teeeet teeet teeet...!
Barudak ribut muru ka hareupeun kelasna masing-masing, baris heula. Tuluy ku ibu guru
diparios kuku, baju seragam, beubeur jeung sapatu.
Hey Mardi, Naha sapatuna bet bodas? kapan kuduna oge hideung, kaos kakina anu bodas,
"saur bu guru"
Sapatu anu itu baseuh bu, kamari kahujanan, tembal mardi.
"Naha kahujanan sosoranganan? lain batur oge sarua kamari teh kahujanan? "saur ibu
guru deui
Mardi tungkul teu nembalan. Sok rek balik deui di ganti sapatu atawa cicing didieu, tapi
teu meunang asup ka kelas, ngandung harti teu meunang milu diajar, saur bu guru.
Ieu aturan teh mangrupa tata tertib sakola, lamun ku hidep dirumpak ngandung harti
hidep geus salah. Sok ayeuna mah itung-itung kawijaksanaan ti ibu, karunya hidep rek
ulangan, meunang asup tapi sapatuna di buka, wayahna nyeker wae. Saputa teundeun di
kantor guru, engke ari rek balik disampeur, jeung poma ulah sakali-kali deui. Bu guru
nyeukseukan Mardi, Muhun bu, ceuk Mardi lalaunan bari terus ngalaan sapatuna.
1. Ieu anu kaasup huruf kapital (aksara ageung) anu bener nyaeta....
A. budi murid kelas dua
B. Budi murid kelas dua
C. budi Murid kelas dua
2. Ieu anu kaasup huruf kapital (aksara ageung) anu bener nyaeta....
A. Dadan tumpak sapedah
B. dadan Tumpak sapedah
C. dadan tumpak Sapedah