Anda di halaman 1dari 2

PEMERINTAH KABUPATEN BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
KOORDINATOR WILAYAH KECAMATAN BOJONGSOANG
SEKOLAH DASAR NEGERI DANABHAKTI
Alamat : Jl. Sapan Gudang Desa Tegalluar Kec. Bojongsoang Kab. Bandung 40287

PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS) SEMESTER 2


TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Mata Pelajaran : Basa Sunda Nama : _____________________


Kelas/ Semester: II (Dua)/ II (Dua) Hari/ Tanggal : _____________________

TATA TERTIB DIAJAR


Isuk keneh barudak teh geur ngagarimbung di sakola. teeeet   teeet   teeet...!
Barudak ribut muru ka hareupeun kelasna masing-masing, baris heula. Tuluy ku ibu guru diparios kuku, baju
seragam, beubeur jeung sapatu.
Hey Mardi, Naha sapatuna bet bodas? kapan kuduna oge hideung, kaos kakina anu bodas, "saur bu guru"
Sapatu anu itu baseuh bu, kamari kahujanan, tembal mardi.
"Naha kahujanan sosoranganan? lain batur oge sarua kamari teh kahujanan? "saur ibu guru deui
Mardi tungkul teu nembalan. Sok rek balik deui di ganti sapatu atawa cicing didieu, tapi teu meunang asup ka
kelas, ngandung harti teu meunang milu diajar, saur bu guru.
Ieu aturan teh mangrupa tata tertib sakola, lamun ku hidep dirumpak ngandung harti hidep geus salah. Sok
ayeuna mah itung-itung kawijaksanaan ti ibu, karunya hidep rek ulangan, meunang asup tapi sapatuna di buka,
wayahna nyeker wae. Saputa teundeun di kantor guru, engke ari rek balik disampeur, jeung poma ulah sakali-kali
deui. Bu guru nyeukseukan Mardi, Muhun bu, ceuk Mardi lalaunan bari terus ngalaan sapatuna.

                                                                                                                   Kengeng : Ade wikana


I. Jawab pananya di handap ieu!
1. Naon judul bacaan di luhur?
Jawab :___________________________________________________________________________________
2. Dimana barudak barisna?
Jawab :___________________________________________________________________________________
3. Naha Mardi make sapatu bodas?
Jawab :___________________________________________________________________________________
4. Wayah kumaha barudak geus ngagarimbung di kelas?
Jawab :___________________________________________________________________________________
5. Naon wae anu diparios ku ibu guru teh?
Jawab :___________________________________________________________________________________

II. Cakra  (X)  huruf a, b atawa c  dina jawaban nu bener!


6. Ieu anu kaasup huruf kapital (aksara ageung) anu bener nyaeta....
   a. budi murid kelas dua    b. Budi murid kelas dua    c. budi Murid kelas dua

7. Ieu anu kaasup huruf kapital (aksara ageung) anu bener nyaeta....
   a. Dadan tumpak sapedah    b. dadan Tumpak sapedah c. dadan tumpak Sapedah
  
8. Anu kaasup kalimah pangajak nyaeta....
   a. Din, urang maen bal, yu!  b. Didin keur maen bal. c. Keur naon Din?

9. Anu kaasup kalimah pangajak nyaeta....


   a. "Urang ucing-ucingan, yu!    b. barudak keur naon?    c. Barudak keur ucing-ucingan.
10. Jadi budak mah salawasna kudu berseka. berseka hartina....
   a. teu beresih    b. kotor    c. beresih

Pikeun ngajawab soal no 11- 15


Obrolan Bangkong jeung Mujaer
Dina hiji balong, aya sakadang Bangkong keur nangkod dina daun tarate. Beungeutna katembong sepa
berdiri aya kabingung. Torojol Mujaer ti jero balong. Pok manehna nanya, “ kunaon maneh, kong, jiga nu
bingung?”.
“Puguh kaula teh mangbingungkeun ku polah manusa. Manusa teu ngajenan ka sasama, asal ngeunah ka dirina.
Ka sato resep ngagunasika,” walon Bangkong dareuda.
“Ah, urang mah pasrah we ka Pangeran da teu daya teu upaya. Geus nasib titis tulis ti ajali,”
Walon Mujaer anteb pisan.

11. Naon judul cerita di luhur….


a. Obrolan Sapi jeung Kuda
b. Obrolan Bangkong Jeung Mujaer
c. Obrolan Ucing jeung Muajer

12. Mujaer salah sahiji ngaran....


a. lauk b. kembang c. buah

13. Saha anu ngobrol dina eta dongeng….


a. Bangkong jeung Mujaer b. Maung jeung Domba c. Peucang jeung Maung

14. Dina naon Bangkong nangkod….


a. daun cau b. daun Limus c. daun tarate

15. Mujaer torojol dina….


a. taneuh b. ti jero balong c. daun tarate

16. Acuk kotor kedah....


  a. dikumbah b. diseuseuh c. diistrika

17. Abdi nuju neda, bapa nuju....


  a. tuang b. emam c. mayor
  
18. Nani, urang balik ti heula yuk !
Kalimah diluhur ka asup kalimah ......
a. parentah b. pananya c. pangajak

19. Kalimat nu bener nulis na nyaeta....


a. Dini Calik sareng Sita b. Dini calik sareng Sita c. Dini calik sareng sita

20. Sangkan teu katerap panyakit urang kudu ngajaga....


a. keberesihan b. kadaharan c. kawajiban

III. Eusian titik-titik di handap ieu!

21. Upami hoyong pinter kedah rajin.....

22. Barudak teh geus tepi kanu dituju. Dituju hartina....

23. Mardi rek nganjang kaimah babaturanana. nganjang hartina....

24. Sapatu teh ayeuna mah awis, kapungkurna mah....

25. Nu tugasna ngajaga gawang nyaeta....

Anda mungkin juga menyukai