Anda di halaman 1dari 7

1

‫علَ ْي ُك ْم َو َرح َمةُ هللاِ َوبَ َر َكات ُ ْه‬


َ ‫سالَ ُم‬
َّ ‫اَل‬
x٩ ُ‫اَلل‬
‫اَ ْكبَ ْر‬
‫ َو َحقَّقَ ا َمالَـــ ُه ْم‬. ‫س ْعيُ ُه ْم َم ْش ُك ْو ًرا‬ َ َ‫ فَ َو َجد‬.‫طا َع ِت ِه‬ َ ‫ام ِليْنَ ِب‬ ِ َ‫لل الَّذِى َوفَّقَ ْالع‬ ِ ُ‫ا َ ْل َح ْمد‬
‫ا َ ْش َهدُ ا َ ْن‬. ‫صبَ ُروا َجنَّةً َو َح ِري ًْرا‬ َ ‫طا ًء َم ْوفُ ًرا َو َجزَ ا ُه ْم ِب َما‬ َ ‫ فَ َمنَ َح ُه ْم َع‬. ‫ِب َر ْح َمتِ ْه‬
ُ‫الَاِلَهَ اِالَّهللاُ َو ْحدَه‬
‫ض‬ ِ ‫ت َواْالَ ْر‬ ِ ‫ــوا‬ َ ‫س َم‬ َّ ‫ذي لَهُ ُم ْلكُ ال‬ْ َّ‫ اَل‬.‫ص َم ْد‬ َّ ‫ض ال‬ ُ ‫ ا َ ْلفَ ْر‬.‫احدُ اْالَ َح ْد‬
ِ ‫الَ ش َِري َْك لَهُ ْال َو‬
.
‫ش ْيءٍ فَقَد ََّرهُ ت َ ْق ِدي ًْرا‬ َ ‫ َو َخلَقَ ُك َّل‬.‫ــل ِك‬ ْ ‫َولَ ْم يَت َّ ِخ ْذ َولــَدًا َولَ ْم يَ ُك ْن لَــهُ ش َِري ٌْك فِى ْال ُم‬
‫هللا فَقَ ْد‬
ِ ‫ــو‬ َ ‫َّاي ِبت َ ْق‬
َ ‫ص ْي ُك ْم َواِي‬ ِ ‫س ْولُ ْه ( ا َ ّمـَا بَعدُ ) ا ُ ْو‬ ُ ‫وا َ ْش َهدُ ا َ َّن ُم َح َّمدًا َع ْبدُهُ َو َر‬. َ
‫ان‬
ِ ‫ط‬ َ ‫ش ْي‬َّ ‫ع ْوذُ ِباللِ ِِ ِمنَ ال‬ ُ َ ‫ان ْال َك ِريْم ا‬ِ ‫ـــر‬ْ ُ‫ قَا َل هللاُ تَعَلَى فِى ْالق‬. ‫فَازَ ْال ُمـــتَّقُ ْون‬
‫الر ِجي ِْم‬
َّ
‫ي َع ِن‬ ٌّ ‫س ِب ْيالً َو َم ْن َكفَ َر فَإِ َّن هللاَ َغ ِن‬ َ ‫ع ِإلَ ْي ِه‬ َ ‫طا‬َ َ ‫ت َم ِن ا ْست‬ ِ ‫اس ِح ُّج ْالبَ ْي‬ ِ َّ‫لل َعلَى الن‬ ِ ِ ‫َو‬
َ‫ْالعَالَ ِمين‬

Allohu akbar 3x
Para hadirin kaum muslimin /muslimat rohimakumulloh !

Dina enjing enjing ieu urang sasarengan ngarayakeun hari raya ‘idul adha atawa idul
qurban taun 1437 Hijriah, atawa 2016 Masehi . Ngagungkeun Asmana Allah, ku tahmid,
takbir, tahlil, sabage rasa syukur /ngagungkeun mantenna.

Kaistimewaan lebaran haji ‘idul qurban , tibatan ‘idul fitri, nyaeta kusabab waktuna
bareng jeung upacara munggah haji di tanah suci .Dina hal ieu aya dina rupa ibadah anu
beda jeung tempatna oge beda , nyaeta:

Kahiji , khusus di baetulloh jeung tempat tempat suci sakurilingeunana,di ayakeun


ibadah haji. jama’ah haji anu tungkeb ti sa’alam dunya islam ,ngalakukeun thowaf ti
sakurilingeun baetulloh (ka’bah), kumpul di padang ‘arofah, ngarereb dimuzdalifah, terus
nimbul jumroh di mina, jeung ngabagikeun daging qurban keur faqir miskin, salaku tanda
syukur ka alloh swt. Kukituna timbul rasa sikep ngahiji, silih bantu paheyeuk heuyeuk
leungeun dina kahadean jeung kamajuan kaom muslimim saumumna.

Kadua, umum di satungkebing langit satangkaraking jagat, anu jauh anu deukeut
,anu beda beda bangsana ,di ucapkeun takbir timimiti rengse solat subuh tina poean
2

‘arofah nepika tanggal 13 poean tasrek. Kalimah takbir di ucapkeun babarengan kalawan
khusyu, patarik tarik, nuduhkeun kayakinan aranjeuna ka alloh swt , teu aya pangeran
anging alloh ,teu aya nu lewih agung salianti Alloh, teu aya nu leuwih mulya salianti alloh .

Ku ngalaksanakeun sholat ’idul adha berjamaah di lapang atawa di masjid, di


teraskeun ku motong ‘qurban , di bagikeun ka fakir miskin ,eta ngabuktikeun sikep ta’at ka
Alloh swt. Pikeun ngabantu sasama manusa kalawan pinuh ku ka ikhlasan , jeung
ngancurkeun hawa nafsu anu sifatna egois, resep mentingkeun diri sorangan .

Allohu akbar3x

Kitu katerangan anu ngagambarkeun kaluhungan ibadah haji , anu jadi rukun islam
anu kalima.

Nalika jamaah haji ngalakukeun ibadah haji di mekah (di tanah suci),di sakuliah
dunya dilangsungkeun solat ‘idul adha kalawan berjamaah, bari di teruskeun kana motong
qurban .Disatungkebing langit satangkaraking jagat anu pusatna di tanah suci
mekah,dipinuhan ku sumanget iman/kayakinan ,teu eureun eureun ngaguruh sora takbir
“allohu akbar allohu akbar allohu akbar”.

Dina salah sahiji hadits di terangkeun :

ُ َ‫صغ َُر َوالَ أ َ ْد َح ُر َوالَ أ َ ْحقَ ُر َوالَ أ َ ْغي‬


ُ‫ظ ِم ْنه‬ ْ َ ‫ان يَ ْو ًما ُه َو فِي ِه أ‬
ُ ‫ط‬َ ‫ش ْي‬
َّ ‫ي ال‬
َ ِ‫َما ُرئ‬
َ‫ِفي يَ ْو ِم َع َرفَة‬
Tacan pernah kajadian setan katingalina kacida leutikna ,kacida hinana,kacida
ngun-gunna jeung dipikaceuceub ,saperti halna dina waktu hajji ,ti mimiti poe arofah
tanggal 9 dzul-hijjah nepika tanggal 13.

Allohu akbar 3x

Dina al-quran Alloh ngadawuh kieu :

‫َّللا فَ ُه َو َخي ٌْر لَهُ ِع ْندَ َر ِبّ ِه‬


ِ َّ ‫ت‬ ّ ِ َ‫ذَ ِل َك َو َم ْن يُع‬
ِ ‫ظ ْم ُح ُر َما‬
Eta teh timbalan alloh.sing saha anu ngagungkeun saniskara anu di sucikeun ku
alloh,nya leuwih hade eukeurna mungguhing pangerana .

Dawuhan deui :

ِ ‫َّللا فَإِنَّ َها ِم ْن ت َ ْق َوى ْالقُلُو‬


‫ب‬ ِ َّ ‫شعَا ِئ َر‬ ّ ِ َ‫َو َم ْن يُع‬
َ ‫ظ ْم‬
Eta teh timbalan alloh,sing saha anu ngahormat (ngagungkeun) kana syi’ar syi’ar
Alloh nya saestuna eta teh medal tina taqwaning ati.
3

Imam Ghozali nerangkeun, yen ku ibadah munggah hajji jalma mu’min nuduhkeun
kana kasonoanana ka gusti Alloh , Kampungna di tinggalkeun ,harta kakayaannana di
tinggalkeun sakabeh baraya , tatangga , sobat, ditinggalkeun indit nyebrang lautan, atawa
mapai daratan naek kendaraan , atawa leumpang , atawa hiber naek kapal terbang, ikhlas
rido karena Alloh ,sanggup nyanghareup sagala pangorbanan timiang nepika datang
katujuan tanah suci baetulloh ,samata mata bade ngabdikeun diri ka Alloh swt, anu dina
hate nuranina hayang pependak sareng alloh swt , dina harti hate nurani anu taqorrub
(deukeut ka Alloh swt).

Syaekhul islam ,Ahmad bin Abdurrohim nerangkeun : loba pisan jalma anu hayang
meakeun kasono ka pangeran, Mangpirang pirang jalma anu namplokeun kasono ka alloh
dina waktu solat sapopoena , beurang jeung peutingna , tengah peuting jumplang
jeumpling , tatangga tacan nyararing, manehna nyaring babakti kanu maha suci. Cipanona
murubut maseuhan pipina , ngebrehkeun kasono ka gustina , kalawan hate anu khusyu ,
tapi tacan bisa namplokeun kasono anu nyedekeun napasna nepika sesek, cara ibadah
hajji.

Ibadah hajji mah, sagala kasono bakal tungkeb , sagala kasibukan anu ngaborong
sakabeh waktu di anggo amal ibadah ,hate pinuh ku rasa kupapayun payun sareng alloh
jeung di tempat anu suci ieu Kangjeung Nabi Ibrohim A.S. ampir 50 abad anu geus kaliwat
nyurahkeun ka ikhlasanana Ka Alloh SWT .

Para jamaah Haji , sagalana dilocotan tina pangaruh duniawi , pakean dilaan di ganti
ku pakean ihrom anu bersih , mulus, teu make kelir, teu make warna, jeung teu di kaput,
imah gedong di ganti ku kemah di padang ‘arofah .

Panon poe anu sakitu panasna ngabaketrak , atawa dilingkungan hawa tiis anu
nyecep kana sumsum balung , ngan ukur di halangan ku pakean ipis ( ihrom ).

Pagawean sapopoe diculkeun di ganti ku nimbul batu “jumroh“ salila tilu poe di Mina,
jeung terus kukurilingan tujuh balikan sabuder Ka’bah , lumpat nyigcrig “ Sa’i “ antara Sofa
jeung Marwah di mekah.
4

Hadirin kaum muslimin / muslimat rohimakumulloh !

Anu di terangkeun bieu diluhur eta ibadah haji, tapi disagigireun eta aya ibadah anu
sejena , nyaeta diuk tafakur di jero masjidil harom sababaraha lilana. Disagigireun eta,
Jamaah haji tiasa ngagunakeun waktu indit ka Kota Madinah, Maksud jarah ka makom
Kanjeung Nabi Muhammad Saw.

Sanggeus di godog sababaraha poe, kalawan teu nunggu komando ti sasaha, tapi ku
kahayang di siplin hate sorangan, pasti jadi jalma anyar anu di eusi rohanina ku iman anu
kuat, anu bisa ngalahirkeun amal soleh.

Salaku jalma anyar, dimana balik ka masyarakat di lemah caina, (masing masing
nagarana ) jadi jalma muslim hajji, ,anu geus puas sosonoan sareng Allah, anu pernah jadi
tamu Alloh salila ibadah hajji. Jeung geus terlatih pikeun beramal soleh ka Alloh jeung ka
papada manusa .

Hajji mabrur anu jadi idola para jama’ah hajji ,sing kabandang ku dulur dulur urang
anu bade marulang ka masing masing pasarakanana ,kalawan boga ciri anu mandiri , sabage
tanda hajji mabrur, sakumaha anu di terangkeun dina kitab addinu wal hajju anu kieu
unggelna: ِ ‫صالَةِ َم َع‬
َ‫اال َم ِام بَ ْعد‬ َّ ‫ج ْال َمب ُْر ْو ِر َو ْال َم ْقبُ ْو ِل ا َ ْن يُدَا ِو َم َعلَى ال‬ ِ ّ ‫َو َعالَ َمةُ ْال َح‬
‫سعَائِ ِر ال ِدّي ِْن الخ‬ ِ ُ‫سك‬
َ ‫ب‬ َّ ‫ف َويَ ْن َهى َع ِن ْال ُم ْن َك ِر َويَت َ َمــ‬ ِ ‫َع ْودَتِ ِه َويَأ ُم ُر ِب ْال َم ْع ُر ْو‬
Jeung ari tandana hajji mabrur atawa maqbul nyaeta : ngadawamkeun kana solat
sarta iman (berjamaah) Sabada sawatara ku tukang mah, sok resep neler neler kana
berjama’ah.

Jeung sok daek (wani) marentah kana kahadean ,sakurang kurangna sok daek turut
kajalma nu sok marentah kana kahadean .

Jeung sok daek (wani) nyegah kan kagorengan, sakurang kurangna sok daek narima
panggeuing dimana dirina nincak kana kagorengan .

Jeung sok daek ngokojoan kana nyamarakkeun syi’ar syi’ar agama islam, kayaning
ngokojoan kana pangajian pangajian , dina raraga mieling hari hari besar islam
,daek ngokojoan dina pangwangunan sarana tempat ibadah atawa tolabul il’mi
jeung sajabana . Sakurang kurangna daek di kokojoan ku batur .
5

Aya deui katerangan anu sejena anu aya dina kitab idloh manasik di antara ciri hajji
mabrur (maqbul) teh nyaeta :

ِ َ‫َو ِم ْن َعال َم ِة ْالقَبُو ِل أ َ ْن يَ ْر ِج َع َخي ًْرا ِم َّما َكانَ َوال يُعَا ِودُ ْال َمع‬
‫اصي‬
Jeung tiantarana tanda hajji maqbul teh nyaeta dimana mulang ,mulangna kana
Kahadean ,henteu malikan deui kana kama’siatan (kagorengan)

Di taros Rosulluloh saw :

َّ ‫الطعَ ِام َو ِإ ْفشَا ُء ال‬


‫سال ِم‬ ْ ‫ ِإ‬:‫ َما ِب ُّر ْال َح ّج؟ قَا َل‬،‫َّللا‬
َّ ‫طعَا ُم‬ ُ ‫ يَا َر‬:‫قَالُوا‬
ِ َّ ‫سو َل‬
ِ
Yaa rosulalloh !

Nu kumaha hajji mabrur teh ? dawuh rosul : sok daek mere maweh (dahar )jeung sok
daek nyebarkeun uluk salam .

Atawa : ْ ‫الطعَا ْم َوتَ ْركُ ْال َكالَ ْم اَلَّذ‬


‫ِي فِ ْي ِه‬ ْ ِ‫ا‬
َّ ‫طعَا ُم‬
ِ ‫ْال َم ْع‬
‫صيَّة‬
Sok daek mere maweh ( dahar) ,jeung sok tinggal tina caritaan carutaan anu
saeusina eta caritaan teh wungkul kagorengan

Atawa hajji mabrur teh eta dimana mulang ; ‫ط َمأْث َ ُم‬


ُ ‫الَ يُخَا ِل‬
Henteu nyampur adukeun toat jeung basilat ,(hade jeung goreng ), jelasna mah teu
jadi hajji sagala osok

Para hadirin rohimakumulloh !

Entong kapalang bela , ka dulur dulur urang anu nuju aribadah hajji ,anu sakedap
deui bakal marulang ka lemah caina masing masing , bakal kumpul ngariung deui sareng
urang , hususna sareng kulawargana .

Mugi mugi dina raraga persiapan mulangna teh salamina aya dina bingbingan Alloh
swt, sing di rohmatan ,di salametkeun tina rupi rupi bancang pakewuh, salamet di
perjalanannana ,kalayan leres leres kenging titel hajji mabrur atawa hajji maqbul .

Amin yaa robbal ‘alamin .............


6

Teu kakantun ka para jama’ah anu maot sabilillah, maot syahid anu mungkin balik
ngarana bae ka masing masing kulawargana , mugi mugi kulawargana aya dina kakiatan
iman ,sobar, sadar ,kana papasten ti Alloh swt ,anu tumiba ka jama’ahna.

Sabenerna taya karugian mungguh jangji Alloh ka para jamaah hajji anu maot nalika
ibadah hajjina, estu aya dina jaminan Alloh swt

Sakumaha hadits rosul anu diriwayatkeun ku Ibnu Jurej sarta sanad anu hasan (alus)

, ‫ج أ َ ْو ُم ْعت َ ِم ٍر‬
ٍ ّ ‫ْت ِم ْن َحا‬ َ ‫ َم ْن خ ََر َج يَ ُؤ َّم َهذَا ْالبَي‬، ‫الم‬ ِ ‫اإل ْس‬ ِ ُ‫َهذَا ْالبَ ْيتُ ِد َعا َمة‬
‫ َو ِإ ْن َردَّهُ أ َ ْن يَ ُردَّهُ بِأ َ ْج ٍر‬، َ‫ضهُ أ َ ْن يُ ْد ِخلَهُ ْال َجنَّة‬ ِ َّ ‫ض ُمونًا َعلَى‬
َ َ‫َّللا ِإ ْن قَب‬ ْ ‫َكانَ َم‬
‫َو َغنِي َم ٍة‬
Hartina : tah ieu ka’bah (baetulloh) ,tihangna islam............Sing saha anu kaluar
,ngajugjug ka ieu baetulloh , naha ti golongan hajji atawa tigolongan umroh,
maranehna aya dina jaminan Alloh .mung seug maot ,manehna bakal; di asupkeun
ka surga. jeung lamun manehna balik ka lemah caina, balikna mawa ganjaran
jeung ka untungan anu gede pisan.

Cag nepi kadinya ngabeberkeun pirang pirang kabagjaan anu ngalaksanakeun ibadah
hajji , kalawan dasarna ikhlas karena Alloh swt., bari nyandak bekel nu utama , nyaeta taya
lian iwal ti mawa bekel taqwa ka Alloh swt , anu tangtu balikna oge mawa oleh oleh ladang
modal taqwa.

Muga dulur dulur urang dimana marulihna deui ka pasarakananana, ulah mawa
leungeun kosong , tapi sing angkaribung ku rupa rupa buah tangan anu mangpaat, keur
hirup di dunya jeung hirup di akherat amin......... Aranjeuna sing jadi conto dina sumangetna
taat ka gusti Alloh, jeung jadi conto anu sae dina ucap lampahna pikeun kulawargana , keur
balarea dina umumna .amin..........

Para hadirin sabage tamu Alloh swt, dimana rengse solat ‘idul adha ieu , taya deui
amal anu leuwih utama tibatan meuncit qurban.

Qurban dina basa arabna di ngaranan udhiyah jeung lebaran rayagung di ngaranana
’idul adha , sabab eta qurban di pigawena dina waktu pecad sawed , saba’da solat lebaran
dina waktu duha .

Hukumna sunat mua’kad, pikeun anu boga domba atawa mampuh meuli domba .
7

Upama qurban ku sapi eta manjing tujuhaneun tina hiji sapi . Tapi dina pirang pirang
kitab ,khusus dina kitab bughiyatul –mus tarsyiddin ditetela keun ; yen qurban ku sapi eta
teu leuwih utama batan ku tujuh domba . Jadi upama urang qurban ku tujuh domba,
leuwih utama batan ku hiji sapi.

Qurban bakal tetep sunat hukumna , upama teu di nadzarkeun . mangka sing saha
anu qurban nyumponan nazdar, eta haram nuang daging qurban manehna .

Kaasup nazdar upama kecapna kieu; “mun seug tea mah kahontal cita cita ,taun ieu
kuring rek qurban” . Oge ka asup nadzar upama nyarita atawa di carita caritakeun kanu
sejen yen dirina rek qurban . sanajan eta daging qurbana bisa di dahar sabagian dirina ,
tapi upama nadzar maka haram manehna ngadaharna.

Sing saha jalma anu mampuh qurban tapi teu qurban , mangka manehna di benduan
ku Rosululloh , sakumaha dina hadits anu kieu unggelna

‫صالَّنَا‬
َ ‫ح فَالَ يَ ْق َربَ َّن ُم‬ َ ُ‫سعَةٌ َولَ ْم ي‬
ِّ ‫ض‬ َ ُ‫َم ْن َكانَ لَه‬
Sing saha anu mampu qurban tapi teu qurban ,eta jalma ulah ngadeukeutan pangsolatan
kaula

Ieu hadits nerangkeun , yen Rosululloh swt kacida mentingkeunana kana qurban , malah
dina kitab zadul – maad di terangkeun ,yen mantena teu pernah tinggal qurban .

Ari sato ,domba anu keur qurban teh di terangkeun ku Rosululloh saw ulah ;

Nu pecak sarta nyata pecakna َ ‫اَ ْل َع ْو َرا َء ْالبَيِ ُّن‬


‫ع ْو ُرهَا‬
Anu gering sarta nyata geringna ُ ‫ْض ْال َب ِيّنَ َم َر‬
‫ض َها‬ َ ‫َِ ْال َم ِري‬
Anu pincang sarta atra pincangna . ‫ض ْلعُ َها‬
َ َ‫اَ ْلعُ ْر َجا َء ْالبَ ِيّن‬
Anu leuleus sukuna,anu begang. ‫َو ْالعُ ْجفَا َء الَّتِى الَ ت َ ْنقَى‬
Akhirna muga muga amal ibadah urang ayeuna di tampi ku Alloh swt, kalayan
kenging pangampura sadaya mu’minin /mu’minat ,muslimin /muslimat ,anu masih keneh
harirup ,boh anu parantos maraot, mugi mugi salamina urang aya dina jalan mardotillah
Sarta dimana datang ajal , urang sing kalebet golongan husnul –khotimah .amin..........

‫بَا َر َك هللا ُ ِلى َو َل ُك ْم‬

Anda mungkin juga menyukai