Anda di halaman 1dari 3

WAKTU KURING LEUMPANG MAPAI MAPAI GANG, teu di sangka ti anggalna, pas palebah

pacilingan ceu atik, ujug ujug aya nu ngocepat, hiliwir ,ka angseu aya bau teu pararuguh,
disusul ku sora nu ngaharurung, , kuring reuwas , nepika hampir kapiuhan, bari babacaan di
sidik sidik palebah nu poek , tiba tiba,,,,,,

wanci sareupna , kaayaan hujan ngaririncik, maksud rek kajalan rek meuli dadaareun, tapi da
euweuh nu dagang' teu disangka suku bet hayang meuli nasi kuning , palebah ibu mantri bet
panon sareretan ningali nu hurung, bari ucang angge dina dahan kai , di sidik sidik manehna lir
ngajak seuri , kuring reuwas , torojol aya sora motor ka kulonkeun , eta nu tadi ucang angge teh
kasorot ku lampu motor tetela.

cikupa , dileugleug hideungna peuting, hawar hawar sora obras, di tema ku ngaberebetna
mesin bordel, di wuwuh ku ngaguruhna mesin kaput, kuring mapai mapai jalan gede nu meulah
lembur, maksud kakulonkeun, maksud rek katoko , ngan hanjakal tutup , jalan istuning sepi,
ujug ujug....

kira kira wanci ba,da isya, kuring kaluar tina gang , lempang saeutik kawetan, ret kana hiji gang
anu brasna kalapang poli,kasorot ku lampu lima watt nu ngagantung dina tungtung gang ,
kareret aya nu keur cingogo, dina teteclean, buukna ngarumbai nyapuan jalan,teulila mnehna
jung nangtung , noyod ka tonggoh , bari nyingsatkeun sampingna, ,,, ujug ujug....

kira kira wanci janari leutik, kuring korejat tina sare, jrut kuring tina dipan , muru kadapur rek
nyokot inumeun, keur jongjon jongjon ,kadenge aya sora nu keketrok kana panto,hareup, bari
ngomong eungap eungapan..., hiliwir kaambeu bau benga sedap malam , disusul ku bau
bangke nu kacida bangsengna , di intip dina sela sela reregan, ,,,astagpirulloh, tetela
genigan.....

angin peuting nu ngoyagkeun tangkal awi nu aya tonggoheun lembur, kadenge ngeresek kana
ceuli, jrut turun bari mukakeun panto dapur nu brasna ka pasawahan, kadenge ti jauhna aya nu
humarurung sora awewe atra pisan, disusul ku sora nu ngageleber, , blak panto jandela muka
sorangan..., kaciri aya nu gugulayunan, .. rupana teu pati jelas ngan sidik aya sihungan, ana di
deukeutan ujugujug....

pasosore hujan turun, guludug leutik patema tema, lir nu ngeusian kana jemplingna sore
ayeuna, blak panto kamar di buka , bari jerona lamunan mikiran hutang ka warung yani. bray
kabayang gehu haneut ceu mimi, pili genti jeung baso mang opa, tapi bati kumetap, rumasa ku
nasib diri nu keur teu boga duit . teu karasa ditukang aya nu noel, astagfirulloh.........

basa suku ngalengkah mapai mapai galengan sawah, panon poe geus tunggang gunung
hampir rek surup. ret kapilemburan,ana gebeg teh , diluhureun kenteng imah si soden aya hiji
sososk anu keur ucang angge. geleber hiber kapancalikan cle dina tangkal mahoni. ngeh seuri ,
kadenge bangun ku nyikikik nleutik , ramo nu kukuna parankang teh jiga nu ngagupayan. em.....
boa boa

cai walungan ,handapeun sasak rawayan kaciri umpal umpalan, batu dua meh teu katimbong di
lentab ku motahna ciwidey mangsa harita nu geus reupreupan poek. clak suku mapai papan
rawayan nu oyag oyagan, suruwuk aya nu nyuruwuk dina dapuran awi leuwi notog, sareret
kaciri aya nu noyod katonggohnakeun, rupana bleg nini nini tengah tuwu, ujug ujug.....

jarum border nu satia kaluhur kahandap


satia mapai mapai rubakna kaen kacinta di pinuhan
ku benang kasih sayang. tapi hanjakal geningan mineng
pegat di tengah jalan. teu lila di asupkeun kalayan lemah lembut
di dukung ku rancingeus na panon . opelan di jepit pageuh ku kanyaah
ditilaman ku kaen keras silih hargaan . mudah mudahan ieu kaen kacinta
ngawujud gambar nu endah sanajan ngaliwatan pirang pirang cocoba

cai walungan ngagulidag taya reureuhna, meh sapeupeuting hujan turun teu eureun eureun, ret
kaluar , siraru ngagimbung lampu bangun ku genah, ret ka dapuran awi, kaciri hiji awewe make
baju sing sarwa bodas, buukna ngarumbay kahareup ,meh beungeutna teu kaciri, tetela
geningan.......

ain gera, basa reup sareupna, kuring leumpang mapay mapay gang, ari pas lebah nu poek,
karerek aya nu keur nyaliksik bari dongko, beungeutna teu kaciri, katutupan ku buukna nu
panjang jeung gimbal, ujug ujug, manehna tanggah lalaunan, di barung ku nyikikik, bangun ku
tarik pisan, atuh, ana kitu teh, kuring taki taki rek lumpat, singhoreng geninga..........n

dihandapeun lampu neon 5 watt , kuring ngadukduk na bangku mesin, bari panon ngawaskeun
tapak obras nu keur nganyam, serebung haseup jarum coklat ngelun lir kareta api , sasakali di
selang ku kopi luak sesa isuk isuk. ras ingeut bayareun ka ceu mimi urut gehu can kabayar ,
mayar listrik singhareupaneun, geus puguh ari hutang roko kopi mah ,harita ngadak ngadak
narembongan. jeprut benang obras pegat , ngeuingkeun lamunan kuring nu geus kaawang
awang .leungeun rumpa rampa kana wadah pingset, leuh kamana pingset .... euweuh . boa boa
ngahiji jeung bubuk obras .....

wanci ngagayuh tengah peuting ,hawa tiris di barung ku loba reungit , maturan kuring nu
ayeuna nangkarak sabari ngitung internit, ret kana hanca , gamis cukcrukaneun , tangan
kelimeun , kelek obraseun ....,,
sanajan awak rada gejed , gek wae diuk na jojodog mesin , cetrek di hurungkeun bari leungeun
gap kana hanca ....,,, berebet berebet sora mesin bangun tara di gemukan ... , bari mata
teuteup anteub ningali jarum nu kaluhur kahandap, sasakali ngulangkeun gunting nang nganjuk
ti Hj dadah 3 minggu can kabayar .., bari ngimpleng piisukaneun kamana nyiar gas... ,,,. peuting
beuki simpe meujeuhna sare ,,an isuk rek kakabupaten ... cikupa 20 september 2014

dibarengan mesin merk yamata, kuring meakeun peuting bari pinuh ku cimata , sakapeung
beuteung sok ngurubuk menta eusi sanajan sok aya nu dagang batagor jeung bakwan
hareupeun warung si abang, tapi dalah dikumaha balas teu boga artosna , hanca levis nu
ngagugunung nu padahal ngan 50 siki kudu bisa ka cuci poe jumaah, najan batur surak surak
dilapang kuring mah ngan bati euh wae ..., sakakali sok dilieukan sugan aya liweut gratis tapi da
euweuh , ... , da ari nganjukmah da puguh era geus buron aya sabulanna, meh catetan kriminal
can katutup keneh ...ngalangkungan ieu status nya kasaha kudu nambut artos

Innalillahi wainna ilaihi rojiun


Mulih kajati mulang ka asal
Di pundut kunu maha kawasa, parantos pupus pun hayam kulantaran di peuncit bieu, insya
Alloh bade di kurebkeun dina patuangan engke ba,da isya, mudah mudahan almarhum hayam
di tampi disisi piring anu rubak sareng lalabna , neda piduana mugia simkuring aya dina
kawaregan, oge ulah kamerkaan amin

waktu rieum rieum beungeut ,poe geus kasorenakeun. disusul hujan ngagebret maturan kuring
nu keur nyieun sakoder.hawar hawar kadenge seserelekan sora obras tatangga mungguh
waas.ras dina pikir aya balebat cikopi hideung sagelas ditinyuh ku cai panas saratus drajat
selsius bari leungeun ugup agap kana saku komprang horeng weuh sarebu rebu acan.
meureun geus nasib cikopi tinggal hayalan

wanci geus ngagayuh tengah peuting, nu kadenge saukur sora sato peuting ti lapang poli,
lantaran sungut kohal lantaran teu manggih kopi , maksudmah rek kasi abang . blak muka
panto bari lengkah mapai gang leutik rada poek sanajan di lampuan . ret ka kulon ret kawetan
kareret jalan cikupa nu anyar ngaspal . pas palebah roda mang suhandi kuring ngarenjag ,
ngadenge sora nu ngagorobas . gebeug hate teu puguh laku... boa boa...' kuring ngawani wani
maneh bari teu weuleh ngagigisik panon , satengah teu percaya singhoreng nu ngagorobas teh
ucing .......

Anda mungkin juga menyukai