Anda di halaman 1dari 8

Halimun Peuting

Karya  : Iskandarwassid

BULAN teh teu caang ngempray, kapulas ku mega bodas. Halimun peuting geus mimiti
ngarey, ngayapak kasiring ku angin gunung, ngarunkupan pilemburan, ngarungkupan
tatangkalan, dipapay sajumpluk-sajumpluk. Bumi alam beuki alum, haleungheum, sepa, jiga
pameunteu mojang gering ngareunggeuy. Peuting beuki simpe.
Nu tarunggu jagong geus teu kadenge heuyah-heuyahna deui, kari sora kokoprakna. Kitu ge
kapeung-kapeung, teu patempasan jiga tadi. Durukanana mah ngarelun keneh, pating peledug
ti unggal saung, arancal-ancalan di unggal mumungang pasir. Tayohna mah nu tarunggu teh
geus ngararingkuk. Atawa mun ngajarentul keneh pasti geus lelenggutan harupeun seuneu
durukan.
Kardana bangun rengkag-rengkog ayeuna mah leumpangna teh. Sakeudeung deui kudu
ngaliwatan lembur. Malah geus katinggali runggunukna, najan ngalamuk keneh. Imah Bah
iding tea eta teh, saanak – minantu. Lain lembur gede da ukur lima genep suhunan. Teu kudu
dipiwegah saenyana mah, da ku dua tilu renghap ge moal burung parat meuntas lembur
sagede kitu mah. Tapi tayohna teh manehna ingeteun  keneh, yen Bah Iding teh miara anjing.
Liwat kadinya mah tong boroning wayah kitu, magrib keneh ge tara elat digogog. Ana anjing
geus kadenge manting, Bah Iding teh tara elat turun, bari ngambang-ngamang bedog ruyung.
Da manehna mah sarena teh tara di jero mun teu di tepas – tukangeun saroja – tangtu
luhureun kandang munding.
Kasieun Kardana ge kitu jigana. Sabab mun ku itu tuluy disahakeun, manehna geus tangtu
kudu gancang  nembal. Kateuteuri susulumputan ge, ari geus kitu mah. Da saurang geus
nyaho mah tangtuna ge tuluy pabeja-beja, yen manehna geus balik deui. Tapi mun teu
diwaro, alamat dibetahkeun, da ka nu ngulampreng keneh tengah peuting mah saha nu teu
curiga. Rek nguriling, nguriling ka mana. Kukurubutan mipir-mipir lamping mah komo, moal
aya nu nyangka jalma bener.
Tapi sajeroning rengkag-rengkog kitu dak dumadak Kardana diberean caang pikir. Ceuk
ingetanana, sieun teuing digareuwahkeun anjing, da anjing mah ngaranna ge anjing. Saratus
kali satia ge kadunungan ari keur ceuyah usum jagong kieu mah piraku ngaringkuk wae di
golodog. Ninggang nu boga bongoh mah tangtu maling-maling da anjing  mah kabeukina ge
jagong ngora.
Teteg deui Kardana teh sanggeus boga pikiran kitu mah. Leumpangna ngingkig deui jiga
tadi. Teurarat-reret. Sup ka lembur. Reup poek, da kalingkup deui ku tatangkalan. Blig, blig
sora lengkahna asa malik ngagebringan ka sorangan. Ambekna dipengkek. Angen rantug.
Hiliwir angin lirih meuntas lembur. Tatangkalan ngadak-ngadak maroyeg, pating rarigrig jiga
jurig ngigel. Keresek, keresek, sada sandal meuntas luhureun kalakaygaring. Kardana ngenca
ngatuhu ku juru panonna. Ukur remeng-remeng. Uhu, uhu sora batuk lilir, ti imah  nu itu.
Lenyap angen Kardana teh. Ratug, tariking ku reuwas, asa dihoyahkeun ti nu poek. Dengkek
deui sora budak ceurik, kawas nu kalesotan susu indung, atawa katindihan lanceukna.
Gedig, gedig, bray rada caang deui. Plong weh pikiranana ngemplong, bari ngaleupas
ambekan. Ngalengkahna beuki kerep. Solendang tasna digilirkeun kana taktak belah katuhu,
bari dicekel, ngarah teu ngagokan lengkah.
Geus moal manggih deui lembur ayeuna mah. Leumapng dangah ge moal sieun ringkang da
kenca-katuhueun teh poek ku kebon jagong. Kadangkala paselang jeung huma, kebon hiris,
sampeu atawa kebo jeruk. Turug-turug panon teh moal leupas awas, ukur bisa wewelasan
lengkah, da halimun teh beuki kandel, ka lengkob ka mumunggan.
Tapi palebah tangkal randu mah manehna teh ngarengkog deui. Curinghak. Lengkahna
diancaan, malah tungtungna mah tuluy ngarandeg. Ti kajauhan kadenge sora nu beluk,
hawar-hawar. Sorana kendor tarikan, kasawur ku angin peuting. Ngalaeu, melang-melung,
mulas-melis kawas hayang dibaturan keueung.
Kardana sirikna teu dengdek-dengdek wae ngadengekeunana teh, bangun hayang teges ka
nu boga sora. Geus apaleun mah manehna teh meuni ngareketek. Jul-jol lalakon bareto,
nyeuit-nyeuit deui kanyerianana. Hate ngenes nu geus pepes, ngadak-ngadak ruhay deui.
Leungeuna ngarayap ngarampaan tasna. Porosot cantelna dibuka hiji, tuluy dikodok. Lol hulu
balati, disarungan ku perelak bodas, geus dipaut tuluy diselapkeun kana cangkengna, jeroeun
kameja.
“Jadi ayeuna mah!” ceuk gerentes hatena. “Moal deuk dipangejatkeun. Teu panasaran aing
nepi ka kudu ngajolor di jalan ge ari pada-pada dikencar mah!”
Teu mencog sangkanana, memang enya Sasmita nu keur ngalaeu beluk teh. Kulisi desa.
Matuh saban peuting ana ngontrol teh manehna mah sok ngelemet. Ana pareng bijil bulan,
nya kitu sok bari hahaleuangan. Geus arapaleun sarerea ge. Tayohna liar peuting teh ari
dibarengan caang peuting  mah sok nyiptakeun alam lamunan. Bangun mawa waas, mawa
kelar. Ngamplang sagara katineung. Rusras kana laku lampah diri. Lalakon bareto asa
kamari, baheula asa ayeuna, saliwat-saliwat jiga dina pangimpian. Nenjo langit ngalanglaung,
alam teu tinemu tungtung, kuciplak mulang ka diri. Malikan lampah kamari. Boa enya boa
lain. Hirup ukur wawayangan. Ana umur tinemu tuntung: jog anjog ka bale pulang,
ngalalakon tanceb kayon, carita kari tulisan. Cacap raga, kari kalangkang.
Sasmita ge enya kitu celak-celukna teh. Melas-melis bangun kahudang ku guguritan. Cenah
“… hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho dimangsa…”
Beuki peuting sorana sok beuki peuyeuh.
Ari ayeuna melang-melungna teh tereh ngarubuhkeun, kari tilu padalisan deui “…ana
kasasar nya lampah, napsu nu  matak kaduhung, badan anu katempuhan.”
Kakara ge maju tilu lngkah Kardana teh ngarengkog deui, bangun mendag mayong. Napsu
nu  geus mimiti hurung ngadak-ngadak lempes deui. Kawas aya panoel nu gaib nitah mulak-
malik mikir. Bisina terus narutus, kaasup pangajak setan.
Enya ari enyana mah manehna kungsi menunang kateungeunang ku kulisi desa teh. Bareto
teh basa Kardana geus ditambalung ku reserseu. Sasmita kungsi nyacampah bebeakan, bari 
nunjuk-nunjuk hareupeun jalama di bale desa. Pokna, “Sia teh rek ngacowkeun daerah aing?
Sia teh rek ngajago? Hayang ngajajal Si Sasmita? Sok! Ku ain moal burung ditande.”
Caritaan kitu ninggan kana hate nu keur meujeuhna digerihan, nyapuguh teurak pisan. Da
harita, pangna Kardana luas mahala jelema ge taya lian tariking ku nyeri, pedah boga
pamajikan anu kaacida dipikanyaahna kasmapak keur digadabah batur.
Tapi da eta mah bareto.
Ayeuna mah Kardana teh loba deui rus-rasna. Ras kaditu ras kadiri sorangan. Mun tea mah
peuting ieu Sasmita nu kudu bobor karahayoan, sok tada teuing anak-anakna. Mangkaning
sagenep-genep, turta laleutik keneh. Pantesna teh reang careurik, nenjo bapana digarotong
geus jadi layon. Sabalikna, mun manehna nu ninggang di apes. Atuh sasat-sasat jauh panjang
gagang. Pangna daek ngulampreng nincak deui lemburna ge apan tariking ku hayang tepung
jeung nu jadi anak. Hayang ngarawu, hayang mangku, tina sakitu kalillaan di pangbuangan
teu bisa nyacapkeun kasono. Kari-kari ayeuna, sasat kari sagokeun hayoh rek kaolo ku
panggosok setan.
Ingetan kitu nu ngalantarankeun manehna mendag mayong teh.
Malah geus katinggali pengkolan mah manehna teh sup ka jero kebon, nyalingker
tukangeun tangkal muncang. Ceuk pikiranana diteruskeun mah moal henteu geus tangtu
amprok jeung Sasmita teh. Panona seukeut ka palebah pidatangeun nu rek liwat.
Nya bener itunganana teh, da teu kungsi lila, jebul sasmita ti beulah ditu . make baju sarwa
hideung. Iketna dibudedkeun, nuruban daun ceuli. Teu sidik beungeutna mah da puguh
haleungheum. Ngan bedogna we nu kaciri teh, mani ngangsar.
Jeung kawas nu terus rasa manehna teh. Leumpangna beuki lila beuki ngendoran, luak-liuk
ngenca ngatuhu, siga nu sieun kabongohan. Malah tuluyna mah reg eureun di pengkolan
pisan. Hulang-huleng rada lila, bangun bari mikir-mikir, naha mending tuluy mudun, ka
kidul, atawa mending mengkol nyimpang ka lemur Lebaksaat.
Nya mengkol tulusna mah.
Ungkuy-ungkuy, les leungit kahalangan pager hirup. Teu kungsi lila ngongdeui
ngahaleuang lagu liwung. Melas-melis. Tayohna ngarah nu tarunggu hui beulah ditu
kahudangkeun. Rek milu siduru, bari nyoro bubuy boled.
Kardana gancang kaluar tina panyalingkeranana.
Teu rengkag teu rengkog ayeuna mah leumpang na teh. Ngungkug cepet ngaler. Anakna
geus kokolebatan wae. Hatena mah geus miheulaan nepi. Nagarwu mangku, ngagalentoran
anakna nu keur meujeuhna cooeun.
Nu diburu-buru teh imah indungna. Tapi ari geus nepi imahna teh kalah tuluy ngajanteng di
buruan. Ngahuleng pirang-pirang lila. Titingalianana asa sagala geus  barobah. Bangun anjog
ka lembur anyar pinanggih, sarta bingung nya pilampaheun. Karasaeunana asa narikolot.
Reup manehna peureum. Cipanonna murubut teu kaampeuh. Batin-batinna mah sasambat ka
Nu Ngayuga, awor jeung rasa bungah, dikadarkeun bisa deui nincak bali geusan ngajadi
buruann pangabetah pangulinan ti bubudak.
“Ma! Ma!” pokna haroshos, bari ngetrokan panto lalaunana.
Kulutrak. Bray panto muka. Breh paeunteung-eunteung.
“Ya Allah! Anak aing! Anak Ema!” Indungna mehmeh ngajerit, bari ngagabrug. Kardana
dipuntel bari diceungceurikan.
“Ujang! Anaking! Anak Ema!” pokna, pok deui pok deui, kawas nu euweuh deui
pikecapeun.
Kardana ngarumpuyuk. Sampoyong, brek diuk dina korsi, satengah meubeutkeun maneh.
Ngeluk bari ngarahuh. Indungna ge brek tapak deku, kunyam-kunyem, acong-acongan
nyembah ka Gusti bari tipepereket mengkek piceurikeun. Karepna mah hayang aluk-alukan
ngarah puas, tariking ku nyeri pabaur jeung rasa bungah. Tapi kapikireun, mun kitu teh
kuriak matak gareuwah ka tatangga. Da ngadenge nu jejeritan tengah peuting mah tada teuing
guyurna, salembur.
Keur paungku-ungku kitu, kadenge sada nu keketrok ti luar, kana jandela.
“Bi! Bi! Bi Rahmi!” pokna, Sora lalaki, rada dipegeg.
“Saha? Amung?”
“Enya!” walon ti luar semu gugu[. “Kade Bi ulah sare teuing. Aya jelema!”
“Jlemea…? Kamana leosna?”
“Kadieu ka lembur urang! Katangenna mah ti kidul keneh, ku Bah Iding, tuluy ngabejaan ka
saung. Tapi lebah astana leungiteun cenah!”
“Heug, keun atuh!”
“Kade, Bi! Kuring rek nyusul Mang Kulisi, bisi manehna tuluy ngidul!” obrol ti luar deui
haroshos. Blig, blig sora lengkahna.
Kardana ngarahuh deui. Ngaheruk, bangun cape kabina-bina. Tapi barang nu ngadenge sora
nu lilir ti kamar manehna teges meni ngaranjug. Jung nangtung, serelek nyingraykeun
hordeng. Breh anakna keur sare bangun tibra.
Rek dirawu, kaburu dihulag ku indungna.
“Keun heulaanan, Jang!” pokna ngaharewos. “Karunya, kakara reup pisan. Ti sore keneh
rungsing wae, teu puguh kahayangna.”
Kardana nguat-nguat maneh, tungtungna gek diuk tunjangeun anakna. Pek budak teh
diteuteup. Mani camihmil. Parangina marahmay, bangun nu keur genah hate.
“Deudeuh teuing, Geulis!” pokna dumareuda. “Ieu Apa datang, Cu. Moal ayeuna mah, ku
Apa moal ditinggal-tinggalkeun deui.”
“Pek embun-embunanana diusapan. Belenyeh budak teh imut, bari tuluy leungeunna
dicamplangkeun, nyekel guguling kenca katuhu, kawas nu ulah dipisahkeun.
Kolesad kardana katengah imah deui. Teu kungsi lila sup deui ka kamar bari mawa tas.
Eusina dikodkan sarupa-sarupa, sok digoler-golerkeun gigireun anakna. Biskuit sabungkus,
roti sabungkus jeung bonbon karesep budak. Panungtungannana, baju sasetel jeung sapatuna.
Pek diukur-ukur, meujeuhna. Sok deui gigireunana. Gulipak budak teh malik, siga nu ngahaja
rek ngarawu kikiriman bapana.
Bray lampu tempel di tengah imah digedean.
Indungna katembong barintit keneh. Kardana ge can pulang deui dayana, diuk nyangsaya
bari ngaheneng. Sor diasongkeun citeh tiis.
“Wegahna mah nataku, Ma, nincak deui lembur teh.” Pokna. “Ngan si Nyai kokolebatan
wae, teu  beunang dibangbalerkeun.”
Indungna ngeluk, murubut deui cipanonna.
“Ema ge sok ngarakacak puguh, Jang, ari ngeus ngadenge budak Apa-apaan teh. Asa
kaseuit-seuit. Komo ayeuna geus capetang, ana ceurik teh tara elat sasambat, hayang ka Apa,
hayang ka Apa, cenah. Tungtungna mah Ema ge sok milu ceurik. Pantes mun di ditu maneh
sok mindeng gegebegan ge.”
Kardana ngeluk deui, bari mengkek deui cipanon.
“Asa moal manggih deui siksaan nu leuwih beurat batan kudu papisah jeung anak. Manteng
we paneda teh beurang peuting. Sok sieun dikadarkeun bobor karahayon di pangbuangan.
Ceuk ingetan teh, mati-mati pondok umur ge hayang diparengkeun bisa tepung heula jeung
nu jadi ana. Ayeuna diijabah…”
“Ema mah ngahelasna teh ari ningali budak pareng keur diuk di tepas, sore-sore. Ngalangeu
wae cara budak gede, bangun nu jarauh panineungan. Pantesna teh nalangsa, asa teu tuah teu
dosa pada naringgalkeun. Ku indung dijauhan. Ngarep-ngarep bapa teu weleh datang. Teu 
bdea ti budak pahatu lalis. Mun katinggali kitu teh ku Ema sok gancang dirawu,
dibangbalerkeun.”
“Nya indungna nu haramjadah tea mah!”
“Enya, memang salah indungna. Tapi budak mah da puguh budak, teu nyaho nanaon, ana
pareng inget mah keukeuh we sok nanyakeun indung.”
“Nya eta sabisa-bisa mah ulah Ma! Ulah nepi ka aya pijalaneun inget ka indung!”
Indung Kardana tungkulteu ngwalon.
“Eta ge kitu.” Pkna deui. “Ema teh nurut we sakumaha papatah hidep bareto. Malah harita
keneh budak teh tuluy dicokot ku Ema, teu ngingetkeun nyusu keneh. Sirikna teu pabedol-
bedol jeung Nyi Atikah teh, da keukeuh teu mikeun mimitina mah. Najan disungkal  ku halu
tujuh ge, moal cenah, ari kudu pukah jeung anak mah. Ngan ku Ema dihantem dileuleuyan.
Nya lila-lila mah teu burung ngelehan manehna teh. Budak teh dibikeun dibawa. Rumasa
cenah awak geus bau. Kuriak wae mawa sangar ka nu jadi anak. Ngan aya pamentana Atikah
teh. Cenah, heug dipasrahkeun, asal meunang ngalongokan. Kaduana hayang ditepungkeun
heula jeung hidep, Kar! Ku Ema gancang disanggupan, da pon Mia kabawa. Malah kungsi
dianteur ka Banceuy harita teh, tapi hidepna kaburu manten diiangkeun ka
Nusakambangan…”
“humayua! Siga nu heueuh nyaah ka anak. Kuring mah teu! Teu hayang nenjo kalngkang-
kalangkangna acan. Paralun ulah nepi ka diparengkeun tepung deui jeung si Atikah teh!”
Indungna teu nempas.
“Pantes rek mindeng inget ka indung atuh, ari sok ditembongan wae mah!”
Kardana rada nyereng, bangun nu keuheul ka indungna.
“Nya eta salah Ema, Jang, da tadina kaburu ragrag sanggup tea. Jeung teu tega gegede na
mah. Budak teh teu sirikna muntel, ari geus tepung jeung indung teh, puguh tara daek pukah.
Bangun sieun ditinggalkeun deui.”
“Enya ari ninggali kitu na mah. Tapi Ema teh kudu inget, apan pangna kuring nepi ka keiu
teh, nepi ka kudu ngalaman di bui, taya lian alatan laku lampah si Atikah!”
“Kaharti ku Ema ge.tapi…, tapi kahayang Ema mah bu enggeus mah enggeus we, Jang, da
moal aya anggeusna. Tong diinget-inget wae, bisi jadi matak deui!”
“Nya rek kuma bisa poho!” Kardana beuki nyereng, bangun kahudang deui  napsuna.
Dirasa-rasa, ray poe ray poe teh bet asa beuki nyeri. Beuki ngenes. Taya bangsana ijid
dipangnircakeun ku pamajikan mah. Disertu tujuhkali ge asa moal ka kumbah. Komo ieu
digeugeuleuh ku lalaki pantar si Kardayat. Dipisobat kalah  ngala bongoh. Saha nu teu cua.
Gemes. Can nepi ka nyasaak mah rarasaan teh can suka ati!
Indungna teu waka ngomong deui, sieuneun anakna katutuluyan kahudang amarah. Ceuk
pamikirna, kanyerian ku pamajikan mah da memang euweuh ubarna. Ana geus poek, teu
beda ti seuneu hurung dicemplangan minyak bensin. Pudigdig napsu ngagugudug. Matak
pantes Kardana nepi ka kapoekan ge. Keur mah balik cape harita teh, nyampak pamajikan
busik, urut make batur.
“tapi da napsu mah puguh napsu,” kitu ceuk gerentes indungna. Moal puas ku diumbar. Nu
dumuk mah matak nalikung ka diri. Da buktina tina alatan mahala Kardayat teh Kardana nepi
ka kudu ngasaan siksa panjara. Ari ayeuna, can keneh puas wae.
Indung anak tuluy paheneng-heneng, nganteur lamunan sorangan.
Di luar, kadenge angin peuting ngaliwat deui. Beuki lila beuki tarik, ngagelebug.
Plakplekpok nebakan daun cau, kawas nu kekepok bari liwat. Guprak kenteng murag.
Beretek domba patingkorejat di kandang, kawas nu disampeurkeun ajag. Cungungung sora
anjing babaung di lemburan peuntas ditu. Ditema ku sora kohkol, hawar-hawar ti bale desa.
Jep deui angin teh leler.
Kardana diuk sila tutug, bari mencetan tarang ku leungeun kenacana.
“Kutan wani ngulampreng keneh di urang Si Atikah teh!” pokna “Kandel kuli beungeut!”
“Nya eta karunya ningali kituna mah ka manehna teh, Kar!” omong indungna luleuy. “Da
sanggeus nampa surat talak ti maneh teh Atikah tuluy balik ka lemburna. Tapi ku indung
bapana teu ditampa;. Heunteu ari disapa-sapa teu diaku anak mah. Ngan teu meunang nete-
nete deui, cenah, bongan ngawiwirang kolot. Nya tuluy disambat ku lanceukna, di
Lebakngampar, tapi teu lila, da bejana di ditu teh ngadon direremokeun ka dulur dahuanana.
Atikah teu daekeun. Tuluyna ayeuna teh di bibina, bari usaha ngaput…”
“Na sanes teras oleng panganten sareng Si Gejul, cenah!”
“Kateuing. Tapi da Kardayat ge geus teu aya di urang ayeuna mah. Balik ti rumah sakit teh
teu kungsi nincak heula lemburna.”
‘Ari eta make hayang tepung jeung kuring, rek naon cenah lelewa Si Atikah teh?”
“Duka, Ari nyaritana ka Ema mah ngan hayang tepung heula we cenah, rek menta
dihampura. Pedah baretomeureun teu kaburu nyarita.”
“Kateuteuri. Awewe kitu mah geus euweuh hampuraeunana!”
“Ih ulah ngaleuleuwihi Nu Maha Suci, anaking…!” Indungna lumengis, “Keun wae ari
moal ngahampura mah, da itu ge moal maksa meureun. Omat urang ulah boga rasa bener
aing ti batur. Da puguh jalma mah bener soteh ari keur bener, ninggang nincak di salah mah
tara bener. Urang ge nya kitu. Matak disebut lautan hampura ge nya eta meureun nyirikeun
yen hirup teh rea pohona.”
“Ah, asa can  punah kuring mah!”
“Taya bayana, Kar. Tapi nya muga-muga we, cenah ti urang teun meunang pangampura,
atuh mugi-mugi ti Gusti-na. Da Anjeunna mah Maha Murah, turta langkung tingali.”
Kardana ngaheluk, semu lungse.
“Kurng ge lain teu hayang ngahampura, Ma!” omong Kardana, laun, “Tapi hate teh
keukeuh wae teu daek merean.”
“Nya keun waeceuk Ema ge. Perkara eta mah peun, nyanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci.
Bobot pangayon timbang tarajuan mah kari kuma Anjeunna. Da ku saayeuna ge katingalina
mah manehna teh geus mehmehan teu tahan, balukar tina boga talajak kitu teh. Ray poe, ray
poe, siga nu teu kendat diganggayong.”
Kardana teu nempas deui, kalah nyangsaya bari peupeureuman. Pok deui indungna, “Mani
geus ragas awakna teh. Nguluwut tayohna. Unggal kadieu tara elat sumegruk bari nyuuh kana
lahunan Ema. Ngageugeuri saban tepung ge. Cenah batin-batina mah geus teu werat
kumelendang, tariking ku era. Rungkang-ringkang, luwat-liwat asa napak asa henteu. Ana
tepung jeung nu wawuh, cenah mani asa teu beungeutan. Kadieu ge sok poek keneh datangna
teh : alik-balik mun geus magrib.”
Indungna ngarandeg heula.
“Sakapeung mah manehna teh bangun geus pondok harepan. Cenah, batan diganggayong
keiu mah asa leuwih hade puput umur. Panjang ge ngangandar wirang, hirup geus taya
pangaji. Tapi ana ras ka anak, meureun sok leler deui ngagerina teh.”
“Nya bongan sorangan,” Kardana nempas. “Ulah meubeut meulit ka nu lian.”
“Rumasaeun eta ge,” omong indungna deui rada tatag. “Malah tungtungna mah nya kitu
nyarita teh. Cenah da geus dumuk teu cageur ku handeueul, ayeuna mah kari ngadago-dago
salaki, sugan meunang keneh panghampura. Atuh dina henteuna, cenah ari geus kadenge ku
sorangan mah teu panasaran. Gantung tinggi buang jauh pasrah lilah, tarima dikasalahan.
Dina dug di mangsa teh moal jadi angen-angen wae.”
“Kuring mah lain nanaon, nyaram ditepungan teh nya eta ngingetkeun pikahareupeun nu
jadi anak. Mangkaning budak teh awewe, geura. Sok tada teuing eraeunana mun jaga teh –
pareng Mia geus sawawa – cew aya beja kaemper-emper, yen pangna kolotna pepegatan
bareto teh cenah meureun, pedah indungna kitu kitu jeung si anu. Pisakumahaeun teuing
ngarakacakna hate nu jadi anak. Nanggung wirang saumur-umur alatan perbuatan indung.
Piraku teu hareudang hate kuring. Nu matak taya deui jalan iwal ti kudu disapih, ulah nepi ka
nyaho dirupa indung!”
Indung Kardana nganjug deui ngadenge caritaan kitu teh. Teu nyangka anakna bakal matok
dina gurat batu. Tapi ari pokna mah, “sukur atuh ari hidep geus ngeunteung kahareup mah.
Ema moal kudu hese papatah.”
Kardana unggeuk.
“Ema mah peupeujeunh teh, Kar, poma hidep sing rikip nyamunikeun rasiah, mangka
wijaksana nyaritana, da najan diulah-ulah ge, sakali  mangsa mah manehna tinangtu bakal
nalengteng, nanyakeun indung. Sarebu kali dipinding-pinding, sarebu kali dibuni-buni, awal
ahir mah tinangtu tepung. Da puguh aya paribasana, pancuran mah tara poho ka tampian. Tah
lebah dieuna mangka wijaksana di urangna!”
“Nyaeta bu matak rek dibawa ge!”
“Dibawa…” Indung Kardana kaciri ngagebegna.
“Enya, rek dibawa!”
Nenjo indungna ceuleumeut, Kardana gancang  neruskeun. Cenah, da geus aya bulanna
kaluar ti pangbuangan teh. Sararak-siruruk di kota. Ayeuna geus meunang gawe, di bengkel.
Jeung geus boga panyewaan. Niatna geus gilig deuih. Nincak deui lembur teh ngan ukur rek
nyokot budak. Ti dinya mah paralun, ulah diparengkeun nete-nete deui. Teu kaduga cenah ari
kudu deui pagilinggisik jeung nu wawuh mah. Da sahenteuna geus pada nyaho. Kuriak pada
naggap, jadi bahan gogonjakan. Mana mending nyelongkeun maneh di nu rame. Teu
ditembongan mah piraku teu paroho.”
Indungna sirik teu nyembah-nyembah, bari ngahinghing.
“Ulah , Jang! Ulah!” pokna. “Jeung saha atuh Ema ari si Nyai dibawa mah! Sing karunga
ka…”
Teu didenge tayohna. Da sanggeus ngagayuh ka janari mah regeyeng wae budak nu keur
tibra sare teh dirawu ku Kardana. Awakna dibulen ku simbut kandel.
Nenjo kitu indungna bati rampang-reumpeung. Ngok budak teh diciuman bari diusapan.
Hulang-huleng teu puguh cabak. Tungtungna top kana boneka, pek ditangkeupkeun ka budak
nu keur lulungu teh.
“Bismillah…! doakeun Ma!” omong Kardana.
Jrut ka buruan. Bulan ngempray, belenong. Halimun peuting nyingray kasingkirkeun angin
lirih. Alam dunya ngemplang, teu usak-teu usik, cara nu keur sare tibra.
Kardana ngungkug sajeroning mudun. Leungeun nu kencana dipake nahan tongong anakna,
bisi ngalenggak teu katande.
Tapi lila-lila mah budak teh lilir. Ret kana beungeut bapana, neges-neges.
“Apa, Cu!” omong Kardana. Ngok dicium.
Leungeun budak teh tuluy meulit kana beuheung bapana bangun pohara sonona. Pek
tatanggahan. Panonna nu cureuleuk mureleng mencrong bulan.
“Apa, bulan teh nutur-nutur wae…”
“Muhun.”
“Alim dikantunkeun, nya…!”
“Muhun.”
“Mia ge alim dikantunkeun deui,” omongna bari nagkeup, beuki pageuh.
“Moal, Geulis!” Ngok dicium.
“Saur Mamah, Apa nuju angkat. Bade lami pisan…”
Teu nembal.
“Tapi Mamah ge angkatna lami pisan. Mia bobona sok sareng Nini wae…”
“Muhun”
“Mia mah bobona hoyong di bumi urang deui. Alim di bumi Nini mah.”
“Muhun”
“Di bumi Nini mah Apa teu aya. Mamah teu aya.”
“Muhun. Mia nyaah ka Apa?”
“Nyaah… ka Mamah oge nyaah. Apa oge ka mamah nyaah…?”
Teu nembal.
“Apa oge ka Mamah nyaah…?”
Unggeuk.
Budak teh ngagenggehe kana taktak bapana, ngaramesan kameja, bangun sugema.
“Saur Nini Mamah teu damang…”
Teu nembal.
“Ayeuna mah tos damang?”
“Atos”
Mia mah bobona hoyong sareng Mamah deui…”
Teu nembal.
“Engke bobona bade di bumi urang deui?”
Teu nembal.
“Ayeuna Mamah nuju ngantosan…?”
Teu nembal.
Budak nu keur meujeuhna tetelel teh ari teu diwaro mah, tuluy jempe. Pek cengkat, bari
neuteu, neges-neges beungeut bapana.
“Naha Apa nangis…?” pokna, halimpu.
Kardana sirikna teu ngarumpuyuk. Budak teh ditangkeup, bari digalentor. Anakna ge malik
nangkeup, bari nyusup, pokna, “Mia ge nyaah ka Apa. Ka Mamah ge nyaah…”.***

Anda mungkin juga menyukai