Anda di halaman 1dari 19

KECAP PANGANTEUR

i
DAFTAR ISI
KECAP PANGANTEUR ........................................................................................................... i

DAFTAR ISI..............................................................................................................................ii

BAB I BUBUKA ....................................................................................................................... 1

1.1 Kasang Tukang ........................................................................................................... 1

BAB II PASUALAN ................................................................................................................. 2

2.1 Rumusan Masalah ....................................................................................................... 2

2.2 Tujuan.......................................................................................................................... 2

BAB III BAHASAN .................................................................................................................. 3

3.1 Wangenan / arti carita pantun.............................................................................. 3

3.2 Papasingan carita pantun ..................................................................................... 3

3.3 Sumebarna carita pantun ..................................................................................... 4

3.4 Conto carita pantun ............................................................................................. 5

BAB IV KASIMPULAN ......................................................................................................... 15

BAB V PANUTUP .................................................................................................................. 16

ii
BAB I
BUBUKA

1.1 Kasang Tukang


Carita pantun mangrupa karya sastra Sunda buhun (klasik) paninggalan karuhun
(nenek moyang) anu berkembang sacara lisan jeung jadi pimilik masyarakat Sunda. Carita
pantun kaasup kana jenis karya sastra lisan Sunda "asli" kumardi di jero isina relatif tacan
kapangaruh sastra Jawa atawa Melayu. Isina umuna ngagambarkeun kebesaran jeung
keagungan karajaan Pajajaran. Iraha ceritera ieu awalna aya hese diitalungtik sacara pasti.
Mung kitu, dumasar tina naskah Sunda Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesian nuditulis dina
taun 1440 Caka atawa 1518 carita pantun geus katelah.
Kiwari, naun nu disebut carita pantun sabagian parantos dibukukeun. Saeutikina aya
76 carita pantun nu parantos dibukukeunn. Salah sahiji diantarana nyaeta Carita Pantun
Kembang Panyarikan. Pantun ieu cukup loba pendukungna utamina di kalangan sesepuh di
Kabupaten Kuningan.

1
BAB II
PASUALAN
2.1 Rumusan Masalah
Identifikasi maslah dina pambahasan ieu diantawisna :
1 Wangenan Carita Pantun.
2 Sumebarna Carita Pantun.
3 Papasingan Carita Pantun.
4 Conto Carita Pantun.

2.2 Tujuan
Tujuan dina pembahasan makalah ieu diantawisna :
1. Supados ngauningaan perkawis wangenan / arti carita pantun.
2. Supados ngauningaan perkawis semebarna carita pantun.
3. Supados ngauningaan perkawis papasingan / babagian carita pantun.
4. Supados ngauningaan perkawis conto carita pantun.

2
BAB III
BAHASAN

3.1 Wangenan / arti carita pantun


Carita pantun mangrupa hiji seni pintonan carita pitutur / lisan Sastra Sunda bari
ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang “juru pantun” nu oge
maenkeun kacapi.
Ajip Rosidi (1966:1) netelakeun, yen nu dimaksud carita pantun nya eta sarupanin
sarita rekaan panjang anu dilalakonkeunana umumna alam Pajajaran jeung alam
behditueunana. Ilaharna pgelaran mantra lumangsung sapeuting jeput ti mimiti bada Isa nepi
ka wanci subuh. Carita pantun enya-enyana mah media sastra snda buhun nu mangrupa
manifestasi jiwa sunda baheula, fungsina nembongkeun jiwa jeung kepercayaan pakumbuhan
nu ngahasilkeunana. Gunana di masyarakat, ceuk Tatang Sumarsono (1986 : 33), “dina
mangsa katukang tukang mah pagelaram carita pantun teh lain ngan ukur keur hiburan
wungkul tapi dianggap pagelaran anu raket patalina jeung kepercayaan, upama bae dina
ngaruat, mere ngaran orok, sunatan. Mitembeyan tandur, mungkas panen”.
Bisa jadi eta anggapan teh kiwari ge masih keneh hirup lantaran carita pantun dianggap
sacral tea. Lian ti keur hiburan jeung kagiatan-kagiatan nu raket patalina jeung kepercayaan,
kiwari carita pantun jadi bahan panalngtikan, lantaran ceuk Ajip Rosidi (1983 : 13), carita
pantun gede mangfaatna jeung kajembaran basa jeung sastra sunda. Malah keur widang-
widang pangaweuruh sejenna kayaning : sajarah, antropologi, ethograpi, kaparcayaan. Lian ti
eta carita pantun baris mere katerangan ngeunaan kahirupan-kahirupan urang sunda baheula,
baris bisa mere bahan pikeun ngayakeun rekonstruksi hirup kumbuh sunda buhun. Kulantaran
gede manfaatna tea, carita pantun tibeh ditu keneh ges dikumpulkeun, dibukukeun jeung
ditalungtik, Carita Pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita pitutur atau lisan sastra
Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku saurang
"juru pantun" nu oge maenkeun kacapi.

3.2 Papasingan carita pantun


Seni carita pantun dipidangkeun dina bua bentuk :
1. Pikeun hiburan :
Dina pidang hiburan, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru
pantun, atawa gumantung nu naggap.

3
2. Pikeun ritual :
Sedangkeun dina pidang ritual, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku
juru pantun, atawa gumantung nu naggap. Misalna, ruwatan, caritana sarua jeung dina
pitonan wayang, layaning Batara Kala, Kama Salah, atawa Murwakala.
Pintonan pantun biasana dipirigkeun kira jam 02.00-05.00. rajah dina pintonan ruwatan
leuwih panjang sarta katembong sakral batan dina pintonan hiburan nu ilaharna dipintonkeun
kira jam 20.00-04.00. najan dipidangkeun tujuan hiburan pantun, pantun teu bisa kitu bae
dianggap. Masyarakat Sunda nganggap pantun teh masih mibanda watek sakral sarta sok
dipatalikeun jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana sok
dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka kahirupan raja-raja Sunda
atawa carita masyarakat Sunda.
Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu :
1. Nyadiakeun sasajen.
2. Ngukus menyan.
3. “Rajah Pamunah”.
4. Carita ti bubuka nepi ka panutup. Sarta
5. Ditutup ku “Rajah Pamungkas”.
Carita pantun umumna diwangun ku tilu bagian, nyaeta :
1. Rajah Pamuka.
2. Eusi carita. jeung
3. Rajah Panutup.
Rajah pamuka guna pikeun sanduk-sanduk ka karuhun sangkah salamet, boh nu mantun boh
anu dipangmantunkeun, katut nu lalajona.

3.3 Sumebarna carita pantun


Carita pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna
nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna “Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian
taun 1518nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi
nu dipidangkeun ku “prepantun” (juru pantun tea).
Kamekaran seni carita pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana carita-carita
pantun nu ajenna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, ciung Wanara,
Mundinglaya Dikusumah, Dengdeng Pati Jaya Perang,Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur
Bandung, Demung Kalangan, jsd. Di “Kanekes” nu masyarakatna hirup di budaya kuna, seni

4
pantun teh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan / adat diantarana
carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.
Kamekaran carita pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar
dina mangsana. Di Cianjur misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya
Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Uce, sedengkeun
dina panengahan abad ka-20, nu kawentar teh Pantun Beton “Wikatmana”.
Salaku kasenian anu hirup di jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak aheng mun ungkara
jeung ajaran ti juru pantun teh mangrupa campuran eta dua jaman. Najan aya istighpar
(Islam), istilah-istilah sarupaning “Dewata”, “Pohaci”, “para karuhun”, “buyut”, jsb.
Kasenian carita pantun nu mibanda ciri budaya Sunda, utamana tina hal kapercayaan Sunda
Kuna, ngajadikeun carita Pantun beda hambalan jeung kasenian Sunda lainna. Pikeun urang
Sunda mah, pantun teh mangrupa media pikeun ngararasakeun deui (panineungan) kana
mangsa nanjungna kaadaban masyarakatna. Kiwari seni pantun geus loba nu ninggalkeun.
Juru pantun nu aya keneh teh geus kari sababaraha urang.

3.4 Conto carita pantun


Salah sahiji conto carita pantun nyaeta diantarana carita Ciung Wanara, Lutung
Kasarung Lutung Kasarung, Mundinglaya di Kusumah, Aria Munding Jamparing,
Banyakcatra, Badak Sangorah, Badak Singa, Bima Manggala, Bima Wayang, Budak Manjor,
Budug Basu atau Sri Sadana atawa Sulanjana, Bujang Pangalasan, Burung Baok, Buyut
Orenyeng, Dalima Wayang, Demung Kalagan, Deugdeug Pati Jaya Perang atau Raden
Deugdeug Pati Jaya Perang Prabu Sandap Pakuan, Gajah Lumantung, Gantangan Wangi,
Hatur Wangi, Jaka Susuruh, Jalu Mantang, Jaya Mangkurat, Kembang Panyarikan atau
Pangeran Ratu Kembang Panyarikan, Kidang Panandri, Kidang Pananjung, Kuda Gandar,
Kuda Lalean, Kuda Malela, Kuda Wangi, Langla Larang, Langga Sari, Langon
Sari, Layung Kumendung, Liman Jaya Mantri, Lutung Leutik atau Ratu Bungsu Karma
Jaya, Malang Sari, Manggung Kusuma, Matang Jaya, Munding Jalingan.

Conto Teks Carita Pantun Kembang Panyarikan


Asyhadu alla ilaha ilallah, wa asyhadu anna muham-madar rasulullah.
Sang pedah putri manik, sap kaen sang pada herang, nang manik geusan tetep, sing
araning menyan, sang limar putih ratna, cur kumancur pangabukti kaula, kang wecan ku-ma
ceuk Alloh, ka kawasa, ka pangeran, ka aulia sanga... karo, ka rasulullah muhammad, sim

5
jisim muhammad, sayi-dina muhammad, Alloh huma soli ala sayidina, Alloh Alloh sayidina
muhammad.
Ya Alloh, sim kuring ngaula pihatur, ngahaturkeun pangabakti, ka wa dalem dingin, ka
embah kuwu sangkan ci-rebon girang, nu asal embah pangeran panjunan, jisim kuring kudu
melek, piwarangan ki ayip, melek papantunan nu digurit, taya lian, jisim kuring rek
nyuhunkeun pitulungna, supayadiparengan berekah salamet, tandang waras waluya, ieu nu
rek digurit papantunan, melek ti peuting, marteda ka gusti nu pasti, ka Alloh nu kawasa, ieu
maksud-maksad, ngahaturi pangabakti ka wa dalem dingin, sabadegana, ka embah kuwu
sangkan cirebon girang, nu asal embah pange-ran panjunan, nuhunkeun idin, ieu dumeh
caritaan, bakal ditukil, turunkeuneun ka incu putra, kita mah nyuhunkeun widi, jisim kuring
ngahaturkeun pangabakti, saeutik-eutik-keun ge disuhunkeun, ka wa dalem dingin sunan
purba, ka sunan kalijaga, ka sang ratu dangiang, turunan widadari pa-tang puluh, tuakeun
dagang isun, ka pangeran jurus, ka sangiang ringgit, ka guna kusumah, ka galuh adam babar
bu-ana, ka sangiang rancasan, ka gending sanga gending, sanggakeun hatur pangabakti
simkuring.
Ngahaturkeun pangabakti, ka nu boga kemitan, windu ieu, taun ieu, bulan ieu, poe ieu,
peuting ieu, ngahaturkeun pangabakti.
Ngahaturkeun pangabakti, ka indung bumi, ka bapa langit, ka indung tilu, ka bapa opat,
ka papat pangeran, ka opat pangeran dasar bumi.
Ngahaturkeun pangabakti, ka nu boga taun dalapan, bulan duabelas.
Ngahaturkeun pangabakti deui, jisim kuring, ka nu pa-ra dedemit sadaya, para
dedemitbandung, nu cicing di tengah cai, di birit leuwi, di hulu dayeuh, jisim kuring nuhun-
keun deui, rek ngahaleur picatur, mapaykeun caritaan.
Sim kuring ngahatur pangabakti, ka para dedemit sadayana, teu diwiji-wiji, saterasna
hatur pangabakti, ka urang sawerga maniloka, ka para bujangga, para dewata, para pohaci,
para widadari, ka ibu, ka rama, nu aya di sawarga maniloka, nuhunkeunwidi, sim kuring seja
ngahaleur pitutur, mapaykeun caritaan.
Saterasna hatur pangabakti, jisim kuring, ngahaturkeun pangabakti, ka para wali, ka
para nabi, para sahabat, ka para malaikat, ka para wali salapan, ka sapuluh walinunggal.
Jisim kuring ngahaturkeun pangabakti, saeutik-eutikeun nu disuhunkeun, mugi ulah
janten kabenduan, margi dikota, bilih kurang jungkrang sareatna, saratna, mugi kersa
ngahampura, dumeh ieu, lain ngarajah, lain munah, dumeh cariosan rek ditukil, pikeun
pageto, turunkeuneun ka incu putu, ahirjaman, sakitu pihaturna saeutik, jisim kuring, bilih
luput nyebut, salah ngucap, mugi kersa ngahampura, ka ituna, ka ieuna, ka sadayana bae,

6
disuhunkeun pitulungna, su-paya berekah salamet, waras waluya, gampang balik, ti laer
mandele, mustakil damel jati kaula, bisi deuleu papadang ati, ka ti pati samar, cocokna cop ka
ati, estuning estulah saeutik, aki soleh soteh, nu aran di jero kurungan aing, sumebar
papadang ati, laer barang, narowongan ka ati sun, ti ka ret, sakaol cet recet, ingetan digurat-
gurat, timu deui sing kuring, sing kuring na tungtung biwir, sang karancang na tungtung
letah, sang ratu...ratu gumilang, rasa sajagat, diri sang ratu luhung, sajagat kabeh, saca maruih
inten, sarang tumeka ning badan, kandeg kalangsu, gunung timbal eleh, ka lawe laut,
tangkalna ngaheuleut, pepet ka heuleut, gunung raksa cakrabancana, uklah sieuh beuteung
ceurik, geus tueuk ceu-rik, geus pajeng munah bae, munahan jeung nyebutkeun, hula
ilahuma, ijrail, minkail, isropil, jabrail, isun ring kong koncong, kiyen sadina mangku
anggawa nur sakti, isun sakti, kawasa sakti, tak tibakena ciancamaya, wadukan hulu, cit
peujit, darma mangjantenkeun, dipegateun jaman ratu maesa berhala, tipadaleman.
Bul putih ngaraning kukus, tampalirih ngaraning parukuyan, ratna gumilang ngaraning
menyan, kukus aing me-nyan putih, kang ngelun ka manggung, ka sang rumuhun, ka guru
putra hyang bayu, guriang tan katingalan, nu lungguh di lingga wulung, nu herang di lingga
omas, nu calik dina lemah putih, putih aing jeung tarima, aing nginjeum ka sadang kasaktian,
keur naon eta diinjeum, da herang dijero raga, nu putih tunggaling aing, nya aing nu tunggal
putih.
Bul kukus aing ka handap, kahandapka sang nugrahan, ka basuka ka basuki, ka betara
kabetari, ka betara naga raja, ka betari naga danti, pangmancatkeun aing ka sang windu-
rarang, mangka terus ka nu ngasuh, mangka datang ka nu wenang, ngenta widi ti nu sakti,
mun salah benerkeun aing, mun bener asuhan aing, ku pohaci windurarang, cacap pangkat
disalin deui.
Iring-iring bukit jati, gunung rompang candra lentang, susukan tanjakan bankjaran
kembang, nunjang ka bukit bu-rangrang, nyanghulu ka gunung guruh, cacap pangkat disalin
deui.
Ahung ku sang rarawana, rawana huriping beurang, tilu pangkat majar ahung, ahung
lungguh tanpa buana, aci bumi, aci buana, aci tumang balang paksa, nya sia mah nya
nurmaya, ret ka manggung, ret nangkuban, nu hejo awaking, neut malik ti luhur, teu kenging
kaluluhuran, teu kenging kalelengkahan, awaking nu seda sakti, awaking nu seda leuwih,
dungkuk aing dungkuk sang yuga, sang yuga sang racik seda, nya sia mah nya nurmaya, ret
ka manggung, hurung batan kanjut ruyung.
Mambrang batan candradita, putih batankembang pacing, ti pakuan renta danti,
siliwangi nya pakuan, siliwangi ti pakuan limbangjaya.

7
Kocap, cihaliwung nunjang ngidul, cisadane nunjang ngaler, nunjang ka bukit
burangrang, nyanghulu ka gunung guruh, ci peucang ka tebeh wetan, ti tengah cirancamaya,
pamuruyan gajah putih, kiruh ti hilir ti girang, ti tengah cinembarang herang, gunung manik
mandala tiga kapanten, eusina dewata dua, dua sarerah sagala, keur meujeuh nu ngukus muja,
nya kudu make parawanten, make dicokotan deui, ditibakeunna ka tarekate dunia, dalem tapa
tarekate nya dunia dalem tapa seuweu ratu nu lalembut, lembut batan me-rang buuk, badag
batan merang henca, nu lembut mah seu-weu ratu, nu badag seuweu kaula, sup asup kana
parungpung buuk, didamaran tengah poe, parandene teu kadeuleu, sang ku paeh oray buana,
ti manggung, sup asup ka pusereun agung, aya di manggung, sang ku paeh oray buana ti
handap, aya di handap, neukteuk beuheung rawana, kula teh megat-keun apus, kumendeng
megat jalan kumarintang, bisina mada-madawi, da aing mada-madawi, tes manetes, maya
mas, maya lenggang kancana, aing nu nangtung si nguwung-ngu-wung, si dengdang si
ngawang-ngawang, dingaran sumangga wenang, nya aing si anggawenang, ratu patanjala
seda, aing nu wisesa di buana pancatengah, basa nyusuk cihaliwung, basa mengkong
cisadane, ngababakan di jambudipa, ngadu-dukuh di jambuluwuk, sang batara susuk tunggal,
nya aing katelahna, sang batara susuk tunggal.
Neda agung nya paralun, neda panjang pangampura, ka sang ratu teja gelangan, cacap
pangkat disalin deui.
Ahung buta kasundulan, ahung buta kasunian, hol bumi, hol langit, hol manusa, hol
setan, manusa lawas, setan lawas, pada sirna, salamet ta kula mipir baribis, ulah sindang
barang geusan, cacap pangkat disalin deui.
Ahung guruh limanputih lalakina, ahung guru sang seda malela, ahung guru sang seda
tunggal, sang tunggal sang rajah punah, sang punah sang darma jati, tanah lemah tukuh bumi,
tukuh buana, dat musna sirna, ilang tanpa ka-rana, mulya kara-kara ista, ora bayane, cacap
pangkat disalin deui.
Ahung guru pucuk hyang bayu, sang pamunahing rajah, hyang nu seda mah puguh bae,
maha mulya, pangmu-nahkeun aing itu, pangmunahkeun aing ieu, hyang wisesa, ratu wisesa,
aing nu wisesa di buana pancatengah, langit munah, bumi munah, ka punah kapara wisesa,
kawisesa ku awaking, sumuwuh pamunah ratu, ngabalungbung tampa puhun, cacap pangkat
disalin deui.
Hurip nu ngarajah, mangka hurip nu dilalakonkeun, hurip jaya di buana, hurip jaya di
kurungan, asup sukma bayu ka kurunganana, hurip jaya di buana, hurip jaya di kurungan,
kantun neda mulus rahayuna, sadayana, marteda ka nu kawasa, agung kula nya paralun,neda
panjang pangam-pura, cacap pangkat disalin deui.

8
Raden Panji arummangu, raden palawiru, raden kian santang, isun jaluk sora sia, sunda
becik, sunda ngawih, sunda babut, iku teka gustine raratu galuh, cacap pangkat disalin deui.
Kun paya kun, babu awah, bapa adam, usik nyaring sari nu kasih, neut hudang sarinu
rarang, kula mung neda ngaapal, pangaitkeun aing kacapi, mangkana tanghi ti peuting,
mangkana hudang ti beurang, mana usik ku pamilih, mana hudang ku tarima, mangka harus
batan calung, mangka ngear batan gangsa, roh betan kaula, ngaler-ngetan sora nu reh, sora
daek jeung kacapi, nya kacapi nya awaking.
Agung kula nya peralun, neda panjang da pangampura.
Caturkeun, urang cuang caritakeun, cuang diajar mupulihkeun nu bihari, mopoyakeun
nu baheula, diguratkeun, diguritkeun, kana pucuk gebang pondok lontar, ecekan
guguluntungan, sabeulit tamba pamali, sakecap tamba buagan, tamba lebur pituturan,
tambailang kalagian, bising aya jurig anu nyiliwuri, bising aya setan anu ngewa-ngewa,
tamba sepi nu di bumi, tamba rehe nu dibale, tamba euwah-euwah da-tang, palias kula
ngadatangkeun mah, da teu nerus narutus, narajang alas, da puguh lungguhing galuring
pantun, ngahudang ngaraga wayang, ngembat papatan caritana nu ba-heula, neda agung kaula
nya paralun, neda panjang pangam-pura, bakalan kajenggut tuang kukuncung, kajambak
tuang paparas, kacokot tuang jojompong, kahudangkeun tihang panggung, kakipaskeun taken
wayang, ti mendi picaritaeun, ti citeres, ti kahiangan, citeres ti kahiangan.
Cupu dicupuan deui, diwadahan ku cupu manik, eh.. astagina, dituruban ku mandepun,
ditilaman ku sarat tangan, sok teundeun di handeuleum sieup, tunda eta di hanjuang siang,
paranti neundeun carita.
Nyokot bari ninggalkeun, palias ditunda dinya, diteundeun di jalan gede, handapeun
caringinkurung, dibuka ku nu maliwat, gebyar, ku nu sakti tan kabudi, ku nu seda tan kabuka,
ku nu bisa ngabujangga, nu rancage di angenna, weruh-weruh wijaksana, suksila raja betara,
agung kula nya paralun, neda panjang da pangampura, eusina mustika jalma, tambahan ti
citeresan, ti citeres, ti kahiangan, di ngaran panji haleuang, pating derengdeng, pating
haleuang, nu menta dilalakonkeunana, eusina putra patutan, putra patimu jeung ratu.
Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah wetan, watekna mah bising perang
tampa sangkan, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.
Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kidul, watekna mah bilih perang tampa
puhun, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.
Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kaler, watekna mah bilih perang tampa
seler, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.

9
Palias kula munnyaturkeun menak ti sabeulah luhur, watekna mah bilih perang tampa
pulur, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana.
Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah handap, watekna mah bilih perang
tampa sadap, merangan geger landesan, megatkeun kaula ka tampa laranganana.
Seja kula rek diajar, nyukcruk seuweu ratu nu bahayu, rek mapaykeun seuweu raja nu
baheula, anu tuhu urang caturkeun,anu gelar urang caritakeun, pan luput kula ba-yuan, mun
salah kula pagahan, mun bener kula asuhan, pindingan, neda agung nya paralun, neda
panjang pangampura, ka sadaya nubakal dicarioskeun.
Salian ti ratu kulon, lamun kulon kadi katon.
Tanjak barat ka pajajaran, nu ngujur dina pangambung, nu salat dina pangucap, nu
ngancik dina panitih, seler patih ranggalawe, nu calik dina panitih, nu seler ti ranggalawe, nu
tirih ti siliwangi, pencaring ti mundingwangi, pencaring ti mundingwangi, diseuweuan da ratu
agung, nu agung di gunung bubut, nu muter di karantenan, nu calik di gajah depa,
pangcalikanana ku kuningan, kuningan direka munding, tambaga direka kuda, emas
direkakeun gajah, panjangna sadeupa mider, direkakeun gajah depa, eukeurna kumpul
mungpulung, sacekan sareanana.
Ngariung para nu jangkung, ngajajar …
Ujaring cinarios, lampah ratu kembang panyarikan, "mas ratu!, nam buru-buru urang
bisi kalepasan, cundukkeun ka ratu, sebakeun ka nu jadi raja".
"Kakang bakal sim kuringmah, ti tadi ge moal daek cunduk ka ratu, moal daek seba ka
raja, sebab lengoh ka-lempohan, kadar mawa puyuh sahiji, ngerakeun ku deu-ngeun-
deungeun, wirang temen ku deungeun-deungeun, tinimbang ka ratu, terus ka raja, urang
cuang pulang deui bae, ka nagara urang."
"Beu..ana kitu, temen maneh hayang mawa, naon nu dibawa?"
"Kakang bakal sim kuring mah, daek-daek dicunduk-keun ka ratu, disebakeun ka
menak, ulah peuting, ulah beu-rang peuting ge mangga, lamun mawa anjung-anjung wesi
jimat, eusinamunding bulu hiris, kuda bulu landak, embe bulu songket, kalicangket jangjang
mayang, papatong jang-jang salaka, jeung bokor salongo, eta kaula daek, lamun mawa barang
eta, cunduk ka ratu seba ka menak..mangga."
"Beu..payung agung gelang gading, ari ngucap sok sembarangan, di mendi atuh nu kitu
ayana?, si kakang sapanjang namgtung bumi, nunjang lemah..kakara ngadenge, anjung wesi
bagbagan wesi jimat."
"Inggih duka ayana mah dimana..kakang bakal, da kaula ge teu terang, ngan bae
numutkeun ari aya ngaranna mah, kudu aya banda barangna."

10
"Bener ceuk pangucap mah gampang, biwir handap jeung nu luhur, tapi nu enya di endi
ayana eta?, perkara jimat anjung wesi bagbagan wesi."
"Teu langkung sakumaha pangersa sampean, kakang bakal, lamun bae keresa maha,
mangga ilari,teu kersa mah sawios, mangga urang cuang pulang deui bae, ka nagara urang."
Ditinimbang ku raden, "tinimbang kami teu tepung deui jeung ratu, teu tepang deui
jeung raja, kajeun teuing te-lat di jalanan.
Peklamun maneh tetela, hayang dibelakeun ku si ka-kang, mangka daek ngantian di
dieu, di mega malang!"
"Inggih..mangga kakang bakal, kula ngantosan, ulah samarganing taun..bulan, najan
windu kula moal welwh ngantos, di dieu di mega malang."
"Pek ulah undur kalayuan, ulah leumpang kalayatan, yen kakana teu acan datang,
cirining teu acan hasil pamak-sadan."
"Inggih mangga kang bakal, kula sanggem ngantosan", "tutug timus perele panteg,
kakang ayeuna widian..bayi, sar-ta dungakeun."
"Mangga..rek angkat, muga-muga salamet sampean nu angkat, nu dikantun kula, muga-
muga diparinan salamet, sarta muga-muga sing laksana paneda, sing hasil nya pa-maksadan."
Kacarios ratukembang panyarikan, gadang ngantun-keun saderek, payung agung gelang
gading, di mega malang.
"Permisi mas ratu", "mangga launan..leuleuyan, sam-pean kang bakal".
Kcarios, ratu kembang panyarikan, ti mega malang, kolear..., kolear..., kolear...,
kamana nya ragrag?, kacarios buana pancatengah kaliwat, bening kesit mudunna, paralak,
kolear..., gejlig.
Ka mana raden nya mudun?, kacarios mudunna raden, ka nagara buana larang,
handapeun buana tengah, kuda ramenantak gajah ramenantak, nu kasebat.
Sasumpingna raden ka nagara buanan larang, langlang-lingling, kumis baplang sangga
dulang, jalma nu taya ka-inggis karisi, taya karempan taya kasieun, ratu kembang pa-
nyarikan.
"Adi..kuda ramenantak!, gajah ramenantak!, dewek datang teu dihormat adi!"
"Ieung..pangampura..lanceuk, pamugi-mugi hampura, kana kaluput-lepat kula, bagea
sampean!", "neda adi!", "Tas ti mana sampean?", rek ka mana..raka?
"Dewek nu matak ka dieu datang, rek namyakeun kamaneh, coba-coba dewek menta
anjung wesi, bagbagan we-si, eusina kuda bulu landak, munding bulu hiris.

11
Embe bulu songket, kalicangket jangjang wayang, papatong jangjang salaka, jeung
bokor salongo, sok..lamun gableg, sia serahkeun ka dewek, lamun teu gableg, ancur
lemburna, bebas nagara disambut, diwuluku digagacek… diurus ku dewek!"
"Ieung..raka ari sampean, sok ngaget-ngaget ka kula, bujeng-bujeng kula ngagaduhan
nu kitu, ngaranna ge kula kakara nyaho, anjung wesi bagbag jimat."
"Sok adi serahkeun ka dewek, ulah bobad ula goro, serahkeunadi!"
"Inggih kula teu ngagaduhan, bilih sampean teu percanteun mah, mangga ilari di
patempatan kula, goletrak teu aya naon-naon."
"Maneh diperih pati, dipalar modar ku dewek, ayeuna luput teu bisa nyerenkeun
buktina, anjung wesi bagbagan wesi, menta beja di mana nu aya, bejakeun ka awak sok!"
"Ieung..kaula nu matak ge teu ngadenge-denge, bejana nu bogaeun."
"Sok bejakeun ka dewek!, ulah bohong ulah bobad, ramenantek!, lamun teu mere
barangna, teu mere bejana, ancur leburna, bebas nagarana disambut, diwuluku… digagacek,
diurus ku dewek!"
"Ieung..inggih kula mah, da teu ngadenge-denge beja-na."
"Piraku adi?, sok bejakeun ka dewek..sok!"
Kuda ramenantak gajah ramenantak, bakating ku sieun, dumeh aya ponggawa kitu
petana, kapaksa.
"Ieung..raka!, tapi sampean poma-poma, lamun sampe bisa laksana, ulah bebeja
meunang kabar ti awak."
"Moal adi!, sok bejakeun!, sok! sok!"
"Kula ari terang mah henteu, ngan ngadenge beja wungkul, eta nubogaeun anjung wesi,
bagbagan wesi jimat saeusina, kajaba di nagara buananyungcung, kasebat nu bo-gana,
kasebat tumenggung rangga walian..raka."
"La-la-la..ari buana nyungcung, lebah mendi adi?", "ieu handapeun buana kula, salapis
deui", "beu..naha handapeun negara maneh, aya deui buana?"
"Inggih ceuk beja mah aya, hiji nagara galendor, anu gaduhna enjang buana, kaduana
buana nyuncung, nu gaduh-na tumenggung rangga walian."
"Ceuk beja di dieu nu boga?", "enggih leres..raka, ngan sampean upami datang ka
sampe bisa, eta nyandak jimat, peupeujeuh ulah bebeja, yen meunang beja ti awak".
"Na hade..adi?", "aduh..sing heman, sebab eta tu-menggung rangga walian, kocapna
gagah, teuas tulang liat kulit, totosa bojana kulit, alamat sieun dirurug nagara ku-la..raka!"
"Beu..kitu adi?", "enggih..leres", "ayeuna dewek permisi adi!", "rek ka mana raka?,
alon heula masing tetela, masing nyata", "dewek rek ka nagara buana nyungcung.. adi!"

12
"Inggih leres alon heula, tapi eta perkara di nagara buana nyungcung, tumenggung
rangga walian, tohaga perkawis nu jaga negara, pagerna ge paripaos lain awi,lain kayu, lain
batu, lain waja, lain beusi", "kutan? ku naon pagerna..adi?".
"Kacarita kupara ponggawa bae, saputer karaton nyi-ger, matana lir mata simeut,
sadaya pada batoton, nyandak pedang jeung tumbak, gada racak, nyiger saputer karaton,
sampean kinten-kinten sanggup?"
"Jah..sagala sapira sipil!", "lian ti eta aya deui raka!", "naon adi?", "kacarios aya oray
laki, sagede catang kalapa, sampean moal sieun?", "ah..sapala-sapira-sipil!","aya deui raka!",
"naon adi?", "tiwuan ge sagede hayam bibit, sampean kinten-kintenna moal sieun?",
"ah..sapala-sapira-sipil!", "aya deui raka!", "naon adi!", "waliwis putih sagede tampir,
sampean moal sieun?", "sapala-apira-sipil!", "lian ti dinya aya deui raka!", "naon adi!",
"hileud sagede gulungan kasur!, sampean moal sieun?", "ah..sapala-sapira-sipil!", "aya deui
raka!", "naon adi?", "kacaraios ietuk jimat kabuyutan, ngagolang di tengah jalan!", "sapala-
sapira-sipil!", "aya deui raka!", "naon adi!", "kampaan beusi ngahalangan jalan, nutup muka
ku manehna, sampean kira-kira bisa ngarepeh-keunnana?", "ah..sapala-sapira-sipil!"
"Tah ku kituna raka, lamun sanggem sampean, jeung eta perkawis nu jagana, ponggawa
saputer karaton, sakuriling bangking, pada nyandak pakarang, sampean moal si-eun..raka?"
"Ah..sapala-sapira-sipil!", ceuk kuda ramenantak, jero atina,"beu..ieu jalma, kitu
sipilkieu sipil, kumaha carana, atawakumaha ieu jalma kanyahona?", aneh kuda ramenan-tak.
"Aya deui adi?", "enggeus sakaterang kula sakitu, cek bejana bae, da kula terang mah
henteu", "ah..ayeuna dewek permisi..adi!", "rek ka mana sampean?", "rek ka buana
nyungcung!", "inggih..mangga raka, tapi poma-poma upama sampe dugi ka hasilna, ulah
nyebatkeun meunang beja ti awak..raka!", "moal adi!", "sebaba kula sieun dirurug, ku urang
nagara buana nyungcung, anu katelah rangga walian", "moal adi!"
Kacarios, ratu kembang panyarikan, tutug timus parele panteg, meunang kabar beja, ti
kuda ramenantak gajah rame-nantak, lajeng matek ajian panerus bumi, dilalarkeun
kalimahna, byar.
Ngemplang narawangan, copong molongpong, siga anu mere jalan ka handap, ti nagara
buana rarang, lajeng raden teh mudun, ti buana rarang, kolear..., kolear...
Kacarios, nyorang ka nagara galendor, nu gaduhna enjang buana.
"Wah..ieu ponggawa endi?, ka wani-waningambah ka nagara dieu, kapan kula kabawah
perentah, ku tumenggung rangga walian..gih, aya terus kalakuan pan balik!, kon ba-lik!"
Kacarios teu diitung najan buta sagedena, bakat kesit, ratu kembang panyarikan
mudunna, disepak buta, jeblag!, blak nangkarak, lajeng raden mudun terus, kolear...

13
"Wakadalah..ponggawa, kan maksa-maksa, maksa-maksa temene sabodo..ponggawa!"
Kacarios raden, launa mudun terus, kolear..., kolear..., gemblung.
Datang kanagara, kasebat nagara buana nyngcung, handapeun nagara, nagara buana
pancatengah.
Raden rut-ret ningali, kulon wetan, kaler kidul, barang ningali ka karaton, nyata wadya
bala ponggawa, saputer karaton nyiger, matana lir mata simeut bae, pada batoton, nyangking
keris, nyandak pedang reujeung tumbak, jeung gadana.
"Beu..tetela nyata, teu salah cek beja..yeuh!", teu ana paran solonong, oray sagede
catang kalapa!", "o-o-lakada-lah", "kok! kok!", "teu salah ceuk beja, oray sagede catang
kalapa!"
Raden sanggeus patepang jeung oray, ditonjok oray, jebot!, goletak modar, "wah teu
sapira kadigjayaanana oray!"
Aya welis sagede tampir, riab cekot, riab, riab, riab..., ditampiling welis, jeblag!,
goletak mati, "wah teu sapira kadigjayaan!"
Aya tiwuan sagede-gede hayam bibit, ngong!, ngong!, diteunggeul ku peureup, jebot!,
goletak modar, "tiwuan teu sapira mati!"

14
BAB IV
KASIMPULAN

Numutkeun bahasan carita pantun anu parantos di uningakeun ka khalayak dina


presentasi makalah ieu. Urang janten tiasa nyandak titi mangsana yen diantawisna :

1. Anu dimaksud carita pantun teh nya eta mangrupa hiji seni pintonan carita pitutur /
lisan dina wangun Sastra Sunda, bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun
dipdangkeun ku saurang “Juru Pantun” nu oge maenkeun kacapi.
2. Papasingan carita pantun

Seni carita pantun dipidangkeun dina bua bentuk :

1. Pikeun hiburan :

Dina pidang hiburan, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku juru
pantun, atawa gumantung nu naggap.

2. Pikeun ritual :

Sedangkeun dina pidang ritual, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita nu dikawasa ku
juru pantun, atawa gumantung nu naggap. Misalna, ruwatan, caritana sarua jeung dina
pitonan wayang, layaning Batara Kala, Kama Salah, atawa Murwakala.

3. Sumebarna nyaeta di kalangan masyarakat urang Sunda ti jaman Karajaan Hindu nepi
ka karajaan Islam, dumeh kiwari oge masih dikenal, naming parantos tara dui di
talungtik, atanapi dikaji sacara serius.

15
BAB V
PANUTUP

Alhamdulillah, makalah Carita Pantun anu ku simkuring kasanggakeun. Panulis susun


kanggo langkung paham Wangenan Carita Pantun, Papasingan (babagianana) Carita Pantun,
Sumebar (sajarahna) Carita Pantun sareng Conto Carita Pantun.
Mudah-mudahan makalah ieu ngajantenkeun inspirasi tur manfaat kanggo panulis
hususna oge pembaca pada umumna. Amin.
.

Cianjur, Desember 2010

16
DAFTAR REFERENSI

Basa & Sastra Sunda (Dr. Hj. Iis Ristiani, S.Pd, M.Pd)

Purnama, Yuzar.2006. “Analisa Struktural dan Nilai Cerita Pantun Kembang Panyarikan dari
Kabupaten Ciamis” (Laporan Hasil Penelitian Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional
Bandung, 2005)
http://uun-halimah.blogspot.com/2008/06/carita-pantun-kembang-panyarikan-jawa.html

17

Anda mungkin juga menyukai