Anda di halaman 1dari 2

NAMA : NOVITA SARI

KELAS : XII IPA 5

NO ABSEN : 28

TUGAS BAHASA SUNDA RESENSI

Halimun Peuting

Judul Buku : Halimun Peuting

Pangarang : Iskandarwassid

Pamedal : Puri Delco

Taun Terbit : Maret 2008

Ukuran Buku : 21 × 14 cm

Kandelna : 183 kaca

Eusina : 15 Bagean

Resensi teh nyaeta kagiatan ngaguar atawa nyaritakeun hiji buku. Buku-buku anu di resensi
biasana buku-buku pedalan (terbitan anyar) tur eta buku teh di anggap perlu di baca ku balarea.
Tah tina pangajaran resensi urang teh kudu biso nganalisis kaunggulan jeng kakurangan tina eta
hiji novel. Tujuan sim kuring dina ngaresensi novel Halimun Peuting nyaeta sangkan urang
paham naon kaunggulan jeng kakurangan novel anu di resensi , pikeun ngalaksanakeun tugas
pelajaran bahasa sunda, jeung pieun ngabejaan balarea kakurangan jeng kaunggulan novel ieu.

Dina salah sahiji carita Halimun Peuting, nyaritakeun hiji jalema anu nuju rarungsing bingung ku
sabab anjeunna rek uih ka lemburna ngan hate na mandeg mayong, oge kaayaan anu teu
merenah , nyaeta Kardana ngaranna. Sajajalan rek ka lembur eta Kardana teh loba kasieun
jeung boga kawirang ka indungna. Oge di lembur teh aya musuh bubuyutanna nyaeta Sasmita,
eta Sasmita teh ges rek di lawanan ngan Kardana boga pipikiran karunya oge teu genah. Ahirna
niat rek di lawanan teh teu tulus. Kardana ka bumi Emana bari susulumputan ku sabab bakal di
serang lamun terang-teranganmah. Dugi tos di bumina Kardana mandeg mayong ngan
maksakeun kusabab hoyong nepungan Emana oge budakna nu ker meujeuhna di cooan. Dugi
tos di bumi Kardana sareng Emana sosonoan anu kacida tulusna. Ema anu di lembur ngajagaan
incuna anu ker meujeuhna capetang, tos nunungguan Kardana kusabab Incuna nananyakeun
bapa na wae "Bapa kamana ema? Sakedap deui uih nya?" eta budak teh meni kacida lucuna.
Kardana tos ngabogaan niat rek mawa budakna ka luar lembur, ameh eta budak teu
nananyakeun indungna jeung ameh poho indungna, anu tos di pikageuleuh ku Kardanu teh
kusabab boga kalakuan anu teu tiasa di hampuraan ku eta Kardana teh salaku salakina, nyaeta
tos ngalakukeun hal anu teu pantes dina rukun tangga nyaeta salingkuh dugi keun ka tos boga
budak. Eta Kardana peuting-peuting pas di lembur nu pinuh ku halimun peuting, maksakeun rek
indit ti lembur mawa budak awewena bari pamitan ka Emana anu aya di lembur sabari gurung
rusuh. Eta budak nu nuju bobo langsung dibawa ku Kardana. Pas di jalan eta budak lilir bari
nanya ka bapana "bapa tos uih ? dugi jam sabaraha ka bumina? "Kardana ngajawab bari ceurik
"muhun neng, neng ayeuna sareng bapa nya..". "Ari Ema teu ngiringan pak? Ari mamah aya?"
eta budak nanya deui. Bapana ngan ngajawab "Ema mah teu ngiringan.."."Neng sono ka Bapa,
ayena neng hoyong sareng bapa. Neng oge nyaah ka bapa sareng mamah.." eta Kardana ngon
cicing bari lumpat mamawa eta budak bari ceurik tur bungah.

Kaleuwihan Buku novel ieu nyaeta aya gambar kanggo ngajelaskeun carita anu ditepikeun ku
pembaca tur teu hese mahaman eusi dina eta carita. Dumasar ka pangalaman anu diurutkeun
tina taun kajadianna, ti taun 1959 dugi ka taun 1998, oge dibagi janten 15 bagean carita
supados teu ngabosenkeun.

Kakurangan Buku novel ieu dina panggunaan basana tur ngesankeun teu sambarangan jalmi nu
tiasa maca buku ieu ku sabab, buku ieu nganggo basa anu paralun janten rada hese dicobaan ku
jalmi kiwari mah.

Ku kitu ku kieu, ieu novel teh alus mun dibaca ku urang nu hirup di jaman ayeuna. Kahiji,
caritana bisa dijadikan conto keur urang, boh keur budak boh keur kolot. Caritana teu matak
ngabosenkeun sabab dibagi jadi 15 carita/bagean jeung caritana nilik tina kahirupan urang
sapopoe. (Novita Sari)

Anda mungkin juga menyukai