Anda di halaman 1dari 4

Facebook logo

Go to Home

LIRIK LAGU

Lirik Lagu Mening Jomblo – Asep Balon Feat. Agan Paralon

Mening jomblo

Mening jomblo

Daripada beungeut jadi boloho

Mening jomblo

Mening jomblo

Piceun kabogoh nu olo olo

Mening keneh jomblo

Karna geus loba anu jadi conto

Bu gableg kabogoh otakna sok jadi bodo

Kahayang kabogohna sagala dicumponan

Teu nyadar diri manehna saukur diporotan

Indit ka bioskop unggal film anyar tayang

Duit sia beak demi kata makasih tayang

Leheung lamun boga kabogohna solehah

Ieu mah ngan nyieun dompet kosong siga kopeah


Negara merdeka tibasa keur eta

Sia dijajah keneh musingkeun sarerea

Hayang ulin teu menang da sagala di kekang

Hirup sia ciga motor anu dikonci setang

Ku kabogoh sieuna geus ciga ningali macan

Ai ka kolot sorangan sok wani ngalawan

Hayang dikutuk jadi meja parasmanan

Cigana mah sia keur orokna teu diadzanan

Mening jomblo

Mening jomblo

Daripada beungeut jadi boloho

Mening jomblo

Mening jomblo

Piceun kabogoh nu olo olo

Jadi jomblo mah moal loba nyeri hate

Teu ciga sia anu hirupna ngabatin wae

Bisa happy jeung seuri tanpa sieun dinyenyeri

Hirup enjoy da bahagia mah teu kudu meuli

Jomblo peduli lingkungan teu kudu loba mandi

Unggal panggih kudu mandi lebar hambur hambur cai


Di lembur batur mah hayang nginum ge hese

Sia miceun cai ukur jang manggihan awewe

Jomblo lain berarti aing teu payu

Aing hayang bebas teu kudu ngabaran tiap waktu

Dekeut jeung sasaha moal aya nu nyarek

Teu kudu nurut aturan ciga pagawe kahatex

Jadi jomblo mah jauh kana maksiat

Teu ciga sia anu mesum na tara kaliwat

Aing erek ngawiat ieu hiji kalimat

Inget aing jeung saria teh bakal dijemput ku malaikat

Mening jomblo

Mening jomblo

Daripada beungeut jadi boloho

Mening jomblo

Mening jomblo

Piceun kabogoh nu olo olo

Emang sih cinta ceunah mah buta

Tapi teu kudu kitu carana

Da lamun aing kudu ngalaman

Teu sudi teuing mending sorangan


Mening jomblo

Mening jomblo

Daripada beungeut jadi boloho

Mening jomblo

Mening jomblo

Piceun kabogoh nu olo olo

Mening jomblo

Mening jomblo

Daripada beungeut jadi boloho

Mening jomblo

Mening jomblo

Piceun kabogoh nu olo olo

Anda mungkin juga menyukai