Anda di halaman 1dari 27

BAB I

MIMITIAN

1.1 Kasatukang
Tuangeun nyaeta sagala rupa bahan, nu
biasana asal mulana tina sasatoan atau tutwuhan,
nu bisa di dahar ku makhluk hirup pikeun minuhan
kabutuhan tanaga jeung nutrisi. Produk tuangeun
nyaeta sagala rupa hal anu asalna tina sumber
hayati atau cai, nu diolah atau nu henteu diolah nu
ditujukeun pikeun katuangan jang konsumen
manusa.
Jaman kiwari, produk tuangeun beuki loba
macem na. Mulai ti hiji bahan, bisa
dikembangkeun jadi sababaraha jenis produk
tuangeun nu ngajadikeun produk tuangeun leuwih
rupa-rupa tergantung cara ngolahna. Salian ti eta,
tiap daerah oge miboga tuangeun khas masing-
masing nu ngajadikeun ciri khas ti daerah na
masing-masing. Daerah Sunda misalna, ciri khas
tuangeunana bakal beda jeung tuangeun di daerah

1
Jawa. Kitu deui di tatar Sunda nu diwangun ku
sababaraha kabupaten/kota ngabogaan ciri khas
tuangeun anu beda tiap kabupaten/kota na.
Makalah ieu dijieun tujuanna pikeun mere
informasi ngeunaan tuangeun tradisional nu aya di
daerah sunda contona manisan, burayot, goyobod,
nagasari,kueh ali, jeung colenak.

1.2 Watesan Masalah


1. Naon nu disebut tuangeun?
2. Naon wae conto tuangeun nu aya di tatar
Sunda jeung naon wae manpaatna sarta
kumaha sajarahna?
3. Kumaha cara ngajieun eta tuangeun teh?

2
BAB II

EUSI

2.1. Tuangeun
Tuangeun nyaeta sagala rupa bahan, nu
biasana asal mulana tina sasatoan atau tutwuhan,
nu bisa di dahar ku makhluk hirup pikeun minuhan
kabutuhan tanaga jeung nutrisi. Produk tuangeun
nyaeta sagala rupa hal anu asalna tina sumber
hayati atau cai, nu diolah atau nu henteu diolah nu
ditujukeun pikeun katuangan jang konsumen
manusa.

2.2.Tuangeun Tradisional di Tatar Sunda


2.2.1. Manisan Buah

3
Manisan buah nyaeta buah-buahan
anu dikeeum dina cai gula salila
sababaraha waktu. Manisan biasana
didahar salaku panglengkap dahareun
pikeun ngarangsang nafsu makan. Proses
ngeueuman manisan bakal ngajadikeun
kadar gula dina buah jadi ningkat sarta
bakal ngahambat pertumbuhan mikroba
anu ngarusak, ku kitu na buah bakal leuwih
awet.
Manisan cianjur muncul di akhir
tahun lima puluhan atau awal genep
puluhan, babarengan jeung ngaluapna
produksi buah di Cianjur, akibat tina
kagangguna distribusi buah jeung
palawija, disusul oge ku “nasionalisasi”
parusahaan-parusahaan dagang Belanda
ku pamarentah pas harita. Buah-buahan
anu teu ka distribusi ngakibatkeun buah-
buahan eta jadi baruruk. Ngaluapna buah-
buahan nu baruruk eta, ngamunculkeun ide
pikeun ngawetkeun buah-buahan. Sanajan

4
awalna elmu pangawetan teh asalna di
China, tapi nu nyieun na nyaeta warga nu
didaerah eta keneh. Manisan buah nu
dijieun ku warga cita rasana oge beda
jeung nu dijieun ku orang China, bahkan
manisan buah Cianjur ngabogaan cita rasa
anu khas, anu matak ngabedakeun jeung
manisan ti daerah lain. Rasana leuwih amis
jeung haseum tina buah eta sorangan, anu
nimbulkeun rasa khas Cianjur. Ngaliwatan
proses nu cukup panjang, buah-buahan anu
asalna buruk kusabab jamur jeung kapang,
ayeuna mah jadi leuwih awet. Ciri khas
lain tina manisan Cianjur nyaeta cara
ngajualna disimpen dina toples-toples
kaca nu dijajarkeun, nu matak jadi daya
tarik pikeun nu meuli. Awalna buah nu
dijadikeun manisan teh ngan saukur buah
pala hungkul. Ayeuna mah leuwih
berkembang deui lain buah pala hungkul,
nyaeta aya manisan cangkaleng, mangga,
kadondong, salak, gedang, cereme,

5
balimbing, jambu batu, nangka, jeung
sajabana. Manisan buah Cianjur aya dua
macem, aya manisan baseuh jeung aya
manisan garing. Manisan baseuh contona
manisan cangkaleng, mangga, kadondong,
salak, gedang, cereme, balimbing, jambu
batu, jeung nangka. Sedengkeun manisan
garing nyaeta manisan nu kadar cai na
leuwih saeutik, contona manisan
kadondong, mangga, asem jawa,
bangkuang, jeung pala.
Manpaat tina manisan buah nyaeta
pikeun daya tahan tubuh jeung sumber
vitamin. Salian ti eta, manisan buah bisa
ningkatkeun waktu umur simpan buah jadi
leuwih awet.
2.2.2. Burayot

6
Burayot atau Ngagurayot nyaeta
tuangeun khas Garut ayana di Kec. Leles,
Kadungora, Wanaraja., Jawa Barat nu
hartosna “bergelantungan”. Burayot
ngagaduhan rasa nu amis jeung gurih, dugi
ka dipikaresep ku sadaya kalangan. Fungsi
kue burayot dina jaman baheula
disuguhkeun dina acara syukuran atawa
hajatan (khitanan, pernikahan dan hari
raya) henteu dilakukeun unggal dinteun,
tapi ayeuna kue burayot fungsina nyaeta
kanggo oleh-oleh, jajanan, camilan atawa
rencangna teh/kopi.
Kue Burayot ngawitana
diciptakeun henteu ngahaja. Kapungkur,
orang di padesaan biasana ngadameul

7
tuangeun hui atanapi sampeu anu
dicampur sareung gula bereum anu
diencerkeun. Cemprus nami kaeumamana,
namung cara ngadameulna rada seusah
akhirna Abah Onon salah sahiji pengrajin
lahang di kampung Dangdeur gagaduhan
ide. Sebab tiap sonten Abah Onon dan
Istrinya bi Acih sok ngaleueut sagelas teh
haneut direncangan bubuy sampeu
sareung gula bereum nu tos diencerkeun.
Sateurasna bi Acih nyobian
mengkolaborasi, ku sabab seueur tipung
beas nu aya sareung gula bereum kintunan
ti wargi anu bumina di bungbulang.
Saterasna bi Acih ngadameul adonan tina
tipung beas sareung gula bereum eta. Bi
Acih ngadameul modelna buleud
ngageleumbung rencangan ku putrana
ujang Jaja sareung tetanggina ujang Odo.
Manfaat kue burayot nyaeta
kanggo nambih tanaga nu dipriogikeun
badan kanggo aktivitas sadidinteun tina

8
karbohidrat dilebet kue Burayot. Menurut
kapercayaan di kampung, manfaat Burayot
nyaeta ngalancarkeun pencernaan.
Dihandap ieu nyaeta cara ngadameul kue
Burayot
2.2.3. Colenak

Colenak atanapi anu ogé katelah


peuyeum beuleum nyaéta nami anu
dicandak tina jajanan tina peuyeum (tapai
sampeu) anu kabeuleum anu didahar
dicelup dina gula beureum cair dicampur
asahan kalapa nu biasa di sebut entèn.
Jajanan ieu asalna ti Bandung, anu
diwanohkeun ku Aki Murdi di taun 1930.

9
Ngaranan tuangeun ieu mangrupikeun
kasimpulan kecap dina basa Sunda,
dicocol enak.
Kandungan gizi nu aya dina
colenak nyaeta energi 359,6 kkal, Protein
2,96 gr, Lemak 18 gr, Karbohidrat 50,72
gr, FE 2,28 gr. Manpaat colenak nyaeta
sumber karbohidrat, ngontrol tekanan
darah, nyegah anemia.
2.2.4. Nagasari

Nagasari nyaéta salah sahiji


kadaharan nu dijieun tina tipung béas,
tipung tarigu, santen, gula, jeung cau keur
eusina. Cau anu dipaké téh biasana cau
raja. Ieu kadaharan dibungkus ku daun cau

10
tuluy diseupan. Lian ti éta, nagasari ogé
mindeng dibungkus ku daun pandan
sangkan meleberna has jeung ngahudang
rasa nu ngadaharna. Nagasari pituin ti
Kota Jepara. Lamun di Makassar ieu
kadaharan disebutna roko unti.
Wanda
 Nagasari bodas, teu maké warna
kalawan ukur ngandelkeun bodas tina
santen
 Nagasari beureum, dijieun kalawan
campuran gula beureum keur
nambahan warna.
 Nagasari biru, dijieun maké campuran
kembang telang (Clitoria ternatea)
keur nambahan warna.
 Nagasari héjo, dijieun tina campuran
daun suji (Pleomele angustifolia syn.
Dracaena angustifolia) keur nambahan
warna.

Waktu

11
Nagasari bakal leuwih nikmat
lamun didaharna keur haneut kénéh
kalayan bari nyuruput cikopi. Ieu
kadaharan bakal haseumdina waktu sapoé
nepi ka dua poé. Ciri-ciri nagasari geus teu
bisa didahar téh biasana gaaleun (teuas)
jeung lamun dicabak bakal karasa leueur
jeung moal énak rasana ogé.

Anu ayeuna henteu dipikanyaho


persis ti mana asal kue Nagasari. Aya
sababaraha sumber anu nyebatkeun yén
Nagasari asalna di Jepara, di sisi sanésna
ogé aya anu nyebatkeun yén Nagasari
kuéh asalna ti Indramayu.

Nagasari atanapi Nogosari (istilah


dina basa Jawa) mangrupakeun jenis
tradisional kuéh baseuh anu populer pisan
sareng sok diturunkeun ti generasi ka
generasi dina masarakat jawa.

12
Sacara umum, kuéh Nagasari ieu
bakal salawasna aya dina dinten gedé
numutkeun kalénder Jawa. Kenduri
mangrupikeun mangrupikeun hiji
kagiatan anu salawasna nampilkeun kuéh
ieu. Numutkeun ka KBBI, Kenduri
mangrupikeun jamuan, nyungkeun
berkah, sareng miéling hiji kagiatan. Bisa
ogé disebut tradisi kasalametan.

Manfaat cau nyaeta ngaobatan


tekanan darah tinggi, buah cau ngandung
kalium anu tinggi ngan kadar uyah na
rendah ,nepikeun bisa nurunkeun tekanan
darah tinggi jeung panyakit stroke. Buah
cau mampu ningkatkeun konsentrasi.
Buah cau oge mampu ngobatan sembelit,
tiasa ngacegah kanggo ibu anu nuju hamil,
tiasa oge ngobatan panyakit maag jeung
luka usus, jeung nganbantu kanggo liren
ngaroko , pikeun nu hoyong liren ngaroko

2.2.5. Kueh Ali

13
Kue ali atanapi ali agrem nyaeta
salah sahiji tuangan tradisional sunda nu
asalna ti Karawang. Bentuk kue ali
sapertos donat sabab bentukna buleud
jeung bolong di tengahna. Kue ieu disebut
kue ali kusabab bentukna nu siga cincin,
dimana di bahasa sunda cincin nyaeta ali.
Kue nu bahanna ti tepung beas dicampur
jeung gula beureum teras digoreng, sok
aya disagala acara nu di jerona aya tradisi
masyarakat sunda sapertos hajatan, tujuh
bulanan, sunatan, jeung idul fitri.
Salah sahiji tempat nu masih
ngembangkeun kue ali ieu nyaeta Desa
Lemahmukti. di desa Lemahmukti, tukang
14
ali agrem masih ngajaga resep tradisional
dina nyieun kuéh ieu, ku kituna rasa kuéh
ieu langkung khusu sareng tetep
kaaslianna. Tapi tukang ali agrem ieu
ngeluhkeun ngeunaan kasusah pamasaran
keu ali agrem dina waktos ieu, kusabab
kurangna minta kue ieu, aranjeunna bisa
ngajual kue ieu upami aya acara-acara
ageung atanapi perayaan. Ayeuna pamor
ali agrem mulai ngaleungit sairing rea na
jajanan ti nagara lain nu lebet ka Indonesia.
Padahal rasa amis kue ali agrem jauh
leuwih enak tibatan kue ti nagara lain. Kue
Ali Agrem gandung energi nyaeta 440
kilokalori, protein 3,8 gram, karbohidrat
64,5 gram, lemak 18,5 gram, kalsium 27
miligram, fosfor 47 miligram, dan zat besi
2,5 miligram.
Manpaat kue ali agrem nyaeta bisa
ngalancarkeun pencernaan, sumber energi,
ngajaga kasehatan tulang.
2.2.6. Goyobod

15
És goyobod mangrupikeun salah
sahiji inuman tradisional Sunda anu cenah
asalna ti daérah Garut. dumasar kana
santan anu sami sareng és campur. Inuman
ieu dilakukeun tina és dicukur, susu
kalapa, gula cair, sareng ekstrak acuan
kacang héjo beku anu dikenal salaku
hunkwe. Bahan séjén kalebet alpukat
sareng kalapa abon. Urang tiasa tepang
anjeunna di daérah Bandung sareng daérah
Kulon . És ieu sampurna kanggo nginum
lamun hawa panas, karasaeun sérés.

16
Manpaat goyobod nyaeta pikeun
ngaleungitkeun dahaga jeung nyegerkeun
awak.

2.3.Cara Ngajieun Tuangeun Tradisional


2.3.1. Manisan Buah
Bahan-bahan :
 1 kg buah dibelah atau dipotong-
potong panjang
 Kapur sirih
 Cabe bereum
 Cengkeh
 Kayu manis
 Bahan sirop 1 :
o 1000 ml cai
o 250 gram gula pasir
o 1 sendok makan uyah
 Bahan sirop 2 :
o 500 ml cai
o 250 gram gula pasir
o Cabe bereum

17
o Cengkeh jeung kayu manis nu
dibungkus ku kaen
Carana ngadamel :
1. Keeum buah dina cai tiis anu geus
ditambahan 1 sendok kapur sirih.
Anteupkeun sapeuting terus buang
caina. Cai kapur sirih digunakeun
pikeun mere tekstur renyah dina
manisan.
2. Simpen buah dina toples kaca.
3. Bahan sirop 1 : cai, gula pasir, jeung
uyah digodogkeun nepika ngagolak.
Uyah nu digunakeun nyaeta garam
meja.
4. Campurkeun sirop tadi kana toples
kaca anu geus diisian ku buah.
5. Tiriskeun terus buang caina.
6. Bahan sirop 2 : cai, gula pasir, jeung
bungkusan nu isina cengkeh jeung
kayu maniss digodogkeun deui nepi ka
ngagolak, tapi teu ditambahan uyah
terus tiriskeun.

18
7. Campurkeun sirop jeung buah anu aya
di toples, buang bungkusan anu eusina
cengkeh jeung kayu manis, terus
asupkeun kana kulkas.
2.3.2. Burayot
Bahan- bahan:
 3 Liter Tipung Beas
 Kacang bereum
 1 ½ kg Gula Bereum
 ¼ kg Gula Bodas
 100 gram Santeun
 Sageulas Cai
 3 Bungkus Panelli
 Tarigu Sacekapna
 1 Liter Minyak Goreng
Cara ngadamel :
1. Siapkeun wadah teuras lebeutkeun
gula bereum, gula bodas, santeun,
sareung sagelas c. Panaskeun sampai
ngagolak.

19
2. Teuras lebeutkeun panelli , masak
dugi kaseungit.
3. Saatosna adonan keunteul angkat gula
teuras campurkeun tipung beas
sakeudik-sakeudik dugi ka rata.
Upami kirang kenteul tambihan tarigu
sacekapna.Kanggo ngadukna tiasa
nganggo baskom.
4. Siapkeun wadah nu atos dipasihan
minyak, nyandak adonan sacekapna
dibentuk buleud-buleud teuras
pipihkeun.
5. Sadiakeun katel, panaskeun minyak
sareung goreng burayot sakeudik-
sakeudik dugi ka asak, gunakeun
capitan supados bentukna kue burayot
supados kajagi, angkat teuras tiriskeun
6. Kue burayot siap dihidangkeun.

2.3.3. Colenak
Bahan-bahan pikeun nyieun colenak:
 500g peuyeum sampeu

20
 2 sendok Mantega
Bahan-bahan pikeun nyieun saos:
 santen 350 ml
 daun Pandan 2 lambar
 kalapa satengah buah ½ lawas
 irisan gula beureum 200 g
 uyah 1/4 sendok
Cara ngedamel colenak:
1. Peuyeum dibeuleum di ulas nganggo
mantega, di bulak balik nepi dua sisina
coklat

Cara ngadamel saos colenak bandung:


1. Santen kalapa sareng daun pandan
godog heula nepi ka ngagolak.
2. Tambah uyah bari di kocek dugi gula
tiasa ngalembereh leres.
3. Lebetkeum kalapa parut kana dekok
gula coklat anu anjeun aduk heula
dugi ka kandel.

21
2.3.4. Nagasari
Bahan-bahan :
 600 gram tipung béas
 daun cau
 150 gram gula bodas
 150 gram tipung tapioka
 1 uyah séndok téh
 800 cc santan tina 1 kalapa
 3 daun pandan
 plantains anu cukup lami, potong 4
irisan cm, teras dibagi dua
Cara ngadamel :
1. Panaskeun santan tambah daun
pandan, gula sareng uyah, upami
parantos parus tos, angkat.
2. campurkeun susu kalapa dina wadah
teras di campur sareng tipung béas
sareng tipung tapioka. Aduk rata.
3. Nyiksikan cau, 1 cau jadi 3 bagéan.

22
4. Candak daun, nempatkeun adonan
dina daun teras nempatkeun cau di
tengah. Bungkus nganggo daun cau.
5. Kukus salila 45 menit nganggo panas
sedeng.
2.3.5. Kueh Ali
Bahan-bahan :
 buah kalapa satengah kolot, dikupas,
diparut, teras disangrai nepi ka
warnana coklat
 75 gram gula beureum
 150 mL cai
 250 gram tipung beas
 75 gram gula pasir
 ¼ sendok teh uyah
 Minyak
Cara ngadamel :
1. Panaskeun gula beureu jeung cai nepi
ka ngadidih.
2. Asupkeun kana tipung beas nu tos aya
dina wadah teras aduk nepi rata.

23
3. Tambahkeun uyah, kalapa sangrai,
ulen nepi ka kalis. Icingkeun nepi 1
jam.
4. Candak 1 sendok teh adonan, bentuk
jadi buleud, teras teken bagian
tengahna ngarah bolong.
5. Goreng dina minyak panas nepi
warnana koneng kacoklatan.

2.3.6. Goyobod
1. Capmpurkeun tepung hunkwee
sareng santan runny. Kulub jeung
teu hilap aduk kalana. Ieu supados
henteu aya adonan anu macét ka
handap panci. Teruskeun dugi ka
kandel.
Adonan diangkat sareng nunda
dina asakan baking, teras antepkeun sina
seseg. Langkung saé janten henteu kandel
teuing supados langkung gampang
motong.

24
Upami anjeun hoyong tampilan
langkung warni és goyobod, anjeun tiasa
nambihan cai tina suji atanapi daun pandan
atanapi ngawarnaan kadaharan khusus.
Upami tanpa ngawarnaan, hasilnana
goyobod abu-abu semu coklat.
Salajengna nyiapkeun saos, cai
panas sareng gula coklat dugi dilebur.
Tambahkeun daun pandan sareng aduk
dugi ka ngagolak. Angkat sareng chill.
Sadaya anu tinggaleun nyaéta
nambihan kalapa ngora, alpukat sareng jeli
goyobod ka gelas. Tambahkeun és dicukur
sareng siram kalayan kaldu gula sareng
santan nurutkeun rasa anjeun.

25
BAB III

PANUTUP

3.1. Kasimpulan
Jadi salah satu conto tuangeun tradisional
tatar sunda teh nyaeta manisan buah, burayot,
colenak, nagasari, kueh ali, burayot, jeung sajabana.
Masing-masing tuangeun eta teh ngabogaak cita
rasa anu khas jeung mangpaat nu loba tur beda-
beda.
3.2. Saran
Saran ti panulis nyaeta, urang salaku urang
sunda kudu ngalestarikeun tuangeun tradisional ti
tatar sunda, ulah nepika kamunculan tuangan
moderen teh ngakibatkeun urang jadi poho kana
tuangeun tradisional daerah urang.

26
DAFTAR PUSTAKA
Fathy, R. (2019, Februari 15). Retrieved from
http://ensiklopedi.dapurrakyat.id/ensiklopedi/de
tail/3761
Fitriani, R. (2019). “BURAYOT” SEBAGAI KUE
TRADISIONAL GARUT. 60-61.
Kusdinar, A. (2017, Juni 10). Retrieved from
https://www.kompasiana.com/aguskusdinar/593
b7f1a519373bc1b5a033d/burayot-makanan-
tradisional-khas-garut

27

Anda mungkin juga menyukai