Anda di halaman 1dari 3

Kuda Hade Budi

Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai
bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung
di hareup maung nu keur gegerungan tea.

Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu
nyaaheun ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil maung nu
keur gegerungan.

Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-
akeyan.

Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang
Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg.

Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh
ku sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa
kana kalakuan Maung teh.

Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat,
sakeudeung deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah
dihareureuykeun kitu.

Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge
omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung
deui.
Sakadang Maung jeung Sakadang Bagong

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta
bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe
eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.

Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong
ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna
oge tangtu nya liat nya kelang.

Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu
dagingna empuk tur pelem.” Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang
maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.

Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina.
Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan
anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.

Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet kawas nu keur
bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang
Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.

Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari
kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan
anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring
rek neangan Sakadang Landak!”

Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku
Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu
asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek.

Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di
lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna
kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.

Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus
ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang
Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge,
ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika.
Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna.

Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.” Sakadang Maung
nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing
ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok,
disamualkeun.

Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung
gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar,
da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang
Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.

Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun


pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang
Landak oge manehna kahutangan budi. Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak
tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.

Anda mungkin juga menyukai