Anda di halaman 1dari 2

Bismillah heula ya 

TataruCcingan….. :

1. Aya 3 cakcak, nu dua keur garelut, nu hiji deui nongton hungkul, terus nu keur
nonton ujug-ujug murag. Kunaon tah?
JAWAB: Soalna pas tepuk tangan poho nyekelan.
2. Aya 5 cakcak keur ngumpul dina hiji lampu, terus lampuna ujug-ujug pareum,
sabaraha cakcak nua aya keneh deukeut lampu?
JAWAB: Tinggal 4 cakcak, soalna nu hiji deui indit nyokot senter.
3. TANYA: Kumaha carana ngabedakeun gajah gede jeung gajah leutik?
JAWAB: Disaring.
4. TANYA: Perusahaan naon anu paling gede?
JAWAB: Perusahaan nu ngaproduksi saringan gajah.
5. TANYA: Naon sababna oray teu bogaeun suku tapi titinggi sukuna loba?
JAWAB: Sabab pas pembagian suku si oray hoream datang.
6. TANYA: Mun gajah jadi hayam, kuda jadi hayam, domba jadi hayam, sapi jadi
hayam, terus hayam jadi naon?

JAWAB: Jadi loba lah selud 


7. TANYA: Cing naon sababna superman buukna ngan hiji nu keriting?
JAWAB: Mun keritingna loba mah ngaranna Supermie.
8. TANYA: Naon sababna mun hayam kongkorongok panonna sok peureum?
JAWAB: Soalna geus apal text-na.
9. TANYA: Pak Asep meuli hayam 5, isukan dipeuncit 2, tinggal sabaraha hayamna?
JAWAB: 5, kan dipeuncitna isukan.
10. TANYA: Naon sababna bangkok mun liwat rel kareta sok luluncatan?
JAWAB: Sabab mun muter mah karunya jauheun.
11. TANYA: Indung si Joni boga anak 5, ngaranna 1. Kantal 2. Kintil 3. Kuntul 4. Kentel
5. ………..?
JAWAB: Nya Joni lah.
12. TANYA: Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok?
JAWAB: Hayam paeh.
13. TANYA: Hayam naon anu jumlah sukuna aya 1002?
JAWAB: Hayam nu keur gelut jeung titinggi.
14. TANYA: Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?
JAWAB: Tinggal turunna.
15. TANYA: Gajah keur ulang taun. Sakumna sasatoan geus daratang, iwal tititinggi,
naon sababna?
JAWAB: Sabab make sapatu heula, lila (loba teuing sukuna).

16. TANYA: Kapas 3 kg, batu 3 kg, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana?
JAWAB: Nyeri suku.
17.  TANYA: Kunaon tukang baso nakolan mangkok?
JAWAB: Ku sendok.
18. TANYA: Jalma meuli kasur keur naon?
JAWAB: Keur beunta.
19. TANYA: Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui?
JAWAB: Kari 9 da nu kempes teh ditiup deui .

Anda mungkin juga menyukai