Anda di halaman 1dari 1

aduh dulur pek lenyeban

bisina urang hirup kamalinaan

urang lahirna ka dunya


estu euweuh nu di bawa
teu aya daya upaya
oge can aya kabisa
aduh dulur cing boga rasa rumasa

harta dunya bisa beak


luhur pangkat bisa pegat
kabeh ngan ukur saliwat
ti alloh eta amanat
bakal aya tanggung jawab di akherat

Hirup ulah neko neko


asa benghar asa jago
osok nincak kajalma anu kokoro

so pinter loba kanyaho


kanu bodo ngabobodo
eta pasti gusti alloh
moal rido

harta ngan ukur titipan


sakadar ka pihapean
kade omat uloah sok kamalinaan

hirup ulah kokomoan


nyiar dunya kokomoan
apan nyaho dunya teh rek ditinggalkeun

mugi mugi urang kabeh


disadarkeun
mugi mugi gusti alloh
nyalametkeun

Anda mungkin juga menyukai