Anda di halaman 1dari 2

DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN

SD NEGERI SUKAWERA
PENILAIAN AKHIR SEMESTER 1
TAHUN PELAJARAN 2020/2021

Nama : ............................. No absen:…………………


Hari / Tanggal : ............................ Waktu : 90 Menit
Kelas : III (Tiga) Tema : 4

Maca dongeng
“Si Kabayan Ngala Nangka”
Si kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nukolot ngala nangka teh Kabayan! “ceuk
mitohana. Kencling si Kabayan indit ka kebon, nyoren bedog rek ngala nangka. Barang tapi ka
kebon, si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggihan hiji nu geus kolot tur gede pisan.
Tuluy wae nangka teh ku si Kabayan dipalidkeun ka walungan. “Jung wae balik ti heula, da
geus kolot ieuh” ceuk si Kabayan nyarita ka nangka. Barang nepi ka imah, si Kabayan ditanya
kumitohana.
“Kabayan menang teu ngala nangka teh?” komo wae meunang mah, aya gede, nya kolot”.
Tembal si Kabayan.
“Mana atuh nangkana?” Tanya mitohana. “har naha can datang kitu? Apan tadi nangka teh di
palidkeun sina balik tiheula”. Ceuk si Kabayan.
Ari maneh mani bodo-bodo teuing, moal enya nangka bisa balik sorangan, “mitoha si Kabayan
keuheuleun pisan.
Dicutat tina buku Jurig Kabayan
Kenging Tini Kartini
I. Pek jawab pananya di handap ieu dumasar kana wacana dongeng!
1. Naon judul dongeng di luhur teh?
2. Saha nu nitah si Kabayan ngala nangka?
3. Nangka nukumaha nu diala ku si Kabayan?
4. Dikumahakeun eta nangka teh?
5. Jadi saha nu bodo dina eta dongeng teh?
II. Cakta (x) salah sahiji jawaban anu dianggap bener !
6. Si udin budak bangor, sanajan geus dipapatahan, tetep bae teu bisa ngarobah kalakuan.
Paribasa anu loyog jeung sifat si Udin, nyaeta . . . .
a. Adigung adiguna c. adat ka kurung ku iga
b. Asa teu bengeutan d. agul ku paying butut
7. Nyi imas pada mikaresep ku babaturana, sabab manehnamah . . . kasasaha.
a. Amis budi b. laer biwir c. kurawed d. jomotrot
8. Anu teu kaasup waragad dinu nyieun imah, nyaeta . . . .
a. Batu bata b. keusik c. aspal d. kenteng
9. Dewi sartika urang bandung, dibabarkeunana di . . . .
a. Ciamis b. cicalengka c. cinema d. soreang
10. Pahlawan nyaeta jalma anu boga . . . keur kamajuan nagara.
a. Harta gede c. jasa banda c. imah agreng d. perusahaan
11. Pandanmah kaambeuna . . .
a. Seungit c. bau c. haseum d. hangseur
12. Bandros nu rasana asin sok makae. . .
a. Uyah b. gula c. kecap d. saos
13. Cirina budak sakola lantaran nyorendangkeun tas nudieusi . . .
a. Kadaharan b. bubuahan c. buku-buku d. babarangan
14. Bagongmah boga sanjata, ngarana . . . .
a. Iring b. tangga c. sihung d. sirah
15. Saha pelaku utama dina di dongeng di luhur . . . .
a. Nyi Iteung b. si kabayan c. si Abah d. si Ema

II. Lengkeupan kalimah di handap ieu make kecap nu geus disadiakeun!

16. Curug Cijalu ayana di kota . . . . (……) a. Bogor


17. Tangkuban Parahu ayana di kota . . . . (……) b. Subang
18. Pangandaran ayana di kota . . . . (……) c. Ciamis
19. Waduk darma ayana di kota . . . . (……) d. Cirebon
20. Kebon raya Bogor ayana di kota . . . . (……) e. Kuningan
21. Tukang moro leuweng disebut . . . . (……) f. palika
22. Tukang macul di sawah disebut . . . . (……) g. paninggaran
23. Tukang ngala lauk di laut disebut . . . . (……) h. pamoyang
24. Tukang ngabantuan nu ngajuru disebut (……) i. paraji
25. Tukang teulem disebut (……) j. patani

Anda mungkin juga menyukai