Anda di halaman 1dari 3

WAWANCARA BASA SUNDA

PENYUSUN
RIO SUGIHARTO (KETUA)
MOHAMAD ZAKI T
YOGA HARIS Y
RISNA RAHMADANI
SALSA AULIYA LATIFAH
SISKA CANTIKA A
SITI NURFADILLAH
VELISA NURUL R
WULAN DESMAWANTI
PENDAHULUAN
A.IDENTITAS NASKAH
MATA PELAJARAN:BAHASA SUNDA
KELAS/SEMESTER:X IPA 7
LOKASI/WAKTU:KP.SIRNAGALIH RT/RW 01/12 DESA WANAKERTA/11.00 WIB
JUDUL NASKAH:WAWANCARA PEDAGANG

B.NASKAH WAWANCARA
SISWA: Assalamu’alaikum? Punten ibu sateuacana bilih abdi ngawagel waktos na
sakedap.Abdi sadaya ti SMAN 3 GARUT,tepangkeun nami
abdi;RIO,ZAKI,YOGA,RISNA,SALSA,SISKA,SITI,VELISA,WULAN.Dipasihan pancen bahasa sunda
dipiwarang ngawawancara salah saorang pedagang warung, pami tiasa abdi sareng
rerencangan bade ngajantenkeun ibu pikeun narasumberna?
NARASUMBER: Waalaikumsalam wr wb, muhun mangga tiasa
SISWA: Hatur nuhun bu, abdi ngawitan ngawawancara,punten nami ibu saha sareng yuswa
ibu sabaraha?
NARASUMBER: Nami ibu Rika,yuswa 27 thn
SISWA: Sabaraha pikeun modal kawitna ibu ngabuka usaha warung?
NARASUMBER: Ngawitan ibu ngabuka usaha warung teh kirang langkung kana 5 jutaan
SISWA: Naon bae anu di ical di warung ibu teh?
NARASUMBER: Rupi rupi aya jajaneun murangkalih, sembako, sareng sajabana
SISWA: Kunaon ibu milih usaha warung katibang usaha anu sanesna?
NARASUMBER: Sabab di daerah ibu mah teu acan aya warung sapertos ibu
SISWA: Saha bae anu ngabantosan ibu pikeun icalan di warung ieu teh?
NARASUMBER: Anu ngabantosan ibu mah biasana putra ibu atanapi wargi ibu
SISWA: Dimana ibu ngagaleuh bahan bahan pikeun kaperluan dagangan di warung?
NARASUMBER: Biasana ibu ngagaleuh bahan bahan pikeun warung teh di toko grosiran
tempat di pasar cibatu
SISWA: Naon bae suka dukana janten usaha dagang di warung?
NARASUMBER: Sukanamah nyaeta ibu kenging untung anu tiasa ngabantosan ekonomi
kulawargi ibu, upami ayenamah ku ayana pandemi kekengingan ibu turun
SISWA: Sabaraha omset kekengingan ibu sadidinten tina usaha ngawarung teh?
NARASUMBER: Upami kanggo omset mah teu tangtu kumargi icalanmah ngagantung ka anu
meser. Upami nuju rame mah biasana sadinten tiasa dugika Rp.800.000
SISWA: Mulai ti tabuh sabaraha wae ibu icalan di warung teh, sareng tutupna tabuh
sabaraha?
NARASUMBER: Buka warung mah tabuh 06.00 wib, upami tutup warung mah tabuh 18.00
SISWA: Aya anu bade ibu cariosken deui anu sanesna,kangge tips usaha ngawarung ?
NARASUMBER: Percaya diri sareng jujur niatan kanggo ibadah
SISWA: Hatur nuhun bu kangge waktosna punten bilih abdi sadaya ngawagel waktos
ibu,sareng bilih aya kalepatan tina proses ngawawancarana,abdi neda hapunten .
assalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai