Anda di halaman 1dari 3

“ TUGAS WAWANCARA BAHASA SUNDA “

NAMA : NUR ILHAM SITI M.

ERIS RISMAWATI

KELAS : X AKUTANSI

SMK JAGARA DARMA


TAHUN AJARAN 2019/2020
Pewawancara : Assalamualaikum? Tepangkeun abdi Nur Ilham sareng Eris. Punten
sateuacanna bu, ieu sim abdi dipasihan pancen basa sunda di sakolaan
saurna kedah ngadamel laporan wawancara, kinteun kinteunna tiasa teu
abdi bade ngawawancara ibu sakedap?

Narasumber : Waalaikum salam muhun mangga neng

Pewawancara : Bu, punten nami ibu saha?

Narasumber : Bu Eeulas

Pewawancara : Naon bae bahan-bahanna anu bade didamel tempe teh?

Narasumber : Kacang kedelai, ragi tempe, daun cau.

Pewawancara : Kumaha bae cara-carana ngadamel ieu teme teh?

Narasumber : Dikumbah kacangna, dikeeum 13-18 jam, dikulub, dibibitan, ke tos rada
haseum, dikumbah, dihaneut keun nganggo ragi, ke di cetak.

Pewawancara : Bu punten tiasa ningali, mana contona, tempe anu tos janteen sareng anu

bade didamel tempena keneh?

Pewawancara: Sok dimana wae ibu icalan ieu tempe teh?

Narasumber: Di simpenan di warung-warung sareng di pasar.

Pewawancara: Ti iraha ibu nga produksi ieu tempe teh lami na tos sabaraha taun?

Narasumber: abdi lamina tos 28 taun

Pewawancara: Ohhh.... Teras naha ibu milih jadi tukang ngadamel tempe?

Narasumber: Neraskeun warisan ti orang tua, sareng hasilna tiasa kanggo kebutuhan sehari-
hari

Pewawancara: keur naon bae ieu manfaat tempe teh?

Narasumber:Seeur protein na, didamelna oge secara alami, henteu nganggo pengawet sareng
dikonsumsi nage aman

Pewawancara: ohh.. uhun ibu, aya nu sabaraha bae ieu tempe hijina sareng kinten-kintenna,
harga penghasilan sapoena sabaraha?
Narasumber: Upami langsung tidieu namah aya nu, 800, 1.200, sareng nu 3.000, tergantung
ukuran tempena, penghasilan namah sekitar 50.000 sapoe, tergantung ngadamelna sareng
sakumaha pajengna (laku)

Pewawancara: Ku saha mimitina ideu ngayakeun ieu tempe?

Narasumber: Ti sepuh ibu

Pewawancara: Saha bae nu sok giring kana ngadamelan tempe, nyalira atanapi aya deui nu
sok ngabantosan ibu?

Narasumber: Upami ngadamelan tempe namah ibu sareng putra ibu, margi ieu mah ngadamel
tempena oge gan sakedeik teu sapertos pabrik nu sanes. Oh.. uhun ibu hatur nuhun dina
waktosna

Pewawancara: Ouhun neng sami-sami

Narasumber: Assalamualaikum

Pewawancara: Waalaikum salam

Anda mungkin juga menyukai