Anda di halaman 1dari 2

BIANTARA SUNDA

Nama : Tania Permata Putri


Kelas : XA4
Absen : 32

Salam sejahtera untuk kita semua

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana


kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat
kalwan dina kayaan sehat walafiat.

Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.


Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo
urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan
sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku
margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di
kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun...
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”

Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta
urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang
sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor
boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta
sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di
sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta
kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa,
bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana
jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami
ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih
getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.

Para wargi anu mulya.


Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu
kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa
ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb.

Anda mungkin juga menyukai