Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing (korma)
- Abdi tehkapiring leutik, kaisinan ku gamparan (pisin) - Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah pikir (pengis) - Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing (asu) - Aya nu dianjing cai, aya nu diheroan (sero) - Balandongan ngujur jalan, sok hayang los bae indit (elos) - Bareto ge batu pirus, juragan geuning pelekik (angkik) - Beas ditutuan deui, iraha bisa patepung (tipung) - Belut sisit saba darat, kapiraray beurang peuting (oray) - Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita (kareta) - Bentang baranang di imah, samar bisa tepang deui (damar) - Beulit cinggir simpay tangan, salamina hamo lali (ali) - Beuying leutik simkuring mah, ari ras sok cimataan (amismata) - Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti (roti) - Bilangan Jawa nu tujuh, abdi mah somah pituin (pitu) - Bulu panon wates taar, kapan seueur anu geulis (alis) - Buntut jarum pangaputan, bati kelar teuing pikir (kukular) - Cakcak gede kadal bilik, ulah dipake mokaha (toke) - Careuh beureum pasawahan, tur dusun leuwih ti misti (lasun) - Cariang beureum beutina, neda carios nu puguh (cariu) - Catetan bulan jeung taun, engkang mah menak utami (almenak) - Cikur jangkung pamuraan, paralay teuing nu geulis (panglay) - Cinyusu kentel dimasak, ulah tega-tega teuing (mantega) - Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim (elim) - Daun tuhur na tangkalna, ari ras ka diri nyai (kararas) - Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkewok teu kanyahoan (tewok) - Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani (Cikuray) - Ekek lembut pupuntiran, tingsaredet kana ati (serendet) - Engkang teh ngajukut laut, seger mun tepung jeung nyai (lamun) - Estu dipalupuh nangtung, kapimilik beurang peuting (bilik) - Gagang atah keur lumayung, engkang jelema ginding (gumading) - Gedong luhur panenjoan, narah keur saheulaanan (munara) - Gedong ngambang di sagara, kapalang wawuh jeung nyai (kapal) - Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binangkit (rumah sakit) - Gunting pameulahan jebug, kacipta bae ku ati (kacip) - Hayam Cempa lalayaran, matak teuing nyeri ati (meri) - Hayam sawah dipiara, abong nu apes ka diri (meri) - Jagong tuhur beunang ngunun, dunungan bagea sumping (emping) - Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana (cara) - Jukut jangkung pinggir gunung, hate engkang panas peurih (eurih) - Kacang panjang disayuran, bati ngageremet ati (kacang gamet) - Kacang panjang gegebengan, sakieu darajat kuring (jaat) - Kadeuleu langgir caina, kayap keyep anu geulis (keuyeup) - Kalong cilik saba gedang, sumedot rasaning ati (cocodot) - Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun (barangbang) - Kembang biru di astana, moal pegat-pegat asih (solasih) - Kembang biru munggeng kubur, mugi engkang welas asih (solasih) - Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran (jeruk) - Kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati (bedug) - Koja awi dihuaan, sageuy teu kasorang eulis (korang) - Kuring teh kamenyan koneng, rumaos kawiwirangan (walirang) - Kutu baju kuar sinjang, moal weleh tumarima (tuma) - Laleur hideung panyeureudan, kilangbara urang jadi (bangbara) - Lampu tilu damar dua, moal ngarancabang pikir (lampu cabang) - Langgir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap keyepna (keuyeup) - Lauk panjang dina parung, ari emut merod pikir (berod) - Manuk beureum saba eurih, hate asa didudutan (manuk dudut) - Manuk hawuk beureum suku, katingal keur imut leutik (galatik) - Manuk rengge saba ulam, sok komo lamun geus jadi (caladi) - Manuk tukung saba reuma, uyuhan jadi ka nyai (puyuh) - Matak ngajampana bugang, panasaran ku lenjangna (pasaran) - Mencek leutik saba alas, abdi sanggem ngarencangan (peucang) - Meong tutul saba kasur, cing atuh kumaha kuring (ucing) - Monyet hideung sisi leuweung, susah teu aya tungtungna (lutung) - Mun jajan sakadar tipung, upami kagungan rabi (surabi) - Mun yaktos mangsi Malayu, anjeun teh cinta ka kuring (tinta) - Ngan bati ngajahe leuweung, nya pikir puyang-payengan (lampuyang) - Nyiruan genteng cangkengna, masing mindeng pulang anting (papanting) - Nyiru gede wadah bangsal, engkang mah sok sindir lampir (tampir) - Paribasa petis Cina, hayang nepi ka cacapna (kecap) - Peso pangot ninggang lontar, acan katuliskeun diri (tulis) - Peso petok kewung tungtung, hayang kapiajang teuing (kujang) - Peuteuy leubeut panjang gagang, ka diri saha nu watir (petir) - Piring jati dulang leah, tinggaleun kari waasna (bahas) - Puguh ge ubar muriang, nu hina leuwih ti misti (kina) - Puter putih saba lembur, engkang seja bela pati (japati) - Rebab jangkung di pandopo, nalangsa lebeting galih (tarawangsa) - Reregan sabudeur imah, kasangsara siang wengi (kasang) - Ruas awi dirorekan, pikir asa selang seling (suling) - Sampalan tengah sagara, laun-laun sugan jadi (alun-alun) - Senggal hideung saba ranca, tembong lelewa nu manis (lele) - Sieun teu kapancar-kawung, kabiruyungan ku eulis (ruyung) - Sieun teu kauntun tipung, sieun teu kalaksanakeun (laksa) - Simeut jangkung panjang buntut, entong karooh ku abdi (papatong) - Sok matak kapiring leutik, matak isin diri kuring (pisin) - Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk cipanon bijil (curuluk) - Sok reueus nu ngejo atah, reueus jadi menak sugih (gigih) - Tangkal pare parungpungan, kudu ka pada utami (jarami) - Teu beunang di hurang sawah, teu beunang dipikameumeut (simeut) - Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang (hayam) - Teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan (sasagon) - Teu beunang disitu lembur, teu beunang diulah-ulah (kulah) - Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun (kejo) - Teu puguh monyet hideungna, asa teu puguh tungtungna (lutung)