Kabayan :
Iteung :
Emak Kabayan :
Nyi Ndit :
Nyi Iteung, pamajikanana Kabayan teh nuju hamil ngora. Manehna teh ngidam hoyong
pisan Nangka, tapi si Kabayan nu dasarna kebluk, tara daek ngala Nangka. Dina hiji
isuk, Iteung nyamperkeun Kabayan nu keur sasarean di bale hareupeun imah.
Saking keheulna, Nyi Iteung angkat ka bumi emakna Kabayan. Sanepina di bumi
emakna Kabayan.
Emak sareng Iteung balik ka imah Kabayan. Sanepina di imah Kabayan, Emak sareng
Iteung ningali Kabayan nu sare keneh dina bale.
Kabayan mangkat neangan Nangka. Tapi Kabayan teu terang, tangkal Nangka nu keur
buahan teh dimana. Sapanjang jalan, manehna luak-lieuk neangan Nangka. Akhirna
manehna manggih hiji tangkal Nangka nu buahna leubeut.
Kabayan : Hahhh! Akhirna kuring manggihan Nangka! Karolot deui
Nangkana!
Kabayan langsung naek ka tangkal Nangka nyokot hiji Nangka nu pang kolotna. Teu lila
anu boga kebon datang. Kabayan langsung turun ti tangkal Nangka.
Kabayan : Haduh kumaha ieu! Nyi Ndit datang! Mana kacida galakna deui!
Kabayan lumpat ka ragasi nu aya di tukangeun kebon. Kabayan malidkeun eta Nangka.
Kabayan : Nangka, jung balik tiheula nya! Kuring rek kabur heula!
Nangka teh kabawa palid ku cai, teu lila, nu boga kebon datang.
Nyi Ndit : Heh! Sia keur naon di kebon aing! Maneh rek maling?
Kabayan : Henteu Nyai.
Nyi Ndit : Ah sia! Alesan wae! Ngaku weh ari rek nyopet mah!
Kabayan : Bener Nyai, teu bohong!
Nyi Ndit : Demi naon sia, Kabayan?
Kabayan : Demi Nyi Iteung, Nyai!
Nyi Ndit : Alah, sia! Nyopet mamawa ngaran pamajikan! Hayu
milu jeung urang! Urang ka imah Pa RT!
Kabayan : Duh, nyai! Ulah atuh! Bener abdi teh teu nyopet! Sok mana
barang buktina!
Nyi Ndit : (Mariksa Kabayan) Heueuh geuning, euweuh! Jung geura
mangkat, sia! Ulah kadieu deui!
Kabayan : (Lumpat) Dadah, Nyai!!