Anda di halaman 1dari 5

EUIS JEUNG BUTET

(Pipit Senja)

Imah anu ngariung lima disaburuankeun di wewengkon Margaluyu ngadadak rame ku musik
dangdutan. Sakabeh panon lir dihipnotis museur kana layar kaca. Lobaan oge panon teh. Geura we
tataan, nya? Di barisan panghareupna aya panon Peter, Arestia, Zakia jeung Istiqomah. Sisi kenca-
katuhueunana aya panon Habibah, Reza, Aulia, Bayu, Amin, Nunik…

                Ambuiiing, etah panon Adzimattinur budak lembut umur dua taun anu kuduna wanci
ngeleyep lir lampu lima watt oge… pipilueun, euy!

Jleeeng!

Geus ngabaku tamah Butet ngajleng tilu umpakan disakaliguskeun ti loteng. Siiiuuuut… hhhkkk,
cenah, manehna ngerem disakalikeun deui bae. Sajongjongan mah budak awewe umur tiluwelasan
teh molotot mata simeuteun, heran mireng kalakuan barudak. Enya dulur-dulur sabrayna, sanini-
saaki ti pihak indungna.

Indung jeung bapana geus taya dikieuna alatan kacilakaan kapal terbang dua taun katukang.
Mimitina mah Butet dirawatan ku kulawedet bapana. Ngan beak dikakaya ku emang-bibi jeung
dulur-dulur sabrayna di Jakarta. Sataun kaliwat kulawedet indungna hasil meunangkeun hak
perwalian Butet, numutkeun kaputusan Pangadilan. Moal bisa diganggu gugat deui, ongkoh budakna
oge leuwih bagja cicing di tengah kulawedet indungna.

Aya sawatara sekon mah panon Butet kabawakeun museur kana televisi 30 inch. Ngan barang
pirajeunan ngareret ka palebah lawang panto, bet aya anu ngurumuy, dikukuncung hideung lir…
naon nya?!

            “Whooooaaaa!” Butet ngaweuleuhweuh, kituna teh bari adugabret tea.

Gorowokna kontan dibarengan ku gorowok barudak, antukna pating jarerit pating koceak
alahmanan di pajagalan weh. Puguh imah utama paragi Nini Dijah  niis anu sasarina adem-ayem, tiis
tingtrim teh ngadadak ibur.

Atuh anu nyicingan imah kenca-katuhueunana oge rajol, teu sirikna tibabaranting muru rohang
kulawedet Nini Dijah. Tingali we geura, Tanteu Irin, Tanteu Riani, Tanteu Siti kalih caroge sewang-
sewang; Um Didih, Um Bimo jeung Um Danang. Aeh enya, Tanteu Riani jeung Tante Siti mah
kocapkeun keur garendut deui. Sarua umur utun injina teh deuih tujuh bulan. Mani kompak, nya?

            “Astaghfirullaaah…” Euis ngagerencem bari gogodeg.

Cikeneh Euis oge sukses luncat disakalikeun tina tetecean pangluhurna. Bubuhan taekwondoin ti
lelembut, rengkak paripolahna mungguh sing sarwa rancingeus. Nasibna sarua jeung Butet, kiwari
dirorok ku kulawedet indungna di Cimahi. Saminggu ti kajadian indung-bapa Butet katiwasan, Euis
oge kamusibatan. Mobil indung-bapana ragrag ka jurang di Puncak.
Samemeh ngahiji di imah anu jadi nini, Euis jeung Butet hirupna lir kalakay. Taya sumanget,
sararedih, mungguh matak pikarunyaeun anu ningal. Ngan barang geus ngahiji sataun kaliwat,
pasipatan maranehna dadak sakala robah total. Balik deui sabihari, sumanget, pinter, resep heureuy
malah ngaharib-harib atraktif.

Ongkoh remen kawenehan nembongkeun kamampuhna, nyaeta kakuatan supranatural, telekinetik.


Ngan tara dikaluarkeun sambarangan, kitu we lamun nincak kaayaan darurat.

“Aduuuh, aku pikir dia itu… dia itu… poconglah!” beungeut Butet tangka pias lir… pocong!

Sakapeung nyaritana direumbeuy keneh ku lentong Batak. Bubuhan bapana Daniel Rajagukguk, asli
terah Batak. Manehna tutunjuk keneh ka palebah Haekal.  Karek balik ti masjid, pirajeunan sarungna
dibagudedkeun kana sirahna.

Barudak eureun ributna sanggeus lalumpatan kana tangkeupan indungna masing-masing. Peter,
panggedena ti tiluwelas incu nyampeurkeun Haekal anu geus ngudaran sarung hideungna.

Peter lanceukna Haekal, Zakia, Istiqomah, Habibah jeung Aulia. Maranehna anakna pasangan Um
Didih-Tanteu Irin. Amin jeung Nunik anakna pasangan Um Bimo-Tanteu Siti. Sedengkeun Reza,
Arestia jeung Bayu anakna pasangan Tanteu Riani-Um Danang. Ari Euis anakna Andini, dulur kembar
Andina indungna Butet. Anakna Nini Dijah-Aki Aba (tos maot) anu kadua.

“Nyingsieunan bae!” ceuk mahasiswa Kedokteran Unpad, nonjok laun beuteung adina. Haekal,
mahasiswa Teknik Informatika-ITB malik kukulutus.

 “Sakieu kasepna geura… kalah disangka pocong? Wheeeiii!” Manehna pamer beungeut. Cengar-
cengir tampa dosa, kereeen!

            “Mana kutahu kalau itu kau!” Butet ngumpulkeun pangacianana.

            “Salah sorangan! Sidikanan wancina dialajar, kalah lalajo…”

            “Ngeboooor… Inuuul!” barudak gasik megat kalimah Haekal. Bari pating irihil ayeuna mah.

            Puguh Tanteu kalih Um garogodeg. Sajongjongan mah para sesepuh mere piwejang, kuliah
sacara estafet tea. Barudak bati arunggut-unggutan, heueuh-heueuh buek, duka didenge henteuna
mah. Karek rengse kuliah estafetna basa aya sora bel.

Nini Dijah  nembe uih ti pangaosan. Mangkaning pangaosan Ibu Guru, tangtu aya berekatna teh.
Bener we, barang panto dibuka ku Um Didih, lol Nini Dijah ngajingjing kantong keresek eusi
berekat… Ana gerewek teh!

            “Nini…!” ceuk sawareh.

            “Berekaaaattt…!” ceuk sawarehna deui. Barudak pating beretek moro Nini Dijah. Meh weh
anu jadi Nini Dijah ngagubrag nyungsep. Hadena Butet kompak jeung Euis gasik nyangga tonggong
ninina.

“Masya Allah! Na aya barudak…” Nini Dijah  teu kebat gegelendeng. Buru-buru masrahkeun
berekatna ka Peter anu pangmerodna ngengenyang keresek tina panangan ingkang nini.
Henteu gede henteu leutik sarua bae. Resep jeung panasaran ari geus marebutkeun nini-nini… ups,
berekatna! Rek beunang rek henteu da apal kadaharanana oge teu sabaraha. Pentingna mah eta
palebah silih sered silih dorong, kituna teh bari pating cikikik. Heee-booooh, Meeen!

            “Asoooy…” ceuk Peter bari ngaronyok berekat.

“Gebooy, euy…!” adi-adina nyambung.

            Haekal gogodeg, manehna mah ngakuna geus jadi ikhwan. Getol ka masjid, aktif di pangajian
boh di kampus boh di kampung, leubeut bacaan Al Quranna, fasih hadis Rasulullah. Karesep make
baju koko, calana bodas, peci bodas, sakapeung nyalindangkeun burdah atawa sajadah. Disarebutna
oge Al Ustadz Komputer, pedah eta cenah kacanduan ngadedeluk nyieun program komputer. Tapi
kituna teh bari jeung tara poho nyiar elmu pangaweruh Islam.

            Koloyong Haekal ka hareupeun televisi, jetrek dipareuman. Sedengkeun para Tanteu kalih
caroge sanggeus amitan ka Nini Dijah mah, nyalingkir baralik deui ka imahna masing-masing.
Sareretan Euis mireng Tanteu Siti jeung Tanteu Riani gegerendengan teu jelas, kituna teh bari
ngusapan beuteung. Amit-amit jabang bebi sugan?

Sakedapan mah Euis jeung Butet bati ceuleumeut, heg silih teuteup. Kajadian siga kieu,
marebutkeun berekat nini-nini geus biasa deui di kulawedet Margaluyu 75. Ngan angger we matak
kaget maranehna.

“Miluan?” ceuk Euis bari ngiceupan Butet.

“Oce Booos!” tembal Butet. Antukna budak ABG, ceuk basa gaulna mah, miluan ngaronyok berekat.

***

Basa baralik deui ka kamarna di loteng. Butet jeung Euis nyigeung fenomena Inul Daratista. Mimitina
mah maranehna teu apal ka biduan dangdut Pasuruan, Ratu Ngebor. Ngan babaturanana di sakola
asa mingkin rame bae nyaritakeun Inul Surinul, eh, Daratista. Jadi weh kabawakeun panasaran!

“Vokalna mah payah-payah-payaaaah pisan, nya!” Euis kukulutus.

“Barina ge lain vokalna anu dijual, tapi ngeborna, goyang dombreeet!”

“Heeh, gara-gara digencarkeun pisan beritana ku media televisi…”

“Yap, bajinguklah itu!”

Euis mesem ngadenge lentong Butet anu dipikanyaah. Manehna ngarandeg hareupeun kamarna.

“Eh, Tet… Tadi teh naha enya kabehanana keur lalajo si Inul?”

 “Iyalah begitu. Aa Peter pun kulihat tadi ikutan melototin ngebornya!” Butet gagaro buukna anu
dijilbab kaos. Gancang dileupaskeun jilbab kaosna, breh weh buukna anu trondol. Persisss budak
lalaki!
Euis mureleng kana trondolna, curiga. “Naon… kutuan, katombean?” Meh sataun babarengan, Euis
asa tacan mireng buuk Butet manjangan. Hayoh weh pondok, sakitu-kitu keneh. Sugan dicukuran
sorangan?

“Enak saja kau!” Butet nyureng. “Ngebor… do you remember, ngebooor?! Ini urusan si Inul lah, Euis.
Bukan rambutku, bah!”

Euis nyengir. Dasar anak Batak. Sanajan sabeulah oge, angger we make bah, bah jeung lah. “Kan
ngebornya identik sama kutuan, ketombean, hihihi…”

Euis loncat asup ka kamarna. Kahayangna mah gancang ditutup. Eeeh, edas we! Butet gasik
ngaganjel pantona ku sabeulah sukuna. “Bah! Tacan beres ngabahasna, yeuh, Iiis!” cenah
ngahembos lir anu kaladaan cabe hejo bae.

Panonna nyureng ngaburilak lir panon heulang. Euis garo-garo teu ateul, ngarorod kaos jilbabna,
lung diapungkeun kana luhureun dipan. Bayatak ku buku. “Ngebut nyieun laporan penelitian cai tea,
Butet. Help, don’t disturb please…” cenah kadenge serieus.

“Deueu, abong-abong finalis murid teladan sa-Cimahi!”

“Ulah sinis kitu atuh, Neng! Suer serieus, yeuh! Lamun kapilih apan meunang bea-siswa. Lumayan 
keur ngurang-ngurang beaya Nini…”

Panon Butet ngaburilak deui. “Egoooiiis!” cenah lir gemeseun.

“Aduuuh… asuplah, asuuuup!” Euis ngelehan, Sup Butet ngabebeskeun awakna anu bongsor ka jero
kamar Euis. Bener bayataaak!

“Demi kebaikan umat nih, yeaaah?” cenah sumanget ku ghirah Islam.

“Rek ngabahas naonana sih?” Euis henteu sabar.

“Soal si Inul Surinul itulah tadi. Cem mana kau ini, hah…?!”

“Hahaha…” Euis nyeuleukeuteuk. Bener-bener asli mbataaak! Butet teu malire anu kagugu ku
lentong manehna. Der manehna nuluykeun kahariwang hatena.

 “Ini nggak bisa dibiarkan lagi, Is! Ngebor Inul makin marak saja di media. Betul-betul sudah jadi
wabah… Apa mereka nggak kasihan sama generasi kita? Mending kalo anaknya menyikapi dengan
baik dan benar. Kalo menyikapinya negatif… gimana hayoo?!” Mani nyoroscos lir hujan ninggangan
kenteng bae.

Euis bengong. Saha anu nyangka, budak anu asalna apatis, a-sosial, robah total? Kebek ku empati,
perhatian kana situasi-kondisi lingkunganana.  Ti iraha nya kituna teh? Sigana mah ti saprak cicing di
kulawedet Nini Dijah. Diciprukan kadeudeuh, dibaluran kanyaah sarerea. Tug nepikeun ka beunang
hidayah-Na ti Gusti Allah Anu ngeundeurkeun sakabeh hate manusa.

            “Sok atuh, kumaha saran kandidat siswa teladan sa-Jabar teh?” cenah sanggeus medar sagala
kahariwang hatena. Goyang ngebor teh matak ngarugrugkeun moral barudak, cenah keukeuh.
            “Euh, saran naon atuh nya?” Euis kalah malik nanya, kituna teh bari kerung-kerung we. Butet
ngadagoan kalawan sabar. Apan sasarina oge Euis pang gresna mun geus mere nasehat.

Barang direret ka gigireunana, eeh, budak teh! Panon Euis kalah mencrong leleb kana layar
komputerna. Penelitian cai geus saminggu dipigawean bareng kelompokna. Make kudu turun ka
lapangan sagala. Walungan leutik Cimahi anu kiwari mah geus butek, kotor, jarorok loba runtahna.

Aya pabrik tahu-tempe, geus loba spesis anu arilang tanpa karana duka kabawa nahaon mah. Terus,
kumaha atuh nyieun laporanana? Sangkan genah dibaca pas dipresentasikeunana isukan, hayoooh
kumaha tah?

            “Iiis… Alooo, darliiiing?!” Butet leungiteun kasabaranana.

            “Hmmm…” Euis asal nginyem. Butet neges-neges dulur sabrayna.

Whoooi! Panon Euis manteng-manteng we kana layar komputer. Butet ngabarkeun talapak
leungeunna hareupeun beungeut Euis. Nehiiii!

Nyambung.....

Anda mungkin juga menyukai