Anda di halaman 1dari 3

HAYANG SAKOLA

(Zamzam Almubarok)

INOH : ih geura ceu mani teu nyangka barudak urang geus tambah dewasa, nya. Kamana budak
euceu nuluykeun sakolana?

TINTE : Enya, nya. Mani tau karaos waktosteh nyerelek. Yeuh euceu gaduh pantun

Kacang hejo buah kalapa

Gula kawung jeung jahena

Tong bingung kamana sakola

Di cibungur oge aya

ICIH : Di Cibungur? Kutan di Cibungur teh aya pangaosan

INOH : Ih teh icih mah teu gaul pisan nya. Di Cibungur teh ayeuna alhamdulillah tos lengkep sarana
pendidikanna. Ti kawit SD, MDA, RA, MTs, MA, Pasantrena Yeuh kupingkeun geura

Anu jadi indung bapa

Budak teh sina sakola

Bekel dunia akheratna

Hade ilmu tur akhlakna

BUDAK : (ceurik) Ema atuh abi teh da hayang Sakoa, maenya babaturan sarakola sareng masantren ari
abi henteu. Isin atuh, ma.

Duh indung-duh indung piraku mal nyakolakeun

Abdi isin duh indung nya kunaon anjeun teh tega ka abdi

Babaturan mah sarakola, abdimah kalah sing dagang

Bajigur jeung seupan jagong, udar ider di terminal

INDUNG : Nya boga cia-cita naon hidep hayang sakola teh? Loba budak sakola lain kalah bener tapi
kalah kabawa ku sakaba-kaba, mun nyarita anjing-anjingan, ka kolot teu ngaajenan, mun ngaliwat teu
bisaeun punten-punten acan. Yeuh regepkeun

Sambel suuk make gula


Sangu pulen jeung lalabna

Sakola kalah hambur biaya

Maningge dagang ka jawa

BUDAK : Ah dagang jeung dagang we ema mah. Alim ma, ah. honyang sakola sareng masantren heula.
Atuh ma!!

INDUNG : ulah kalahka ngalawan ilaing, heh! Naha hidep geus ngarasa leuwih pinter ti indung, naha
geus teu ngahargaan hidep ka indung, naha hidep tega indung araratel huntu ungal dahar jeung peda
ngabelaan hidep hayang sakola, cobalah pikir sodara-sodara nasib ibu begitu sengsara, nasib ibu harus
kita perjoangkan saudara saudara harus kita perjoangkan! Hidup ibu

ICIH : Aeh aeh kunaoan ari eteh nyarios siga nu kompanye kitu geura, mani asa rareuwas.

INDUNG : Ieu budak make hayang sakola sagala, padahal asa teu kudu ceuk eteh mah

ICIH : Kupingkeun geura eteh

Meuli sendal ka singapura

Padahal di gobras ge loba

Budak jujurkeun sakola

Sing kahontal cita-citana

INDUNG : Aeh-aeh... kalah ngomporan ari neng icih. Neng icih tidak boleh menjadi profokator,. Nih
walaupun eteh lulusan RA, eteh sukses menjadi janda. Tetangga eteh hanya mampu menikah satu kali,
tapi eteh bisa 7 kali, bahkan eteh kamarin sudah sukses bercerai lagi.

TINTEU : Eta teh...muhun atuh mangga teu langkung eteh. Eteh tea atuh. ke ke, kadieu geura icih, inoh.
Baju gandang pertentang, sengit kembang kasturi, raray bulan purnama. Aya naon eteh.. nuju ngantos
deui si urang mana tea?

BUDAK : Itu teh.. si mamah tos janjian jeung kang toib banar toke tea. Nyai teh hayang sakola, Ih, mani
geuleuh da si mamah. Kawin lagi simamah ku eh mau kawin lagi....

Jol kang toyib datang bari ngahaleuang

INDUNG

SOK SIEUN MUN DATANG MAGRIB

SUBUHMAH SOK DATANG BAGJA


MUN NGUPING SORA BANG TOIB

CIGA CIBLEK NU TATANGGA

BANG TOIB

BERIBU-RIBU BINTANG DI LANGIT

TIDAK ADA YANG DIJUAL

BERIBU-RIBU WANITA CANTIK

CUMA NENG YANG HARGANYA MAHAL

ISTRI : Akang!! Oh jadi alasan teu kabeuli tarasi-tarasi acan teh karena duitna ledis pake maugi, ieu
teh. Euuuh! Ternyata akang selingkuh! tidak

BANG TOIB : Oh my sweaty, elu jangan salah faham. Plis. Gwe ga mungkin ninggalin elu.
semua ini gwe lakuin karna gue butuh stock baru, kasian kan elo nyuci sendiri, masak sendiri, elo butuh
teman

ISTRI : Fuah, sebel murel! Hei manehna, teu kudu sisinetronan deuleu. Balik!

INDUNG : Apa! hei kamu siapa?

ISTRI : Saya istrinya, kamu siapa? maneh mau apa, hah? Berani ganggu suami orang, di
lencog geura.

INDUNG : Jera, bercinta.... jeura, jeura jeura jeura

INOH : Yeh eteh, kupingkeun

Mun tiris sing kandel baju

Mun gering obatna madu

Mun hirup teu boga Elmu

Dibobodo jeung ditipu

INDUNG : Enya, eteh sadar. Kadieu nyai. Jung hidep masantren bari sakola, sing jujur, sing bener. Kade
mun ulangan teh ulah sok nurun, PR dikerjakeun, kade nitip sholat 5 waktu.

Anda mungkin juga menyukai