Anda di halaman 1dari 10

ANALISIS NOVEL BAHASA SUNDA

“DEMUNG JANGGALA”

Nama Kelompok :

 Nabilla Rahmawati Dewi


 Nena Rahmawati
 Siti Rahma Azahra
Demung Janggala
Ku : Tatang Sumarsono

Resensi Buku :

1. Identitas Buku

Judul Buku : Demung Janggala

Pangarang : Tatang Sumarsono

Jumlah Paragraf :

Penerbit : CV Geger Sunten

Jl. Dr. Setiabudi No. 228 Bandung 40143

Telp (022)2016922 – 2016923

Citakan : Citakan Kahiji : Agustus 1993

Citakan Kadua : Mei 2011

Citakan Katilu : April 2013

2. Ikhtisar Eusi Buku

Kacaritakeun palaku utama Demung Janggala atawa Surapamungkas jeung


lanceukna Listayuwangi atawa Lismaya diajakan ngalolos ku pangasuhna, nyaeta
Mamang Jalaprang katut pamajikanana. Ngalolos sabab di Dayeuh Ukur keur aya
karamean antara Kanjeng Dipati jeung perjurit ti urang wetan ( Mataram ), sakur
jalma anu aya di pihak Kanjeng Dipati bakal di bawa ka Mataram, ulah nyesa hiji oge,
sedengkeun bapana Listayu jeung Pamungkas satia pisan ka Kanjeng Dipati, sabab
kitu Listayu jeung Surapamuungkas ngalolos supaya teu di bawa ku lawan.

Di tengah jalan, nu keur ngalolos kaudag ku lawan, sabab geus teu bisa ngejat deui
kapaksa Mamang Jalaprang kudu ngalawan musuh nu jumlahna sama sekali teu
imbang jeung dirina. Untung na mah Mamang Jalaprang mampu keneh ngalawan
musuh nu tadi, ngan hanjakalna aya perjurit nu kabur, tangtu bae manehna bakal
bebeja ka gegedoan na yen rombongan Mamang Jalaprang teh ngalolos ka arah
dinya. Sabot kitu rombongan Mamang Jalaprang geuwat ngejat ti eta tempat baris
ngalolos bari teu apal tujuan.

Sanggeus lumayan jauh lumaku, nu ngalolos kahambat ku Citarum nu caina keur


caah rosa. Tungtungna nu ngalolos mapay mapay sisi walungan nepi ka ahirna
manggih hiji tempat nu rada negla. Rombongan reureuh heula sabab geus mulai
maju ka peuting.

Isukna, diluar dugaan nu ngalolos teh kakepung ku musuh, dibandingkeun jumlahna


mah sama sekali teu sarimbang, sabab kitu Mamang Jalaprang jeung nu liana
masrahkeun diri. Sabab geus moal pibenereun mun rek ngalawan mah. Maranehna
ditalikung ku dadaug sagede indung suku kolot.

Di tengah – tengah perjalanan teu disangka Surapamungkas nu di gandong ku salah


saurang perjurit, ngagabreskeun pakarang kana tonggong perjurit nu
ngagandongna, manehna tuluy lumpat nepi ka gawir nu langsung nyanghareup ka
Citarum, geus kitu mah budak teh ngajleng kana cai, Listayu, Si Ibi katut Mamang
Jalaprang reuwaseun kacida, Harita Mamang Jalaprang ngalawan, ngan hanjakalna
di dinya oge Mamang Jalaprang nemah pati, terus layon na dipiceun ka Citarum.

Listayu jeung Si Ibi ngan bisa pasrah jadi babandan. Manehna geus pasrah di
gunasika ku perjurit nu ngaboyongna.

Nepi ka Listayu jeung Si Ibi ditulungan ku Raden Sungsang babaturan deukeut


bapana Listayu Raden Suranangga, ti dinya mah hirupna mimiti teu sangsara teuing,
najan masalah baris kudu disanghareupan ku Listayu. Manehna kapaksa pikeun
ngawales budi Raden Sungsang, kudu daek mikawula Kanjeng Pangawulaan nu
sama sakali teu dipikahayang ku diri Listayu pribadi, Litayu teu wasa nolak sabab
lamun nolak Raden Sungsang bakal keuna balukarna, manehna moal diangkat jadi
patih nagara. Tungtungna mah Listayu nedunan, Listayu hirup dina kayaan nu teu
sajalan jeung lelembutanna, tapi Listayu teu daya teu upaya pikeun ngalawan.
Di sisi nu sejen, surapamungkas nu biasa disebut Emung teh sabenerna mah can
nemah pati palid di Citarum. Manehna teh ditulungan ku Mang Bewos, Mang Akung,
jeung Mang Joban. Nepi ka si Emung teh dikukut ku Mang Bewos jeung pamajikana,
Mang Bewos sok nyebut Demung ka Emung teh, meh ngereunah kadenge na ceunah,
nepi ka ahirna Demung teh ngalandi dirina sorangan nyaeta Demung Janggala,
sabab manehna hirup di Janggala. Mang Bewos jeung pamajikanna nyaah kabina bin
aka Demung, sagala pamenta Demung teu burung ditedunan.

Ti baheula dina diri Demung ngagendek rasa haying males kanyeri ka jelema jelema
nu ayeuna kawasa di Dayeuh Ukur, nu geus nyokot kolotna jeung nyangsarakeun
manehna.

Kajalanan nu manehna hirup jeung bapa kukut nu sapopoe na sok ngabegal.


Manehna tumbuh jadi pamuda nu hebat gelutna jeung hebat kana rupa rupa
pakarang, kabiasaan na oge sarua jeung bapana ngabegal, manehna teu asa asa
maehan jelema anu aya patalina jeung pamarentahan harita.

Demung geus loba pisan nyieun perkara, nepi ka ahirna manehna ti leuweung ka
leuweung nyingkah ti perjurit nu teu eureun neangan manehanana.

Salila welasan taun papisah teh sabenerna mah Demung teh aya paniatan hayang
panggih deui jeung lanceukna, manehna bebeakan merjuangkeun supaya bisa
panggih, nepi ka ahirna Demung bisa panggih jeung lancekna katut panggih jeung
alo na, tapi hanjakalna harita mah Demung teh geus teu walakaya pikeun
ngewaleskeun kanyeri hatena ka jelema jelema nu nyekel kawasa harita. Ditambah
deui Demung kecewa ka lanceukna sorangan naha bet aya dipihak musuh. Najan
sabenerna mah lanceukana oge boga niatan hayang maleskeun kanyeri sarua jeung
Demung ngan beda cangkangna wungkul.

Teu di sangka ku Demung, panggih jeung lanceukna the kalah sarua jeung
ngasongkeun diri ka lawan, sabab dina hiji peuting, mangsa Demung keur panggih
jeung lanceukna, manehna nyaritakeun sakabeh lalakon hirupna di imah urut
pangasuhna baheula. Sing horeng di luareun imah teh manehna geus di kepung ku
pasukan ti padaleman ( pamarentah harita ). Geus kieu mah Demung geus teu bisa
deui ngalawan, manehna pasrah kudu narimakeun hukuman teukteuk beuheung nu
baris di randapan ku manehna. Ti dieu mah ahir tina lalakon perjuangan Demung
ngabaleskeun kanyeri hatena.

3. Kaunggulan Sarta Kalemahan Buku


Kaunggulan Buku :

Tema novel saluyu jeung kahirupan, hartosna dina kahirupan nyata oge mungkin
wae kajadian masalah saperti nu karandapan ku Demung, nu matak bisa dijadikeun
eunteung pikeun nu maca, lampah tempat nu kumaha lamun urang urang aya dina
kaayaan kitu. Galur gampang katarana ku nu maca. Pangarang oge jelas pisan
ngagambarkeun watek tokoh tokoh nu penting dina carita. Najan aya sawatara
kalimah nu jarang dipake dina kahirupan sapopoe tapi nu maca teu janten masalah,
sabab didukung ku suasana nu kaciptana.

Kalemahan Buku :

Buku teu dilengkepan ku panganteur

Unsur Intrinsik Novel :

1) Tema : Usaha jalma – jalma nu hayang maleskeun kanyeri hate

2) Tokoh : a. Mamang Jalaprang (Pangasuh Listayu & Pamungkas)

Watekna : Tanggung jawab, wanian, bijaksana dina nyanghareupan


masalah.

b. Si Ibi (Pangasuh Listayu & Pamungkas)

Watekna : Tegar, satia, tanggung jawab, mikanyaah.

c. Surapamungkas (Demung Janggala)

Watekna : Gurat batu, gede kawani, bageur.

d. Listanyuwangi (Lismaya)(Lanceuk Demung)

Watekna : Pasrah kana kaayaan.

e. Kang Bewos (Bapa kukut Demung)


Watekna : Mikanyaah, gede kawani.

f. Mang Akung : (Babaturan Kang Bewos)

Watekna : Sok heureuy, satia.

g. Ceu Idoh (Pamajikan Kang Akung)

Watekna : Bageur.

h. Mang Joban (Babaturan Kang Bewos)

I. Aki Subita

j. Ma Ursih

k. Raden Sungsang Pamangger (Babaturan Raden Suranangga)

l. Embi Teja (Pamajikan Raden Sungsang)

m. Mas Jurusimpen

n. Cutak Cikalongwetan

o. Aki Rangga (Akina Demung)

Watekna : Bijaksana, bageur, tegas, mikanyaah.


p. Embi Mirah (Anak Aki Rangga)

q. Juragan Demang

r. Kanjeng Pangawulaan (Salaki Listayuwangi)

Watekna : Tegas.

s. Mang Darga (Gulang – gulang titahan Listayuwangi)

Watekna : Patuh.

4. Galur : Marele
Paragraf :

5. Sudut Pandang : Pangarang jadi jelema katilu nu sagala apal.

6. Latar : a. Latar Tempat :

Citarum
Paragraf :
Kalimat :

Imah Aki Subita (Haurmuseur)


Paragraf :
Kalimah :

Imah Kang Bewos (Janggala)


Paragraf :
Kalimat :

Leuweung
Paragraf :
Kalimat :
Imah Senapati Sungsang
Paragraf :
Kalimat :

Pakemitan
Paragraf :
Kalimat :

Pasirsalam
Paragraf :
Kalimat :

Imah Aki Rangga


Paragraf :
Kalimat :

Kandangwesi
Paragraf :
Kalimat :

Imah Si Ibi
Paragraf :
Kalimat :

b. Latar Waktu

Peuting
Paragraf :
Kalimat :

Pasosore

Isuk – isuk

Asar ahir

Burit
Paragraf :
Kalimat :
Wanci Haneut Moyan
Paragraf :
Kalimat :

c. Latar Suatu

Suni : Waktu tengah peuting atawa lamun ngobrol heg pada caricing.

Tegang : Waktu ngalawan musuh.

Pikaseudiheun : Waktu ningal Surapamungkas jeung Mamang Jalaprang di


palidkeun ka Citarum.

Pikabingungeun : Waktu Listayu kudu nyomponan saran ti Raden


Sungsang.

Panik : Waktu di tengah jalan, heg dipegat begal.

Tagiwur : Waktu aya kahuruan

Nalangsa : Waktu Listayu pasrah jadi babadan.

7. Gaya Basa : Ngahudangkeung maung hees…..(115)

Teu ngalurung nu burung, teu nyesakeun nu edan…..(6) metapora

Bisi kadengeeun ku cakcak bodas.(120) metapora

Cakcak ku leuleuy oge enggeus murugul…...(123) hiperbola

Ulah kejot borosot, ulang getas harupateun…..(138) peribahasa

Ngubeuk leuwi rek ngala beunteur…..(182)

Teu bisa cueut ka nu hideung ponteng ka nu koneng…..(232)

8. Amanat : Sagala rupa laku lampah urang kudu baris dipikiran heula. Naha hade
atawa ngundang pibalukareun pikeun diri sorangan atawa diri batur.
9. Unsur Ekstrinsik : a). Sosial Budaya :
- Ajen Sosial : Urang kudu inget kana jasa-jasa kasaean batur,
boh nulungan dina musibah, boh dina masalah lianna,
masing jalma eta teh teu menta imbalan atawa balas
budina. Kaca 59 : “Paman teh geus jangji ka diri pribadi,
hayang bisa males kasaean tuang rama. Ngan hanjakal
ayeuna toa aya dikieuna......”
- Ajen Budaya : Geus jadi ciri khas jaman baheula budak
awewe teh sok dijodohkeun ku kolotna. Kaca 67 : Caritaan
Paman Sungsang memang teu mencog.listayu diasongan
pisalakieun, Cutak Cikalongwetan .....

b). Kondisi Tempat :

c). Biografi Pangarang :


Tatang Sumarsono lahir di Tasikmalaya, Jawa barat, kaping 25
Januari 1956. Lulusan ti SDN Galunggung V, SMPN III, jeung SMAN II.
Dina taun 1975 ahir miang ka Bandung rek ngadu nasib. Kungsi jadi
wartawan Harian Merdeka. Bet kalah diparengkeun ti taun 1976
nepika taun 1982, Tatang kuliah di Jurusan Pendidikan Basa Daerah
FPBS IKIP Bandung, ku Pa Karna Yudibrata. Kungsi jadi guru di
sawatara sakola swasta. Tapi ahirna mah mulang deui kana gawe
baku anu awal nyaeta jadi wartawan, tug nepika ayeuna. Taun 1984,
dileler Hadiah Jurnalistik Adinegoro dina widang fotograpi. Salian ti
nulis fiksi, nyaeta anu geus dibukukeun : Miang jeung Kaludeung,
Pemberontakan di Cimareme, jeung Si Paser. Tatang milu nyusun
buku-buku pangajaran basa Sunbda di SD, SMP, jeung SMA, sarta
nyusun biografi nyaeta nu geus rengse biografina Jenderal Didi
Kartasasamita, nu rek dipaju biografina H.R Dharsono.
Taun 1992, Tatang dileler Hadiah Sastra Samsudi jeung Hadiah
Sastra LBSS. Tulisan beunang Tatang, boh prosa boh puisi, lolobana
masih keneh bacacaran dina majalah jeung surat kabar. Demung
Janggala mangrupa novel beunangna anu sarengsena ditulis langsung
medal jadi buku nyaeta teu kungsi diecerkeun heula jadi tulisan
nyambung dina majalah.

Anda mungkin juga menyukai