Anda di halaman 1dari 9

TUGAS BAHASA SUNDA

Analisis Novel Demung Janggala, Karya Tatang Sumarsono

Pangajar : Ibu Salma Fakhira S.Pd


Disusun ku :
 Nayla Annisa Larasati
 Nazwa Aulia Ramadhini
 Ramaliyana Nur Maqfiroh
 Reviana Aulia Sabrina
KELAS : XI - IPA 1

SMA INDOCEMENT

Jl. Raya Puspanegara No 1 Kec. Citeureup Kab. Bogor

Bogor, Jawa Barat, 16810

Telp. 021 - 87940131 Fax 021 – 8763223


Sinopsis Carita

Kacaritakeun palaku utama Demung Janggala atawa Surapamungkas jeung lanceukna


Listayuwangi atawa Lismaya diajakan ngalolos ku pangasuhna, nyaeta Mamang Jalaprang
katut pamajikanana. Ngalolos sabab di Dayeuh Ukur keur aya karamean antara Kanjeng
Dipati jeung perjurit ti urang wetan (Mataram), sakur jalma anu aya di pihak Kanjeng Dipati
bakal di bawa ka Mataram, ulah nyesa hiji oge, sedengkeun bapana Listayu jeung Pamungkas
satia pisan ka Kanjeng Dipati, sabab kitu Listayu jeung Surapamungkas ngalolos supaya teu
di bawa ku lawan.

Di tengah jalan, nu keur ngalolos kaudag ku lawan, sabab geus teu bisa ngejat deui
kapaksa Mamang Jalaprang kudu ngalawan musuh nu jumlahna sama sakali teu imbang
jeung dirina. Untung namah Mamang Jalaprang mampu keneh ngalawan musuh nu tadi, ngan
hanjakalna aya perjurit nu kabur, tangtu bae manehna bakal bebeja ka gegedon na yen
rombongan Mamang Jalaprang teh ngalolos ka arah dinya. Sabot kitu Rombongan Mamang
Jalaprang geuwat ngejat ti eta tempat baris ngalolos bari teu apal tujuan.

Sanggeus lumayan jauh lumaku, nu ngalolos kahambat ku Citarum nu caina keur caah
rosa. Tungtungna nu ngalolos mapay mapay sisi walungan nepi ka ahirna manggih hiji tempat
nu rada negla. Rombongan reureuh heula sabab geus mulai maju ka peuting. Isukna, diluar
dugaan nu ngalolos teh kakepung ku musuh, dibandingkeun jumlahna mah sama sekali teu
sarimbang, sabab kitu Mamang Jalaprang jeung nu liana masrahkeun diri. Sabab geus moal
pibenereun mun rek ngalawan mah. Maranehna ditalikung ku dadung sagedé indung suku
kolot.

Di tengah tengah perjalanan teu disangka Surapamungkas nu di gandong ku salah


saurang perjurit, ngagabreskeun pakarang kana tonggong perjurit nu ngagandongna, manehna
tuluy lumpat nepi ka gawir nu langsung nyanghareup ka Citarum, geus kitu mah budak deh
ngajleng kana cai, Listayu, Si Ibi katut Mamang Jalaprang reuwaseun kacida, Harita Mamang
Jalaprang ngalawan, ngan hanjakalna di dinya oge Mamang Jalaprang nemah pati, terus layon
na dipiceun ka Citarum. Listayu jeung Si Ibi ngan bisa pasrah jadi babandan. Manéhna geus
pasrah di gunasika ku perjurit nu ngaboyongna.

Nepi ka Listayu jeung Si Ibi ditulungan ku Raden Sungsang babaturan deukeut


bapana Listayu Raden Suranangga, ti dinya mah hirupna mimiti teu sangsara teuing, najan
masalah baris kudu disanghareupan ku Listayu. Manehna kapaksa pikeun ngawales budi
Raden Sungsang , kudu daek mikawula Kanjeng Pangawulaan nu samasakali teu
dipikahayang ku diri Listayu pribadi, Listayu teu wasa nolak sabab lamun nolak Raden
Sungsang bakal keuna balukarna , manehna moal diangkat jadi patih nagara. Tungtungna
mah Listayu nedunan, Listayu hirup dina kayaan nu teu sajalan jeung lelembutanna, tapi
Listayu teu daya teu upaya pikeun ngalawan.
Di sisi nu sejen, Surapamungkas nu biasa disebut Emung téh sabenernamah can
nemah pati palid di Citarum. Manehna téh ditulungan ku Mang Bewos, Mang Akung, jeung
Mang Joban. Nepi ka Si Emung téh dikukut ku Mang Bewos jeung pamajikana, Mang Bewos
sok nyebut Demung ka Emung téh, meh ngareunah kadenge na ceunah, nepi ka ahirna
Demung téh ngalandi dirina sorangan nyaeta Demung Janggala, sabab manehna hirup di
Janggala. Mang Bewos jeung pamajikanna nyaah kabina bina ka Demung, sagala pamenta
Demung teu burung ditedunan.

Ti baheula dina diri Demung ngagendek rasa hayang males kanyeri ka jelema jelema
nu ayeuna kawasa di Dayeuh Ukur, nu geus nyokot kolotna jeung nyangsarakeun manehna.
Kajalanan ku manehna hirup jeung bapa kukut nu sapopoé na sok ngabegal. Manehna tumbuh
jadi pamuda nu hebat gelutna jeung hebat kana rupa rupa pakarang, kabisaaan na oge sarua
jeung bapana ngabegal, manehna teu asa asa maehan jelema anu aya patalina jeung
pamarentahan harita. Demung geus loba pisan nyieun perkara, nepi ka ahirna manehna ti
leuweung ka leuweung nyingkah tina perjurit nu teu eureun neangan manehanana.

Salila welasan taun papisah téh sabenerna mah Demung téh aya paniatan hayang
panggih deui jeung lanceukna, manehna bebeakan merjuangkeun supaya bisa panggih, nepi
ka ahirna Demung bisa panggih jeung lanceukna katut panggih jeung alo na, tapi hanjakalna
harita mah Demung téh geus teu walakaya pikeun ngawaleskeun kanyeri hatena ka jelema
jelema nu nyekel kawasa harita. Ditambah deui Demung kecewa ka lanceukna sorangan naha
bet aya dipihak musuh. Najan sabenerna mah lanceukna oge boga niatan hayang maleskeun
kanyeri sarua jeung Demung ngan beda cangkangna wungkul.

Teu di sangka ku Demung, panggih jeung lanceukna téh kalah sarua jeung
ngasongkeun diri ka lawan, sabab dina hiji peuting, mangsa Demung keur panggih jeung
lanceukna, manehna nyaritakeun sakabeh lalakon hirupna di imah urut pangasuhna baheula.
Sing horeng di luareun imah téh manehna geus di kepung ku pasukan ti padaleman
(pamarentah harita). Geus kieu mah Demung geus teu bisa deui ngalawan , manehna pasrah
kudu narimakeun hukuman teukteuk beuheung nu baris di randapan ku manehna. Ti dieu
mah ahir tina lalakon perjuangan Demung ngabaleskeun kanyeri hatena.
Resensi Buku :

1. Identitas Buku

Judul Buku : Demung Janggala

Pangarang : Tatang Sumarsono

Penerbit : CV Geger Sunten

Jl. Dr. Setiabudi No. 228 Bandung 401

Telp (022)2016922 – 2016923

Citakan

Citakan kahiji : Agustus 1993

Citakan kadua : Mei 2011

Citakan katilu : April 2013

Kaunggulan Sarta Kalemahan Buku

Kaunggulan Buku :
Tema novel saluyu jeung kahirupan , hartosna dina kahirupan nyata oge mungkin wae
kajadian masalah saperti nu karandapan ku Demung, nu matak bisa dijadikeun eunteung
pikeun nu maca, lampah tepat nu kumaha lamun urang aya dina kaayaan kitu. Galur
gampang katarana ku nu maca. Pangarang oge jelas pisan ngagambarkeun watek tokoh
tokoh nu penting dina carita. Najan aya sawatara kalimah nu jarang dipake dina kahirupan
sapopoe tapi nu maca teu janten masalah, sabab didukung ku suasana nu kaciptana.

Kalemahan Buku :
Buku teu dilengkepan ku panganteur.
Analisis Unsur Intrinsik

 Tema :
Nyaritakeun usaha jalma nu hayang ngabales atawa mulangkeun kanyeri hatena ku cara
nyilakakeun batur.

 Galur :
Maju, Kajadian : Teu karasa, geus aya taunna Demung cicing jeung indung jeung bapa
kukutna teh. Manehna geus jadi nonomna anu keur meujeuhna buta tulang buta daging. .....
nincak umur tujuh welas taun, dedeganana sembada…. (paragraph 22 & 23)

 Palaku :
a. Demung Janggala
- Gede kawani (paragraph 2, kalimah ka 4)
- Gurat batu (paragraph 24, kalimah ka 6)
- Hayang nyaho (paragraph 18, kalimah ka 2)

b. Kang Bewos (Bapa kukut Demung)


- Tegas (paragraph 9, kalimah ka 2)
- Paduli (paragraph 2, kalimah ka 3)
- Bageur (paragraph 13, kalimah ka 1)

c. Mamang Jalaprang (Pangasuh Demung & Listayu)


- Wanian (paragraph 12, kalimah ka 4)
- Bijaksana (paragraph 12, kalimah ka 5-6)

d. Si Jangkung
- Bageur (paragraph 28, kalimah ka 3) -
- Tukang heureuy (paragraph 36, kalimah ka 3)

e. Si Joban
- Bageur (paragraph 28, kalimah ka 3)
- Tukang Heureuy (paragraph 36, kalimah ka 3)

 Latar
Latar tempat :
- Citarum
“Citarum caah rosa, ngagulidag umpal-umpalan. Atuh anu rék pamentas”
- Imah Aki Subita (Haurmuseur)

“Barang jol ka pamatuhan Aki Subita…”


- Imah Kang Bewos (Janggala)

“Ari Abah kunaon bet cicing téh di Janggala…”


- Leuweung
“Gancang wae dibawa marubus ka jero leuweung”.
- Imah Senapati Sungsang
“Teu kungsi lila Listayu disaur ku Raden Sungsang”.
- Pakemitan
“Pacalang anu jaga di Pakemitan ukur kari duaan. ... ”
- Pasirsalam

“ Urang ka Pasirsalam”,…
- Imah Aki Rangga

“Imah Aki Rangga geus rata jeung taneuh,…”


- Kandangwesi

“Kandangwesi , nun,”
- Imah Si Ibi

“Hiji poe, waktu si Ibi rék balik ka imahna,…”


Latar Waktu :
- Burit
(paragraph 10, kalimah ka 3)
‘’Barina ge ayeuna mah geus burit’’

- Isuk
(paragraph 15, kalimah ka 6)
‘’Isukna, manehna balik bari nungtun belo”

Latar suasana :
- Hariwang/kuatir
(paragraph 2, kalimah ka 3)

- Daria (serius)
(paragraph 9, kalimah ka 2)

- Bungah
(paragraph 25, kalimah ka 2-3)
 Puseur Sawangan :
Puseur sawangan jalma katilu, nyeta “manehna” (paragraph 22, kalimah ka 2)

 Amanat :
Ulah ngutamakeun hawa napsu dina nyanghareupan masalah, komo lamun bari aya
niat mulangkeun kanyeri ka jalma anu nyiksa atawa nganyerihatekeun urang. Sing
bisa ngajaga diri, sabar jeung kudu tawakal ka Allah dina nyanghareupan masalah.
Kitu deui dina ngalakukeun naon wae, kudu dipikirkeun heula sabab jeung akibatna,
ulah kabawa sakabakaba. Sabab sagala rupa laku lampah urang the kudu dipikir –
pikkir heula. Naha hade, atawa mawa pibalukareun pikeun diri sorangan atawa batur.
Sagala masalah pasti aya jalan kaluarna, kudu dimusawarahkeun ulah bari jeung make
dendam atawa emosi. Ku sabab eta masalah moal aya titik terangna lamun teu di
bereskeun sacara musawarah.
Analisis Unsur Ekstrinsik

Biografi Pangarang

Tatang Sumarsono nyaéta salah sahiji pangarang Sunda. Lahir


jeung gedé di Tasikmalaya.
Kasang tukang kahirupanana prah waé kawas budak nu lian.
Resep ngarang ti keur umur wewelasan kénéh. Munggaran pisan
karanganana dimuat dina majalah Manglé taun 1974.
Kadieukeunana, sakapeung sok rada produktif. Aya kana
lima likur taunna jadi wartawan di sawatara surat kabar jeung
majalah, boh nu terbit di Bandung boh nu terbit ti Jakarta.

Kungsi dilélér hadiah Jumalistik Adinegoro 1985 dina


widang fotografi. Dina widang sastra Sunda, Tatang kungsi
dilélér hadiah Sastra LBSS, Samsudi, Rancagé ,jeung DK
Ardiwinata. Tatang tamat ti Jurusan Pendidikan Basa Daérah
IKIP (ayeuna jadi Universitas Pendidikan Indonesia) Bandung
taun 1982.

Jaman keur mahasiswa sok milu aktif dina organisasi kamahasiswaan. Tatang aktif di
Persatuan Pencak Silat Indonesia (PPSI) Jawa Barat. Buku-bukuna anu kungsi diterbitken
ku Kiblat Buku Utama di antarana Galuring Gending2000,Kamus Populer Bergambar
Sunda-Indonesia(2001), jeung Si Sekar Panggung 2007.

Tatang Sumarsono lahir di Tasikmalaya, Jawa barat, kaping 25 Januari 1956. Lulusan ti
SDN Galunggung V, SMPN III, jeung SMAN II. Dina taun 1975 ahir miang ka Bandung rek
ngadu nasib. Kungsi jadi wartawan Harian Merdeka. Bet kalah diparengkeun ti taun 1976
nepika taun 1982. Tatang kuliah di Jurusan Pendidikan Basa Daerah FPBS IKIP Bandung, ku
Pa Karna Yudibrata.

Kungsi jadi guru di sawatara sakola swasta. Tapi ahirna mah mulang deui kana gawe
baku anu awal nyaeta jadi wartawan, tug nepika ayeuna. Taun 1984, dileler Hadiah
Jurnalistik Adinegoro dina widang fotograpi. Salian ti nulis fiksi, nyaeta anu geus
dibukukeun : Miang jeung Kaludeung, Pemberontakan di Cimareme, jeung Si Paser.

Tatang milu nyusun buku-buku pangajaran basa Sunbda di SD, SMP, jeung SMA, sarta
nyusun biografi nyaeta nu geus rengse biografina Jenderal Didi Kartasasamita, nu rek dipaju
biografina H.R Dharsono. Taun 1992, Tatang dileler Hadiah Sastra Samsudi jeung Hadiah
Sastra LBSS. Tulisan beunang Tatang, boh prosa boh puisi, lolobana masih keneh bacacaran
dina majalah jeung surat kabar.
Demung Janggala mangrupa novel beunangna anu sarengsena ditulis langsung medal jadi
buku nyaeta teu kungsi diecerkeun heula jadi tulisan nyambung dina majalah.
 Kayaan Sosial Budaya
Novel Demung Janggala ngagunakeun kasang dina waktu pascapenumpasan pemberontakan
Dipati Ukur ku bala soldadu Mataram dina abad ka-17. Tokoh – tokoh utamana sanes
inohong sajarah,nanging tokoh imajinatif anu digambarkeun minangka anak-anak Senapati
Suranangga,yaktos saurang senapati anu barobah kaayaan panangan katuhu Dipati Ukur.
Kajadian pemberontakan Dipati Ukur sorangan dina novel eta ngan dijadikeun minangka
mangsa kaliwat wae. Kayaan sosial dina carita nyaeta lobana penindasan anu dilakukeun ku
para pangawasa. Dina widang kabudayaan, budak awewe sok dijodohkeun ku kolotna.

 Tempat jeung Kondisi Alam


Tempat jeung kondisi alam dina novel masih aya patalina jeung tempat padumukan
pangarang, nyaeta Tasikmalaya. Kondisi alamna digambarkeun ku ayana walungan,
leuweung, jeung permukiman. Kaayaan ieu ngagambarkeun pangarang hirup di padesaan.

Anda mungkin juga menyukai