Anda di halaman 1dari 29

RÈNGHAP EULIS

Meusmeus regot, meusmeus regot Ki Aduy jeung Ni Otih patukang tonggong ngarinum
cèndol. Beurang panas èrèng-èrèngan. Kuring kumètap. Tapi boga duit timana, apan gawè gè
can boga deui, sanggeus tilu poè katukang disiksa PHK.   Leuwih parna, pamajikan pundung,
kabur ti lembur nyorang bapa jeung indungna nu geus lila nyicingan imah kontrakan di
Jakarta. Orokaya kuring ngaulah-ulah, da cenah manèhna mah geus teu betah deui rumah
tangga jeung salaki nu mindeng dibintih hutang jeung teu awèt gawè.

Tapi kuring can ngarti naha pamajikan bet kudu kabur ti lembur, apan geus lila cicing didieu
tèh. Teu kudu pundung kaduhung rungsing ka kuring, urang geus dua tahun leuwih rumah
tangga tèh, Eulis. Sakuat-kuatna gè kuring nyanghareupan hirup, teu welèh wè butuh nu
ngarojong, butuh nu maturan. Eulis, mun seug anjeun satia maturan kuring didieu, moal
poekeun kieu hirup kuring tèh. Kuring reugreug. Sanajan loba kakurangan, lamun pareng
dilakonan ku duaan mah, tangtu bisa katambalan.

Kuring teu eureun-eureun leumpang sorangan, najan can nyaho kamana belah unggah. Geus
karasa jegjreg ceker. Tapi leumpang sapanjang jalan pilemburan mah, teu welèh wè pada
naranya. Mang Nono nanya naha teu ngilu ngusep. Neng Mirna nanya bari imut
ngaheureuyan. Ki Momon aki-aki tujuh mulud, ngajak moro langlayangan. Nini Iin nolol ti
jandèla imahna ngadon nanyakeun hartina global warming. Kuring ukur bisa gogodeg
sapanjang jalan. Bororaah nèmbal, apan pikiran titatadi gè geus teu puguh jurus.

Kuring tuluy leumpang, mapay kebon, mapay galengan. Hariwang jeung kahayang teu welèh
seseledek dina rohangan hatè. Kuring ngarandeg hareupeun saung teu jauh ti jalan, diuk
nyalsè ngareureuhkeun kacapè hate. Rènghap kuring garing lir ibarat aya seuneu ngabebela
dina jero dada.

Di jalan lembur katempo barudak leutik maraèn sapèda. Aya ogè nu langlayangan. Si Nanang
jeung si Lani anteng maèn kalèci. Tukang tarompet di gembrong barudak. Sora tarompèt geus
silih tèmbal najan ganti taun masih dua poè kènèh. Nini Otih ngarenghik ka Ki Aduy hayang
dipangmeulikeun tarompèt jiga barudak. Ki Aduy pungak-pingeuk, kusuwal-kusiwel
ngodokan saku bajuna.

Di belah wètan, Nini Ocih katempo nalaktak gugurawilan dina tangkal jambu nu Haji Uyud,
jiga nu hayang dibandring. Si Akina bangun nyalsè ngabaheuhay niup suling gigireun tangkal.
Kolot di lembur mah gening mani jaragjag, pait daging pahang tulang, teu kawas kolot di kota
nu saeutik-saeutik geuring nyangsaya.

Nempo maranèhna, kuring ujug-ujug inget ka umur sorangan nu bakal ngolotan. Jiga daun
garing. Jiga warna panon poè nu rèk nyumput. Kuring hayang mèakeun umur di lembur,
nempo alam nu weuteuh maplak pepelakan. Hiliwir angin tibelah gawir. Ngan hanjakal Eulis
geus teu ngilu diuk gigireun kuring…

***
Nepika poè isukna, pikiran tèh masih pajeujeut. Kudu timana heula ngamimitian sangkan
hirup bisa robah. Jiga kamari, wanci haneut moyan, kuring geus ngadaweung hareupeun
imah. Sora hayam silih tèmbal. Sakapeung kadèngè sora domba Mang Dadang belah girang
nèmbalan lagu dangdut ti imah Kang Maman. Kuring saukur bisa nempo nu pareng lalar liwat
di jalan. Leng pikiran nguliat deui. Panon geus cangkeul tetempoan. Hatè geus teu genah
rarasaan. Imah leutik geus teu kaurus. Pakarangan balatak. Tikotok tingarenclo di buruan.

Tibaheula kuring sok ngandelkeun pamajikan nu ngurus imah. Dipikir-pikir mah naon salahna
ngurus rumah tangga mah ku opat leungeun, ambèh pamajikan teu ngarasa digawèkeun. Apan
èta mah geus kawajiban pamajikan, lin? Tapi naon kawajiban kuring ka Eulis salila ieu?
Kalangkang Eulis kokolèbatan, teu welèh kacipta dina ingetan, peureum kadeuleu benta
karasa.

Duh, Gusti, euweuh pamajikan mah hirup tèh asa cicing sorangan di jero sumur nu poèk.
Lamun sangheuk leuleumpangan, kuring sok ngadon ngahuleng sisi walungan gedè. Nyawang
pikahareupeun. Naha bet jadi ngeleper kieu hirup tèh? Sarua ngeleperna pareng
nyanghareupan Pa Junaedi bandar kai nu teu bosen jeung teu poho nagih hutang ka kuring.
Sajeroning kokolèbatan kalangkang Eulis, sakapeung kalangkang Pa Junaedi sèsèlèkè ngawur
kapaur dina pikiran kuring.
Halah kèder hatè tèh lamun nempo Pa Junaedi ngamang-ngamang bedog rèk nagih hutang.
Nempo ramona gè sagedè gedang. Mun diteunggeul ku manèhna tangtuna kuring jehjer, teu
walakaya. Panonna bolotot. Huntu gè sakitu wewegna, tangtu cilaka mun ngègèl. Puringkak
bulu punduk kuring nulak taktak.

Hariwang, melang, sieun teu welèh nyiksa, baur jeung kapaur milampahan hirup kahareup.
Sok hayang ujug-ujug beunghar, ngalayah duit di tengah imah. Sok kabita nempo Haji Daud
nu loba harta. Mobilna dua jeung imahna dua umpak. Mun balik gawè tèh sok angkaribung ku
bawaan. Leungeun pamajikanna gè reunceum ku barang mahal. Leng pipikiran dungdeng
rinyay tetempoan. Nyel ambek.

Teuing geus sabaraha lila kuring diuk sisi walungan. Sora cai walungan lir ibarat sora getih nu
ngagolak nyaksrak jero awak. Kuring ngarènghap panjang. Eungap, nahan amarah nu teu
daèk ingkah. Karasa leler deui kaambek tèh. Kuring melong langit jeung tatangkalan. Kuring
nempo Neng Marni jongjon nyeuseuh luhureun batu walungan. Sok ngadadak inget ka
pamajikan. Kuring nyegruk ceurik.

“Kunaon, Delon? Kawas cucurut kaibunan waè…” kadèngè aya nu nanya ti tukangeun.
Kuring ngalieuk. Brah ki Dede keur ngangkat calana. Buukna dipolès beureum. Kuring ukur
seuri konèng, tuluy nyumputkeun beungeut, nahan inghak.
“Ceuk kuring gè naon, tong loba nonton sinètron, jadi wè teu kaopan.” Ceuk ki Dede bari
tuluy ngarandeg hareupeun kuring. “Pohokeun awèwè kitu mah, nèangan deui wè.” Pokna
bari tuluy leumpang rusuh muru walungan.

“Rèk kamana, Ki, mani rusuh?” kuring nanya.


“Puguh acara gaplèh gè di pause heula, teu kuat hayang miceun.” Ceuk Ki Dede bari ngalieuk
ngusapan beuteung sorangan.
“Tong miceun didinya, di hareup aya Neng Marni keur nyeuseuh.” Ceuk kuring bari nunjuk
Neng Marni nu masih jongjon nyeuseuh. “Watir, ètana palid ka Neng Marni.”
“Baruk aya nu nyeuseuh?” ki Dede ulak-ilik. “Baè ah, ieu mah darurat.” Pokna bari
morosotkeun calana. Kuring nangtung bari gogodeg, tuluy ngalèos rèk balik. Katempo panon
poè eumeul-eumeul. Tikajauhan kadèngè Neng Marni ngagorowok. “Ema! Ki Dede
ngarudal!”
“Hampura Nyai! Ieu mah teu bisa di pause!”
***
Reup maghrib. Jelema jul-jol ka tajug rèk solat maghrib. Kuring ti tatadi geus nempo Aki
kuring sila nukangan. Sok jadi sedih. Iwal Aki Dasmi nu masih deukuet jeung kuring ayeuna
sanggeus pamajikan ninggalkeun kuring, sanggeus kabeh ninggalkeun kuring. Rèngsè solat,
Ki Dasmi nyampeurkeun kuring nu anteng sila. Gèk manèhna diuk nyanghareup kuring.
“Geus tilu poè kuring nempo ilaing loba ngahuleng. Mikiran pamajikan, lin?” Ki Dasmi
miheulaan ngomong. Kuring ukur bisa ngeluk tungkul. Ki Dasmi ngarènghap panjang.
“Yeuh, lamun jodo mah si Eulis tangtu balik deui. Nya kitu deui lamun teu jodo, wayahna.”
Pokna. Kuring beuki ngeluk. Geumpeur nahan kasedih.
“Tapi nu penting mah ayeuna, kumaha ilaing satèkah polah ngayakinkeun pamajikan.” Ceuk
ki Dasmi nuluykeun.

“Ki, kuring geus dua kali jauh-jauh panjang gagang ngadatangan pamajikan ka Jakarta
sangkan bisa riung mumpulung deui di lembur, tapi diolo gè embungeun deui balik ka
lembur. Kuring geus merul ngirim surat maksud ngayakinkeun, tapi hasilna kieu. Kuring
hayang akur deui, tapi manèhna geus ngomong teu betah rumah tangga jeung kuring. Kuring
geus pegat harepan.” Ceuk kuring dareuda.
“Ilaing boga salah naon ka pamajikan?” ki Dasmi nanya semu heran. Kuring ngabetem.
“Nya sanggeus di PHK tèa, Ki, kuring jeung pamajikan pasèa waè.” Ceuk kuring
“Aèh, lain geus opat kali ilaing di PHK tèh, tapi baheula mah pamajikan teh teu kabur. Malah
mèrè sumanget, lin?” Ceuk Ki Dasmi heran naker. “Naha ayeuna mah bet kabur?”
“Pangpangna mah sanggeus pamajikan nyahoeun kuring gedè hutang ka Pa Junaedi.” Ceuk
kuring beuki ngeluk.

“Baruk ilaing boga hutang?” Ki Dasmi semu nu reuwas. Kuring unggeuk.


Ki Dasmi ngarènghap panjang. Sakapeung mah batuk ngohkoy. Teu karasa geus asup solat
isya. Ki Dasmi nangtung ngajak solat bareng. Rèngsè solat Ki Dasmi ngajak kuring ka
imahna. Peuting ayeuna Ki Dasmi mènta kuring maturan manèhna. Di tengah imah lampu
bohlam koneng ayun-ayunan katebak angin nu asup tina liang para imah. Cahyana oyag-
oyagan nyieun kalangkang dina bilik. Samak diamparkeun, kuring jeung Ki Dasmi dariuk,
tuluy Ki Dasmi ngawangkong deui.

“Jang, tong hariwang ku hutang; lamun daèk ngèsang mang tangtu katalang. Tong melang ku
kahayang; lamun kabayang mah tangtu kasorang. Tong pegat harepan. Kudu dileukeunan nya,
urang kudu sabar jeung daèk ngèsang. Jang, hirup mah mun teu ngoprèk moal nyapèk. Kadè,
mun pareng aya masalah, tong ditèmbal ku amarah. Kudu merenah mikiran jeung
mèrèskeunna. Omat tong luhur teuing ngukur, lantaran hirup mah kacegat umur jeung liang
kubur…”
Jempling sajongjonan.

“Jang, tong loba ngahuleng teu puguh, arèk mah ngeunteung katukang. Kudu diajar bungah
dina susah, sangkan teu guligah. Tong nyapirakeunn kasalahan leutik, mun seug ngumpul
mah sok hèsè ngerik. Lamun meunang rijki, kudu bisa ngeureut neundeun. Jang, kadè kudu
somèah ka sèmah, akur jeung dulur salembur. Tong sombong, tong jahat ka sasama, tong
nganyenyeri hatè batur. Omat, Jang, robah lampah. Poè ayeuna kudu leuwih hadè batan poè
kamari. Poè isuk kudu leuwih hadè batan poè ayeuna. Cag geura niatkeun hirup bener…”
Ceuk Ki Dasmi. Kuring nyuuh kanu jadi Aki. Sumegruk ceurik.

“Jang, ieu tarima duit ti kuring.” Ceuk Ki Dasmi bari mikeun kaen coklat. “Kuring tibaheula
ngumpul-ngumpul. Susuganan jaga mangpaat, boh ka kuring sorangan, boh ka dulur.
Tibaheula gè kuring mah embung makè duit kaleuleuwihi, mangkana awèt. Tarima, Jang.
Tong ngarasa kasinggung.” Pokna. Kuring olohok. Ki Dasmi muka tali kaèn, katempo duit ti
mimiti nu lecek nepika nu heuras ngagulung dibeungkeut karet.

“Duit halal ieu mah, Jang. Ladang kèsang…Sugan wè bisa ngalunasan hutang ilaing.” pokna.
Leungeun kuring ngadègdèg narimana. Sabot kuring masih olohok nempo duit, Ki Dasmi
ngagolèdag sasarèan. Manèhna neuteup lalangit. Kuring ngilu ngagolèr gigireunna bari teu
ngiceup neuteup duit dina leungeun.
“Ki…”
“Jang, tong hariwang ku hutang ka jelema. Hutang nu kudu dipikamelang mah nyaèta hutang
ka Gusti Nu Maha Agung.” Ceuk ki Dasmi. Sorana laon.
“Hutang ka Gusti? Hutang naon, Ki?”
“Hutang kahirupan.”
“Kunaon mayarna, Ki?”
“Ibadah jeung amal hadè…”

Peuting beuki jempling. Reup kuring peureum. Poèk. Teu karasa kabèh dunya pareum dirawu
peureum. Sajorelat pikiran jeung rarasaan nyawang dina jengkal sarè. Inget-inget geus bedug
shubuh. Adan geus ngahaleuang ti tajug. Tong reuwas lamun jempling peuting bisa nyarita nu
leuwih singget tur pinuh rasiah sual kahirupan jeung pilampaheun, nu sapanjang janari nepika
sareupna dipikiran panjang, dipilih-pilih, dipajang, ditimang-timang…

“Aki!!!” kuring ngagorowok meupeus simpèna shubuh. Rugap-ragap awak Ki Dasmi nu


ngajelepeng tiis teu usik-usik. Jul-jol jalma daratang muka panto imah. Innailahi wa innailahi
Raoji`uun…

***
Gusti, umur mah anjeun nu ngatur. Umur ngora bisa waè isuk maot. Aki Dasmi mulang,
beuki melang wè kuring hirup sorangan. Saha deui nu bisa raket deui jeung hatè kuring
ayeuna? Kuring leumpang sorangan ngajugjug ka walungan. Rumangsang beurang
maheutkeun deui kamelang. Kuring nangtung sisi walungan. Katempo ki Dede hanjat ti
walungan. Manèhna nalikeun tali kolor, tuluy teurab mani beurat.

“Rèngsè ngarudal, Ki?” kuring nanya. Manèhna unggeuk.


“Sabar nya Jang. Tibaheula ki Dasmi sobat kuring.” Ceuk Ki Dede bari nepakan punduk
kuring. Manèhna ngalèos ngajugjug jalan. Karasa deui tiis deui rarasaan, simpè hatè najan
sora cai walungan kadèngè tarik. Leuleus hirup, ngudupruk sumanget. Asa lila deui rèk
nabeuh harepan tèh. Kumaha ngamimitian hirup lempeng deui, heuras deui, sumanget deui?
Kuring ngarasa hirup sorangan di dunya tèh, jiga batu, jiga gebog cau nu palid di walungan…

“Kang…” kadenge aya sora halimpu titukangeun kuring. Kuring ngalieuk.


“Eulis?!” kuring reuwas naker. Gusti, ngimpi lain ieu teh? Pamajikan geus aya hareupeun.
Rarayna marahmay. Eulis nyuuh ka kuring.

“Hapunten, Kang, hapunten Eulis salami ieu ninggalkeun Akang. “ ceuk Eulis peura, nyegruk
ceurik. Cipanonna haneut dina leungeun jeung pingping kuring. Teu karasa kuring
cirambayan. Gabrug tèh kuring nangkeup pamajikan mani pageuh. Kuring bungah pisan
pamajikan daèk balik deui ka lembur. Kuring jeung pamajikan namplokeun kasono nu salila
dua bulan teu panggih.
“Hapunten, Kang, hapunten Eulis.” Ceuk Eulis nginghak. Kuring duaan nangtung pahareup-
hareup.
“Eulis, sami-sami hapunten Akang. Ti ayeuna mah urang tong pipisahan deui nya?” ceuk
kuring peura. Eulis unggeuk, inghak-inghakan nahan ceurik. Kuring tuluy ngalèng pamajikan
ngajak leumpang. Sapanjang jalan kuring duaan silih teuteup pinuh kasono. Di jalan
paamprok deui jeung Ki Dede.
“Walah, balik deui Eulis? Panyana tèh geus kawin jeung urang kota.” Ki Dede ngarandeg
melong pamajikan kuring.

“Rèk kamana, Ki, mani rusuh? Rèk ngarudal deui?” kuring nanya.
“Tadi ngarudal, hilap teu cebok.” Pokna bari lumpat, tuluy ngajleng ka walungan. Kuring
jeung pamajikan silih pelong nempo kalakuan Ki Dede. Manèhna imut ngagelenyu. Gusti,
teuteup Eulis karasa iuh. Seuri Eulis karasa haneut. Kuring asa katumbu umur ku Eulis.
Sapeupeuting, rènghap Eulis lir ibarat simbut. Di luar imah, sora tarompèt kadèngè silih
tèmbal. Geus ganti taun…
LEBARAN POÉ JUMAAH
 Cilamping téh désa gegek tapi sikluk, jauh ka ditu-ka dieu. Pernahna di lamping gunung.
Tara pati kasaba ku urang béh tengah, da nya éta jalanna rumpil. Urang dinyana nya kitu tara
pati laliar ari lain barudak mah nu ngadugdag ngadon sakola ka désa séjén, da di dinya mah
taya sakola. Kitu gé teu loba, ukur hiji-dua.

Imah-imahna kabaheulaan kénéh, hateup injuk julang ngapak, bilikna képang anyam
satampah. Masjidna nya kitu deuih, ka cungcung-cungcungna ku injuk. Kawilang gedé sakitu
mah, ngan teu pati kapiara, da nu ngeusianana oge Lebé waé jeung nu dareukeut ka dinya.
Barudak lembut waéh nu ngadon ngaji tepung magrib. Ka-peutingnakeun pinuh ku barudak
bujang nu ngadon marondok.

Tapi dina tanggal lilikuran Puasa mah masjid nu sasarina cakueum tiiseun téh ngadak-ngadak
hégar, bilikna dikapur, buruanana dikoréd lening.

Tanggal tujuh likur pasosoré loba jelema ngarariung di balé malang bari gorgar
ngawarangkong. Di juru deukeut bedug sawatara urang ngadareluk ngaroméan terebang
pakéeun engké ari nyalawat maleman Lebaran. Lebé andekak nyarandé kana tihang,
ngagigirkeun boboko tilu wadah béas jeung blék urut minyak tanah, wadah duit.

“Ség-ség atuh rék saletor pitrah mah, meungpeung beurang,” cék Lebé, “sor ka dieu, Arjangi,
tong asa-asa …. Sabaraha jiwa nya? Tujuh lain?”

“Tilu, Kiai …. Kuring, budak nu cikal jeung indungna ….”

“Ari nu opatan deui?”

“Har, ari Kiai, pan can manjing puasa éta mah …. Pitrah kuma urusanana, bolon kénéh
sasatna!”

“Nya atuh, kuma nyanéh waé ari kitu mah …,” cék Lebé, “tilu kulak nyah rék meuli téh?”

“Tilu,” cék Arjangi bari ngudar cangreud rajut, dicicikeun, borolo bénggol wungkul. Milihan
genep, sésana diasupkeun deui, purilit ret dicangreudkeun deui. “Tah, Kiai, kuring seja mésér
béas tilu kulak ku duit limalas sén ….”

“Genep bénggol kitu, pan éta duitna gé bénggol wungkul!” cék Lebé bari kerung.

“Seug atuh …, kana duit genep bénggol,” cék Arjangi mindo ijab bari ngéntépkeun bénggol
dua-dua, sakulakeun-sakulakeun.

“Kula ngajual béas tilu kulak kana duit genep bénggol …. Tah rawatan, tilu boboko …. Sing
percaya, geus meunang ngayon éta téh, jejeg sakulak-sakulak …. Sok ayeuna geura setorkeun
deui ka kaula …. Setor pitrah kitu!”

“Kuring setor pitrah tiluaneun …. Ieu kawajiban kuring, ngaran Arjangi …. Nu ieu kawajiban
awéwé, Si Narti …., tah nu ieu kawajiban anak nu cikal, Si Awisah …. Lain kawajiban
popotonganana kénéh, Kiai…? Dan can lubar idah!” cék Arjangi bari tanggah neuteup
beungeut Lebé, “teu datang-datang si selud téh, katempuhan bapana waé tungtungna téh!”
“Tarima kaula pitrah Arjangi jeung Nyi Narti jeug Nyi Awisah …. Sok kadinyah amin urang
dungaan,” cék Lebé bari nandékeun dampal leungeun duanana.

“Ké heula, Kiai, tobat sanés nyanyahoanan …. Ulah ku dunga indal-maot, kuring mah sok
kukurayeun ….”

“Ari geus …. Dunga naon kahayang téh …?”

“Indal-salamet waé atuh sugan, ambéh salamet panjang umur ….”

Lebé kapaksa ngéléhan. Bérés ngadunga, bénggol nu genep téh dirawatan, goloprak-goloprak
diasupkeun kana blék téa.

Geus dimimitian ku Ki Arjangi mah sungsong paheula-heula, rata ukuran sakulak lima sén.
Nu ngurung budak waé aya, nu geus rada enyay-enyay ngarti mah, nu nurutan Ki Arjangi waé
loba.

“Punten, ah, kuring mah ti dieu waé ti luar, sangeuk sibanyo,” cék lalaki tengah tuwuh bari
melenyun udud. Leungeunna ngarongkong nyodorkeun duit lima sén ka nu diuk pang-
deukeutna, ménta ditepikeun ka Lebé.

“Geuning sia geus udud, Adma? Kakara gé asar ahir, deulu!” cék Lebé.

“Har, ari Kiai, lalay geus rabeng ti tadi tukangeun imah kuring mah …,” cék Adma bari
ngenyot rokona.

“Baruk lalay …? Lain gugueun, deuleu, nu kitu mah! Da kudu geus reup-reupan …. Malah
cék sakaol mah kudu geus teu kadeuleu bulu bitis …!”

“Ari kitu …, matak batal deuih udud téh?” cék Adma bengong.

“Puguh waé, deuleu!” cék Lebé nyereng.

“Ké … ké … ké … Kiai, da cék nu nyarios mah sami sareng nyusur cénah …. Éta duit kuring
ulah dipésakan, Harip, bisi kapopohokeun,” cék Adma bari ngarérét ka nu mangnampanan-
keun duitna tadi.

“Dipesakan sotéh lain rék diarah, bisi Kiai kaliru kaasupkeun kana kaléng, pajar geus
diijabkeun,” cék Sanharip morongos, teu ngeunah disangka boga niat goréng.

“Euh …, heug … heug … atuh …. Bisi waé kuring mah, bisi poho,” cék Adma ngélémés éra.

“Sarua jeung nyusur kumaha tadi téh, Adma?” cék Lebé panasaran.

“Sumuhun … sami … bako-bako kénéh …. Bédana téh dikemil jeung diseuneuan ….”

“Ari kitu … teu batal ari nyisig?”

“Pédah waé Pa Mukasan nyisig waé sapopoé bari puasa téh ….”
“Paingan atuh ari nyanghulu ka dinya mah …. Pan si éta mah manggih gaang gé sok didéang
dina cempor, ditambul harita kénéh …. Sia beuki nya, gaang?”

“Yéy … palias nagir, keuyeup gé loba kénéh, teu kudu nambulan gaang …. Diturutan sotéh
pédah waé tukang bilal tukang ngunggahkeun, sahenteuna meureun aya taram-taram kana
ajian ….”

“Sok dititah nunggahkeun sotéh tamba wudu, pédah taya deui nu daékeun,” cék Lebé, “baliju-
baliju gé lumayan ku sonagarna.”

“Mun nyana batal mah, nyatu waé sakalian tadi téh,” cék Adma bari miceun rokona.

“Unggal poé nya sia sok udud téh?”

Teu némbal, anggur malik ka Sanharip. “Sok, Harip, serenkeun duit kuring ka Kiai ….
Ijabkeun sakalian, kawajiban Si Anisah kituh!”

“Ari kawajiban sia mana, Adma?” cék Lebé.

“Moal tulus kuring mah, Kiai …. Pan cék Kiai gé baréto, pitrah téh nyampurnakeun puasa,
sanés? Ari kapalang batal balas udud, nyampurnakeun naon atuh …? Péngkolkeun waé ka Si
Anisah …. Tadina mah manéhna nu moal, da cék mitoha gé rubiah mah karawu kapangku ku
salakina …. Ari geus kieu mah jadi teu bisa mangku kuring téh. Nu matak manéhna ayeuna
mah nu ka hareup ….”

“Deulu ituh, Juragan Kuwu ka dieu!” cék nu diuk tukangeun Lebé. Saréréa tinglalieuk ka
jalan. Lebé ngésod rada mundur, nu séjén-séjén nyedek ngumpul di juru. Sup Juragan Kuwu
ka masjid, jémprak sila nyarandé kana sarigsig.

“Geuning sisinarieun Juragan angkat ku anjeun?” cék Lebé, “pan sasarina gé sok ditéang ku
abdi ka bumi.”

“Ah, entong, da rék ditajongkeun …. Dipikir-pikir asa réncéd. Ayeuna kami setor ka Lebé,
engké bulan Hapit, usum dibagikeun, kami narima pancén ti Lebé. Kadang-kadang duit kami
kénéh pulang deui ka kami …. Tajongkeun waé ayeuna mah. Kawajiban kami jeung Nyi
Kuwu potong engké tina pancén ….”

“Dupi ijabna kumaha atuh ayeuna?” cék Lebé sanggeus ngahuleng sajongjongan.

“Geuning belet Lebé mah …. Ayeuna mah kami béré nganjuk béas dua kulak, bayarna engké
nyontang pancén kami kénéh …!”

“Euh … leres …, mangga!” cék Lebé bari ngésérkeun boboko dua ka hareupeun Kuwu.

Dirongkong, dirampa béasna dipuruluk-puruluk kawas nu hayang naksir béar-béarna, pok


nyarita, “Tarima kami nganjuk béas dua kulak, bayareun engké nyontang tina pancén kami nu
sok katarima dina bulan Hapit ….”

Dijawab ku Lebé, “Tarima abdi nganjukkeun béas dua kulak kana harga dua kali lima
bénggol ….”
“Lain dua kali lima sén …? Pan ka batur gé sakitu, lain?” cék Kuwu nyelang.

“Ka Juragan mah ngabantun pangaos pasar, margi … margi ….”

“Pédah nganjuk …? Seug atuh, kuma dinya waé, da bayarna ogé ti dinya-dinya kénéh ….”

“Ngeunah kadéngéna ari kieu mah …. Mun ka urang diragragkeun sarega pasar, kana luput
meureun moal setor, nya Harip!” cék Adma ceuleungeung ti luareun bilik cabol.

“Ka somah mah diragragkeun lima sén sakulak sotéh sarat wungkul. Wajibna pitrah téh
sakulak, ari saletor lima sén waé ti baheula. Diijabkeun waéh kana sakitu ….”

“Tuda enya kudu kitu, kudu heman ari ka somah,” cék Adhani ti juru, “malah mun nuluy mah
unggal poé Kiai dagang béas murah, saréréa gé moal ngaléok ka nu séjén, nya Harip ….
Malaur jauh ka pasar ari di dieu aya nu murah mah.”

Lebé ngalieuk ka lebah nu ngomong bari seuri konéng. “Dibéré sajeungkal hayang sasiku,
dirugal-rigel diéénténgan sataun sakali hayang mayeng unggal poé …. Ku salebaran sakali gé
sabaraha pirugieunana. Kurang-kurang bisa ngatur laporan mah, rugi tilu bénggol tina sajiwa,
jaba barudak nu can manjing puasa loba nu teu dipitrahan, malah Si Adma mah angkohna
rubiahna gé moal disetoran ….”

“Tuda cék mitoha kitu …, geus karawu kapangku ku kuring …. Ayeuna onaman da enggeus,
lain?”

“Heueuh, meunang méngkolkeun …! Pan salakina bélaan henteu!”

“Ari kitu sia teu setor, Adma?” cék Kuwu bari ngarérét ka nu nyangheuy dina bilik cabol.

“Ah juragan, da abdi mah puasana gé lapur …. Sugan ari udud téh cara nyisig teu matak batal
….”

Ger pada nyeungseurikeun, kayungyun ku beletna.

“Aéh-aéh …, na ieu béas dikukucel waé …. Reungeukeun, Lebé, kami setor kawajiban kami
jeung kawajiban Nyi Kuwu, sakulak séwang,” cék Kuwu bari nyodor-nyodorkeun boboko
béas.

“Nampi …,” cék Lebé bari nampanan. Gorolang, ngadunga, diaminan ku saréréa.

“Horeng babari ari ménak mah, teu maké duit gé hadé ditujang-tajong,” cék Si Adma teu
kireum-kireum kawas nu euweuh waé kaserab ku dunungan téh.

“Babari sotéh lebah dieuna, pédah boga pancén sampeureun, kituna gé pan regana sabaraha
tikeleun ka batur. Kadéngé lain tadi?”

“Kakuping …,” cék Si Adma, “ngan leuheung waé sotéh, Juragan mah teu kudu ngodok saku
….”
“Heueuh, lebah dinyana meureun pikabitaeun sia téh, Adma. Tapi lebah gawéna mah paralun
ampun, aing téh nepi ka kuru cileuh kentel peujit balas mikiran somah sadésa …. Nepi ka teu
kaduga … aéh, teu meunang puasa-puasa acan Kuwu mah, da éta cénah matak panas héabna
ka somah ….”

“Tah geuning, Kiai,” cék Si Adma bangun giak, “hadéna atuh puasa kuring teu kaci,
mangkaning pamajikan keur bulan alaeun. Mun seug téh cara batur, mana teuing héabna ka si
utuh ka si inji ….”

“Hih, sia onaman teu ngurung batur, da anak-pamajikan sia gé dina seuhseuhanana mah
angger tanggungan aing, pupuhu sadésa ieu …!”

“Rugi atuh nya abdi mah, Juragan. Hanas lentah-lentéh, teu nyatu teu nginum, puasa teu jadi,
da kagoda ku udud …,” cék Si Adma kerung bangun sedih, “cék abdi gé tadi …, sugan kawas
nyisig pédah sarua bako …, kacek diseuneuan wungkul. Duka upami seuneuna nu matak batal
téh, nya Juragan!”

“Nyao ah, hésé ngomong jeung sia mah!” cék Kuwu bari ngalieuk ka Lebé, “ngadéngé guyur-
guyur di balé désa pajar Lebaran ninggang kana poé Jumaah?”

“Leres …,” cék Lebé.

“Angsrodkeun kana Saptu, ulah sina ninggang poé Jumaah, pamali!”

“Atuh langkung panginten puasana jadi tilupuluh hiji dinten. Teu kénging ongkoh puasa
poéan Lebaran ….”

“Kana Kemiskeun atuh, kajeun ngurangan sapoé …. Matak naon?”

“Panginten moal jejeg sasasih …. Hanas kental-kentél salapan likur dinten …. Abot ongkoh
ka abdina, margi seuseueurna nu setor pitrah téh dintenan ka tilupuluhna pasosonten.
Ninggang dinten Kemis panginten taun ieu mah. Upami dilebarankeun dinten éta téh, mana
teuing hapana moal aya setorkeuneun ka ditu ….”

“Enya … tapi kami teu idin Lebaran poé Jumaah,” cék Kuwu kereng, “meureun kudu hutbah
dua kali. Hutbah raya ongkoh, hutbah Jumaah ongkoh. Pantang di désa urang mah, matak
dilongokan maung …. Pan aya maung ngamuk gajah meta mah Kuwu bagianana.
Mangkaning kami geus kolot, teu cara baheula keur ngora, diganda léngoh ngudag maung
sasiki mah ….”

“Kitu waé atuh, Kiai, sered kana Kemis, ti batan kaanjangan urang leuweung mah. Hampang
ongkoh ka somah …,” cék Adtari.

“Ngomong naon tatéh, Tari?” cék Lebé bari malik ka nu ngomong di juru.

“Muhun kitu, Kiai, sakumaha kasauran Juragan Kuwu …. Saé diséréd kana Kemis ….
Hampang ongkoh ka somah, moal harénghéng ongkoh, da sahanteuna kaanjangan ku urang
leuweung mah pisakumahaeun, ari cadu mah di urang sapoé hutbah dua kali …. Leres kitu éta
téh, Juragan?” cék Adtari bari neuteup ka Kuwu.
“teu percaya sia ka aing?” cék Kuwu rada kereng. Adtari tungkul, sérab ku nu siga nyeuneu.

“Kieu atuh,” cék Arjangi bari ngésod meueusan, “urang sina éléd waé salasahiji. Hutbah raya
atuh entong ari rék ngarah sakali waé mah, boh Jumaahan nu entong teuing, remen ieuh ….”

“Ari Jumaahan ka mana ngeunteupkeunana …? Lumrah ti mana Jumaahan poé Kemis atawa
Saptu …! Talung Lebaran, bisa dikasar-késér, da baheula gé tara angger,” cék Lebé.

“Tah geuning énténg ari Lebaran bisa poé naon waé mah …. Geus waé lah poé Kemis, kurang
sapoé mah itung-itung nyombo waé ka anu tas kental-kentél sakitu lilana …,” cék Arjangi.

“Bisa kasar-késér sotéh teu kudu matok poéna, deuleu, lain hadé dikabiri. Lumrah ti mana
puasa teu jejeg tilu puluh …. Pan cék kitab gé, rumadon salasin …, eu … kuma geuning, poho
deui ….. Salasin atawa salasun …?” cék Lebé rada rampang-reumpeung bari neuteup nu
dariuk di juru saurang-saurang.

“Kuring mah angot atuh nyaho ti mendi …. Boro-boro maca, sakieu kakolotan kangaranan
kitab mah neuleu gé can kawénéhan …,” cék Anjangi.

“Heueu …, kitu waé …. Kami manggih dalil dina kitab, romadon salasin … nyao … salasun
… atawa salasatun kitu …? Aya poho-poho teuing …. Ngan kitu waéh maksudna mah ….”
Cék Lebé.

“Ah sanés Salasa ieuh,” cék Adtari bari ceuleungeung, “inget pisan kuring mah, poé Rebo
ngamimitian puasa téh, da basa munggah téh kuring muru saur ka warung Si Iboh, sakalian ka
pasar ….”

“Lain poé Salasa, deuleu, ari salatun téh. Mun rék basa urang mah hartina tilu puluh. Jadi
bulan puasa téh umurna jejeg tilu puluh …. Geura urang itung … Rebo-Rebo Kemis Jumaah
…. Sapuluh tah …. Saptu-Saptu Ahad Senén …, sapuluh deui, jadi dua puluh jeung nu tadi
…. Salasa-Salasa Rebo Kemis …, sapuluh deui, jadi tilu puluh …. Jejeg waéh dina poé Kemis
téh, nu matak Lebaranana ninggang poé Jumaah …. Tah, dalilna aya réngkolna, diitung teu
géséh ninggang poé éta … rék kumaha deui …?”

“Jadi keukeuh waé nyah kudu poé Jumaah?” cék Kuwu kereng.

“Sumuhun, upami numutkeun dalil éta mah,” cék Lebé.

“Tapi kami teu idin ari kudu hutbah dua kali mah …. Pamali di désa urang mah, pamali,
matak dilongokan maung …. Talung ari semet lolongok wungkul, da cék pacaduanana ogé
tara daékeun balik léngoh.”

“Perkawis hutbah dua kali mah teu jadi pambengan. Juragan, da cék jenatna pun bapa gé
pantang sotéh upami dihénggoy ku sorangan. Ambéh teu ngarempak pacaduan, hutbah
lebaranana kedah ku pupuhu lembur …. Kapungkur gé sanggem jenatna pun bapa téh … aéh
baheula kétah, jaman tuang éyang ngeuyeuk désa ieu kantos lebaran dinten Jumaah. Hutbah
teu dikirangan, hutbah raya hutbah Jumaah gé taya nu dilangkung, salamet waé teu sakara-
kara, da hutbah Lebaranana ku tuang éyang téa …. Ayeuna gé mangga waé nyanggakeun
hutbah lebaranana mah …,” cék Lebé bari ceuleungeung.
“Baruk kami kudu maca hutbah ..? Teu … kami mah teu sararanggup teuing …. Enya waé aki
mah jenatna pinter béjana, da kungsi masantrén ka Demak ka Jombang naon ku hanteu cénah
…. Ari kami apal ti mana aksara Arab, da teu ngaji teu masantrén? Teu … kami mah teu
sanggup, kajeun ngurangan puasa sapoé kana poé-Kemiskeun, dunya-ahératna tanggungan
kami!” cék Kuwu, beungeutna euceuy.

“Hih ari Juragan, perkawis padamelan mah tiasa diwakilkeun ieuh. Keur naon seueur
ponggawa? Pan séba distrik gé ari aya pambengan mah sok ngawakilkeun ka Jurutulis. Nu
matak naon ieu ogé digenténan ku nu sanés nu sakira sanggemeun, asal ponggawa désa waé
nu merenah ngawakilan Kuwu,” cék Lebé ngabongbolongan.

“Meunang kitu disulurkeun ka batur …?” cék Kuwu, beungeutna marahmay, “kuma cik
carana sangkan punah kawajiban kami …! Boa kudu méré panajir kawas ari sulur séba?”

“Kieu sanggem jenatna pun bapa mah,” cék Lebé bari ngésod maju, “ponggawa nu badé
ngawakilan téa kedah didangdanan, sina nyeplés anggoan Juragan ari nuju dines kanagaraan.
Udengna, raksukan hideungna katut solémpang emasna, kebat naon ku hanteu. Kitu deui
tudung polét teu kénging lésot …. Turun ti rorompokna, muru ka masigit téh dipapag pajeng
kamantrén, digondeng ku ponggawa-ponggawa nu sanés. Kapaksa Juragan gé harita mah
kedah ngiring ngagondéng, ngagenténan gawé itu …. Méméh bring, ikrarkeun heula sing asak
… dijenengkeun cindékna mah …. Kitu sanggem pun bapa mah jenatna.”

“Saha atuh ponggawa di urang nu bisaeun hutbah?” cék Kuwu, tarangna kerung, “asa euweuh
deui ari lain Lebé mah ….”

“Hih, abdi onaman pan siangna dina Jumaahan kedah hutbah deui.”

“Heueuh pan harita mah geus jadi Lebé deui …! Turun imbar gé gawé Kuwu mah geus bubar,
lain?”

“Aéh muhun nya …. Kitu saé atuh …,” cék Lebé éléh déét.

“Heueuh, kitu waé, pek émbarkeun ka sadésa, Lebaran engké mah Kuwu kitu nu rék hutbah
téh, nyingkahan pacaduan, pédah lebaran ninggang poé Jumaah,” cék Kuwu bari cengkat, léos
balik.

“Sihoréng loba pisan unak-anikna nya ari agama téh,” cék Adtari ka batur-baturna.

“Rumasa balilu puguh gé kami mah, da teu ngaji, teu nyaho alip bingkeng-alip bingkeng acan
…, témbal Arjangi.

“Tapi kawilang pinter nya Lebé téh …. Juragan Kuwu mah siga nu geus poékeun kacida tadi
téh …, ieu mah hih kawas nu babarieun pisan mesék mas’alah téh …,” cék Sanharip.

“Tuda teu samanea, ti buyutna kénéh turun-tumurun jadi Lebé. Piraku waé mun teu kakocoran
komara téh,” cék Adtari.

Lebé jongjon waé mulungan béas nu marurag kana palupuh. Api-api tu ngadéngé pada muji
téh. Tapi kaciri irungna mah beukah.
***

Malem Jumaah, maleman lebaran. Lembur Cilamping nu sasarina combrék tiiseun téh
ngadak-ngadak haneuteun. Di unggal buruan raang palita dina duwegan sabeulah, malah nu
werat meuli minyak lantung mah aya nu nyieun damar séwu naon ku hanteu. Kolot-budak
pada bungah. Nu puasana belang-betong atawa nu teu pisan ogé, nu ngalap cukup ku setor
pitrah lima sén ka Lebé, peuting éta mah kawas nu dikariaankeun. Geus lir nu kasebut leket
mah, najan loba nu bari udud atawa nyisig ogé.

Di masjid caang mabra diseungeutan lampu gambréng sadua-dua. Barudak lembut ngagonyo
di hareup, ciweuh naréwakan siraru, jorojos-jorojos dirérab dina damar, belewek ditambul
bari cingeus néangan deui téwakeun.

Barudak bujang maturan kolot di tengah masjid, takbiran ditabeuhan ku terebang. Luluguna
Ki Mukasan, biwirna ngajendol ngemil sisig. Nu nerebang kawas bari narundutan, awak
lénjong ngénca-ngatuhu nuturkeun lagu. Béda jeung nu nabeuh dogdog, jaringas pisan éta
mah. Dogdog dihompét ku suku kénca, leungeun pakupis duanana, awakna reureundeukan
kawas nu ngigel.

Ka-peutingnakeun takbiran ditunda, diganti ku lagu-lagu tandak buhun nu ilahar dina


gembyungan. Tamba tunduh cénah. Lagu Dongdonghéjo, Rincik Manik, Karembong Lokcan
jeung réa deui. Naék kana lagu Kéwér-kéwér

Juljol nu nganteuran dahareun, aya lalawuh aya sangu katut tumas-tumisna, paalus-alus
pangeunah-ngeunah, da niatna gé hayang katuang ku nu ibadah di masigit.

Brak dalahar balakécrakan. Nu geus seubeuh mundur ngadon nyarandé kana bilik. Rék
malikan deui, nerebang kaburu ku tunduh, tinggolédag saurang-saurang, tungtungna gempar
samasigit. Nu pandeuri kabagéan bébérés, sésa dahareun dikumpulkeun, diwadahan ku
dogdog.

Tengah peuting loba nu lilir kagebah, ngadéngé nu ribut-ribut. Rék hudang horéam ku tunduh,
reup waéh tibra deui, parat nepi ka subuh.

Lebaran gedé taun éta mah cék saréréa ogé. Ti jaman akina Kuwu nu ayeuna, kakara harita
pareng deui ninggang poé Jumaah. Nu sasarina tara mantra-mantra ka masigit ogé harita mah
merlukeun indit, panasaran hayang ngadéngé Kuwu hutbah.

Ti janari kénéh masigit geus pinuh, barudak bujang kabagian di tukang, ditéma ku nu lembut
ngadeukeutan bedug. Nu talakbir loba nu geus peura balas ti peuting kénéh. Perbawa poé
Lebaran, sora kitu, laguna kitu, ngagalindeng wanci kitu, tingsariak waas pabaur jeung ketir,
rusras inget ka nu geus taya di kieuna. Loba nu teu kawawa ku cipanon.

Wanci carangcang tihang rombongan nu didadago téh datang, srog ka lawang. Pangheulana
Kuwu digondeng kénca-katuhu, maké papakéan dines. Raksukan takwa kamhar hideung,
kancing welem duawelas, solémpang érmas, sinjang kebat lépé satampah. Dibendo ongkoh,
didudukuy ongkoh, dudukuy dines polét érmas, jaba dipayungan deuih.
Sup ka masigit, nu asa rék kaliwatan hideng méléd méréan jalan. Jelema-jelema tingkecewis
tingharéwos pada baturna. Srog ka hareupeun paimbaran, ngajanteng heula ngadagoan anu
komat.

Na atuh ari pok téh aya nu ngomong kalepasan, “Geuning siga kiai Lebé …? Lain Juragan
Kuwu nu rék hutbah téh?”

Ditémbalan ku baturna ti juru, “Puguh heueuh deudeuleuan téh siga Kiai Lebé ….
Nanahaonan cénah maké dangdanan Kuwu?”

Ari porongos téh nu ngagondéng beulah kénca nyenghor ka nu ngomong pandeui, “Ngomong
naon? Baruk Kia Lebé …? Deuleu tah kadinesanana! Nu maké dangdanan kitu Kuwu
ngaranna …!”

“Ké … ké … ké …,” cék nu panasaran ngaludeung-ludeung manéh, “sanés éta Juragan Kuwu
mah nu sasauran …?”

“Lain …! Kami mah keur teu jadi nanaon …! Tah ieu Kuwu mah nu disolémpang …!”

“Naha da rarasaan mah awas kénéh amta téh,” cék nu keukeuh panasaran awahing ku
handeueul asa dibobodo, tepung jeung Lebé unggal poé, piraku maké kalinglap.”

“Heueuh ieu gé Lebé … Lebé …! Tapi geus dijenengkeun Kuwu kamari, disaksian ku
kokolot-kokolot …!”

“Euh …, duka atuh ari kitu mah …. Teu kawartosan ti tadina.”

“Tuda lalawora pisan ngajenengkeun jelema téh, tingharéwos maranéhanana waé. Mun di
dieu mah hareupeun saréréa, moal cékcok,” cék nu di gigireunana kukulutus lalaunan.

Rérés salat sunat, imam ngalieuk ka tukang nitah ngunggahkeun.

Srog Ki Mukasan ka paimbaran, tumpa-tempo, katatang-kotéténg ….

“Lain geuwat …! Néangan naon?” cék nu diuk panghareupna.

“Ecis …! Ecisna euweuh!” témbal Ki Mukasan.

“Beu édas, gogoda téh aya-aya waé …! Gara-gara Lebaran poé Jumaah!” cék tukang
gondeng, “ka manakeun ecis, barudak?”

Taya nu némbal. Barudak tingkecewis bari nunjuk buni ka Si Ékom.

“Aya naon …, aya naon?” cék nu panasaran ngaharéwos.

“Ku Si Ékom peuting dipaké ngarojok anjing. Bongan tuda ngadon ungas-ingus ka masigit.
Digebah, nyelap kana sarigsig, rojok waéh!”

“Ari ecisna ka manakeun?”


“Dipiceun …! Geuleuh tuda mani lamokot, da kitu sakadang asuna kabeuratan …. Kasima
meureun!”

“Kumaha ari geus kieu?” cék tukang gondeng téh.

“Kumaha upami diganti waé heula ku itu …? Siga aya halu meujeuhna di saung lisung
Madsahri,” cék Ki Mukasan bari nunjuk ka saung lisung tukangeun paimbaran.

Tukang gondeng nu nyeplés Kuwu tulén téh gogodeg bari camberut. “Gogoda Lebaran poé
Jumaah …! Hadé kitu digantian ku halu?”

“Tibatan luput mah atuh …. Hutbahna gé teu kaci teu maké ecis mah, sanés?” cék saurang ti
jajaran panghareupna.

Ki Mukasan kalur ti lawang gigireun paimbaran, milihan halu di saung lisung, néangan nu
hampang.

“Rék dikamanakeun éta halu kuring?” cék pamajikan Madsahri norojol ti pawon.

“Nginjeum sakeudeung rék dipaké ecis!”

“Ulah nu éta, rék dipaké nutuan kopi ayeuna …. Tah nu éta, halu panguguran, nganggur éta
mah.”

Ki Mukasan balik deui ka masigit, manggul halu panguguran, nya badag nya panjang.
Telenjeng ka paimbaran rék ngunggahkeun.

“Ké heula ulah satorojogna teuing ti saung lisung …. Urang ijabkeun heula ambéh rengrem
kana haté,” cék nu nyeplés Kuwu tulén téh bari ngaréwak halu tina leungeun Ki Mukasan.
Ned … rempod awakna doyong ka hareup, teu nyangka halu sakitu beuratna. “Kaula neda
panyaksén,” cénah bari tipepereket ngacungkeun halu, ku lantaran ecis leungit, kapaksa
diganti ku ieu …. Saayeuna ieu ecis ngaranna!”

“Nyakséniiii …!!!”

“Sebut ku saréréa, ulah kurang ti opat puluh urang ambéh sah …. Ieu naon ngaranna …?”

“Eciiiiissss …!!!”

“Kurang loba nu nyebutna …! Sakali deui …!”

“Eciiiiiiissssss …!!!”

“Héy … tah barudak nu deukeut bedug! Sia hareureuy waé teu milu ngomong …! Deuleu ka
dieu …! Ieu naon …?”

Nu ditanya tingraringeuh.

“Naon ieu …?”


“Haluuuuu !!!”

“Cungur sia! Lain halu, deuleu! Sakali deui sing bener …. Naon?”

“Paranti nutuuuu …!”

“Bangus sia …! Kitu tah ari teu ngajedingkeun téh …! Ecis …. Ecisss cekéng gé egis …! Pok
sebut deui ku saréréa …!”

“Eciiiiissss ….!” Cék samasigit mani ngegeder.

“Tah kituh …. Pok geura ngunggahkeun, Mukasan! Yeuh haluna … … éh … ecisna!” cénah
bari ngélémés, éra tisolédat létah.

“Annutuuu bilhaluuuu walbakaaaatul …!” cék Si Sukri di tukang ditompokeun kana ceuli
baturna.

“Cungur sia …!” cék kolot nu diuk gigireunana, “doraka siah!”

Batur-batur Si Sukri narungkup sungut.

Rérés hutbah brak dalahar, da ti tadi gé nu nganteuran dahareun geus ngarédés di luar
nyaruhun baki. Samasigit récok parewog-rewog. Sidekah Lebaran cénah.

Désa Cilamping salamet teu kungsi kaanjangan maung.


LINI
Jam sapuluh peuting. Nu ti beurangna tas capé gawé mah geus talibra. Di jalan geus teu pati
aya nu ngulampreng. Tukang baso waéh traktrak-tréktrék nakolan birit katél butut, nawarkeun
daganganana, susuganan aya kénéh nu hayangeun nambul angeun pibekeleun saré.

Sawatara budak bujang tingrariung sisi jalan, ngawarangkong ngénca-ngatuhu, silih gonjak
bari udud pataréma sakenyot séwang.

Riyeg … riyeeeggg … riyeeeggggg ….

Jagat génjlong dibarung ku ngaguruh sora sagala sakur nu kaeundeurkeun. Jéréwét di ditu-
jéréwét di dieu, nu tingweuleuhweuh, nu takbir, lain wayah lain mangsa. Jelema riab kalaluar.

Ger cékcok di mana-mana, ngaromong teu puguh leunjeuranana dibarung ku kasima. Cék nu
meneran di imah, awak asa lénjong, réa parabot marurag tina lomari, tina bupét naon ku
hanteu. Cék nu lulungu asa ngimpi dialungboyongkeun. Cék nu meneran keur leumpang di
jalan, rarasaan téh cénah asa rék kateureuy ku jagat. Nyeueung jalan siga ombak-ombakan.

Riyeg deui …. Éar deui …. Awéwé réa nu riwih-rawah, bari ngakeup ongkoh, nuyun ongkoh.

“Gustiiii … boa ayeunaaaaa …. Lebur kiamah téééééh ….!” Cék nini-nini bari eueuriheun.

“Ka dieu, nini, rék ka mana!” cék sora lalaki ti kebon cau.

“Rék … rék néang incuuuuu …!”

“Ulah … ulah ka mamana, bisi kumaonam!”

“Aaaaah … da melaaaang ka budak!” témbalna bari ngabéngbéos, lilinieunana beuki kacida.

Wanci tumorék, sasari mah iwal ti sora jangkrik jeung simeut, harita mah ngadak-ngadak
geunjleung. Jelema bahé ka luar, ka jalan. Barudak rungsing lulungu, keur meujeuhna tibra
kagareuwah. Nu ngadat dina aisan dicombo ku susu indungna, di dinya di geusan pabaliut.

Pulisi jeung tentara matroli ka sakuliah kota, asa keur usum perang. Para pajabat jeung
pamong désa teu cicing, lolongok ka ditu-ka dieu.

Geus rada leler meueusan, silih tanya, kumaha … kumaha … kumaha ….?

Jol nu rancucut, ngahodhod kawas hayam kabulusan.

“Nanaonan silaing téh kawas nu kabancuh?”

“Walah … sial, euy … heuheuheuheuheuh …,” cék nu ditanya, ngaheuheuh awahing ku tiris.

“Ari kitu …?”


“Ngusial beuteung … heuheuheuh …. Lumpat ka balong bari lulungu …. Kakara gé gog na
ana atuh ari riyeg téh … galéong waéh pacilingan runtuh …. Nepi ka diturunmandikeun
tengah peuting …. Jarijipen heuheuheuh ….”

“Naon tuh eusi patuangan téh …? Ogoan, lungsur mani kudu dianteur ku nu kagungan.”

Semet nyengir bari ngaheuheuh, huntu noroktok.

Ger béja, imah Dokter Gigi runtuh, imah Kuwu di Lembursitu rebah, garasi, warung baso,
garduh jeung réa-réa deui.

“Alusna mah toko Si Akoy nu rugrug téh nya euy,” cék saurang.

“Eum, sok aya-aya baé, ngadungakeun cilaka ka batur!”

“Tuman, bongan tara méré nganjuk!”

“Saha nu sudi nganjukkeun ka tukang ngajeblug!”

“Barina gé lebar ku Si Amoyna.”

“Bangsa babah mah tara keuna ku musibat.”

“Naha?”

“Diaping dijaring ku Tapékong béjana.”

“Wah, ngomong téh!”

Héaaaang sora sirine. Jelema caruringhak. Lar mobil ambulans kawétankeun. Ti mana … saha
… ku naon …? Silihtanya pada teu nyaho. Jol motor nyusul. Diparegat, ditaranya. Urang
Nagrak cénah, sakulawarga …. Imahna ambruk pisan. Kabéh tatu parna …. Dius deuih waéh
…. Saréréa tinggarodeg, tingkarecrék ….

Jelema pabuis ka ditu ka dieu, silih longok, nu inget ka sobat, ka baraya …. Barudak ngora
tingdaréngdék ngadédéngékeun, bisi aya béja imah kabogoh kumaonam.

Jol mobil disarurung ku limaan.

“Ku naon tatéh …?”

“Rék nganteurkeun nu cilaka ka rumah sakit.”

“Na atuh disusurung kitu?”

“Teu daék hirup …. Kagebah lini meureun!”

“Saha kitu? Ti mana?” cék nu nanya bari nempo ka jero mobil.

“Ti Sindangrasa, katinggang lomari!”


Nu nyarurung mobil nyarelang ngarambekan heula bari nyarusut késang ku leungeun baju.

“Sok lah sarurung deui, agé-agé nepi!” cék nu nyekel setir.

“Ké heula … capé! Manéhna ngeunah nyéngclé …! Euweuh nu dagang bajigur-bajigur acan
…. Garing tikoro!”

“Eum, sok aya-aya waé …. Cageur mantén atuh diselang jajan heula mah!”

Nu ngagimbung tingséréngéh ngadéngé supir ngomong kitu téh.

Sakeudeung-sakeudeung héang … sakeudeung-sakeudeung héang sirine mobil ambulans,


ngakutan nu carilaka …. Tengah peuting, bari tas manggih kareuwas pohara, kukurayeun
ngadéngé kitu téh.

Nu srugsrog jeung baraya jeung sobat, silih rangkul bari maraca Alhamdulillah, urut tadi
kamemelangan asa kaubaran, kajeueung salametna.

“Ari lini téh naon tuh asal-muasalna, asa gagah-gagah teuing?”

“Béjana mah aya gunung bitu ari kitu téh.”

“Wah, meureun kadéngé jelegurna!”

“Ari jauh …?”

“Ning oyagna nepi ka dieu?”

“Pan sajagat kaendagkeun!”

“Cék kolot mah … buta cénah nu nanggeuy jagat. Mun cangkeuleun sok nguliat. Nya eundeur
ka urangna téh.”

“Lain kétah, lain buta!”

“Naon atuh?”

“Oray naga nu nanggeuy jagat mah …. Kabéjakeun geuning sok aya endog lini …. Pan buta
mah tara ngendog!”

“Gandéng lah, ngaraco! Dongéng jaman tai kotok dilebuan ta mah! Paranti nyingsieunan
budak.”

Jol érté ngiringkeun nu ngabébéyéng jelema, beungeutna balancunur.

“Ku naon tatéh …? Katinggang naon?”

“Katinggang peureup!” témbal érté.

“Eum, Pa Érté mah …. Nu leres … ku naon?”


“Disariksa …, tuman!”

“Ari kitu …?”

“Batur-batur narulungan nu cilaka, ari ieu kalah ka haripeut ngabadog barangna ….


Ngagugubug tip!”

“Rék dikamanakeun ayeuna?”

“Ka Kantor Pulisi!”

“Ning Si Ébon!” cék saurang bari nempo beungeut nu balancunur.

“Meujeuhna si éta mah,” cék nu séjén ngaharéwos ka baturna, “baréto gé bapana keur sakarat,
lain nungguan cara batur, kalah ka nanawarkeun balong.”

“Keur pawit ngadu meureun jeung keur meuli inuman pimabokeun! Cekékeun tétélo jelema
kitu mah!

“Pan ayeuna gé sakongkol jeung lini …. Asa dijurung laku, dibéré jalan keur ngiruh!”

Lain saeutik korban lini téh. Katut Pa Camat mantuan mangkuan nu carilaka, diunggah-
unggahkeun kana ambulans. Geus puguh deui Pulisi jeung Tentara mah teu kaur mingé.
Malah aya nu bobolokot getih balas mangkuan nu taratu.

Tambah ketir nyeueung nu kitu mah, asa nyeueung pilem lalakon perang. Béh dieuna asa
jaman répolusi baréto.

“Asa reugreug nyeueung alat nagara kitu mah, nya euy!”

“Ari urang can kabagéan gawé. Taya pisan gadag, semet lalajo nu pabuis ….”

“Urang onaman ….”

“Onaman kumaha …? Da kawajiban saréréa nulungan nu cilaka mah …. Tugas kamanusaan,


deuleu!”

“Mana atuh tulunganeunana? Ma enya nu cilaka kudu kokotéténgan néangan nu rék


nulungan! Kudu urang nu nyampeurkeun!”

“Yu atuh urang ngider …. Lebar tanaga baso teu kamangpaatkeun!

Jol jajaka tiluan, tingtarempo nyidik-nyidik nu tinggarimbung kawas aya nu ditéangan.

“Néangan saha, Ton?”

“Agus …. Aya di dinya?”

“Tadi mah aya …. Ngaléos deui.”


“Ka mana?”

“Nyao … ka imahna sugan …. Aya naon kitu?

Nu ditanya teu némbal. Gura-giru indit jeung baturna muru ka imah Agus. Nu ditinggalkeun
panasaran, bring naluturkeun, bisi aya tulunganeunana, bubuhan keur usumna.

“Tuh geuning sigana,” cék saurang bari nunjuk ka nu diuk di émpér imahna.

“Keur naon, euy, Gus?”

“Teu nanaon …. Ngareureuh tas ngider …. Taya nanaon di ditu?”

“Nyéta puguh rék ngabéjaan!”

“Ngabéjaan naon?” cék Agus ngoréjat.

“Si Enéng, kabogoh di dinya, kamusibatan!”

“Kapapaténan boa,” cék nu séjén, “da midangdam baé.”

“Saha nu cilaka téh …? Si Enéng …?” cék Agus teu sabar.

“Si Enéng mah nu midangdamna! Nu cilakana mah bapana boa …. Atawa … indungna sugan
….”

“Keun waé modar gé bapana mah …! Indungna kajeun …, cua, siga nu sarebeleun pisan ….
Pédah déwék batan sakieu, ngaligeuh can boga gawé …. Sieuneun anakna dibawa kokoro
meureun minantuan ka déwék mah!” cénah bangun nu sebel kabina-bina.

“Tah kabeneran, euy, ari kitu mah!” cék Enton.

“Naha?”

“Ayeuna waktuna nu mustari keur némbongkeun jasa …. Nyeueung silaing tohtohan mah
piraku sugan haténa teu lilir …. Malik asih pasti …. Jadi minantu kadeuheus engké silaing,
Gus!”

“Heueuh geura …. Minantu idéal cék basa ayeuna mah,” cék nu séjén mairan.

Ngahuleng waé Agus téh kawas keur mikir.

“Tong disapirakeun, euy, kasempetan alus kacida …. Mangpaatkeun, meungpeung aya


pitulung lini!”

“Na enya kitu, euy?” cék Agus asa-asa, “sebel ku gedé-huluna gé déwék téh! Angot bebengok
bapana mah, mani kawas neuleu anjing budug ari déwék ngulampreng hareupeun imahna
téh!”
“Heueuh ayeuna waktuna cekéng gé bangsa raja nu minantuan ka anak si itu si éta, ari geus
bukti mah kapahlawananana …. Lah … éta sirine ambulans aya ku matak ketir ….”

“Kudu kumaha atuh déwék ayeuna …?” cék Agus bangun bingung.

“Néang ambulans …, rawu ku silaing bapana atawa indungna nu cilaka, bawa ka rumah sakit
…. Kerong tah irung déwék mun itu teu malik asih ka silaing.”

“Kana naon atuh ka dituna …? Leumpang waé nya …?”

“Nelepon waé atuh ti … ti Kantor Penerangan nu deukeut!”

“Heueuh …. Yu atuh anteur!”

Bring waéh.

“Asa rék gedé mangpaatna nya euy lini téh keur Si Agus mah!”

“Hih tuda sagala ogé sugri Kersaning Pangéran mah taya nu teu mangpaat …. Kari bisa waé
napakuranana …. Nu puguh waé geura, tukang kayu tukang tembok baris maréma, réa imah
oméaneun.”

“Urang gé mun ditampik ku pimitohaeun mending ngondang sakadang lini, neda


kamandangna.”

“Yéh, ngabarabékeun sajajagat siah!”

Srog ka Kantor Penerangan.

“Hallo …! Nyuhunkeun … eu … ambulans …. Hallo … ieu ti Kantor Penerangan ….


Nyuhunkeun dikintun ambulans …. Muhun … nyuhunkeun énggal … répot …! Di … di
Jalan Hanjuang No. 7 …. Muhun … énggal diantos!”

“Kumaha cénah?” cénah baturna.

“Sakeudeung deui cénah, keur nurunkeun heula korban ti Bolénglang …. Yu waé ka ditu,
urang dagoan hareupeun imahna!”

Bring ka Jalan Hanjuang. Hareupeun imahna kadéngé kénéh nu midangdam téh. Tétéla Si
Enéng, da wawuh kana sorana. Gék dariuk dina téras, capé tas leuleumpangan waé.

Héang sirine …. Gura-giru dipapagkeun ka jalan. Reg eureun hareupeun lawang buruan.

“Mana …?” cék supir ambulans.

“Ké antos!” cék Agus bari muru panto hareup.

Trok-trok-trok …. Ngadagoan sakeudeung …, trok-trok-trok deui beuki tarik.


Bray panto tengah muka, bréh bapana Si Enéng, bray deui panto hareup. “Aya naon?” cénah
bangun reuwas.

“Itu … eu … abdi ngabantun ambulans ….”

“Ambulans …? Keur naon?” cék pribumi kereng sanggeus apal kana beungeut sémah.

“Sanés aya nu cilaka?”

“Hah …!?”

“Badé dibantun ka rumah sakit.”

“Cék saha aya nu cilaka?”

“Kakuping … eu … Enéng nangis.”

Gebrug panto ditutupkeun hareupeun irung Agus, ceklék dikonci. Tinggal Agus ngajanteng
samar polah. Ngalieuk ka babaturanana geus areuweuh, naringgalkeun. Kari supir ambulans
kawas nu teu sabar, ngalangeu naleukeum kana panto mobil.

Torojol Si Encum, réncang di dinya, ti gigireun imah.

“Ku naon Enéng téh?” cék Agus bari nyampeurkeun.

“Sumilangeun …. Biasa Enéng mah ari badé kareseban téh sok siga ripuh pisan.”

Agus ngarahuh. Léos waéh muru pager gigir, jleng luncat.

“Héy … héy …! Rék ka mana …? Mana nu cilaka téh?” cék supir ambulans.

Ngabéngbéos waé calon minantu kadeuheus téh, teu ngalieuk-lieuk acan.


JAMPANA PROKLAMASI
Aksara dina jampana teh katembong deui. Bieu mah apan, basa kakara diturunkeun ti para,
mani ampir teu katembong, da puguh pinuh ku kebul. Ngan sanggeus diberesihan, kakara
beunang dibaca. Kekecapanana angger kawas baheula : Jampana Proklamasi.

Jampana teh wangunanana siga iimahan. Da eta we, make jeung aya suhunan, aya kentengan,
aya bilikan. Dijieunna tina kai, ngan paranti nanggungna anu tina awi teh. Ukuranana oge
henteu pati gede, kurang leuwih sameter ka satengah meter. Biasana, di jerona teh sok
dieusian tumpeng dina baskom, dituruban ku daun cau beunang ngaleumpeuh. Lolongkrang
nu kosongna, dipake nunda kadaharan lembur, sabangsaning opak, ranginang, wajit, ulen,
angleng, jeung sajabana. Saban bulan Agustus, sok digotong ngurilingan kacamatan, jeung nu
pawey. Tah, aksara Jampana Proklamasi teh, perenahna palebah bilik jampana, kenca-katuhu.

Geus opat taun eta jampana teh sina pangsiun. Da puguh taun-taun ka tukang mah teuing ku
naon, Agustusan di kacamatan teh henteu rame. Ukur upacara wungkul. Taya nu arak-arakan.
Taya nu ngagotong tumpeng. Nu matak jampana oge buru-buru diteundeun di para, da sugan
teh moal kapake deui. Ari poe kamari, Aki Dasmin ngadenge beja, cenah taun ieu mah
Agustusan teh rek diramekeun deui. Tangtu bae, ceuk pikiran Aki Dasmin, bakal aya nu
ngagotong tumpeng dina jampana.

Teu percaya mimitina mah Aki Dasmin teh. Pedah we, nu mawa bejana Mang Oji. Ari Mang
Oji tea, apan kasohor tukang heureuy. Kakara yakin soteh, basa ngahaja nanyakeun ka kantor
desa.

“Enyaan Jang Ulis, Agustus ayeuna mah bakal aya deui pawey?” pokna. Mani mamandapan
nanyakeunana teh, da puguh nyanghareupan pajabat desa. Ulis Oding nu keur ngadekul ngetik
ngalieuk.

“Enya, Ki!”

“Alhamdulillah!” Aki Dasmin ngusap dada.

“Langkung rame panginten?”

“Tangtu atuh. Ari Aki geus mayar iuranana?”

“Baruk? Nganggo iuran kitu?”

“Puguh atuh. Apan rek pesta Agustusan teh kudu aya duit. Dina putusan rapat kamari,
saurangna teh kabagean sapuluh rebu!”

“Aki oge kudu mayar?”

“Henteu diwilah-wilah, Ki. Nu ngaranna warga desa mah, kabeh oge kudu milu iuran!”

“Kumaha, nya. Da Aki mah teu gaduh artos!”

“Urang mah ulah ngitung duit sapuluh rebu, Ki. Anu kudu diinget-inget mah, kumaha hesena
kolot urang baheula ngarebut kamerdikaan. Hese, Ki, hayang bisa merdika teh. Kudu ditebus
ku kesang jeung getih,” ceuk Ulis Oding, bari panon mah angger mencrong kana keretas
hanca ngetik.

“Kantenan atuh, Ujang, da Aki mah ngalaman pisan. Matak Aki sok atoh nyanghareupan
Agustusan teh, lantaran inget ka mangsa baheula!”

“Komo atuh kitu mah!”

“Sumuhun. Ka saha atuh mayar iuran teh?”

“Rek ka desa, rek dipihapekeun ka Erte, sarua wae,”

“Engke we atuh, Aki bade ngajual heula hayam!” ceuk Aki Dasmin bari terus amitan.

Datang ka imah, terus ngahuleng dina golodog. Keur kitu ras kana jampana. Serengeh seuri
sorangan.

“Mayar iuran mah, engke we tina ladang ngagotong jampana,” pokna, gegerendengan
sorangan. Kalacat ka para. Aya keneh jampana teh, najan geus pinuh ku kebul oge. Henteu
waka diturunkeun, kalahka nepungan heula Aki Jumsik. Kabeneran panggih pisan di buruan
imahna.

“Jumsik, aya deui proyek, euy!”

“Proyek nanahaon, apan urang mah geus kolot?”

” Ngagotong jampana. Agustusan ayeuna mah bakal rame deui!”

“Ari maneh kaduga keneh, kitu?”

“Maksakeun we atuh. Lumayan euy, ngarah keur dahar saminggueun. Ngahaja-haja mah hese
neangan piduiteun teh. Kabeneran jampana paranti urang aya keneh!”

“Hayu. Ngan meureun kudu dibeberes deui?”

“Enya. Isukan urang beresihan heula!”

Urang lembur mah geus papada apal ka Aki Dasmin teh. Lalaki kolot nu umurna geus
ngagayuh ka 80 taun. Tapi katembong jagjag bae, da kaduga keneh digawe ripuh. Ukur
maksakeun sabenerna mah, keur neangan sahuap-sakopeun. Da papantaranana mah, geus loba
nu caricing di imah, diurus ku anak-anakna. Ari Aki Dasmin, teu kungsi boga anak. Euweuh
nu ngurus. Hirupna ukur kadua pamajikanana nu ayeuna geus mindeng gering.

Ti heula mah, unggal bulan Agustus teh Aki Dasmin sok manggih rejeki nomplok. Dipercaya
ku urang lembur purah ngagotong jampana dina pawey Agustusan. Buruhna kaitung lumayan,
ti saurang teh sok kabagean ari satengah letereun beas mah. Enya eta oge, ari capena mah
nataku. Kudu ngagotong jampana sapoe moket. Matak luut-leet kesang. Tapi da bungah nu
aya, milu sukan-sukan, bari meunang buruhan.
Eta oge, sakapeung mah hatena sok ngarakacak lamun keur ngagotong jampana teh. Rus-ras
ka mangsa lawas, jaman samemeh merdika. Ayeuna manehna kaparengan milu ngasaan
bebasna kamerdikaan. Tapi geuning ukur jadi tukang ngagotong jampana dina pawey
Agustusan. Teu leuwih ti kitu.

Aki Dasmin oge sok rajeun nenjo aki-aki pantaranana, milu baris, make saragam veteran.
Maranehna mah unggal bulan oge nampa gajih, hirup ngahenang-ngahening. Ladang kesang
baheula teh aya tapakna.

“Aing oge lamun boga duit mah, kana tangtu kituna teh,” Aki Dasmin gegerendengan
sorangan. Enya, manehna inget keneh, bareto ka lembur aya nu ngadata para pajoang
kamerdikaan. Rek dibere gajih cenah. Tapi nya kitu, henteu cukup ku ngaku milu bajoang, da
geuning kudu make duit ongkoh. Kudu make paleuleueur. Ari Aki Dasmin, sasat hirup lieuk
euweuh ragap taya. Boro-boro nyadiakeun duit keur daptar veteran, hayang bisa dahar unggal
poe oge seuseut naker.

Najan tulisanana henteu pati beres, tapi da sidik keneh. Moal pogog dibaca. Ngan lamun
ditelek-telek ku nu resep tulas-tulis, kana tangtu ngehkeyna teh. Tong boro ku nu sakola
luhur, anak tatanggana anu kakara kelas opat SD oge ngageunggeureuhkeun.

“Atuh eta mah, tidak sesuai dengan ejahan yang disempurnakan!” kitu apan pokna oge.

“Keun bae Sujang, da ieu mah tulisan aki-aki!” ceuk Aki Dasmin, bari tonggoy meresihan
jampana. Enya deuih, basa ku manehna disidik-sidik, asa ngewa naker tulisan dina jampana
teh. Geura we, hurup j nu mimiti make aksara leutik (buktina make titik), naha ari a make
hurup gede. Kitu bae paselang-selang. Malah hurup panungtung mah ampir teu katembong, da
lahan keur nulisna kaburu beak.

Bareto mah, eta tulisan teh kungsi dikiritik ku Pa Erte. Henteu nyambung magar teh. Da
biasana oge, tulisan dina jampana mah : Memperingati HUT RI Ke …Kitu apan lumbrahna
oge.

“Mun kabaca ku Pa Camat mah, aya bahan digeuhgeuykeun tah,” kitu ceuk Pa Erte harita.

“Keun bae atuh Pa Erte, da meunang hese nyieun tulisan teh!” ceuk Aki Dasmin.

“Enya eta oge, ngan kudu puguh hartina. Jampana teh apan hartina parantin ngagotong, ari
proklamasi hartina embaran atawa bewara. Piraku aya bewara digogotong. Lamun tulisanana
jampana tumpeng, kakara nyambung!”

Teu bisa ngajawab Aki Dasmin oge dikitukeun mah. Tapi ari ngaganti tulisan mah henteu, da
meunang hese tea. Ongkoh sanggeus sababaraha kali dibawa pawey, taya nu nyawad. Kalahka
loba nu muji.

“Moal diganti euy, tulisanana?” teu kanyahoan Aki Jumsik geus ngajanteng gigireunana.

“Lila atuh diganti mah. Apan pageto dipakena oge, moal kaburu. Dapon aya we lah!”
“Ngan eta pindingna siga aya nu bolongor, tambal atuh!”

“Puguh arek ieu oge. Dadamparna deuih nu rek ditambal teh,”

“Enya atuh, kumaha lamun tumpengna bahe. Maneh mah biasa we meureun, rek cicing di
hareup!”

“Apan kitu biasana oge. Ngarah henteu ngarodon!”

Ampir sapoe jeput Aki Dasmin jeung Aki Jumsik ngabeberes jampana teh. Ngahaja meuli
heula keretas endog, keur mapaesanana. Lebah suhunan ditapelan bandera merah-putih. Geus
dianggap pantes, terus diteundeun dina golodog . Ditaksir ti kenca ti katuhu, bisi aya nu
kurang merenah.

“Kuduna mah Pa Erte teh geus nepungan urang!” ceuk Aki Dasmin sajeroning reureuh di
buruan. Aki Jumsik ngusiwel ngaluarkeun daun kawung.

“Heueuh, da biasana oge sok saminggu samemehna. Ngarah puguh we urang mah, ti mana
mimiti pawey teh, di mana eureunna,”

“Moal teu rongkah pawey taun ieu mah, da iuranana oge mani sapuluh rebu,”

“Maneh geus mayar, Min?”

“Enggeus, kapaksa we ngajual heula hayam, da keur henteu boga duit. Ongkoh kuring mah
boga duit ti mana ketang,”

“Ah, naha make jeung mayar. Kuring mah najan ku Pa Erte ditagih oge, henteu dibere. Asa
teungteuingeun atuda. Cik atuh, ari aki-aki geus rerempo mah ulah dipentaan bae duitna,
anggursi dibere kuduna oge!”

“Keun bae atuh, itung-itung paleuleueur. Apan urang rek meunang proyek. Itung we, lamun ti
unggal jelema dibere dua rebu, 50 jelema oge geus 100 rebueun,”

“Saha nya, nu rek nyieun tumpengna?”

“Ulah mikiran nu kitu urang mah. Keun bagean Erte.

Tapi nepi ka piisukaneun Agustusan, Pa Erte can aya nepungan. Puguh bae Aki Dasmin
ngahuleng. Sageuy upama Pa Erte nitah nu lian teh. Saha nu daekeun deuih. Komo anu kakara
mah, tangtu poekeun keneh, kumaha ari ngagotong jampana teh. Basa wanci geus ngagayuh
ka wanci magrib, Aki Dasmin nepungan Aki Jumsik.

“Kumaha, euy, geuning Pa Erte teh euweuh nepungan?”

“Acan sugan,”

“Acan kumaha, apan isukan pawey teh,”

“Urang tanyakeun we ayeuna!”


“Ka imah Pa Erte?”

“Enya, kamana deui atuh,”

Duanana terus ngajugjug imah Pa Erte. Kasampak nu ditepunganana keur diuk di tepas imah.

“Sampurasun, Pa Erte!”

“Aeh, geuning Aki Dasmin. Mangga ka lebet!”

“Sawios di dieu bae!” ceuk Aki Dasmin bari diuk dina golodog.

“Aya naon, Ki, mani asa rareuwas kieu?”

“Puguh aya nu bade ditaroskeun ieu teh. Leres kitu enjing teh bade aya pawey?”

“Enya. Terus kumaha, Ki?”

“Sumuhun, apan biasana oge Aki teh sok dipiwarang ngagotong jampana. Ari ayeuna, mani
asa tiis-tiis bae,”

“Bener, Ki. Tapi ayeuna mah anu nguruskeunana desa. Memang bareto mah sok diserenkeun
ka saban Erte. Boh nyieun jampana, boh nguruskeun kasenianana,”

“Janten kumaha atuh?”

“Henteu kumaha, da kuring oge teu pati apal. Ngan hadena mah, tanyakeun bae ka desa. Aeh,
ketang, da ayeuna mah duka aya acara ngagotong jampana duka moal. Ceuk Pa Ulis mah geus
henteu jaman kikituan teh. Eta mah jaman Orba atuh, Ki. Ayeuna jaman reformasi, ceuk Pa
Ulis oge anu bau-bau Orba teh kudu ngeureuyeuh disingkahan,”

“Ke, henteu ngartos Aki mah. Naon hubunganana ngagotong jampana sareng Orba,”

“Wah, hese nerangkeunanan eta mah, sabab pakaitna jeung pulitik. Ulah nyaritakeun pulitik
urang mah, bisi salah!”

“Ari Aki kedah iuran sapuluh rebu teh kanggo naon?”

“Apan keur pesta Agustusan!”

“Cik atuh tulungan, Pa Erte. Mangkaning Aki teh geus ngomean jampana, angkeuhan rek
digotong isukan!” ceuk Aki Jumsik.

“Lain teu hayang nulungan kuring oge, Ki. Ngan dalah dikumaha deui. Karunya deuih, apan
Aki teh geus kolot, kumaha lamun mopo di tengah jalan. Geus meujeuhna hirup senang Aki
mah!”

Aki Dasmin jeung Aki Jumsik tibang ngahuleng. Terus bae amitan.

“Aing mah asa henteu dihargaan, Jumsik. Asa disapirakeun,”


“Keun bae, Min. Meureun urang teh geus henteu kapake, geus meujeuhna pangsiun!”

Isukna, pabuburit, Aki Dasmin jeung Aki Jumsik ngadaweung deui di golodog. Poe eta mah
henteu ingkah ti imah, najan tatanggana arindit lalajo pawey oge. Jampana Proklamasi masih
keneh ngajugrug.

Keur kitu, kadenge sora barudak patinggerendeng.

“Arek lalajo maneh moal?”

“Ka bale desa tea?”

“Enya, bakal aya dangdut bejana mah,”

“Lalajo atuh. Sisinarieun nya, euy, aparat desa kabedag nanggap dangdut?”

“His, apan ieu mah pesta Agustusan. Sukuran pedah nagara urang geus merdika leuwih ti
satengah abad,”

Kadengeeun sabenerna mah obrolan barudak teh. Tapi Aki Dasmin anggur ngaheruk.
Katembong dina panonna aya nu beueus.

“Jumsik!”

“Kumaha, Min?”

“Urang teundeun deui jampana teh di para. Sugan we taun hareup mah!”

“Taun hareup mah, paling oge urang nu digotong dina pasaran, dibawa ka astana!” walon Aki
Jumsik bari nyerengeh.***

Anda mungkin juga menyukai