Anda di halaman 1dari 2

Contoh Biantara bertema Pergaulan

Assalamualaikum wr,wb
Sampurasun,,
Ibu guru anu kusimkuring di pihormat,
Rerencangan sadaya anu kusimkuring dipihormat,
Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji sinareng syukur ka
hadirat Gusti anu Maha Suci, anu parantos masihan kasehatan sareng kasempetan ka
urang sadaya, rehna dina danget ayeuna urang tiasa riung mumpulung, paampro jonghok,
patepang raray di ieu tempat nu sederhana ieu. Sholawat miwah sallam mugia tetep
ngocor ka jungjunan urang Nabi panungtung, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para
kulawargana, sohabatna, tabi’in tabi’atna tur dugi ka urang salaku umatna anu
insyaAllah kenging syafa’at ti mantenna. Sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka
palawargi sadaya anu parantos hadir di ieu tempat, hapunten upamina tempat anu
disadiakeun kirang nyugemakeun. Dina kasempetan ieu abdi bade ngaguar perkawis
Pergaulan Bebas.
Palawargi sadaya,
Sapertos anu kuurang tiasa diperhatoskeun di zaman kiwari kahirupan barudak
rumaja atos ngawitan robah. Seueur waktu anu sakedahna dilebetan ku hal anu ngandung
kahadean malah dilebetan ku hal anu ngandung kaawonan. Diantarana wae waktu bubar
sakola nu kedahna dilebetan ku ekstrakurikuler ieumah diangge ameng, momotoran,
sareng bobogohan. Sanes teu kenging ari bobogohan teh, tapi da ari saumuran urang mah
bobogohanna ge anu sawajarna wae, bisa ngan saukur smsan hungkul, tong dugikeun ka
ameng wae duaan da ngewa katinggalna. Kumaha upamina hubunganna pegat atanapi
kumaha upami aya hal anu teu dipikahoyong malah kajadian ?. Saha anu bakal riweuh
sareng isinna ? da urang jeung kolot oge.
Tah aya sababaraha hal anu jadi panyabab pergaulan bebas eta diantarana ;
1.       Kurangna perhatosan ti kolot
2.       Kolot anu cerai (pisah/pegat)
3.       Kurangna Iman
4.       Wewengkon padumukan
5.       Budak anu teu nurut ka kolot
Tah kusabab kitu hayu atuh urang sasarengan ngajauh jeung ngamusnahkeun eta
pergaulan bebas. Kumaha carana ? Nya kucara ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan
ka Allah SWT, nurut ka kolot, junun sakola supaya tiasa ngahontal naon dipikahoyong,
nyibukeun diri ku aktif di organisasi-organisasi anu aya gunana sareng anu seueur
ngandung kasaean.
Palawargi sadaya,
Rupina, cekap sakitu anu tiasa kusimkuring dipihatur. Hapunten saupamina seueur
kalepatan dina basa atanapi bilih aya anu kagores manahna ku ucapan simkuring. Dan
abdi ngadugikeun ieu teh ngan saukur ngaharep mugia para rumaja di Indonesia
khususna ditatar Pasundan tiasa nebihan eta pergaulan bebas. Haturnuhun kana
perhatosanana.
Saninten buah saninten
Saninten di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai