Anda di halaman 1dari 4

Nama Lengkap : MOCH BAHRI SEPTIANA

Kelas : X,TKRO,1

Materi : Bahasa Sunda

TUGAS :
KERJAKAN PADA LEMBAR JAWABAN YANG DISEDIAKAN DI HALAMAN 2 DI BAWAH INI,
DIBUAT DI WORD YANG ADA DI WPS OFFICE LALU DI KONVERSI KE PDF.
NAMA FILE NAME : NAMA ANDA_KELAS_JAWABAN DARING

Baca kalawan daria sajak epik di handap ieu... Tuluy caritakeun deui eta eusi sajak
dumasar pamadegan atawa dumasar nu kapaham ku hidep eta eusi sajak!

Di Panugaran Batu Curug Sigay


(Agus Suriamihardja)

I. Ki Arsik urang Cicarita


Ngahaja nugar batu Curug Sigay
Teuing nu saha
Teu kungsi dipapay-papay
Datang ka léngkob nyorangan
Bismi hirup
Tuluy ngaheumbat bébéakan
Batu urug
Kitu jeung kitu
Tara nunggu-nunggu
Mun karasa cangkéngna asa semplak
Reureuh heula sakeudeung
Udud molé, ni’mat ngadadak
Minangka sasarap, citiis jeung gula kawung
Basajan pisan
Kahayang karumasaan

II. Datang anémer ti Bandung


Ngagorowok luhureun pasir:
Aki, geus meunang sabaraha kibik
Di léngkob Ki Arsik nangtung
Némbal bari rada gimir:
Karék meunang dua kibik
Tuluy ti léngkob batu dikunjal
Ka sisi jalan gedé jauhna tilu pal
Gawé sabaraha poe
Tukeur béas jeung molé
Bro ka pamajikan
Nohonan kajujuran
III. Ki Arsik imah bilik hatéup eurih
Manéhna panugar batu
Hasil késang jeung kapeurih
Jadi gedong deungeun-deungeun peuntas ditu
Ki Arsik teu nyaho-nyaho
Anémer nyandung ka randa donto

IV. Basa anak bungsuna kawin


Ki Arsik ngumaha maur
Anémer mere nginjeum bari api lain
Tah aki, kula ngan nyaho batu satuur
Sabada ngawalian
Manéhna ka léngkob deui
Nugar batu mayar hutang
Ngaheumbat sataker kebek
Linggis mental kana tarang
Rénghapna kapengkék
Nini, aki tiwas
Ti mumunggang ngahiliwir angin kaihlas
Ki Arsik boga hutang urut hajat
Teu kaburu punah
Mayitna ditanggeuy ku nu ngarit
Angkeub langit Cicarita
Pamajikan, anak incu walurat
Hutang can punah
Maskumambang salalangit
Di Cicarita guyur carita

V. Kiwari
Mun tengah poé éréng-éréngan
Sok kawénéhan ti léngkob aya aweuhan
Sora linggis nugar batu
Tapi tuluy gagu

LEMBAR JAWABAN :
1
Ki Arsik urang cicarita / Ki Arsik orang Cicarita
Ngahaja nugar batu curug sigay / Sengaja menggali batu Curug Sigay
Teuing nu saha / Tidak tahu siapa yang punya
Teu kungsi di papay papay / Tidak pernah ditelusuri
Datang ka lengkob nyorangan / Datang ke lembah sendirian
bismi hirup / demi untuk hidup
tuluy ngaheumbat bebeakan / terus menggali mati-matian
batu urug / batu berjatuhan
kitu jeung kitu / begitu dan terus begitu
tara nunggu -nunggu / tidak pernah menunggu-nunggu
mun karasa cangkeng na asa semplak / kalau terasa pinggangnya serasa patah
reureuh heula sakeudeung / istirahat dulu sebentar
udud mole, ni'mat ngadadak / merokok tembakau, nikmat mendadak
minangka sasarap, citiis jeung gula kawung / untuk sarapannya, air dingin dengan gula
aren
basajan pisan / sederhana sekali
kahayang karumasaan / keinginan kesadaran

2
Kokomoan hartina kaleuleuwihan atawa meungpeung
Sindiran hartina diomongan sacara siloka. Sisindiran nyaeta wangun puisi Sunda anu
wangunna saperti pantun dina sastra Indonesia
Hemeng hartina kecap lemesna tina heran
Lalandian nyaeta gaya basa ku ngalandi atawa mere sesebutan, bisa mere sesebutan ku muji
atawa disebut pideudeuh, jeung mere sesebutan anu ngaheureuyan atawa disebut ocon
Ngahunyud hartina nyaeta numpuk
Waragad hartina nyaeta beaya atawa oge hartina rupa-rupa kaperluan pikeun ngurus mayit
Dikunjal hartina diangkut
Olok hartina hambur
Uleng muter gancang jeung lila, atawa cicing bari mikir. Cicing bari mikir sok disebut oge
ngahuleng
3
Ki Arsik teh nyaeta saurang tukang nugar batu anu asalna ti Cicarita, ngahaja manehna indit
ka Curug Sigay anu maksudna nyaeta pikeun nugar batu".

Sajak teh nyaeta salahsahiji karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu henteu kaiket
ku aturan. Sanajan sajak henteu kaiket ku aturan, dina nulisna teh sajak mangrupa tulisan
anu diwatesan ku padalisan jeung pada. Hiji sajak bisa mngrupa tulisan anu eusina
mangrupa sawatara padalisan jeung sawatara pada.

Sajak beda jeung prosa, ari prosa mah dina nulisna teh henteu siga sajak anu diwatesan ku
padalisan jeung pada. Salian ti eta, kecap-kecap anu aya dina sajak biasana loba ngandung
harti kiasan atawa konotatif, sedengkeun kekecapan nu aya dina prosa mah biasana mah
sagemblengna atawa bisa langsung kaharti.
4 kamanehna ingin meminjam uang, dia tidak punya uang untuk membawanya ambra
5 kiwari nyerangkeun ti kalanggengan
Neuteup Nagri lemah cai anu teu daékeun baé walagi
Maranéhna kiwari tikekereket milu ambek bari nyusutan cipanon
Teu ridoeun ieu nagri dieusian ku jalma-jalma anu resepeun korupsi......
Demi Alloh maranéhna teu ngijinan ieu nagri dipingpin ku pamingpin anu dolim

Anda mungkin juga menyukai