Anda di halaman 1dari 4

TUGAS KELOMPOK 5 KELAS 9C

⌦ⵓⵓ Anggota Kelompok ;


1. Salsabila Najla nisrina ; 35
2. Naila Awaliyah ; 29
3. Revant Ardiansyah ; 32
4. M dhafin ramadhan ; 26
5. Rizwan Fauziani Ilham ; 33
6. M.Azizul Hakim ; 25
7. Sultan Fikri ; 36
8. Ferdy Januar ; 16
UNSUR INTRINSIK DINA
NASKAH DRAMA “SIRUNG PAJAJARAN”
1. Judul
Sirung Pajajaran
2. Tema
Perjoangan Hirup keur nyalamatkeun diri.
3. Alur
a) pengenalan cerita
Sanggeus Karaton Pulasari Pandèglang Kacangking kuwadyabalad surasowan Bantèn ,
bèntèng pamungkas Pajajaran di tuntung kulon runtag . Rahayat bubar katawuran,
Sèwang Sèwangan nyalametkeun diri.
b) konflik awal
kusabab konflik perang anu nyababkeun lapar, pasokan katuangan seep sareng jalma
sesah mendakan katuangan.
c) perkembangan konflik
Kusabab kaayaan ieu sahingga suasanana janten panik sareng mangaruhan pikiran
batur, sahingga sabagian diantara aranjeuna ngalakukeun hal hal anu awon.
d) Penyelesaian
Pikeun merjuangkeun kahirupan tiasa dipangaruhan ku amal sholeh sareng
ngagunakeun akal.
4. Latar
a) Tempat
Panyalindungan dina Dapuran Hanjuang
b) Waktu
Sanggeus bèntèng pajajaran di tuntung kulon runtag.
c) Suasana
Sedih , leungiteun harepan kahirupan
5. Tokoh
Bujang 1 2 3 , lanjang 1 2
6. Penokohan
a) Antagonis
Bujang 3 , lanjang 2
b) Protagonis
Bujang 2
c) Tritagonis
Bujang 1 , lanjang 1
7. Watak Tokoh
a) Bujang 1 = Realistis
b) Bujang 2 = Bageur, teguh pendirian
c) Bujang 3 = Egois, mentingkeun diri sorangan, gampang putus asa
d) Lanjang 1 = Realistis
e) Lanjang 2 = Egois, sami jiga Bujang 3
8. Dialog
Bujang 1: Jeueung ituh! Silalatu ti lebah karaton teu pareum-pareum! Leuh, dayeuh Pulasari
angtu geus jadi ruhak?!
Bujang 2: (sedih)
Bapa kuring tiwas katiruk panah lebah dadana. Indung katinggang tihang karaton nepi ka
henteuna. Adi-adi … teuing kumaha nasibna …
Bujang 1: “Silalatu kalah beuki ngalobaan!
(bari neuteup ka jauhna)
Seuneu! Euleuh! Seuneu deui baĕ!? Tangtu geus ngalĕntab ka imah kuring!
Bujang 2: Hayam sakandang, kabĕh gĕhĕng jadi ruhak. Mangkaning meunang ngingu ti
anakna kĕnĕh.
Bujang 1: Leuh! Leungit ge tangtu kabeuleum! Ti mana kuring dahar?
Bujang 3: Ieueueueueueueung! Ieu beuteung peurihhhhhhh! Lapar.
Lanjang1: Leuh karunya teuing? Ieu aya kĕnĕh bongborosan, lumayan keur ganjel beuteung.
Bujang 3: (bari nampanan)
Geus dua poĕ ngan ngadaharan nu karieu, iraha atuh urang tĕh bakal manggih sangu?
Lanjang1: Wayahna wĕ atuh lur, batan peujit murilit kitu mah … Keun sugan engkĕ di
pangungsian sĕjĕn urang manggih beubeutian …
Lanjang 2: Ah beubeutian nu kumaha deui, tangtu di lembur mana baĕ ogĕ geus teu nyĕsa!
Nu puguh mah, urang bakal paĕh kalaparan …
Bujang 1: Ngaleutikan silalatu tĕh ayeuna mah … Ngan baĕ, taya hartina. Urang moal bisa
balik deui ka dayeuh Pulasari …
Bujang 2: Bangkĕ-bangkĕ sinatria pasolĕngkrah! Getih ngabayabah, maseuhan jukut,
maseuhan tegalan! Bapa kuring, duh bapa …
Bujang 1: Meungpeung simpĕ, hayu urang miang deui!
Bujang 3: Miang? Miang ka mana?
Bujang 1: Nĕangan tempat nu leuwih aman!
Lanjang 1: Enya, bari sakalian nĕangan lembur nu rĕa kĕnĕh dahareunana!
Lanjang 2: Sarupaning kadaharan, tangtuna gĕ geus dirampas ku musuh.
Bujang 3: Tuh nya?! Mending gĕ cicing baĕ di dieu, bari ngadagoan nu ngaliwat.
Lanjang 1: Rĕk naon?
Bujang 3: Rĕk mĕnta babawaanana, sugan wĕ …..
Bujang 2: Montong!
Bujang 3: Naha?
Bujang 2: Teureuh Pajajaran mah tara kumawani ngarebut banda batur!
Bujang 3: Alaaaaah, dia mah sok adigung. Keur kalaparan kieu mah, kumaha wĕ atuh carana.
Batan kudu paĕh teu pupuguh ma?!
(ka lanjang 1)
Nya Nyai, kitu lin?
Lanjang 1: Ih, teuing atuh?!
Lanjang 2: Bener! Indung leungit bapa musna, teu dulur teu baraya, kuring mah haying
kĕnĕh hirup.
Bujang 2: Kabĕh gĕ harayang kĕnĕh hirup, tapi loba kĕnĕh cara sĕjĕn pikeun ngeusian
beuteung mah?!
Lanjang 2: (sinis)
Eusian ku taneuh?
Bujang 2: Nya ari beuki mah pĕk baĕ!
Lanjang 2: Ari geus kudu dieusian ku naon ieu beuteung tĕh?
Bujang 2: Yeuh Nyai … Apan cĕk Patikrama gĕ, loba raja nu tatapa nahan lapar mangbulan
bulan, sangkan dirina sakti mandraguna, teu teurak ku tumbak, teu teurak ku ruruhit
jamparing, teu teurak ku ….
Bujang 3: Bohong! Geuning bapa kuring gĕ nu getol tatapa, dirempug ku wadyabalad
Surasowan Banten mah tetep wĕ paĕh?
Bujang 2: Paĕh mah lain urusan bapa manĕh! Tapi urusan Hyang Tunggal!
Bujang 3: Alaaaah! Manĕh mah sok kokolot begog! Kawas nu ngarti wĕ!
Bujang 2: Ah nya ngarti wĕ da sok ngadĕngĕkeun papatah kolot, manasina manĕh, nu
diurusanan tĕh ngan dahareun baĕ!
Bujang 3: Atuh jalma teu dahar mah bakal paĕh!
Bujang 2: Paĕh tĕh lain ngan ukur teu dahar wungkul!
Bujang 3: Teu bisa! Nu pasti teu dahar mah tangtu paĕh! Paĕh! Paĕĕĕĕhhh! Wĕw!
Bujang 2: Teu, teu kitu! Buktina bapa manĕh nu kasohor beuki dahar, tara kakurangan
dahareun, buktina ku musuh mah bisa paĕh?
Bujang 3: Meureun wĕ bapa kuring keur cileureun, musuh teu kanyahoan datangna?!
Bujang 2: Lain ah! Puguh paĕhna gĕ keur jaga lawang sakĕtĕng, keur nundutan, nu rampus
mah puguh gĕ sok beuki hĕĕs!
Bujang 3: Ĕĕh? Manĕh ngahina ka bapa dĕwĕk?
Bujang 2: Ah da kitu buktina …..
Bujang 3: Bukti kumaha? Cĕk saha hah?
Bujang 2: Cĕk bĕja …
Bujang 3: Ulah sadĕngĕ-dĕngĕna! Komo bapa manĕh mah paĕhna gĕ leuwih hina!
Bujang 2: Hina? Hina kumaha?
Bujang 3: Apan katiruk panahna gĕ basa keur ngising dina rungkun, wĕw!
Bujang 2: Ngahina siah ka dĕwĕk?
Bujang 3: Manĕh nu ngahina mah!
Bujang 2: Manĕh !
Bujang 3: Manĕh !
Bujang 2: Manĕh !
Bujang 3: Manĕh !
9. Amanat
Dina kaayaan naon waè kedah ngadukung amal kahadèan sareng akal sèhat.

Anda mungkin juga menyukai