Anda di halaman 1dari 9

A.

IDENTITAS BUKU :

a. Judul buku : Galuring gending

b. Pangarang : tatang sumarsono

c. Jumlah kaca : 388

d. Penerbit : CV putra setia

e. Tahun terbit : 2011

f. Gambar sareng warna jilid :

B. RINGKESAN BUKU

Dina Galuring Gending karya Tatang Sumarsono anu kandelna teh 336 halaman.

Diterbitkeun ku PT Kiblat Buku Utama. Ditilik tina segi cover novel galuring gending

aya wanoja anu keur ngibing ngajentrekeun eta teh mere ilustrasi wirehna eusi anu aya

dina novel galuring gending teh ngeunaan hiji wanoja anu miboga karancagean dina

seni ibing tur mere gambaran nu diangkat tina kahirupan aktual. Dina segi eusi

ngagunakeun basa sunda anu matak ngeunah pikeun anu macana. Anapon Sinopsis

Novel galuring Gending nayeta:


Panji teh jalma anu asalna ti lembur, nyuprih elmu di kota Bandung. Ti barang

lahir Panji geus cicing jeung indung terena. Bapana Panji teh saurang pangsiunan

tentara anu satuluyna jeneng jadi Kuwu salila dua entragan. Kulawarga Panji

rnangrupa kulawarga gede anu asalna ti sababaraha bibit. Lanceukna nya eta Ceu

Cacih, Kang Parman, Ceu Idah, jeung Kang Obing putra ti Mimih sarta Kang Girang

jeung Ceu Nunung Putra ti nu lian. Sedengkeun Panji, budak bungsu anu indungna

matuh di peuntas.

Sarah, wanoja kota turunan anak menak, ti leuleutik geus diajar ngibing nepi ka

asup sanggar sagala. Nya tina ieu dunya Sarah meunangkeun kasenangan dunya. Hiji

poe kasenangan dunya ieu teh kudu ditebus ku harga anu pangmahalna.pikeun hiji

wanoja. Um Sar, guruna di sanggar, geus ngaruksak harga dirina. Ti dieu Sarah mimiti

wanoh kana dunya lalaki jeung materi. Satuluyna Sarah reureujeungan jeung

salasaurang pajabat di hiji instansi penting di nagri ieu. Kahirupan Sarah sarwa cukup

jeung sarwa genah, nepi ka hiji waktu aya anu ngendag-ngendag kana kabagjaan anu

dirasakeun ku Sarah.

Hiji peuting Sarah diparengkeun panggih jeung Panji dina kaayaan mabok.

Satuluyna Sarah dibawa ka kontrakan Panji. Nya ti dieu duanana mimiti raket. Panji

hiji aktivis proreformasi anu teu panuju kana pamarentahan Ordeu Baru. Nya

pamadeganana ieu anu nganteurkeun manehna kana pangberokan. Di tahan Panji

nepikeun kahayangna pikeun ngawin Sarah, tapi Sarah can bisa mere respon kana ieu

pangajak. Sanggeus Panji kaluar ti tahanan, manehna kudu nungguan Sarah di rumah
sakit, tapi angger pangajak Panji tacan meunang jawaban. Nepi ka ahirna Panji leungit

tanpa raratan samulangna nungguan Sarah di rumah sakit.

B. Situasi Pamaca Dina Novel Galuring Gending

Manahoreng nu ngaranna rasa resep teh geuning gaib. Teu katenjo tapi karasa

ayana jeroeun dada. Teuing ti iraha nyiliwurina, ujug-ujug geus ngancik na ati. Dina

ati ge teuing lebah manana, da puguh gaib tea. Manahoreng rasa resep teh upama

diipuk jeung digemuk mah kumaha we tutuwuhan, akar-akaran, sisirungan, dadaunan,

kekembangan, bubuahan barijil sorangan.

Sabenerna mindeng ngalaman mikaresep kana hiji objek teh. Tara ieuh dipikiran

sabab musababna, da atuh lumrah nu kitu mah. Manusiawi cenah geuning. Naha ari

ayeuna, eta rasa teh mangaruhan pisan kana pipikiran. Make jeung uleng deuih

mikiran ti mana jeung ti iraha eta rasa euntreup na lolongkrang hate kuring .

Tapi naha salah upama kuring resep ka hasil karyana? mana kitu ge manehna teh

loba daya tarikna. Ti mimiti teknik jeung gaya nulisna anu boga ciri mandiri, ebreh

dina karyana hususna dina novel Galuring Gending . Umumna sakur pamaca maneuh

karya sastra anu geus apal kana gaya nulis unggal pangarang, samemeh maca hiji

karya sastra teh, anu pangheulana dititenan nya eta saha pangarangna. Nurutkeun

pangalaman, karya pangarang moyan mah sok nyugemakeun pamaca, sanajan henteu

mutlak kitu. Anu dilakukeun ku sim kuring ge nya kitu pisan, basa mimiti maca novel

nu judulna Galuring Gending meunang Tatang Sumarsono Ieu tulisan, oge lain rek
masualkeun kualitasna., tapi nu perlu digurat handap dina karya anu mibanda ajen

sastra mah nya eta unsur kajujuran jeung kaiklasan nu nulisna. Dina proses nyiptana

ulah kawas nyieun karajinan tangan bae, ceuk Ajip Rosidi tea mah. Geus nyaho saha

nu ngarangna mah deker bae dihanca, sabab geus apal kumaha nimatna maca tulisan

Tatang Sumarsono. Geus pasti urang bakal diajak mikiran kahirupan atawa pamaca

diajak leuwih ngarti tur anclub kana alur runtuyan carita eta.

Pikeun leuwih jentre naon bae anu karasa dina situasi pamaca kana Novel

Galuring Gending bisa dipaluruh kana sabagian unsur-unsur karyana nya eta :

1. Situasi Pamaca KanaTokoh Panji

Tokoh Mangrupa hiji palaku dina alur runtuyan hiji carita. Tokoh Panji

mangrupa tokoh sentral dina carita, ditilik tina kuantitasna jeung kualitasna dina

runtuyan carita. Panji ngabogaan ngaran Panji Sumirat anu bisa katiten tina cutatan

ieu di handap.

Dina jilid buku nu ngagoler luhureun meja aya tulisan: Panji Sumirat, SIP.

Naon ari anu dimaksud SIP teh ? Jigana mah gelar sabab aya poto anjeun keur

diwisuda. (kaca 144 )

Bapa Panji teh tentara anu geus ngalaman sababaraha kajadian anu tumiba dina

Nagara mangsa harita. Ti barang lahir Panji geus dirorok ku indung terena anu biasa

digeroan Mimih ku manehna. Di imana, Panji mangrupa budak bungsu. Bapa anu bisa

digeroan Apa ku Panji boga anak tilu bibit Nya Indung Panji anu pangpandeurina.
Panji didik ku Bapana sacara keras ku bapana anu sakumaha yen Panji diajar sangkan

bisa miboga rasa tanggung jawab kana dirina.

Kahirupan Panji loba dibeakeun di pilemburan, ku kituna Panji mangrupa dedeg

anu kaitung basajan najan henteu bisa disebut kurang. Ieu gambaran kahirupan Panji

teh katiten tina cutatan ieu di handap.

Lumayan rada jauh lembur peuntas teh, da perenahna ampir di wates desa.

( kaca 101)

Sanajan Panji teh urang lembur manyang-munyung tapi kahayang pikeun

ngabogaan elmu pangaweruh, luhur pisan. Jadi satamatna SMA, Panji neruskeun ka

paguron luhur di Bandunng nepi ka meunang gelar sarjana. Sabada lulus ti paguraon

luhur Panji can meunang pagawean anu antukna Panji sok tulas tulis ngeunaan naon

bae anu kapanggih jeung gagasan anu aya dina sabudeureun kahirupan. Salain ti nulis

ti mimiti kuliah Panji ngabogaan kasibukan sejen disababaraha organisasi najan

organisasi anu diiluan ku manehna teh jauh tina naon anu ditulisna dina media citak.

Kusabab manehna aktivis kungsi manehna ditewak ku pulisi saba dianggap

ngarongrong kana kadaluatan nagara.

Naha pangna tepi ka ditahan, pikeun manehna mah teu matak kaget. Enya

kapan bieu ge geus disebutkeun, sual eta mah geus kaasup kana itungan manehna.

Teu ngarasa diteungteuingeun, jajauheun mun digebruskeun ku batur. Ieu mah resiko

sorangan anu miboga teu kapanujuan kana pamadegan anu teu sajalan kana

konstitusi. (kaca 245 )


Nepi ka hiji poe, Panji leungit tanpa raratan.

Panji ari anjeun aya di mana ? ( kaca 334 )

Dina tokoh Panji teh hiji jalma anu soson- soson anu nyuprih kahayang pikeun

ngahontal kana tujuan, sok sanajan naon wae akibatna tumiba ka manehna.

2. Situasi Pamaca KanaTokoh Sarah

Sarah tokoh wanoja anu dina carita jadi pameungkeut hate Panji, mangrupa

gambaran wanoja anu lahir jeung gede di kota Bandung. Ti leuletik Sarah hirupna di

kota. Sarah ani ngabogaan ngaran lengkep Sarah Wulandarikusumah geus diajar

ngibing ku Bapana anu turunan menak. Diantara lima dulur nya ukur Sarah anu

miboga bakat ngibing mah.

Sanajan turunan menak, henteu ngajadikeun Sarah ngarasa agul. Kalah

sabalikna, Sarah ngarasa yen kamenakan geus ngaraheutan lengkah dina sagala hal.

Nalika Sarah nincak dina bangku kelas opat SD, manehna mimiti unggah panggung

ngibing satuluyna asup Sarah asup ka anggar anu dipingpin ku Um Sarino, babaturan

bapana. Ti harita Sarah anu can nincak umur salikur mimiti caang bentangna, komo

sanggeus Um Sar dipromosikeun jabatanana. Kajongjonan manggung, sakola Sarah

katinggaleun, statusna SMA, Sarah teu kaburu nerusnkeun ka paguron luhur.

Tungtungna panggunng mangrupa dunya anu dipilih ku sarah, dunya anu geus bisa

ngahirup-hirupkeun kulawargana.
Nepi kahiji waktu Sarah ngaleupaskeun hal anu kacida pentingan pikeun wanoja

pikeun nebus sagala kasohoranana, anu nurutkeun manehna mangrupa konsekwensi

tina gumebyarna kahirupan panggung.

Kitu anu karandapan ku kuring Sarah tea. Mayungna ngaran dina akhirna kudu

nyumponan kana pangabutuh Um Sar. Enya nyumponan kayahang anu jadi lalaki,

anu saenyana geus diteundeun dina tempat istimewa minangka gaganti bapana. (

kaca 78 )

Ti semet harita Sarah anclub kana dunya anu jauh tina papagon agama anu

patunggang tonggong jeung agama nepi ka manehna panggih jeung lalaki anu

satuluyna ngarojong kana kahirupan ekonomi kulawargana.

Dina tokoh Sarah teh hiji gambaran wirehna sagala rupa rengkah palipolah anu

teu dibarengan ku tata aturan agama bakal mengpar tur ahirna bakal nyangsarakeun

kana dirina jeung kulawargana.

C. UNSUR INTRINSIK SARENG EKSTRINSIK

1. Tema : Nyaritakeun ngenaan kahirupan wanoja didunya seni.


2. Tokoh : Panji, Sarah, Ceu Cacih, Kang Parman, Mimih, Apa, jeung Um Sar
3. Latar : di lemburna panji sareng kota bandung
4. Galur : Pangarang ngangge galur maju.
5. Sudut Pandang : Pangarang ngahaja ngagunakeun atawa mawa carita kana sudut
pandang palaku katilu. Amih anu maca carita ieu bisa ngabayangkeun kumaha satiap
kajadian anu dipaparkeun.
6. Amanat : Novel Galuring Gending oge bisa dimangpaatkeun pikeun media atikan. Da
apan dina enas-enasna mah, pangarang ngajak kana bebeneran, tumut tuhu kana
papagon anu teu patunggang tonggong jeung ajaran agama (Islam). Atuh pikeun
pangarangna, meujeuhna dibageakeun. Sumangetna, kreatifitasna, meujeuhna
diajenan. Sabab karah kumaha oge, novel judulna Galuring Gending teh milu
ngabeungharan hasanah sastra Sunda. Najan salila ieu mah, eksistensina jarang
pisan diadu-renyomkeun.
D. KAUNGGULAN SARENG KALEMAHAN BUKU :

a. Kaunggulan na buku ieu teh pangarang nyaritakeun

kahirupan wanoja didunya seni, nganyebabkeun buku ieu

teh rame dibacana khususna kango budak ngora

b. Kalemahan buku ieu teh nyaeta halaman na anu seuer

janten ka budak ngora teh horeameun macana

E. RIWAYAT PANGARANG :

TATANG SUMARSONO, lahir di tasikmalaya, 25 juni 1956. Mimiti

ngarang na teh atos ti keur SMA keneh, karya na teh osok dimuat dina

majalah sareng surat kabar. Tatang jadi wartawan mandala edisi

priangan anu terbit di tasik. Karya Tatang teh atos dibuku keun sakitar

49 karya (carpon jeung novel). Dina widang kawartawanan tatang

kungsi dillr hadiah jurnalistik adinegoro husus pikeun fotografi tahu

1984. Dina widang organisasi, ngarasa digedekeun ku palajar islam

indonesia. Tatang kiwari jadi pengurus dewan pendidikan jawab barat,

badab pengelola masjib raya bandung provinsi jawa barat, jeung badan

pelaksana yayasanpusat kebudayaan

F. Karya sejenna ti pangarang

- Demung janggala

- Miang jeung kaludeung

- Jero bantuhan kalebat kuung

- Kinasih katumbirian
NGARENSENSI

NOVEL : GALURING GENDING

KARYA : TATANG SUMARSONO

DIAJEUNGKEUN AKEUN MOMONAN TUGAS MATA PELAJARAN BAHASA

SUNDA

DISUSUN KU :

- JAJA MUSTOPA

- NADYAH RIZKI RAHMA

- RINA YULIANDA AWALIAH

- YOGA ADI SAPUTRA

KELAS : XI IPS 2

SMA NEGERI 1 CICALENGKA KAB . BANDUNG

TAHUN : 2012/2013

Anda mungkin juga menyukai