Anda di halaman 1dari 6

Naskah Drama

“ Artis Dadakan “

Moderator : Kesya Amanda Putri

Tokoh :

 Rizki : Ito [ Bodor ]


 Siti : Wiwin [ Bageur ]
 Sahrul : Wartawan 1 [ Netral ]
 Dede : Wartawan 2 [ Netral ]
 Egi : Wartawan 3 [ Netral ]
 Nuri : Ceu Taroh (Natasya punbiang) [ Rempong ]
 Novi : Natasya [ Cumentil ]

Dina hiji imah aya hiji nu keur ngalamun bari dadapangan, manehna
ngomong :

Natasya : “Duh, kumaha nya mun kuring jadi artis, mereun kuring
teh bisa beunghar” (bari sura-seuri).

Teu kungsi lila, jol we aya anu ngetok panto


tok, tok, tok!

Wiwin : “Assalamu’alaikum”

Aya nu muka

Ceu Taroh : “Wa’alaikumsalam, eh! Geuning neng Wiwin.


Mangga atuh kalebet heula!”

Wiwin : “Mangga ah ceu, Tasya na aya?


Ceu Taroh : “Ohh bade ka Tasya, kela nya antosan urang pilari
heula.”

Wiwin : “Mangga ceu”

Jol, Natasya kaluar

Natasya : “Aya naon Win?”

Wiwin : “He tu de lo hello! Arek ngilu moal ulin ka imah si ito?”

Natasya : “Emzzz... hayu atuh, kela nya rek bebeja heula ka


momskie”

Wiwin : “Heeuh... geuwat siah!”

Natasya bebeja heula ka indungna, terus manehna tuluy ka rek ka


imah si Ito, tos kitu manehna geus nepi ka imah si Ito.
tok, tok, tok!

Wiwin : “Assalamu’alaikum, Itoo”

Natasya : “Itoo!- Itoo hayu main yu!”

Si Ito kaluar bari muka panto

Ito : “Wa’alaikumsalam, ehh geuning Wiwin sareung Tasya, aya


naon?”

Wiwin : “Biasa to, urang ulin!”

Natasya : “Heeuh to munceuk bahasa ayeuna mah hang- hang-


hang naon?”

Wiwin : “Hangout mereun!”

Natasya : “Tah eta maksad urang teh!”


Ito : “Sok atuh mangga karalebet, Win, Sya”

Wiwin jeung Tasya asup ka jero imah Ito

Natasya : “Gaes... urang tadi di imah ngahayal hayang ajdi artis,


ceuk maraneh bisa moal?”

Ito : “Ah maneh moal matak beungeut siga bujur seeng ge, hayang
jadi artis. Yeuh artis mah kudu geulis, manis, bohay, na ari amneh
siga lutung kasarung ge!”

Natasya : “Oh my to the God, Ito maneh mah kitu ka urang teh!
Tinggali atuh urang teh geus siga Selena Gomes kieu disebut lutung
kasarung maneh mah!

Ito : “Da emang fakta atuh coy, fakta!

Wiwin : “Eh eh eh tos ah teu kenging debat wae, kan inces Wiwin
teh jadi pusying! Sok ayeuna mah urang pikiran kumaha ide na ameh
si Natasya jadi artis”

Ito : “Hmm... kumaha lamun kieu, si Tasya teh di buligir engke


dipidio ku maneh Win! Upload kana sosmed bakal viral geura!

Natasya : “HAHH... inces harus di buligir, oh no! Embung ah


maneh we dagang arera!”

Wiwin : “Kumaha lamun ngevlog, jadi vloger tah?”

Ito : “Oh vloger, vloger mah lamun urang rarieut, sok utah vloger
koh?

Wiwin : “Utah uger eta mah Itoo...! vloger mah nyieun vidio urang
sapopoe hek di upload kana youtube.”

Ito : “Oh... ajaran heula we atuh Tasya da maneh mah jagoan


ngomong basa jaman ayeuna”
Natasya : “Heeuh nya, ah rek di cobaan heula ke di imah!”

Wiwin : “Enya sok Tasya”

Ito : “Dah atos heula nya ngobrolna, tos sonten.”

Wiwin : “Muhun To, enjing deui we nya”

Enjing na, Natasya atoh, kumargi vidiona viral sareng janten trending
dina youtube.

Natasya : “Alhamdulillah Ya alloh, oh my god, og my god, oh my


god, AAAAAA” (bari aclog aclogan)

Ceu Taroh : “Astagfirulloh Tasya ari maneh nanaonan, aclog


aclogan kitu siga jelema burung?

Natasya : “Mah... tingali vidio abi tending dina youtube!”

Ceu Taroh : “Moal matak” (bari kikipas ku hihid)

Natasya : “Ih si Mamah mah teu percayaeun, tingali mah!”

Ceu Taroh : “Mana ningali Mamah” (bari ningali kana hape).


“Masya alloh Tasya gening bener ahay...” (bari aclog aclogan).

Natasya : “Mah, ari Mamah nanaonan siga gajah duduk!”

Ceu Taroh : “Kan atoh Tasya ngke teh maneh teh bakal asup kana
TV, bakal loba duit euyy....”

Natasya : “Ih si Mamah meni gaje”

Keur kitu aya sora nu ngetok panto


tok, tok, tok!

Wartawan 1,2,3 : “Assalamu’alaikum”


Ceu Taroh muka panto

Ceu Taroh : “Wa’alaikumsalam, punten saha nya?”

Wartawan 1 : “Perkenalkan bu saya dari ANTV Jakarta (bari


sasalaman)

Wartawan 2 : “Saya dari Indosair eh maaf Indosiar maksudnya”


(bari sasalaman)

Wartawan 3 : “Kalau saya dari RCTI” (bari sasalaman)

Ceu Taroh : “Wartawan nya... aseek asup kana TV euyy...”

Wartawan 3 : “Natasyanya ada bu?”

Ceu Taroh : “Oh... aya-aya, sakedap nya jang”

Natasya kaluar

Natasya : “Ada apa ya?”

Wartawan 1 : “Kami kesini untuk mewawancarai anda”

Natasya : “Oemji, asik asup kana TV! Yes...”

Wartawan 2 : “Apa yang anda rasakan katika vidio anda viral?”

Natasya : “Seneng banget dong!”

Wartawa 3 : “Apakah ini pengalaman pertama anda terjun ke


dunia vloger atau memang sudah pernah sebelum ini?

Natasya : “Oh, iya, ini pertama kali”

Wartawan 1 : “Mengapa anda lebih memilih untuk menjadi


vloger?”
Natasya : “Karena mmm apa ya, karena atuh da bayarannya besar!
Hahaha”

Wartawan 3 : “Baik terimakasih atas waktunya Natasya, sekali


lagi terimakasih ya, saya dan yang lain pamit pulang.
Assalamu’alaikum.”

Natasya : “Iya sama sama, kapan kapanke sini lagi ya a’.


Wa’alaikumsalam!”

Saeunggeus di wawancara datang we si Ito jeung si Wiwin

Ito : “Ciee.. nu jadi artis ayeuna mah, bagi bagi eung duit na?”

Wiwin : “Ih maneh Ito cengos pisan kana duit mah! Selamat nya
Tasya ayeuna cita cita teh tos tercapai.”

Natasya : “Alhamdulillah Win, ieu oge berkat maraneh da< tos


masihan masukan kango abi, nuhun nya To, Win!”

Ito & Wiwin : “Sami sami Tasya.”

Ayeuna Tasya janten artis nu terkenal dimana mana.

Anda mungkin juga menyukai