Anda di halaman 1dari 16

Disusun oleh : Nadia dan Roma

Ngudag Beasiswa
Pamaen :

 Akhyar Salaku Budak SMA


 Riski Salaku Budak SMA Babaturan Akhyar
 Roni Salaku Budak SMA Babaturan Akhyar
 Cika Salaku Budak SMA Babaturan Akhyar
 Riya Salaku Budak SMA Babaturan Akhyar
 Pak Jaya Salaku Bapana Akhyar
 Bu Deuis Salaku Indungna Akhyar
 Sandara Salaku Adina Akhyar
 Pak Ali Salaku Guru di Sakola Akhyar
Dina waktu sore di imah Akhyar. Akhyar ditanya ku bapana reuk
neruskeun kuliah atawa reuk di gawe. Akhyar bebeja kak olotna
manehna teh hayang Kuliah Di Luar Negeri. Kolotna ngarumasakeun
jalma teu boga teu bisa ngadukung kahayang Akhyar, Tapi Akhyar
kekeuh hayang kuliah di Luar negeri.

Bapak Jaya : “ Yar , Maneh teh reuk kuliah atawa gawe ? “

Akhyar : “ Akhyar mah hayang kuliah Pak “

Bapak Jaya : “ Kuliah kamana yar , Bapak mah ngarumasakeun


jelema teu boga moal bisa nguliahkeun Akhyar
ciganamah “

Akhyar : “ Ka Luar Negeri pak hayang namah pak jaman


ayeunamah teu kudu musingkeun masalah biaya loba
da bantuan ti pamarentah asal urangna pinter “

Bapak Jaya : “ Bae atuh ari maneh reuk berjuang mah , Bapak
ngadukung kela urang geroaan si ibu ,Bu Kadieu (sabari
ngagorowok) “

Bu Deuis : “ Enya pak kela , Aya naon pak? (sabari diuk


digigireun akhyar) “

Bapak Jaya : “ Ieu Bu si Akhyar hayang kuliah ka luar negeri “

Bu Deuis : “ Maneh teh yakin yar reuk kuliah ka Luar negeri ? “

Akhyar : “ Yakin Bu , Akhyar reuk neangan Beasiswa “


Bapak Jaya : “ Bapak jeung ibu mah ngan bisa ngausahakeun dina
ngadoa weh lamun maneh kekeuh hayang kuliah mah
komo di Luar negeri mah da adi maneh geu kudu
sakola sarua yar , Sok weh yar perjuangkeun nu dicita –
cita keun ku akhyar bapakmah jeung ibu ngan bisa
ngadukung “

Akhyar : “ Ku Bapak jeung ibu didoakeun geu Akhyar mah


nganuhun keun pisan pak “

Bapak Jaya : “ Jug atuh maneh teh geura diajar “

Akhyar : “ Enya pak siap Akhyar diajar heula “

Isukna Akhyar Indit Ka sakola .

Di sakola

Akhyar : “ Ki, Nginjem Hp ah? “

Riski : “ Jang Noan yar ? , Hampura yar Hpna geu keur


dipakeu “

Akhyar : “ Keur Searching Ki , Oh bae atuh “

Riski : “ Searching naon yar ? Penting teu? Lamun penting


nginjem heula weh jug ka si Roni tuh Hpna keur
nganggur “

Akhyar : “ Searching informasi ngenaan Beasiswa ki “

Riski : “Oh , emang maneh reuk kuliah kamana? “


Akhyar : “ Hayang na ka Luar Negeri Ki “

Riski : “ Asli maneh reuk kuliah ka luar negeri? “

Akhyar : “ Asli Atuh da urang teh sarua hayang Sukses , geus ah


urang reuk ka si roni heula reuk minjem HP “

Riski : “ Hajug Kaditu atuh “

Di meja Roni

Akhyar : “ Ni Nginjem Hp urang reuk searching?”

Roni : “ Puguhan urang teh teu boga kuota yar, Emang reuk
searching naon?”

Akhyar : “ Informasi ngeunaan beasiswa ni urang hayang Kuliah


ka Luar negeri

Roni : “ HAHAHAHA yar maneh teh ulah ngimpi jauh – jauh


teuing jadi jelema teh kudu realistis “

Akhyar : “ Ni sahenteuna urang teh berusaha heula “

Roni : “ Heeh kuma maneh weh yar , tah Hp pake weh jug
ngahospot tuh ka si riski “

Akhyar : “ Ku urang injem heula nya ni ? “

Roni : “ Heeh Jug kaditu “

Akhyar : “ Ki ngahospot heula sakeudeung “

Riski : “ Naha si Roni teu boga kuota? “

Akhyar : “ Lamun si roni boga kuota urang moal menta


ngahospot ka maneh ki “
Riski : “ Heeh sok atuh yar “

Akhyar : “Nuhun Ki “

Riski : “Mangga yar “

Akhyar neangan informasi ngenaan beasiswa tea dina Google ,

Riski : “ Yar emang maneh reuk jurusan naon ? “

Akhyar : “Arsitek Ki “

Riski : “ Oh , Kumaha geus aya can?”

Akhyar : “ Aya ki , Tapi kuring bingung reuk di nagara mana? “

Riski : “ Ari maneh hayang di Nagara mana? “

Akhyar : “ Urangmah reuk di nagara mana wae bae nu penting


mah beasiswa na full nepi ka urang beres Kuliah “

Riski : “ Kela atuh urang bantuan searching”

Akhyar : “ Lain titatadi maneh mah”

Riski : “ Yar di Universitas Shizuoka Jepang kumaha? “

Akhyar : “ Bentuk beasiswa na Full teu ? “

Riski : “ Kela urang check heula , heunteu yar ngan gratis


biaya abus jeung pendaftaran “

Akhyar : “ Ah ulah weh neangan deui nulain ki “

Riski : “ Yar ieu di Universitar Innopolis Rusia , Biaya kuliah


jeung tunjangan tiap bulan plus asrama yar”

Akhyar : “Asli ki cing urang tempo”


Riski : “ Ieu ngan hanjakal yar jurusan na teknologi komputer
ieu mah “

Akhyar : “ Ah atuh teu bisa kana pemograman urang mah ki “

Pak Ali abus ka kelas reu ngajar

Pak Ali : “ EH ! Akhyar Riski geus nyoo hpna engkeu deui


waktuna diajar ayeunamah “

Akhyar : “ Siap Pak “

Pak Ali : “ Sok ayeunamah urang diajar, geura buka bukuna “

Murid : “ Siap Pak “

Pak Ali : (Ngajelaskeun Materi)

Pak Ali : “ Barudak bapak reuk nanya lamun maraneh geus


lulus ti sakola maraneh reuk dituluykeun kamana? “

Murid : “ Kuliah Pak! “

Pak Ali : “ Oh Alus atuh ari kitumah, Urang teh kudu


nuluykeun sakola nepi ka perguruan tinggi , da ari
masalah biayamah tenang sok aya rezkina ti maha
kawasa urang mah ngan kudu usaha weh jeung ngadoa
komo deui ditambah ku doa ti kolot geus pasti
mustajab, jaman ayeunamah sagala babari da lamun
reuk neangan informasi nanaon geu kari pencet teu
kudu resah nu pentingmah aya kuota , bener teu
barudak? “

Murid : “ Bener Pak! “


Pak Ali : “ Asal aya kadaek nanaon oge da lamun eweh kadaek
mah da moal sukses – sukses urang teh , sahenteu na
urang teh berjuang tina kasuksesan urang ngameh
urang bisa ngabales perjuangan kolot dina neangan duit
jang ngabiayaan sakola urang , da urang mah moal bisa
ngabales perjuangan kolot urang salain tina kasuksesan
urang sahenteuna eta bisa ngabanggakeun kolot “

Murid : “Muhun Pak“

Pak Ali : “ Bapak ge ngan bisa ngadoakeun semoga maraneh


sukses , lulus kabehanna , cing jalujur “

Murid : “ Aamiin pak “

Bel Istirahat Teeet.....teeeet...teeeet

Akhyar : “ Ki hayu urang neangan deui informasi? “

Riski : “ Kela atuh yar da urang teh hayang jajan heula lapar ,
naha maneh moal jajan yar ? “

Akhyar : “ Hajug atuh geura ka kantin , urang mah moal jajan


reuk diajar hemat “

Riski : “ ck make jeung hemat sagala , tah hp pake heula weh


ku maneh yar “ (Sabari nyodorkeun Hpna)

Akhyar : “ Kadieukeun , Ron ! ieu hp maneh nuhun pisan “

Roni : “ Dimaneh heula weh urangna reuk jajan heula “

Akhyar : “ Siap atuh ni ari kitumah “


Cika : “ Keur naon yar ? meni sarius kitu “

Akhyar : “ Ieu cik keur neangan informasi ngenaan beasiswa “

Cika : “ Oh reuk ka universitas mana yar? “

Akhyar : “ Hayangnamah Kaluar negeri cik “

Cika : “ Yakin maneh yar? “

Akhyar : “ Nya yakin atuh lamun teu yakin mah urang moal
neangan informasi atawa berita ngenaan beasiswa ka
luar negeri “

Cika : “ Oh reuk ka negara mana yar jeung reuk di


universitas mana deuih? “

Akhyar : “ Duka puguhan cik , dan nu pentingmah beasiswa na


full nepi ka urang beres kuliah “

Riya : “ Keur ngobrolkeun naon meni rame ? “

Cika : “ Ieu ya si akhyar reuk kuliah ka luar negeri tapi


bingung ka universitas mana “

Riya : “ Asli maneh yar ?? “

Akhyar : “ Nya asli atuh piraku bohong “

Cika : “ Aya rekomendasi teu ya ?? Di universitas mana ?“

Riya : “ Ka Universitas Oxford yar “

Akhyar : “ Anu Universistas no 2 di dunia ? , berat teuing atuh


da urang teh emang pinter tapi moal mungkin pinter
pisan atuh “
Riya : “ Heeh yar anu no 2 didunia , bisi weh reuk dicobaan
sugan weh lulus da rezeki mah moal kamana yar “

Akhyar : “ Berat teuing ya , Sakitu hirup geus berat kieu teh “

Cika : “ Aslina yar , kumaha lamun di Universitas Southern


Denmark yar “

Akhyar : “ Beasiswana full teu cik ? Lamun full naon wae syarat
na baca heula , jeung jurusanna naon wae? “

Cika : “ Full yar jeung biaya hirup salila diditu “

Akhyar : “ Hayang maca atuh “

Cika : “ Ieuh yar “ (sabari mikeun Hp)

Akhyar : “ Tah ieu aya jurusan Manjemen operasi , nepi ka


tanggal 1 februari 2019 gening , cika copy keun terus
smskeun ka nomer urang “

Cika : “ Siap yar keula atuh dieukeun hpna “

Akhyar : “ Urang nyobaan heula , sugan lolos “

Cika&Riya : “ Aamiin yar “

Riya : “ Yar ieu aya Beasiswa S1 di Boston University, USA ,


reuk nyobaan moal, kan maneh pinter bahasa inggris
persyaratan na nyieun essay 600 kata , Hasil At ataur Ct
nulis jeung hasil TOEFL atawa IELTS (IBT TOEFL
minimum 90, IELTS minimum 7.0) “
Akhyar : “ Jurusan naon ya ? “

Riya : “ Bebas bisa milih yar “


Akhyar : “ Oh kirimkeun kanu sms atuh ya “

Riya : “ Siap kela “

Riski : “ Kumaha yar geus menang can ? “

Akhyar : “ Enggeus aya dua universitas , doakeun nya mudah –


mudahan lulus “

Riski : “ Aamin , Lamun teu lulus kumaha ? “

Akhyar : “ Miluan bidik misi weh palingan ki “

Riski : “ Oh mudah – mudahan dilancarkeun beasiswa akhyar


Aamin “

Akhyar : “ AAMIIN “

Roni : “ Yar maneh balik sakola moal kamana – mana ? “

Akhyar : “ Reuk ka warnet , naha aya naon ? “

Roni : “ Ah sugantehmah nyalse emang ka warnet reuk naon


maneh teh ? “

Akhyar : “ Reuk miluan simulasi TO jang engke meh siap “

Roni : “ Engke mah engke deui weh atuh yar “

Akhyar : “ Da apanan kudu disiapkeun ti ayeuna keneh meh


engke urang aya gambaran lamun di tes “

Riski : “ Da nu reuk sukses mah beda ni sagala geu kudu geus


dipersiapkeun tiheula “

Roni : “ Aslina ki beda pisan “


Akhyar : “ Bae atuh urang teh kudu berubah “

Roni : “ Berubah jadi naon ? PowerRanger? HAHAHA “


(Sabari seuri ngabalakatak ) “

Akhyar : “ Eh maksudnateh ngubah kabiasaan goreng urang jadi


kabiasaan nu lewih bermangpaat da hirumah ulah kieu
wae kudu saetikmah berubah, manehmah heureuy wae
ah “

Balik sakola Akhyar ka warnet , tapi kusabab listrikna keur


aliran jadi manehna kudu nungguan heula rada lila nepi ka teu aliran.
Akhirnamah manehna balik ka imah teu jadi ka warnet kusabab listrikna
aliran keneh

Sandra : “ A timana heula ? tumben nembe uih jam sakieu “

Akhyar : “ Ti warnet tapi aliran keneh , ni asa gendok


nungguan lila tatadi “

Sandra : “ Naha reuk naon ka warnet a ? “

Akhyar : “ Simulasi TO jeung neangan informasi ngenaan


beasiswa “

Sandra : “ Jadi bener aa teh reuk kuliah ka luar negeri ? “

Akhyar : “ Bener de , Aa teh geus boga cita – cita eta teh ti


jaman SD ngan teu wani nyarita da bakalan moal di
bere ijin “

Sandra : “ Yakin a reuk kuliah ka luar negeri ? “

Akhyar : “ Yakin de sayakin yakina “


Sandra : “ Oh aa jaga diri baik baik diditu ulah ka babawa ku
pergaulan bebasna , kudu inget ka Ibu , bapak jeung
adek “

Akhyar : “ Siap de , Ade didieu cing bager ulah nyusahkeun wae


ibu angguran mah bantuan si ibu teh , Ulah kalah ulin
kateun babaturan wae “

Sandra : “ Siap A , Ade bakalan kangen pisan ka aa , Kuade


didoakeun supaya Aa lulus tes na“

Akhyar : “ Sarua de aa geu bakalan kangen ka ade , Aamin de


doakeun aa terus nya ngameh lancar sagalana ulah aya
hambatan“

Sandra : “ Aamiin a ulah hilap ka adek , sering sering nelepon “

Akhyar : “ Insyaaallah de lamun teu sibuk , tapi da bakalan


inget wae ka ade , bapak jeung ibu mah “

Akhyar mulai nyiapkeun persyaratan anu kudu disiapkeun jang


abus universitas nyaeta miluan ujian tes TOEFL jeung iBT di warnet , hasil
tina ujian tes TOEFL jeung iBT akhyar menang nilai 83 , Akhyar oge mulai
ngajieun CV atawa Daptar riwayat hirup jeung surat motivasi anu eusina
ngenaan diri sorangan jeung naon wae anu ku manehna dipikabisa ,
ngajelaskeun program studi anu ereuk ku manehna di pilih , peran jeung
tugas naon anu Akhyar hayang lamun gawe dina tim jeung alesan na .
Tuluy Akhyar ngirimkeun Pesyaratanna kana email tiap universitas .
Akhyar tinggal nungguan kaputusan ti universitas.
Dua Bulan Kahareup ..............................

Riski : “ Yar , Kumaha Hasil beasiswa teh ? “

Akhyar : “ Duka can aya kaputusan na . Urang teh asa ngarasa


putus asa ki “

Riski : “ Putus asa kunaon yar , lain maneh teh geus yakin
pisan kana kaputusan maneh nu reuk kuliah ka luar
negeri “

Akhyar : “ Urang teh jadi ngarasa minder jeung ngarasa moal


bisa ngajalani na kusabab asa teu bisa jauh ti kolot “

Riski : “ Basa eta lain maneh teh ngarasa yakin pisan kana
kaputusan maneh nu reuk kaluar negri malahan ceunah
kolot maneh teh geus nyatujuan maneh kuliah kaluar
negeri . Percaya ka urang maneh bakal bisa diditu kudu
bisa nyekel komitmen maneh teh “

Akhyar : “ Heeh siap ki , Nuhun maneh geus nga motivasian


urang ngameh nyakin bisa abus ka universitas nu
dipikahayang ku urang “

Riski : “ Omat ulah poho ka urang salaku babaturan nu satia


mun geus diditu “

Akhyar : “ Moal atuh maneh mah best friend forever urang ti


barang borojol“
Salila 3 bulan Akhyar nungguan kaputusan ti tiap universtas nu aya di
luar negeri . Akhyar neangan informasi ngenaan penerimaan beasiswa di
warnet jeung si Riski . Akhyar teu puguh rasa hatena kusabab sieun teu
katarima di dua universitas anu disarankeun ku babaturan na

Akhyar : “ Ki kumaha urang ieu deg – deg an ?“

Riski : “ Keun ngadoa heula weh sugan maneh ya milik di


dua universitas anu maneh ngadaptarkeun “

Akhyar neangan informasi dina website Universitas Southern Denmark

Akhyar : “ Ki gening urang gagal teu katarima di Universitas


Southern Denmark ( Bari benget sedih )

Riski : “ Ken lain milikna yar , cik buka website nu hiji deui
(bari ngusap taktak Akhyar)

Akhyar : “ Kela atuh urang tempo heula “

Akhyar neangan deui informasi dina website Boston University, USA .

Riski : “ Loading yar , meni lila pisan yeh “

Akhyar : “ Sabar ki , Hirupmah kudu loba perjuangan “

Riski : “ So Bijak lah , can ge kuliah komo mun geus katarima


beuki we bijak “

Akhyar : “ Beda deui etamah “ (Sabari seuri )

Riski : “ Yar eta geus kabuka, buru klik “ (sabari riweh )

Akhyar : “ Kalem urang deg – deg an yeh “

Riski : “ Buru maneh teh , dieu ku urang klik “


Akhyar ngaklik website na ariten loading deui .. , Maranehna
ngahuleng nungguan pangumuman hasil beasiswa .

Akhyar : “ Ki , Alhamdulillah urang katarima “

Riski : “ Nya ceuk urang ge maneh bakalan lulus “

Akhyar jeung Riski ngarasa bungah , Akhyar mere amanat ka


Riski supaya manehna ulah putus asa jeung kudu sukses babarengan .

~ TAMAT ~

Anda mungkin juga menyukai