Anda di halaman 1dari 6

Si Gengsi Katakluk

Dina hiji poe, Ningsih, Onah, Ipeh jeung Mimi keur ngerjakeun tugas babareungan di
kelas. Ningsih ngacung-ngacungkeun pananganna bari api-api mikir.

Onah : “E...eh...Ningsih??? Gening atuh pananganna kikituan jiga nu bade

nyulap wae !!!” (taros Onah bari bingung)

Ningsih : “Eh...emangna kuring teh penyihir, puguh atuh, kuring mah keur mikir

lain keur nyulap Onah !!!” (tembal Ningsih sewot)

Ipeh : ”Biasa wae atuh Ningsih nyariosna, mani sewot kitu nya???” (menta

pendapatka Mimi gigireun)

Mimi : “Uhun da eta mah tos kitu teuas hulu !!!”

Onah : “Batu atuh !!!” (celetuk Onah, beri panon na ngareret ka Ningsih)

Ningsih : “Euhhhh... ieu barudaknya, ti tatadi hayuh wae momojok kuring,

kumaha kuring wae atuh, naha mani rujit !!! Wew (bari ngajeubi)

Onah, Ipeh jeung Mimi silih ngareret. Teu pati lila sumping Fi’ah lulumpatan bari
nyndak sapu injuk.

Mimi : “Aya naon atuh Fi’ah aya naon??? Siga di toel ku juring !!!”

Fi’ah : “(jejeretean) Eh... sanes kitu teteh, euhh tadi aya jalmi teu eling

luumpatan jadi weh kuring ngiring lulumpatan da sieun !!! (tembalna


bari hah heh hoh cape)

Ipeh : “Ari kitu jalmi teu elingna ngudag Fi’ah???”

Fi’ah : “Henteu oge sih !!!”

Onah : “Naha atuh mani hayang pimilueun???”

Fi’ah : “Ah wios weeee atuh wew” (bari ngajeubi) Ningsih ngaledek ka Fi’ah

bari ujug-ujug nyurungkeun teu pagah puguh pedah naon.

Fi’ah : “Ih... aya naon si???” (bari nyureung)

Ningsih : “Oh jadi ieu istri nu dipikahewa jeung nu sok nganyernyeri alo kuring
teh !!!” (Ningsih terus maju mojokkeun Fi’ah terus undur-unduran)

Mimi : “Alo???”

Ipeh : “Si Midin nya???”

Onah : “Enya meureun !!!”

Fi’ah : “Maksudna??? Nganyeunyeuri kumaha??? Biasa wae pan”(ngajawab

Bari nyantai) Ningsih : “Atuh da jalma jiga kieu mah moal nyadar !!!
(bari ngebug tak tak Fi’ah)

Fi’ah : “Pedah naon atuh Midin hewaeun ka kuring??? Hayohhh??? (bari

ngaledek)

Ningsih : “Tong teuing apal, percuma maneh mah moal nyadar, neundeun ceuli

ge dina irung tuda”

Onah : “Naon salah si Fi’ah Ningsih???”

Ningsih : “Gandeng tong teuing pimilueun lah !!!”

Ipeh : “Atuh ari teu pagah-puguh mah perlu diamankeun !!!” (pimilueun

ngomong bari samutut)

Mimi : “Satujuuuuuuu...!!!” (celetuk Mimi bari ngepeulkeun peureup)

Ningsih : “Maneh deui Mi, lain si Udin eta mah !!!”

Mimi : “Maksudna???”

Ipeh : “Keun geura ek ngalucu tadi namah ngan teu bisaeun”

Ningsih : “Gandengggg..!!!” (Ningsih ngagorowok bari nyurungkeun


Fi’ah nepika tiguling)

Teu lila, datang Midin nu lulumpatan da nempo Fi’ah tiguling, diditu namah ek jadi
pahlawan kabeurangan ceunah (Haha)

Midin : “Eh nanaonan sih pake nyurungkeun Fi’ah sagala???” (matana

molotot ka Ningsih, bari pananganna mantuan Fi’ah tatih deui)

Fi’a : “Ih nanaonan sih maneh Midin??? Kuring teu butuh bantuan maneh !!!”
(bari ngalesotkeun pananganna ti Midin)

Onah : “Ih... Geningan Fi’ah kitu si???”

Ningsih : “Maneh teh nya !!! (bari nyurungkeun dei tak tak Fi’ah)

“Geus untung ditulungan, eh teu nuhun-nuhun acan, teu boga kaera pisan” (bari
molotot)

Midin : “Cicing atuh Ningsih ge ulah padu nyurungkeun wae !!! Karunya Fi’ah !!!”

Ipeh : “Ah jigana aya nanaon yeuh !!!”

Midin : “Nanaon??? Naon atuh naon???” (bari nyureng)

Mimi : “Naonnya???” (bari mirintil-mirintil keun tungtung tiung)

Ipeh : “Cinta meureun !!!”

Ningsih : “ Ah nahaon atuh cinta??? Midin, ceunah maneh teh hewa ka

Fi’ah??? Naha atuh kalah hayuh wae di bela??? Hah??? Jawab !!!
( bari molotot)

Fi’ah : “Naon atuh salah kuring??? Naha mani kalasar pisan ka kuring???”

Midin : “Fi’ah mah teu salah nanaon ieuh !!!” (bari seuri ka Fi’ah)

Onah : “Tah...tah...tahh mulai yeuhh !!!

Mimi : “Drama Korea mulai yeuh !!!”

Fi’ah : “Midin, ulah kitu geura da teu enak kalah ge !!! Bari nage kuring mah

teu butuh pitulung anjeun.. Ulah teuing sok So ek nulungan !!!”

Midin : “Sanes kitu Fi’ah, Midin mah mung alim ningali Fi’ah di pojokeun kieu,

mangkana Midin ngabela Fi’ah !!!” (Bari seuri deui ka Fi’ah)

Onahq : “Fi’ah mah kitu geningan, meureun duduhkeun Midin teh ek Caper we !!!”

Mimi : “Caper teh naon atuh nah???”

Ningsih : “Nu kitu oge teu apal atuh Mi, oon pisan !!!” (bari nyungklukeun sirah Mimi)

Ipeh : “Cari perhatian, Mimiiiiiii !!!” (bari semu jengkel ka Mimi)

Mimi : “OH !!!” (Mimi unggut-unggutan)


Fi’ah : “Lah kareup teuing, pokok namah ulah sok SO !!!” (bari ngabalieur)

Ningsih : “Ih budak teh pikaseubeuleun pisan atuh !!! Hewa, geus goreng ka alo

Urang !!!”

Midin ngabantingkeun panghapus nu caket bor, barudak didinya rareuwaseun. Midin


beuki nyakeutan Fi’ah

Midin : “ Kupingkeun kuring Fi’ah, ti baheula neupika ayeuna,


anjeun mah teu

pernah robih wae !!! Cing atuh sing peka kana rarasaan kuring salila
ieu !!! Hayuh wae egois, egois, jeung egiossssssss !!!” (ngagorowok
kana ceupil Fi’ah) “Nyadar teu??? Kuring teh geus sabar ku prilaku
anjeun anu hayuh wae judes jeung kasar, kuring sabar ku anjeun tina
sagala poyokan, tapi kuring kumaha??? Naon balasan ti anjeun
Fi’ah???” L (bari ningalikeun raray Fi’ah)

Mimi terus wae mirintil-mirintil tiungna, Ningsih ngegel biwir, Ipeh jeung Onah cungar
ceungir.

Onah : “Sok atuh sok !!!” J

Mimi : “Eh ulah gandeng, ke sakeudap deui geura !!!” (bari nyerengeh) J

Ipeh : “Enggal atuh lami pisan !!!”

Midin : “Kuring kitu soteh pedah BOGOH ka anjeun, kuring NYAAH pisan ka

anjeun Fi’ah !!! sing ngarti atuh !!! L


(Fi’ah tungkul ningalikeun tembok)

Onah : “Oh My Gost !!!” (mani tarik)

Ipeh : “Oh My God Onah, euh oon dasar !!! (bari nyungklukeun sirah Onah)

Onah : “Eh uhun tah eta maksud teh !!! (bari pulunyah pelenyeh)
Ningsih “Boga nyali oge alo kuring !!!”

Mimi : “So sweet !!!”


(Midin tuluy indit kaluar ti kelas)

Ningsih : “Kakuping teu FI’AH???


(Fi’ah teu nembal)

Ipeh : “Ari Fi’ah si kumaha ka Midin???”

Fi’ah : “Kumaha kumahana atuh???” (sewot)


Onah : “Fi’ah gaduh hate teu??? Fi’ah gaduh rasa nyaah teu ka Midin???”

(Fi’ah cicing ngahuleung)

Mimi : “Fi’ah !!!” (bari nyentak)

Ningsh : “Nembal atuh geura !!!” (nyentak Fi’ah)

Fi’ah : “M.....”

Ipeh : “Kumaha???”

Fi’ah : “Atuh da geura.......!!!” (bari gual geol)

Onah : “Geningan jadi ejle kitu???”

Ningsih : “Ngaku wae atuh !!!”

Fi’ah : “Enya, kuring ge Nyaah pisan ka Midin” (bari sura seri era)

Mimi : “Ciehhhhhhhh !!!”

Ipeh : “(bari acleng-aclengan) Asikkkkkkkkk !!!”

(Ningsih tepuk tangan, anjeunna ngagorowok bari ningali ka belah luar)

Ningsih : “Midinnnnnnnnnnnn....!!!”

Midin : “Kumaha bibi???” (bari mapah nyaketan Ningsih)

Ningsih : “Fi’ah geus ngaku, yen maneh na oge gaduheun rasa ka

Midin !!!”

Midin : “Nu bener bi??? (bari bungah)

Fi’ah : “Ihhhhhhhhhhh geningan kitu L isin atuh ih !!!”

Ipeh : “Tapi bungah kan???”

(Fi’ah sura seuri). Midin asup deui ka kelas, bari nyamperkeun Fi’ah

Midin : “Beneran Fi’ah Nyaah ka Midin ???” (bari nyepeng panangan Fi’ah)

Fi’ah : “Muhun, Fi’ah nyaah ka Midin..” (bari nyiwit Midin)

Onah : “M..... nu nuju kasmaran !!!”

Mimi : “Drama jadi kanyataan !!!”


Ningsih : “Euleuhhh si Fi’ah genitt !!!”

Midin ek nangkeup Fi’ah bakat ku bungah na... Serempak Ningsih,

Onah, Mimi, jeung Ipeh ngagorowok “ LAIN MUHRIMMMMMMMMM !!!!!!” Deziggggg


J

Anda mungkin juga menyukai