Anda di halaman 1dari 9

NASKAH DRAMA KABAYAN

KELAS XII IPS

SMAN 2 PAGADEN
PERAN

KABAYAN : ISMAIL
ITEUNG : MITHA
ABAH : GILANG
AMBU ITEUNG : NIKEN.R
INDUNG KABAYAN : RIKA
BU GURU IIS : SITI MUTIA
BU SITI : SITI MULYANAH
BABATURAN KABAYAN :
ASEP : HAIDAR
UDIN : SUYUDI
DADANG : ADIT
NILEM : SANTIKA
DATUK MARINGGIH : BAHAR
DODOL : RAKA
NARATOR : DEVIANA
EUIS : NIKEN. S
LILIS : FITRI
NENENG : FENA

PERAN FIGURAN
TUKANG SAYUR : RAIHAN
TUKANG JAMU : DIAN
VERA, FEBRI, TENI, CAHYATI, YULI, LIA, TASYA

PANITIA

KETUA : VERA
SUTRADARA : FEBRI
SEKERTARIS : TENI
BENDAHARA : CAHYATI
SEKSI PUBDOK : VERA
SEKSI PERLENGKAPAN : RAIHANSYAH
SEKSI DEKORASI : NIKEN . R
WADROBE : DEVIANA
KOREOGRAFI : SANTIKA
ADEGAN 1

Narator : Kacatur dina hiji kampung , aya pamuda anu kasep, bageur , tapi rada linglung kana
ngarasakeun hawa isuk nu tiis. Sebat wae si Kabayan nu mikatreusna iteung si bidadari kayangan.

Si Kabayan teh jalmi na pangedulan nangging anjeun na seueur akal na. Tapi seueur akal na oge
mung di Anggo keur kapangedulan na.
Hoyong terang Carita kisah cinta na si kabayan kumaha? Hayu urang saksian drama si Kabayan
Jeung nyi iteung

( Tikajauhan kadéngé sora tukang sayur nu nguriling make grobak )

Tukang sayur : " Tingtong!, sayur mang Otong!

( Torojol ibu-ibu daratang saentos Ngadenge sora tukang sayur )

Asep : " Kang, kuring teh panasaran, naha eta siga tai kotok?
Udin : " Heeuh kang, ceuk akang naon ? ".
Kabayan : " Tina bau namah tai kotok a ".
Dadang : ( Sabari nyeuseup ) " eumh, bener bau tai kotok ".
Asep : " heeuh bau tai kotok, tapi kuring masih ragu ".
Kabayan : " Coba di colek ".
Udin, Asep, Dadang : ( tuluy nyolek ) " Ihh, heeuh tai kotok iemah, hipu ".
Kabayan : " Ah maenya, cik cobaan ! ".
Udin, Asep, Dadang : ( Tuluy di asaan ) " Ahh, cuih ( nyiduh ) haseum kang ".
Kabayan : " Aya hipu, bau , jeung haseum. Tai kotok etamah ".
Udin, Asep, Dadang : " Idihhhh ". ( Langsung arindit )

ADEGAN 2

( Udin, Asep, Dadang keur maen kartu )

( Kabayan diuk bari kipas kipas )

Kabayan : " Duh baringung.."


Udin : " Baringung kunaon kang ? ".
Asep, Dadang : " Bingung kunaon atuh kang ? " .
Kabayan : " Kuring teh, kasep nggeus, seksi nggeus, gagah oge nggeus. Tapi kunaon eweuh pisan
awewe nu daek. Komo si iteung, eleuh-eleuh geulis pisan euy!! ".

( Kabayan hudang )

Kabayan : " Eumhh iteung… nyaan si Abah mah meni tega ".

( Teu lila si iteung datang jeung babaturan na nyaeta Euis, Lilis, jeung Yuyun )

( Euis, lilis, jeung Yuyun langsung nyamperkeun Asep, udin, jeung Dadang )

Iteung : " Kang… Kang kabayan.. ".


Kabayan : " Iteung kamana wae, akang teh sono ".
Iteung : " Sami atuh kang, Iteung ge sono ".
Iteung : “Kang Kabayan…… ”
Kabayan : “ Mmm…… “
Iteung : “Akang…… “
Kabayan : “Aya naon Iteung?“
Iteung : “Ah…si Akang mah,atuh iraha akang ek ngalamar Iteung?“
Kabayan : “Teung lain akang mbung ngalamar Iteung, Iteung pan apalkumaha sikap si Abah ka
Akang..”
Iteung : “Halaaah…si Abah mah, padahalkan Iteung nu ek nikahna oge, make rek ngajodohkeun
Iteung ka si Juned sagala. Kumaha ieu akang Iteung mbung ditikahkeun salain ka akang.”
Kabayan : “Euleuh… Si Abah kacida cida teuing atuh nikahkeun Mawar bodas kawas Iteung, ka
jelema kawas si Datuk Maringgih. Benerna mah si Abah mikir yen manehna geus kolot, huis dimana
mana, huntu geus laleleus, erek oge si abah narima kaputusan anak hiji hijina, jeung cicing istirahat
nungguan kareta hejo.”
Iteung : “Huuussss…. Akang jempe tong tarik tarik, sok padu wae ngomong teh. Sing kadeneun.”
Kabayan : “Kajeun kadengeun oge, paling paling nyamperkeun bari gogorowok *Borokokok* jeung
molotot matana buncilak, haduh gusti-gusti, beuki kolot teh lain beuki…”

( Ngobrol bari pacekeul lengeun sabab geus lila te panggih )

Narator : Si Iteung kanyahoan si Abah keur duduaan Jeung si kabayan

( Torojol Abah datang… Tuluy ngadegungkeun sirah si kabayan )

Abah : " Si borokokok siah ! ". ( Sabari nunjuk ka si kabayan saking ku aralna )
Kabayan : " Ehh.. Abah ". ( Si kabayan rewaseun )

( Si Abah rek mawa indit si Iteung tapi si Kabayan nahan lengeun si Iteung, jadi weh pabetot betot )

Abah : " Eh Kabayan ! Abah ngingetkeun sakali dei nya, ulah coba coba ngadeukeutan dei si Iteung
!!".
Kabayan : " Naha bah ?".
Abah : " Sabab si Iteung nggeus aya nu rek ngalamar. Jelema boga, pangusaha, henteu siga maneh.
Hayu iteung ah !!".

( Si Iteung langsung di betot si Abah )

Iteung : " Akang… "


Kabayan : " Iteung.. Iteung!!!!
Aya Meri Dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeuri ku panyakit
Tapi kabogoh di rebut batur".

ADEGAN 3

Narator : Sa entos Iteung sareng si Kabayan pa amprok, Abah langsung ambek pisan ka si Kabayan.
Katelah si Abah teu satuju budak na nyi Iteung bobogohan jeung si Kabayan. Malah si Abah geus
nangtukeun yen nyi Iteung kudu kawin jeung Datuk Maringgih. Kumaha lampahan si Abah satuluyna
? Hayu urang saksikeun !

Abah : " Heh Iteung, dengekeun Abah nya ! pokonamah Abah henteu satuju maneh kawin jeung si
borokokok Kabayan. Abah sieun maneh engke di bere dahar jukut, Iteung !".
Iteung : " Tapi Iteung nggeus cinta ka kang Kabayan, Abah.. ".
Abah : " Cinta cintahu goreng peda. Naon atuh cinta ?, Denge nya iteung! Maneh dahar teh pake
sangu lain pake cinta!!".
Iteung : " Kang Kabayan teh jalmina bageur pisan, Abah ".
Abah : " Kalah ngalawan ka kolot maneh teh, nya. Nggeus, maneh kudu kawin jeung pilihan Abah.
Lain jeung si borokokok, ngarti te ?!!".
Iteung : " Ohh Abah.. Abah meuni tega sarebu kali ka Iteung, teh. Pas ningali Abah ngambek, didinya
sakapeung Iteung ngarasa sedih, Abah ".

( Ambu langsung nyamperkeun Abah pas nyarekan si Iteung, sabab samemehna Ambu ngan ukur
ngupingkeun bari sasapu hareupeun pakarangan )

Ambu : " Abah teh meuni neumeun nya, nyarekan si nyai nepi ka gogorowokan siga kitu ".
Abah : " Ieu deui nini nini hayang ngingiluan weh urusan nagara, Ambu mah urus weh kabutuhan
rumah tangga. Meuni kasebelan ! ".

( Bu guru Iis nu rek ngaliwat langsung salam ka Abah Ambu )

Bu Iis : " Assalamualaikum.. Abah.. Ambu ".


Abah, Ambu : " Waalaikumsalam.. ".
Bu Iis : " Naon na nu kasebelan, Abah ?".
Abah : " Ahh, eta ucing maok goreng peda. Ceuk Abah teh kasebelan!".
Bu Iis : " Ohh ucing, di simpeun na nu ati-ati atuh Abah. Hayu bah, bade ngajar Heula ".
Abah : " Bade dianteurkeun ku Abah bisi aya nanaon di jalan, bu guru ?".
Bu Iis : " Nuhun Abah, teu kedah repot-repot, Assalamualaikum.. ".
Abah, Ambu : " Waalaikumsalam.. ".

( Bu Iis mangkat )

Ambu : " Tuh da, dasar tua-tua keladi, makin kolot makin beuki. Abah teh rek cicintaan jeung bu guru
? Heemm!".

( Ambu langsung nolehkeun bengeut )

Abah : " Heh Ambu, Abah geus ngomong ulah ngingiluan urusan nagara. Heuh !".

( Abah ge ngilu nolehkeun bengeut )

ADEGAN 4

Narator : Si Iteung tuluy nyamperkeun si Kabayan saenggeus di carekan ku si Abah

Iteung : " Akang.. hapunteun Iteung, Iteung nggeus di jodohkeun jeung Datuk Maringgih ku si Abah ".
Kabayan : Yah.. akang mah pasrah weh, nyi. Si Abah mana daek boga minantu bau domba siga
akang ".
Iteung : " Enya atuh akang, padahal mah beh Abah resep ka akang. Akang teh mindeng mandi geura
terus pake minyak nyongnyong, seungit siga si Boy ".
Kabayan : " ngadenge nyai ngabanding-bandingkeun akang jeung si Boy, didinya sakapeung akang
ngarasa tikusruk. Hmm kuring mah naon atuh, babaturan jeung domba oge geus uyuhan ".
Iteung : " Dadah Akang.. ".
Kabayan : " kade tong hilap ngirjm surat, Iteung!".
Iteung : " pileuleuyan sapu nyere pegat ssasampayan akang. Akang!!!!
Kabayan : "ITEUNG!!!!".

ADEGAN 5

( Di tempat sejen aya Nilem jeung Datuk Maringgih keur debat )

Nilem : " Salaki Nilem abang Datuk, bener abang rek ngalamar si Iteung budak kampung tea ? Tuluy
Nilem kumaha ?".
Datuk : " Nilem, maneh bakalan tetep jadi pamajikan abang nu mimiti ".
Nilem : " Nilem mah mbung, pokonamah abang teu meunang salingkuh!".
Datuk : " Yehh.. iemah urusan bisnis, Nilem. Bisnis ".
Nilem : " Abang teh, nya. Baheula abang ngomong cinta abang cuman hiji keur Nilem, sarebu
kageulisan Natasha Wilona henteu sabanding jeung kageulisan Nilem Cahya. Tapi ayeuna, Hmm
abang rek kawin deui! Pokoknamah isukan abang kudu balik ka imah, menta maaf, sungkem,
depe-depe jeung pamajikan. Abang kudu balik !!".
Datuk : " Tuluy lamun kuring kasep boga pamajikan 2, 3, 4 Masalah keur maneh ?Tuluy kuring kudu
ngajak kabeh jajaran TNI POLRI, Bapak presiden, bapak gubernur, bapak bupati, Tukang bubur,
bakso munajat, jeung kabeh tukang dagang cikurubuk keur ngetok panto imah maneh cuman keur
ngomong WOW kitu ? Kuring kudu menta ijin ka ketua DKM nginjeum speaker di majlis talim keur
gogorowokan ngomong WOW kitu ?".
Nilem : " Abang Jahat. Huuu

( Nilem tuluy indit ninggalkeun Datuk Maringgih )

Dodo : "Punten Kang Datuk Maringgih anu 100% kasep, leres pisan akang ngalamar ka si Iteung
sabab ku cinta?".
Datuk : " Haha sabab cinta ceuk anjeun? Tangtu lain, kuring hayang kawin ka eta mojang kampung
teh lantaran kuring bogoh ka lahan jeung sawah si Abah ?".
Dodo : " Jadi maksud akang teh naon ?"
Datuk : " BISNIS dodo, duuuit! Lamun kuring teu boga duit, tuluy anjeun di bayar pake naon dodo".
Dodo : " Bener kang, He he... Emang akang Datuk teh pinter pisan ".
Datuk : " heeuh heeuh,ntar di atas sawah ini akan dibangun tempat ngadu bagong termegah dan
terlengkap dunia,ha ha ".

Narator : Pek na teh si Abah nguping obrolan Datuk Maringgih jeung Dodo nu ternyata
ngamanfaatkeun si Abah

Abah : " DATUK MARINGGIH !! Teu nyangka Abah mah peknateh maneh aya batu dibalik udang ".
Datuk : " Udang dibalik batu, Abah."
Abah : " Nya eta, meuni tega pisan maneh nganyenyeri parasaan abah, Oh meuni kejam !".
Datuk : " Aduh, dodol urang katéwak, hayu urang maéhan si Abah".
Dodo : " ihh henteu kang, éta doraka. Dodol bisa asup ka bui".
Datuk : dasar dodol! Hayu buru urang tewak si abah".

( Silih udag )

( Teu lila torojol si Kabayan )

Kabayan : " uluh itu si abah sigah budak leutik wae, nya. Abah teh keuri ucing lumpat jeung calon
minantu, Duh itu si abah. Eh kang datuk damang?
Datuk :" alhamdulillah pangestu, kabayan. Kumaha di lemur calalageur?
Kabayan : " alhamdulillah we kang datuk, sararehat ".
Datuk : " Nya sukur we atuh ari calalageur mah. Ha hey si kabayan, mani anger we bau doma nateh.
Ke atuhnya ieu arek nyeurikan heula si abah".
Kabayan : " muhun atuh sok sing kekengingan. He heuy ari kang datuk geura ".
Abah : "Kabayan, tuluung. Abah rek dipaehan. Tulung kabayan ".
Kabayan : " Naonn!!! Heh datuk maringgih. Coba-coba ngaganggu si abah, yeuh sanghareupan
kuring jagoan si kabayan".
Datuk : " Hmmm kabayan. Lancang pisan maneh nantang Datuk Maringgih, lamun maneh wani!
Sanghareupan si eta! " ( Nunjuk ka si Dodo )
Dodo : " ko jadi kuring, kang. Tapi hayu lah lamun kitu mah, kadie maju ".

( Tuluy garelut )

( Datuk jeung Dodo eleh tuluy karabur )

ADEGAN 6

Abah : " Hampura abah Kabayan ".


Kabayan : " Muhun urang silih hapunten we nya, bah".

( Si Iteung datang )

Iteung : " Akang!!!!".


Kabayan : " Ngadenge nyi iteung ngahokan AKANG, didinya sakapeung hate akang ngarasa
tagiwur".

( Bu guru Siti datang )

Bu Siti : " Assalamualaikum!".


Abah, Kabayan, Iteung, Ambu : " Waalaikumsalam".
Bu Siti : " kabeneran deui di gempungan. Sekedar pangeling-ngeling ka Abah sareng Ambu. Iteung
jeung si Kabayan masih di SMK, geuning tos mikir jodo. Karunya, kudu rajin diajar, muhun itung,
kabayan ".
Abah : " he he he kumaha alusna guru, tangtu. Abah jeung ambu kakara satuju. ".

ADEGAN 7

Narator : Kusabab kabayan bogoh pisan ka iteung tidinya kabayan mutuskeun ek ngomong ka iteung
isukna.

( Diuk di saung)

Kabayan: “Hadeuh sono eung ka si iteung.”

(Iteung ngaliwat bari tungkul)

Kabayan: “Iteung iteung kadieu atuh, akang teh sono iteung.”


Iteung: “Ih si akang mah kumaha atuh lamun kapanggiheun si abah? Iteung sieun kang.”
Kabayan : “Alaaaaah nepika ujung dunya ge akang rek tetep ngadagoan iteung!.”
Iteung : “Ah si akang mah gombal, genit pisan yey.” (Bari nyiwit leungeun si kabayan)

( Torojol Abah datang )


Abah Iteung : “Iteung…!!!!! Euleuh -euleuh keur naon maneh didieu jeung si kabayan deuih! Heuh
belegug, maneh teh tong deuket jeung si iteung kabayan, gawe teu pararuguh. Ari kahayang maneh
naon iteung? Hayu balik!!!.”
Ambu Kabayan : “Eh maneh teh boga biwir teh dijaga atuh! Anak urang nu pangkasepna sakeudeung
deui ge benghar gagabah. Tempokeun we!! Kabayan balik!!!!!.”

ADEGAN 8

( Isukna, sabab si kabayan sedih manehna indit ka saung bari maen gitar, ari pek teh aya si lilis
datang ek ngarayu si kabayan. )

Lilis : “Akang teh mending jeung abi atuh tibatan akang jeung si iteung nu teu jelas.”
Kabayan : “Haling maneh urang mah tetep bogoh ka iteung, sakali iteung tetep iteung. Hidup iteung.
Iteung teh sagagalana keur urang. Nyingkah siah maneh!!!.”

( Si Lilis indit bari cerik )

Jol neneng datang mawa kabar gumbira.

Neneng : “Kabayan!!! Ya Allah kabayan maneh teh meunang hadiah 1 milyar tina sabun naon teh?
Anu jang ngabodasan awak!!.”
Kabayan : “Maksudna SHINZUI atuh ?.”
Neneng : “Heueuh yan heueuh.”
Kabayan : “Alhamdulillah bisa ngalamar iteung (Sujud syukur ).”
Indung Kabayan : “Ya Allah , alhamdulillah. Neng bantuan ema nyiapkeun dahareun jang syukuran.”
Neneng : “Siap ma.”

( Ari pek teh euis ngaliwat. )

Kabayan : “Is pangbejakeun ka iteung , akang kabayan ek ngomong.”


Euis : “Naon ? Oh sip lah kang.”

ADEGAN 9

( euis manggihan iteung. )

Euis : “Teung dieu geura!!! Kang kabayan hayang panggih jeung iteung.”
Iteung : “Sieun ah, sieun si abah ngambek.”
Euis : “Nya nggeus atuh maneh tungguan didieu nya.”
Kabayan : “Teung ayeuna teh akang geus boga duit, kamari meunang hadiah tina sabun samilyar.
Abah pasti satuju.”
Iteung : “Sarius kang ?? Alah iteung bunga"

( Abah datang )

Abah iteung : “Geus dibejaan ulah deukeut jeung si kabayan iyeu kalah deukeut … Hayu balik !!!.”
Iteung : “Abah, si akang teh geus beunghar bajuna oge geus alus, si akang meunang samilyar bah.”
Abah iteung : “Bener eta teh yan ??.”
Kabayan : “Leres bah, abi teh hoyong nikah sareng iteung ayeuna.”
Lilis : “Akaaang …!!.”
Kabayan: “Naon atuh lis??.”
Lilis : “Abi teh tos ikhlas akang nikah jeung iteung.”
Euis : “Abi oge satuju maneh jeung iteung yan.”

(Inung kabayan jeung neneng datang )

Indung Kabayan : “Enya abah iteung geus kuduna barudak teh ngajodo. Ieu adi geus nyiapkeun
dahareun.”
Neneng : “Bener tah!!.”
Abah iteung : “Enya atuh ari kitu mah , abi ngijinan maraneh kawin. Kabayan ! Abah menta hampura".
Kabayan : " Muhun bah hayu urang silih hampura weh "..
Kabayan jeung iteung : “Alhamdulillah (sujud sukur )”.

Anda mungkin juga menyukai