Anda di halaman 1dari 8

Ngaran Anggota Group :

 Arifinanti Wiradhika
 Efelin Maria Nainggolan
 Hanna Syabilla Triandini
 Ibrahim Arrasyid
 Kyra Yolanda Tesalonika Manurung
 Laura Amelia
 Mayoliara Aisya Dewi
 Qiashjathi Prakasa
 Samuel Obrian Sinaga

Kalilit hutang bank emok


Di desa kalapa kecamatan bojong gede aya kumpulan ibu-ibu, anu di tawaran minjem keun
duit

(ibu-ibu keur ngobrol)


Ara : pusing urang mah , salaki kena PHK tapi pangaluaran teh loba pisan ayeuna

Hana s : Aduh, sarua urang ge . Salaki urang gawe ge pangaluaran na loba pisan da gajih na
pas-pas an jang dahar hungkul.

Efelin : iraha nya arurang teh kaya na, kie kie wae hirup teh meni pas pas an.

Ara : He’eh irahanya. Nyele kahirupan teh fina asan teh meni ngeunaheun, emas na ge meni
loba eta nyantol boh di lengen boh di beheung

Hana s : gawe naon nya eta salakina, meni hebat kitu loba harta na.

Efelin : coba atuh teh tanya ka teh fina na langsung, sugan we salakina teh ara bisa ilu gawe
di salakina teh fina.
Di satengaheun obrolan ibu ibu anu katingali resep pisan, ujug ujug ada teh fina datang
nyamperkeun ibu ibu anu keur ngagosip.

Fina : keur naraon ieu teh ibu²

Efelin : ehh teh pina, ieu teh ker ngarumpi mumpung barudak keur arulin maen layangan,
iraha deui bisa kumpul kie, kadie teh ilu ngarumpi.

Ara : enya teh kadie bae, eta korsi kosong tah

( ara, hana , efel ngode mata )

Fina : kunaon ibu-ibu teh kode kode an kitu

Hana : eh henteu teh, eta teh ara aya nu rek di tanyakeun cenah

Fina : naon atuh eta teh ara

Ara : ie teh, salaki urang teh karak di PHK tapi pangaluaran teh loba pisan. Sugan we teh pina
atawa salaki bisa nulungan soalna urang ningali teh pagawean na salaki teh pina meni lancar
pisan, tingali eta emas na ge meni ngararambai galalede.

Fina : ulang beja² nya teh, sabenerna mah salaki urang ge gawe na sarua wae kos salaki
maraneh, cuman abdi teh sering nginjem duit di bank emok trs nyicil na pas salaki gajian.

Epel : ari bank emok teh naon teh ?

Fina : aya lah pokokna mah bank keliling kitu, maneh na nginjemken duit ka urang tapi ada
bunga na. Mun ibu-ibu hayang nyaho ku abdi telepon abeh datang, sakalian abdi rek mayar
hutang.

Epel : ohh kajen, coba telepon teh. Urang hayang nyaho bank emok.
( Fina nelpon bank emok nitah datang )

Hana : itu bank emok na lain teh nu lempang ka die ?

Fina : oh he’eh enya eta, kela ku urang geroan hela

Fina : Teh, teh di dieu

Laura : oh na itu tuh kyr

Kyra : enya itu

(basa kuring papanggih jeung bank Emok)


Fina : iye teh urang rek mayat hutang nu kamari, tinggal 200k dei kan?

Laura : coba teh tingali di catetan (kyra)

Kyra : enya muhun teh pina tinggal 200k doang

Fina : yeuh acis na teh, lunas nya hutang na

Laura : hatur nuhun teh

Fina : enya.

( Tiba – tiba aya pangamen nga ganggu)

Qiash : punten ibu² ngaganggu waktuna

Samuel : urang jeng babaturan bade ngamen sakedap

( Qiash samuel nyanyi )

Epel : yeuh yeuh acis, ges kaditu tong ngaganggu nu di die, ngamenna naitu we

Hana : yeuh ti urang ge, meni ku karunya maraneh

Qiash & samuel : hatur nuhun ibu² semoga rejekina lalancar nya, aamiin.
(Lanjut ngobrol bank emok)

Fina : Teh ieu babaturan abdi teh hayang kos abdi cenah, ngahutang kitu tapi teu nyaho
carana

Laura : jadi ie teh bank emok atawa bank keliling, teteh² didie bisa nginjem baraha duit wae
tapi aya bunga na

Epel : bunga na teh baraha duit teh ?

Kyra : bunga na 50% teh, saencan nginjem ge aya sarat² na.

Ara : naon eta teh sarat na?

Laura : aya janji emok, jadi ibu ibu teh kudu nyebutken eta terus mere kk jeung ktp jang
jaminan na. Mun tertarik hayu urang ucapkeun janji emok trus bere kk jeng ktp ke ku urang
bere injeman duit na

(Ibu-ibu keur mikiran rék nginjeum atawa henteu)


Fina : kumaha teh ararek moal tah? Urang ge rek nginjem dei jang meli emas, aya nu anyar
emas na meni alus pisan

Kyra : hayu ibu² arek moal yeuh

Hana : urang arek deh nyobian 2jt bisa teu?

Kyra : bisa atuh bu, piraku tebisa

Epel : urang ge deh teh 1jt ge, bisi teu kabayar. Ke mun ges lunas nginjem dei

Ara : urang ge deh bu 5jt, jang dp motor budak hayangeun motor sakolana jauh

Epel : serius teh? Kabayar moal eta ?

Ara : kabayar meren teh

Laura : sok atuh ayena ibu² nyandak kk jeung ktp hela karak ngucapkeun janji emok

Ibu² : kela nya teh, urang balik hela

( pada ngambil kk + ktp, balik lagi )


Ara : yeh teh nu abdi

Epel, hana : iye ge nu abdi

Fina : ari urang mah sagala kan da geus aya?

Kyra : atuh teh pina mah pelanggan setia pisan, meni kos jdi besti nya

Fina : enya hahahhaha

( ngucap janji emok )

Laura : hayu atuh urang ngucapkeun janji emok, Kek mun teh kyra nyebut janji emok ibu²
nyebut na abadi kudu cing carik nya. mangga ibu² engke turutan teh kyra nya.

Ibu : oh enya

Kyra : janji emok

Ibu² : abadi

Kyra :

1. Mayar tepat waktu


2. Mun nunggak bunga na nambah 5%
3. Barang barharga jadi jaminan na

( ibu² nuturkeun
Janji emok)

Laura : tahh iye ibu² teh ges nga janji yeuh duit na ku urang bere hiji² sesuai ku nu ibu ibu
hayang jumlah na, mayar na minimal 150k nya saminggu.

Ibu² : enya teh

Laura : hayu teh kyra urang keliling dei ke minggu isukan setiap poe sabtu kadie dei.

Kyra : hayu teh.

Laura : punten nya ibu², urang indit tiheula

Ibu² : enya teh mangga, hatur nuhun ie pinjeman na


(Geus 3 bulan Bu Ara teu mayar hutangna cenah teu boga, tuluy dicandak ku bodyguard
Bank Emok.)
Laura : assalamualaikum teh ara

Kyra : teh teh puntennn

Abim : kaluar teh tong nyumput wae. Urang nyaho teteh di jero imah tapi te wani kaluar

(Qiash jeung Samuel datang nyanyi deui)


Samuel : punten mang teh numpang ngamen

Lngsng pada nyanyi

Abim : arurang di die teh rek nagih hutang, lain rek ngadengekeun sora butut maraneh, cing
kaditu mangkat

Qiash : atuh mang ngaran nage neangan rejeki.

Abim : boro² boga duit, iye ge hutang na te di bayar² ges tilu bulan

Samuel : piraku atuh amang jeng tth na teboga duit pisan, urang jeng babaturan can dahar ti
kamari

Abim : eweh teboga duit, engges kaditu mangkat

Qiash : goceng we mang

Abim : mangkat teu? Rek ku urang baledog batu ?

Samuel : heeh heeh mang, koret amat kenagr rejeki na seret, si teteh nu ngahutang teu di
bayar hutang na

Abim : gandeng² buru mangkat

(Qiash jeung Samuel indit tapi datang deui)


Abim : hapunten teh, pangamen na maksa
Laura : nya, teu kunanaon mang

( Qiash balik deui)


Qiash : mang serius moal mere

Abim : ari maneh meni ku maksa

(Ibrahim ngalungkeun sendalna sarta Qiash kabur )

( Lanjut nagih hutang )

Laura : teh buru kaluar lamun teu ie panto ku urang dobrak

Kyra : di itung nepi 5

( hitungan kaopat keluar jeung di dalem ara sieun )

Ara : enya2 teh hampura

Laura : ari teh ara teh kamana wae ? Geus 3 bulan urang nagih hayu we mun dtang teh malah
nyumput kajero imah, giliran abdi mawa bodygruad we karak kaluar.

Kyra : iye hutang tth teh ti 5jt meni ges jadi 8jt, buru gera di bayar

Ara : hampura teh, acis na teu aya

Laura : naha bisa kitu minjeum duit tapi tebisa mayar na

Kyra : kan tth ge ges janji emok saencan nginjem teh

Ara : hampura teh, bere urang waktu dei

Laura : tebis tebisa, mana die barang berharga na sesuai jeng janji di janji emok

Ara : urang teboga nanaon teh

Abim : eta aya motor, ges lunas can ?

Ara : encan teh

Abim : mana coba stnk na ku urang tingali

Kyra : yeh di konci na aya mang


Abim : wahh, ngawadul ie mah teh. Motor na ges lunas. Cokot motor na we teh lumayan
karak 3 bulan di pake doang

Laura : yaengges mang cokot eta motor na mumpung aya konci na

Ara : hampura teh,bere abdi waktu dei jang ngalunaskeun na

Kyra : tebisa teh ges sesuai perjanjian di awal

Laura : buru mang gera bawa

Ara : mang ulah mang, ie jang budak urang sakola

Kyra : bawa we mang kajen

(Ibrahim nyandak motor teras bérés)

Pesen moral :

Hutang teu salawasna goréng, tapi perlu dihindari lamun teu bisa diatur bijaksana. Hutang
tiasa nyayogikeun beban kauangan sareng bunga anu luhur upami henteu diurus sacara
saksama. Penting pikeun ngartos résiko sareng ngan ukur ngahutang naon anu anjeun
mampuh, janten ulah ngahutang langkung seueur tibatan anu anjeun mampuh sareng
prioritaskeun ngatur kauangan anjeun kalayan bijaksana pikeun nyegah beban kauangan anu
kaleuleuwihan

Anda mungkin juga menyukai