Anda di halaman 1dari 12

NASKAH DRAMA “SAKAMPUNG”

Ngaran Pamain :

1. Nia Anjani (02) sebagai Bu Marni

2. Gilang Julian (05) sebagai Mang Jaya

3. Ela Handayani (07) sebagai Bu Emi

4. Ahmad Fauzan (08) sebagai Mang Kiki

5. Irham muhamad (12) sebagai Pak Aris

6. Ardian Tegar (14) sebagai Mang Eno

7. Alifah rohimah (16) sebagai Aisyah

8. Nazwan Faturohman (18) sebagai Mang sofar

9. Maulida Rizki Wimala (21) sebagai Fatimah

10. Widia Oktaviani (23) sebagai Bu Ani

11. Riko Kurniawan (24) sebagai Mang yanto

12. Puspita Dwi (27) sebagai Butet

13. Rian Pratama (29) sebagai Virgo

14. Fadhillah yusuf (30) sebagai Bu Lastri

15. Rindi Anjani (31) sebagai Bu Yanti

16. Melisa Andriyani (33) sebagai Bu Nining

17. Laely Istiqomah (34) sebagai Bu Endah

18. Ajeng ayu safitri (35) sebagai Rasi


SAKAMPUNG

Di hiji kampung aya kulawarga anu boga masalah, leuwih tepatna broken home, nyaeta
kulawarga Bu Emi. Sakumaha biasana, Bu Emi ngurus imah jeung anakna nu boga panyakit langka
ngaranna Rasi. Keur kahirupan sapopoe ngan ngandelkeun panghasilan tina warung rujak hareupeun
imahna.

ADEGAN 1

Sambil ngabersihkeun beas

Bu Emi : Duh Gusti, pasihan abdi kakiatan supados abdi tiasa terus ngabahagiakeun anak-anak abdi.
Abdi hoyong sagalana janten rupa. Duh Gusti, mugia mantan salaki abdi tiasa eling sareng tiasa ngadidik
Virgo kalayan saé.

Rasi : Ma.. aya naon? Naha ema ceurik?

Bu Emi : Ema, teu nanaon neng. Ngan ema kangen ka si aa.

Rasi : Enya ma, tos lami aa Virgo teu kadieu. Rasi geh kangen ka a Virgo, ma.

Bu Emi : Meureun a virgo keur sibuk, neng , jadi teu gaduh waktu pikeun ngalongok urang.

Rasi : Mudah-mudahan aa Virgo sibuk beneran nya, Ma, lain ku sabab poho ka urang.

Bu Emi : Rasi, ulah nyarios kitu, neng, a virgo pasti henteu poho ka urang. Hayu urang lebet bae.

(SABARI CEURIK)

Virgo : maneh tingali, tingali urang, naha urang teu bisa jiga maneh, naha? nu kos kieu adil teh?
Henteu, ieu sadayana teu adil.

(Ema.. ema.. ema...)

Bu Emi : Virgo, maneh kunaon?

Virgo : Bapa, ma, bapa... Bapa ngagebug abdi, ma.

Bu Emi : entos a tenang, ema engke ngobrol sareng bapa. Langkung sae urang lebet heula.

ADEGAN 2

Butet : Mang Jaya! hari ini kau mau belanja apa? Alamak lambat kali kau, cepat lah.

Mang jaya : Sabar atuh butet.


Butet : Sabar sabar, kau suruh aku sabar? Yang tak sabar itu si Ucok dirumah, dia minta dibelikan
jeruk dari kemarin tapi tak aku belikan. Kau tak tau apa kalau dia sudah merajuk, menangis, semua
barang-barang melayang dia banting, mana kredit semua. Kau tak kasian apa kau? Tega kau?

Mang Jaya : Naha ngamuk ka urang? Naon salah urang? mun urang boga salah nya hampura, Bener teu?

Butet : Alamak, susah ngomong sama kau ya. Sudahlah saya mau beli jeruk dulu.

Mang Jaya : mangga atuh.

Butet : Eh mang, kau jual jeruk 1 kg berapa?

Mang Sofar : Sapuluh rebu bu.

Butet : Alamak kau jual mahal sekali, disana saja delapan ribu, kau jual sepuluh ribu?

Mang Sofar : tapi ieu jeruk lokal bu.

Mang Kiki : He he! kadieu geura! Kadieu!!

Butet : Hah! gosip! ini mang sepuluh ribu ya!

Mang kiki : Urang boga kabar hot yeuh!

Butet : Sehot apa sih ?

Mang kiki : Sa hot cabe cabean nu di hareup teh!

Mang Jaya : Ulah kitu , ngisin ngisinkeun bae. inget umur

Mang kiki : Tenanaon atuh sasakali mah, jadi kieu, maraneh apal pak aris?

Butet & Mang Jaya : apal.

Mang Kiki : Tadi, urang nempo manehna keur ribut dikampung sabelah. manehna malak jalma, tapi
jalma na teu tarima. ujung-ujungna jogol, jalmana sampe asup rumah sakit, tapi anehna pak aris teu
asup penjara.

Butet : Ga masuk penjara tapi yang jelas pasti dikeroyok dia.

Mang Jaya : Pasti babak belur atuh.

Bu Nining : Eh bu, tumben nya pa aris teu datang ka pasar

Bu Yanti : Enya bu, urang pan jadi teu dipalak.

Bu Endah : Enya nya, jadi duit urang aman.


Mang Kiki : Eh bu aya naon?

Bu Nining : Ieu pak aris tumben teu datang ka pasar!

Mang Kiki : Aduh duh.. Ibu katinggaleun jaman, maenya teu apal. Pak Aris kan tas dikeroyok. tas
naha?

Butet, Mang jaya : Dikeroyok.

Bu Nining : Naon? Dikeroyok? Alhamdulillah. Dugi ka maot teu, mang?

Mang Kiki : Henteu sih..

Bu Nining,Yanti,Endah : Yahh.

Mang Kiki : Tapi sukuna pincang.

Bu Nining,Yanti,Endah : Alhamdulillah.

Bu Nining : 1 atawa 2 mang?

Mang Kiki : 1 sih.

Bu Nining,Yanti,Endah : yahh.

(Virgo datang)

Bu Yanti : Virgo maneh kunaon?

Virgo : Abdi tenanaon bu.

Bu Yanti : Si bapa nyarekan deui nya? ka sabar nya. maneh budak bageur, pasti bakal jadi jalmi sukses.

Virgo : Muhun bu.

Butet : Elelele... anak macam dia mana mungkin jadi orang sukses, pendidikannya saja sampe lulus
SMP, ijasah SMP bisa buat apa dijaman sekarang? Iya gak euis?

Mang Jaya : Ulah kitu atuh butet,si virgo pan calon jalmi sukses. Sukses jadi pangangguran jiga bapana,
bener teu?

Butet : Betul sajalah.

Mang Kiki : engges... daripada ribut ngurusan manehna, mending arurang balik ke bisi katularan si
Virgo, beu!

Bu Yanti : Entos, ulah dipikiran omongan nu tadi, Vir.

Virgo : Enya bu, nyaentos, abdi bade mawa dahareun heula.


ADEGAN 3

Aisyah : Heh!

Fatimah : Aya naon si?

Aisyah : Itu si virgo lain?

Fatimah : Maenya si?

Aisyah : maneh teu percaya ka urang?

Fatimah : Teu lah, kan si virgo ditempat bapana

Aisyah : Nyaentos, mun teu percaya, hayu urang buktikeun. hayu tuturkeun.

Fatimah : Okeh.

Aisyah & Fatimah : Assalamu’alaikum.

Bu Emi & Virgo : Wa’alaikumsalam.

Fatimah : Eh, virgo kumaha kabarna?

Virgo : Alhamdulilah cageur.

Fatimah : Tapi eta pipina, kunaon?

Virgo : ieu tadi labuh, maraneh tos timana?

Aisyah : Tadi urang tas ti ditu, terus ningal maneh didieu, jadi urang mampir.

Aisyah : Eh, ditingali bengeut maneh kusut pisan, aya masalah? Cig carita ka urang, bisi bae rada plong
tas carita mah.

Virgo : Kumaha nya. Urang sebenerna teu betah cicing jeung si bapa, terus misalna salah saetik
digebug.

Fatimah : kasabar nya. Sakumahana geh eta bapa maneh, mun teu aya sibapa moalnya aya maneh.

Virgo : Urang tos sabar pisan, mun geus teu sabar mah geus ditusuk ku peso.

Aisyah : Hus ulah kitu, mending bakar bae.

Virgo : Urang serius. Bantuan atuh.

Fatimah : Maneh mere masukan nu bener atuh, masa ka kolot kos kitu.
Aisyah : Kolot naon nu kos kitu ka anak sorangan.

Virgo : Entos-entos. Maraneh malah ribut. Rek ngabantuan urang teu si?

Fatimah : Ieu yeuh manehna mulai ti heula.

Aisyah : Loh, kok urang si?? Maneh tah.

Fatimah : Maneh.

Aisyah : Maneh.

Fatimah : Maneh.

Aisyah : Enya urang salah, urang menta maaf.

Fatimah : Enya dimaafkeun.

Virgo : Hih, malah ribut deui.

Fatimah :Manehna mulai tiheula.

Aisyah : Tuh mulai deui.

Bu Emi : Kumaha Naona?

Virgo : Eh ma. Teu nanaon ma. Hehehe

Fatimah : nyaentos bu, urang bade pamit.

ADEGAN 4

Lempang ka warung bu Emi

Eno : Bu Emi, meser rujakna 2 nya?

Bu Emi : Muhun, sakedap.

Eno : Loh, Bu Emi kunaon?

Bu Emi : Kamari no, urang mireung mantan salaki ngieun ulah deui

Eno : Nyieun ulah kumaha bu?

Bu Emi : Biasa, jogol sampe asup rumah sakit jalmi nu hijina. urang isin gaduh mantan salaki kos kitu..

Eno : Ah,, Kan tos jadi mantan, Teu aya urusan deui jeung bu emi, ka sabar wae.
Bu Emi : Enya bu.

Pak Aris : Virgo! Virgo!

Bu Emi : Aya naon kang?Naha gogorowok?? Isin ku tatangga kang!

Pak Aris : Dimana maneh nyumputkeun si virgo? Virgo Kaluar maneh.

Rasi : Bapa. Kunaon bapa karek kadieu? Rasi kangen bapa.

Pak Aris : Ah.. minggir maneh, maneh lain anak urang! maneh cuman anak panyakitan! Virgo!

Virgo : Naon nu bapa lakukeun ka Rasi?

Pak Aris : Kadieu maneh ( sambari narik Virgo).

Bu Emi : Ulah kasar kang! (tuluy pak Aris ngadorong virgo ).

Virgo : Emaa....

Bu Emi : Virgo...( sambari ceurik).

Eno : Sabar bu, hayu urang calik heula (sambari nuntun bu Emi).

Bu Emi : Ningali nyalira kan? Kumaha kalakuanna? urang isin..

Eno : Entos bu kasabar bae.

Bu Emi : Rasi, Entos neng, ulah ceurik.

Rasi : Naha si maa? Naha bapa teu ngaku rasi teh anakna? Naha bapa teu sayang ka Rasi ma?
Naha? Apa gara-gara rasi panyakitan? jawab ma.

Bu Emi : Tenang neng, bapa sayang ka Rasi! Percaya ka ema!

Rasi : Henteu, ema ngabohong!

Eno : Enya rasi, bapa pasti sayang ka Rasi.

Bu Emi : Sakedap nya Eno?

Bu Emi : Ieu rujakna, punten nya lami.

Eno : Enya teunanaon, jadi sabaraha bu?

Bu Emi : Jadina Rp 50.000

Eno ceurik

Bu Emi : Teu usah milu sedih.


Eno : Lain eta, ieu rujakna mahal pisan

Bu Emi : Ayeuna nanaon mahal, komo deui nanas.

Eno : Nyaentos urang ngutang heula nya.

ADEGAN 5

Suara dipasar....

Bu Marni : Bu, meser ieu.

Bu Nining : Alhamdulillah, akhirna aya nu meser oge.

Mang yanto : Emang kunaon, Bu? Dagangana sepi nya?

Bu Nining : Enya, Mang. Mana ditagih duit kaamanan bae ku si eta.

Bu Marni : Eta? eta saha, Bu.

Bu Nining : Eta, Pak Aris.

Bu Marni : Oh, Pak Aris.

Mang yanto : Kamari urang geh ningal, keur narik narik anakna, karunya indungna sampe ceurik.

Bu Nining : Maenya sih, Mang?

Mang yanto : Enya.

Bu Marni : Alah. Biasa wae atuh. Jalma kos kitu mah geus teu berperikemanusiaan. Kuduna malaikat
ageh ageh nyabut nyawana.

Bu Nining : Hush. Ulah kitu, Bu. Ke jalmina kadieu ngaberantakeun dagangan urang deui.

Mang yanto : Sugan kadangu? Pan jauh.

Bu Nining : Kamari geh kos kitu. Jadi, Kahade mun ngomongkeun, sok ujug ujug nonghol.

Bu Emi : Mang, meser bengkoang 1 kg.

Mang yanto : Eh, Bu. Eta mantan istrina nya?

Bu Nining : Mana? Oh, eta. Enya. Karunya pan, mang.

Bu Marni : Alah, ulah di karunyaan, Bu. Salah sorangan bareto nikah jeung jalma teu bener. Akhirna
kajadian oge. kuduna bareto mun neangan salaki kudu apal babat bebet bobotna. Ayeuna nu jadi korban
anakna.( rada tarik)
Bu Emi cicing bae.

Mang yanto : Eh, Bu. Ulah tarik tarik ngomongna. Ke jalmina ngadangu.

Bu Marni : Kajeun. meh sakalian ngadangu. Kolot macam naon nu tega anakna disiksa ku bapa
kandungna sorangan!!

Bu Emi : Punteu bu. Ulah ngomong kos kitu. Urang geh teu rela anak urang dikitukeun. Urang
indungna bu, urang geh boga rarasaan ( sambari ceurik).

Bu Marni : Boga rarasaan geuning kos kitu.

Mang Sofar : Ieu bengkoangna. Mending ibu uih ka rompok daripada darang tinggi.

Bu Emi : Ieu acisna, Mang. Urang pamit, nuhun.

Saentos eta Bu emi kaluar pasar sambil ngusap cai panon

Bu Ani : Eh, Bu. Aya naon si? tdi bu emi kaluar pasar sambil ceurik?

Bu Marni : Teunanaon bu, Manehna bae nu baper.

Bu Lastri : Baper? Emangna baper naha, Bu.

Bu Nining : Biasa. Disindir ku Ibu ieu.

Bu Marni : Lain nyindir, Bu. Cuman ngungkapkeun fakta.

Bu Ani : Pasti omongana sadis nya.

Mang yanto : Henteu sadis. Cuman nyelekit.

Bu Ani : Ulah kitu ibu, karunya. Kuduna urang nolongan ulah ngomongkeun sampe ceurik kitu.

Bu Marni : Nya sok. Ibu wae nu nolongan. Urang mah enjah. Ke katularan, deui. Salaki urang kos kitu.
Trus anak anak urang terlantar. Amit-amit deuh.

Bu Lastri : Katularan kumaha? Kos kitu moal mungkin katularan, Bu. Emangna panyakit.

Bu Marni : Nya kan bisi bae. Pan lebih baik mencegah daripada mengobati bener teu.

Bu Nining : Entos-entos. Geuning kalah ngomongkeun jalmi didieu? Rek ngarumpi ta rek balanja.

Bu Marni : Urang teu jadi meserna.

Bu Nining : Nya entos, bu ieu jadi meser henteu?

Bu lastri : Urang geh teu jadi bu, punten.


Bu Nining : Lah kumaha ieu, malah teu jadi. Ahh sebel. Naha kitu, seuri pisan, bahagia?

ADEGAN 6

Pak Aris : Duh,kumaha yeu! Duit beak, pedagang pasar teu hayang barayar. Kumaha nya?! Duh! Sial
pisan hirup teh. Oh, enya! Hahaha urang kan boga budak sialan eta.Dipikir pikir mun dijual laku baraha
nya?? ( Virgo datang ) Eh! budak sialan! Kadieu maneh!

Virgo : E-e-nya, Pa. A-a-ya naon?

Pak Aris : Maneh hayang berbakti kan ka Bapa?

Virgo : Enya, pa. Emangna aya naon?

Pak Aris : Ayeuna maneh milu jeung Bapa.

Virgo : Kamana, Pa?

Pak Aris : Cicing! maneh mah dibageuran malah loba nanya! geuwat milu jeung Bapa! ( sambari narik
Virgo)

Saentosna, Pak Aris narik paksa lengeun Virgo terus ngabawa ka suatu tempat..

Virgo : Ema! Ema! Tulung Virgo Ma!

Bu Emi : Virgo? Maneh kunaon a?

Virgo : Bapa, Ma. Bapa........ ( sambari ceurik )

Bu Emi : Naha a? Naon nu Bapa lakukeun? Naha virgo ceurik?

Virgo : Bapa, Ma. Bapa Rek ngajual virgo. Ma

Bu Emi : Astaghfirullah! Bapa maneh katerlaluan! Virgo mending cicing didieu jeung Rasi.

Ayeuna tenangkeun diri virgo heula.

Virgo : Enya, ma.

Pas virgo kabur ka rompok Bu Emi, Pak Aris ngamuk-ngamuk di pasar.

Pak Aris : Dasar Teu nyaho diuntung! Naha malah kabur! Kumaha urang rek menang duit mun kieu
carana?

Bu yanti : Heh, Pak! Anak sorangan disebut kitu!

Pak Aris : Cicing maneh! Apal naon maneh! Ulah ikut campur!
Bu yanti : Lainna ikut campur nya. Tapi kumaha deui. lain rahasia deui mun Pak Aris teu
BERPERIKEAMUSIAAN!! Ka anak sorangan kos kitu! Rek dijual?!! Bapa macam naon kos kitu!!

Pak Aris : Geus wani nya maneh!

Bu yanti : Urang geus teu sieun ka maneh, bener teu. Bu?

Pedagang lain : Bener, Bu!

Babaturan virgo datang..

Fatimah : Punten Pak,.. bapak..

Aisyah : Hih.. Bapak teh bapana si virgo lain?!

Aries : Mun enya, rek naha?

Fatimah : Abdi mireung, Bapak sering nyiksa virgo, teras kamarin abdi mireung Bapak bade ngajual
Virgo.

Pak Aris : Terus naha? naon urusanna jeung maneh! budak letik ulah ikut campur urusan kolot.

Aisyah : Urang teh babaturan si virgo, Urang karunya ka si virgo. Henteu jiga bapa, aning bapana
geuning rek ngajual si virgo, emang barang?

Pak Aris : Heh! wanian maneh ka urang! Urang penguasa dikampung ieu, kabeh tunduk ka urang.

Aisyah : Pak Aris nu terhormat, emangna bapak Tuhan? Emangna bapak jalmi bener? Emangna pa
aris kolot abdi? lain kan? Bapak teh bapana Virgo.

Fatimah : Bapak kandung Virgo. Bapa nu kuduna ngalindungan si Virgo, lain malah nyiksa, jeung
nyarekan bae tiap poe.

Pak Aris : Si itu na bae nu teu becus, ngurus imah bae teu bisa. Ngalalayah! pagaweanna ceurik bae
tiap poe.

Aisyah : Kumah teu ceurik,.. Virgo teh sieun tapi karunya ka bapak. Bapak pagaweanna cuman umak
amuk teu jelas, nyiksa virgo, mabok-mabokkan, beuki malak. Emang bapak teu sadar? Dosa bapak teh
geus sagunung. geus jangkung jeung lebbaaaaarr..

Fatimah : Sadar Pak, tobat saacan terlambat. Allah Maha Pengampun kanggo nu bade bertobat
sungguh-sungguh.

Aisyah : Entoslah, urang indit wae, meh mikir.

Terus Pak Aris ngarenung ka sadaya parbuatan nu geus di lakukeun.


Pak Aris : Ya Allah.... ampunkeun hamba. Maafkeun hamba nu teu bisa jadi imam nu bageur kanggo
istri abdi bareto, teras ampuni abdi sabab teu tiasa jadi bapa nu bager kanggo Virgo ya Allah. Ampuni
abdi ya Allah...

ADEGAN 7

Pak Aris : Virgo... Virgo... Kaluar a. Ageh kauih.

Bu Emi : Bade naon deui ka dieu kang?! Bade mawa Virgo deui i? Abdi moal ngalepaskeun deui
virgo, cukup akang nyiksa Virgo.

Pak Aris : Henteu Emi, pirengkeun akang heula. Akang tos bertobat Emi, a-a-kang nyesel...

Bu Emi : Cukup! Ulah ekting! Emi tos apal tipu muslihat akang!

Pak Aris : Henteu Emi, Akang benar-benar tobat. Virgo kadieu A,. kadieu..

Virgo : Enjah! Bu, Virgo sieun.

Pak Aris : Dieu A, Hampura Bapa. Ageh uih a....

Cicing cicing Virgo nyandak peso terass ...

(jleb)

Pak Aris : Virgo (ngarintih kanyerian)

Bu Emi : Virgo, itu bapa aa, sadar a....

Virgo : Henteu Bu, eta teh jalmi jahat! Entos pa.. Virgo tos teu percaya. Mending bapa maot bae!

Anda mungkin juga menyukai