Anda di halaman 1dari 26

NASKAH KABARET

LALAKON “NGEUSI KAMERDEKAAN”

BABAK 1

(lampu pareum)

(Dimimitian ku music instrument sunda di sambut ku narasi bubuka kabaret)

NARASI

(dipirig music)

“Kacatur di SAlAH SAHIJI kampung , anu kasebat kampung mekarsari tengah, kaayaan nyecep tiis
hawa gunung, hejo lemboh dangdaunan ,rajeugna tatangkalan, curcor cai nu harerang…….(JEDA
MUSIK)

“Kacarios di hiji rohangan imah, aya hiji pamuda istuning anteng diuk bari maca buku”

PROLOG (IYAN)

“Nami kuring Iyan, kuring salah sahiji pamuda di kampung mekarsari ieu. Emmh… kieu-kieu ge kuring
mah boga cita-cita , hayang guna jeung mangfaat ker balarea”

(music ereun)

Iyan

“Aduh enyaan salut ku para pamuda baheula, demi melaan kamerdekaan hayang bebas jajahan teh
nepi ka toh pati jiwa raga.

Tah ieu yeuh nu keren..

Peristiwa rengasdengklok, 16 agustus 1945

Pamuda ngadesek pak karno nepi ka nyulik anjeuna supaya di gancangkeun ngaproklamirkeun
kamerdekaan, kulantaran posisi jepang keur eleh di perang asia pasifik .

Emmh ..

Kumaca sejarah nage gening, para pamuda teh boga andil gede, pikeun kamerdekaan bangsa Indonesia.
Sakapeungmah sok sedih sorangan ninggali pamuda ayeuna , nya termasuk kuring sih .

Tong boro bajuang milu perang ngusir jepang, sakalieun di titah meuli gas ge meni kukulutus”
(sora gegedor)

Taufik: “yaaan ! (bari terus gegedor)”

Iyan: “Euy , keula sakedeung “ (cengkat nendeun buku ka sisi)

Taufik : “yaaan ! (bari terus gegedor)”

Iyan: “heu.euh keula”

Taufik (gegedor pola takbiran)

Iyan: “itu itu kalah tatalu si weweleuk

(Panto di buka)

Iyan : “suganteh saha si opik gening”

Taufik: “Euuh di gegedor teh teu nembalan wae”

Iyan : “ Nembalan tatadi ge , da moal kadenge atuh, maneh nage make hedset”

Taufik: “ Dek nanahaon ngahurungkeun jenset?”

Iyan: “Hedset siah eta buka jurig “ (bari nyabut hedset sabeulah )

Taufik: “ Aeh heu.euh sori poho euy haha” (bari nyabut deui sabeulahna ku sorangan)

Iyan : “ kalah seuri ,Sok herman aing mah , aeh heran…..

kadieu asup ”

(Taufik asup langsung diuk)

Iyan: “Timana maneh opik ? “

Taufik: “ Ari asli mah ti bekasi , ngan pedahwe didieu cicing jeung emang”

Iyan : “heu.euh apal, Lain eta maksud aing mah , maksud teh ges timana eta ngagedik ti wetan?”

Taufik: “Oh ieu ges meuli parab manuk ti haji juned, sakalian we nyimpang kadieu teh bari rek
ngabejaan yen ayeunateh rek di ayakeun rapat karang taruna, ngan poho euy uleman maneh
katinggaleun diimah ”

Iyan: “ rapat karang taruna? Kakarek apal kuring mah , mun titatadi ngabejaan teh , ieu mah gs dekeut
deukeut kakara nyamper

Taufik: “ nyeta poho urang teh , bisi rek nempo uleman mah ieu we nu urang aya da sarua lah”

Iyan:” mana cik nempo uleman maneh”


Taufik:” yeuh…( bari ngaluarkeun uleman)”

Iyan:” undangan rapat karang taruna ,Kepada W.TAUFIK.WWW di tempat, eh naha make jeung
W.TAUFIK.WWW?

Taufik:” Apan ngaran urang sateh”

Iyan:” ngaran maneh? Asa aneh , piraku aya ngaran W.TAUFIK.WWW?

Taufik:” heu.euh singkatan etateh, ngaran kuring teh panjang , jadi weh kudu di singkat , mun di
sebutkeun kabeh mah moal cukup 2 jajar”

Iyan:” naa ngaran maneh saha kitu sabenerna?”

Taufik:” yeuh bisi haying apal mah , ngaran kuring teh W.TAUFIK.WWW mun di panjangkeun WABILAHI
TAUFIK WALHIDAYAH WASALAMUALAEKUM WARAHMATULLOHI WAbAROKATUH”

Iyan:” Massaalloh eta ngaran nepi ka panjang kitu, tara kagok kolot maneh pik mere ngaran, boa
buburnage lain bubur bodas bubur bereum , bubur si ojo nya?

Taufik:” na sateh kamana karep weh”

Iyan :” da heu,euh atuh, jeung eta deuih naon nu di gagandong tatadi kumaneh”?

Taufik: “ Ieu? Gitar...”

Iyan: “Hebat euy ayeunamah boga gitar”

Taufik: “Alah bubuhan ieu ge, gitar meunang hadiah dina lomba”

Iyan : “Miluan lomba naon maneh euy bisa meunang kitu”

Taufik: “Lomba lari”

Iyan : “ lomba lari? hebat oge maneh ,jeung bisa meunang deuih .., ges ngelehkeun saha wae lomba
lari teh?

Taufik: “ ieuuh Kuring teh ges ngelehkeun pulisi, warga sekitar, jeung nu boga gitar “

Iyan : “ Har ari maneh etamah ngabangsat atuh opik , sok piomongeun wae kalakuan teh”

Taufik: “heuh ges ulah gujrud ah era ..”

Iyan:”Heu.euh gera robah pamadegan teh ulah kitu wae,kamana karep we, angguran mah mempeng
ngora keneh heug nyobaan usaha , kanu naon we atuh”

Taufik:”nya ari rencana usaha mah ges di fikiran ti tangeh keneh ge , kuring teh hayang muka ruko,
maneh bisi rek miluan mah hayu ”
Iyan:” nya hayu pisan,kabeneran hayang urang ge miluan bisnis,emang urang miluana kumaha?”

Taufik:” Nya kieu , kuring teh rek rencana muka ruko , teu kudu ribet , ngan butuh linggis jeung lumpat
gancang hungkul”

Iyan : “Lailahailallah opik, ari maneh cageur?hanas didengekeun, Ges kotor tah fikiran teh maneh ,
sagala rupa cara di halalkeun kade omat ah gera eling, jadi pusing ka aingna ge ieu teh,

mening ge urang hiburan welah , cing kaluarkeun, nempo gitar teh dari pada di gagandong wae mah ”

Taufik: “ Oh siap atuh (bari ngaluarkeun gitar), yeuhhh

Iyan:” Alus euy gitar teh merek yamahdar

Taufik:” Naon yamahdar? Yamaha…., yamahdar mah lanceuk si ai atuh”

Iyan:” ehhh ari taeun teh , soksok buru gera paenkeun lah”

Taufik” sok dek request lagu naon?

Iyan: “Ah naon we nu penting mah merenah, geunah kana ceuli”

Taufik: “ Lagu doel sumbang weh nya” (bari ngaluarkeun gitar terus dehem)

Awewe barau cikur

Geus darangdan model zaman jahiliyah

Make baju teu mararatut majarkeun modern tea

Make bujal di tempokeun sagala rupa

Lamun ngobrol jeung maranehna

Aya nu teu apal naon ari Tabung Gas !

Iyan: “ heup heup, na jigjig kana tabung gas, sok kamana karep lagu teh”

Taufik :” nyeta poho deui lirikna kuring teh,naon we nu kaciri sebutkeun, nyageus urang ganti wenya ku
sunda gelenyu, tenar yeuh lagu teh ti almarhum ”?

Iyan: “ almarhum haji darso? Heu.euh bener garenah laguna teh da ”


-intro curug cinulang-

DI CURUG CINULANG…

BADAK BISON NAREMBONGAN..

Iyan: “ heup heup siah gelo ?, palias teuing siah make jeung badak bison narembongan

Taufi:” Lain euy ngadadak parohonya deui lagu teh”

Iyan:” heu.euh pohoge ulah maksakeun sateh kamana karep weh , kumaha mun kurunyung kadieu”

Taufik:” keun bison mah kuateun keneh , asal ulah lising we nu ngurunyungna, nyageus urang
dangdutan welah rada bray bray inget ari dangdut mah..”

Iyan:” kuma maneh welah”

Taufik: (dehem)

~~intro keloas~~

KELOAS MAJU KA LOHOOOORRRRRR!!!

~~~~~IYAN AMBEK NGIBING SILAT~~~~

Taufik:” engges gellooo ( bari nyurungkeun iyan)

Iyan:” pusing atuh da eweuh nu bener maneh mah ngalagu teh, hayang hiburan teh kalah beki stress,

Hayu hayu indit pusing aing mah”

Taufik:” itu kalah aambekan si iyan keula atuh salagu deui”

Iyan:” ah eweuh buru hayu”


BABAK 2

KACARIOSKEUN HIJI KELUARGA ANU ESTUNING JAUH DINU KATA MAKMUR.

ISTUNING HIRUPNA DI LIMPUDAN KU REBU REBU KABINGUNG ,KU MANGPIRANG PIRANG KASUSAH,
TAPI SOK SANAJAN KITU, MANEHNA ESTUNING TUMARIMA KANA KADAR, NAJAN SAREBU DI PAKE
BUNGUNG, SAJUTA DI PAKE ARAL, TETEP ANGING MANTENA ANU NANGTUKEUN KAHIRUPAN
MANUSA NYAETA ALLOH SUBHANAWATA ALA…( JEDA MUSIK)

TEU LILA KADENGE HIJI CARITAAN TI PAMAJIKANA ANU TEU WELEH NGUPAHAN KANU JADI SALAKI
POKNA:

(Diiringan music)

(keur nyeuseuh)

Ati:” emmhh meni kabina bina teuing, rumah tangga geus 20 tahun , meuni teu kabeuli mesin cuci mesin
cuci acan, unggal poe ngan ngagusruk we nyeuseuhan , lila lila mah legeun aing the tinggal sajengkal we
mereun.. (music ereun)

Jaba bobolokot kieu deuih saragam teh, aeh aeh na geus gugulingan dimana nya ari salaki aing?

Make jeung aya kabel kupling dina kerah , sok aneh aneh wae. Jaba puihh ni meledek kieu saragam teh
bau pepetasan , boa salaki aing sok ngahakanan bubuk mesiu…

(Rohman asup di pirig lagu janda bodong bari jojogedan)

Ati: “Isuk keneh ges rarangkadakan kitu eta si ayah”

Rohman: “Ehhhh apan ayah rek dines ayeunateh, ngajaga pertahanan Negara, jadi kudu sumangeut,
matakna saacan indit kudu di dooping heula ku music seleborr…”

Ati: “selebor selebor weh, teu pararantes tea ah, Kudu inget tah kulit ges lalogor .”

Rohman: “Ehh logor soteh ayeuna, ges di usap mah geura sereug deui”

Ati: “meni Sarebel teuing ah eweuh kaera kolot teh, jeung eta deuih lagu teh selebor belah mana na ? da
eta mah lagu ngadoakeun maot”

Rohman:” aeh aeh naon make jeung ngadoakeun maot?”

Ati:” Eta we pedah laguna (bari dinyanyikeun)

“Suamiku tergilas Damtreuk”

Rohman:”Palias teuing siah uti kam;ana karep we ngahebos teh”

Ati:”Jeung tungtungna deuih teu kaharti lagu teh”


Rohman:”Naa Kumaha kitu”?

Ati:”Make jeung (bari dinyanyikeun)

“Korban Poliponik”

Rohman:”Juriig siah! Geus ah ayah rek pamit heula rek ka kantor rw aya rapat karang taruna”

Ati:”Keula ulah waka pamit pamit aya keneh piobroleun”

Rohman:” Aya naon deui uti?”

Ati:”Lain aya naon aya naon , tuh kang ruslan kamari peuting kadieu nagih hutang urut maneh ceunah
nganjukan ka warung”

Rohman:”Aing mah teu nganjuk Ati , meuli, ngan engke di bayarna mun boga “

Ati:”heu.euh nganjuk etateh, sok angger kabiasaan “

Rohman:”Nganjuk mah di jawa”

Ati:” eta mah Ngaran daerah wereu, ari maneh cageur ayah? Sok kabina bina teuing. Ieuh dengekeun ka
ayaan urang teh hereut pakeun pungsat bahan lieuk eweuh ragap teu aya , tongsok nambahan wae
kapusing “

Rohman:” aeh aeh ai taeun teh,aing mah nambahan hutang lain nambahan pusing”

Ati:” Heu.euh sarua ,naha teu era nganjukan wae , kandel kulit bengeut siah”

Rohman:” Alus keneh kandel kulit bengeut mah, tibatan ipis, di sibengeutan dua kali ge beak bengeut
aing”

Ati:” Dasar teu eling”

Rohman:” Jeung eta deuih si kang ruslan, jaba nganjukeun , jaba nagih, eweuh ka era pisan”

Ati:” maneh nu eweuh ka era mah, ieuh dengekeun . si ujang teh can mayar sakola 3 bulan, jaba
sakeudeung deui ujian , kudu mayar mereun meh bisa milu ujian”

Rohman:”Heu.euh atuh ulah ngaguguteuing pihak sakola”

Ati:” Ulah ngagugu kumaha ? da ges katentuan nana, dasar teu eling, ieuh cing rada di perhatikeun
sakola budak teh , meh pinter. Peupeuriheun mah aing indungna teu bisa maca maca acan , buta hejo
aing teh”

Rohman:” Buta huruf siah uti “

Ati:”Heug perjuangkeun budak teh nepi ka lulus, nepikeun ka meunang ijabah”


Rohman:” Geus geus siah beuki ngacapruk we kamana karep, da aing ge lain teu merhatikeun , matak
daek kikieuan ge, milu berjuang aing teh ker si ujang, sarua ari kahayang mah si ujang teh sakola nepi ka
luhur sugan sugan asup perguruan tinggi nepi ka jadi suryana.

Ati:” Sarjana ieuuh meuni eweuh sahijieun gusti”

Rohman , :

Rohman:” Nya geus atuh moal beres beres ngabahas wae duit mah, angguran sia teh du.a keun aing
sing lancar usaha,kudu loba narimakeun ,tuh tinggali mang ewon , sangsara leuwih ti urang , hutang
loba , tapi tara kukulutus jelemana teu weleh we seuri , nyaho nyaho maot weh “

Ati:”Astagfirullah haladzim,ari maneh cageur ayah? Di doakeun mah di doakeun ieuh, ngan tara di
ijabah , da maneh kanu kitu wae, sok masang nomer sia teh nya ? matak pidorakaeun”

Rohman:” aeh aeh iraha? Iraha aing sok meunang?”

Ati:”salaki teu eling ,asa kabina bina teuing, jeng eta deuih ku ayeuna , beas mararahal , sembako beuki
naraek ,kari kari salaki teu digawe , kalah kitu we jadi butiran hancip ”

Rohman:”rupina butiran debu etamah uti, laguna si tumor, namaku hancip”

Ati:”Gandeng siah ah “

Rohman:” Maneh deui atuh, tapi da jeung enyana, harita taun 80, boga duit 1000, nangkring di pasar
baru, bisa meunang calana, kaos, jeket, da ku ayeunamah moal bisa”

Ati:”heuh naha nya?”

Rohman:” heu.euh hese ayeunamah loba CCTV” pusing atuh da”

Ati:”menang kitu ngaracun salaki jiga kieu? Dasar teu uyahan”

Rohman:” Geus atuh ah moal indit indit atuh pasea wae mah , ges di tungguan ieu ku pak Rw “

Ati:”jor wae ah , kade ulah peuting teuing keu.eung diimah , duaan mah”

Rohman:” heug atuh assalamualaikum”

(diiringi music)
BABAK 3

NARASI

“KACARIOSKEUN DI HIJI WANGUNAN ANU SOK BIASA DI PAKE GEMPUNGAN, ATAWA MUSYAWARAH
NYAETA KANTOR RW , KATINGGALI SABABARAHA URANG AWEWE ANU KEUR MAREJEUHNA .
MARANEHNA KATINGGALI KEUR NGAROBROL NYAWALAKEUN MASALAH GEMPUNGAN PIKEUN
NANGTUKEUN MASALAH NGEUSIAN KAMERDIKAAN, ANU SABAN TAUN SOK DI PIELING KU KABEH
MASYARAKAT SA INDONESIA.TERMASUK DI CIKAREES TENGAH RW 22.

TEU KUNGSI LILA KADENGE SALAH SAHIJI TI MANEHNA NYARITA ”

Neni:”Eh gening can aya sasaha enok? Isuk teuing kitu datang teh?” (

Enok:”Lain isuk teuing nenii,apan geus biasana ti baheula ge, barudakmah sok ngalaret.”

Icin:” Enya icin mah heran, ti baheula asa teu robah-robah,pasti ngaret, kudu nage arurang nya nu
ngaret teh .Acan kudu di haselin, kudu di wedak, bet ngagambar halis ge kudu dua minggu wae mah”.

Neni:”Na ni kamalinaan ari taeun teh”

Enoh:” Tapi da jeng enya na , marukana kumaha perjuangan hayang glowing teh”

Icin:”Tibatan glowing , maneh mah kalah belengar enoh”

Neni:”aduh ampun , belengar teh hinyai mereunya, maksudnateh”

Icin:”Tapi bener ketang, si enok jadi bodas ayeunamah, naha bet bisa kitu, make naon maneh enok?

Enoh:”Ari enoh mah da rumasa turunan hideung , jadi hayang bodas kieu teh kudu make obat, nyaeta
pemutih tea”

Neni:”Anu cream siang malam tea lain? Cenah mah kudu megar heula kulitna hayang bodas teh”

Enoh:” Enya nukitu , megar eta teh namana proses menghilangkan kulit mati”

Icin:” tah icin mah can pernah nepi ka proses megar kituteh, pasti we kaburu beak creamna”

Enoh :” Atuh hambur make na maneh mah icin, ieu sedikit tips di miss enohnya, mun hayang teu hambur
cream, jeng megarna alus , makena ulah jiga haseline biasa , kuliringkeun yeuh ti dieu nepi kadieu, terus
we kurilingkeun tah sakuliling ieu ges megar tinggal betot kaluhur kumaneh icin”

Icin:” euhh hanas di dengekeun manemah enoh”

Neni:”teuing si eta mah,aya aya wae. Eh icin cenah maneh dek di tuluykeun sakolateh ka perguruan
tinggi”?
Icin:” Nya mudah mudahan we , kapareng aya milikna mah, bade icin teh di tuluykeun”

Neni:”Kade we icin, kuliah teh, ulah nepi ka salah jurusan”

Icin:” nya pasti atuh neni, icin ge da alim, nepi ka ereun di tengah jalan mah, gara gara salah jurusan”

Neni:” lain kitu pangpang namah bisi nyasab icin teh”

Icin:” keula naha make jeung bisi nyasab, asa bingung icin”

Neni:” nya ayeuna kieu , misalkeun icin bade kuliah ka UPI,ulah nyandak jurusan ka ciparay”

Enoh:”euh ieu mah kalah kamana karep, hanas di regepkeun”

Icin:” ieu teh meni kamarana nya teu daratang wae”

Neni:” Ah apal si icin mah, gs teu kuatnya hayang gera panggih jeng si jono?”

Icin:” Meni teu hararayang teuing ka si eta, ker bontongorteh, jaba hideung si eta mah, jigana mun di
pakekeun pemutih, ti batan bodas mah, kalakah biru dongker si etamah

Enoh:”Kuat ka bebeakan kitu si icin , kitu kitu ge fans berat maneh , setia ti baheula”

Icin:” Fans nanahaon ah, nu aya ge ngaganggu si eta mah, kalah ngaheureuyan weee”

Neni:” Tuh gening, kakarek ge di omongkeun , gs kurunyung jelemana”

(Tata jono asup di pirig lagu)

Jono:”Kamarana jelemateh gening can… eh tos aya nu gareulis (bari menerkeun buuk) aya neni, enok
jeung si mbeb ( bari ngusap gado icin)
Icin:” Geuleuh siah jono make jeung kikituan,jaba gumasep deuih, make ngomekeun buuk sagala”

Jono:”Da ngomekeun motor mah lila teuing atuh icin”

Icin:” Teuing ah barinage rek naon atuh kadieu”

Jono:” eh ari icin apan akang beb teh sarua kadieu rek milu rapat “

Icin:” Beb beb weh , beb teh beban maneh mah …”

Tata:” Geus geus jono atuh ni maksakeun, karunya tuh bisi kaganggu , der balalik deui”

Jono:”Cicing lanan , kuring mah moal nepika menyerah, mendapatkan cinta si icin, everything is gona be
allright, geus we bae icin , teu kudu lah nyubut ka akang mbeb, subut we akang say”

Icin:” heu.euh say teh sayton siah”


Tata:” eta jeung ku sagileuk sagileuk deuih si icin, bisaan, cik icin jelaskeun atuh ka si jono, hayang boga
kabogoh teh nu siga kumaha? Ari didieu mah rekomendasi pisan ka sijono , si ieu mah bener bener
jomblo.”

Icin:” jomblo?Terus?”

Tata:” Terus we jomblo si eta mah”

Jono:” euh sia mah lain kadua mantuan (bari ngadegungkeun)

Icin:” Pokona ieuh dengekeun nya jono , icin mah, ker teu hayang kasasaha , rek jomblo, rek bageur ,te
percaya lah lalaki mah sarua kabeh.

Jono:”Har ituh ari icin, make jeung lalaki sarua kabeh, piraku pa habibie di saruakeun jeung yonglex?”

Icin:”Ah teuing pokonamah, icin mah teu hayang ka lalaki, salian ka si dilan”

Jono:”Tah ieu yeuh contona korban media teh, na teu ngarasa maneh icin? Make jeung dilan sagala,
ieuh ku logika weh , piraku taun 90an aya nu ngarana dilan?, palingge jajang, koswara,solihin , ieuh
paling banterge ade gareng”

Tata:” Heup heup siah jurig, kumaha mun kadengeun ku jinisna, salaku pamingpin maneh nateh, kudu
hormat, jaba rek nyawer maneh nateh, kumaha mun bedo , duh punten nya reeng “

Jono:”saruana sia mah ah”

Tata:” duh neni, icin enok hampura nya sing ngamaklum, da gening ges benang cinta mah, sok ka
edanan jelemateh”

Enok: nya teu nanaon a, ken bae da kumaha deui, kangge a jono sing sabar we nya, kalem ulah sieun da
ceuk paribasa kolot ge, jodo mah moal ka maneh”

Jono:” moal kamana mereun enok ah, jadi pusing ka aingna ge, kabaret nanahaon ari ieu ?”

Neni:” Tuh gening nu di antos antos teh, ges daratang ningan”

Tata:” Hayu hayu atuh urang buru buru, gera sariap siap euy
BABAK 4

HANYA NARASI DALANG

“KACATURKEUN DINA RAPAT NU DILAKSANAKEUN DI KANTOR RW IEU, NYAETA RAPAT PIKEUN


NGABAHAS NGEUNAAN PANATA CALAGARA PIKEUN MAPAG POE KAMERDIKAAN REPUBLIK
INDONESIA.

RAPAT DI PIMPIN LANGSUNG KU KETUA KARANG TARUNA , DI SAKSIAN KU KETUA RW, KETUA RT,
SARENG PARA PEMUDA ANGGOTA KARANG TARUNA.

KUKITUNA RAPAT LUMANGSUNG LILA, LOBA PRO JEUNG KONTRA ANTAR PEMUDA JEUNG PIHAK
SEKRETARIAT RW,NYAETA CUKANG LANTARANA NGEUNAAN USULAN PEMUDA ANU HAYANG
KAGIATAN IEU TEH DI PAPAG SAMERIAH MUNGKIN , ANU ANTUKNA PADUNGDEGAN TEU BISA DI
SINGKAHAN DEUI…

~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~
~(SORA SORA RAME PASEA RAPAT )~

~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~``

TAPI… AKHIRNA RAPAT TEH MENANG JALAN KALUARNA, BISAAA…PARA PAMUDA NGEUSI
KAMERDEKAAN KU CARA MERIAH,BISA NAMPILKEUN RUPA RUPA PAGELARAN, NGAN…. KUDU
SAIMBANG UNSUR NU DI TAMPILKEUN , JEUNG KUDU NGEUNAAN KANA KAGIATAN ANU POSITIF.

KUKITUNA, HASIL GEMPUNGAN MUSYAWARAH TEH GES AYA KAMUFAKADAN, NYAETA PIKEUN
NGAMAJUKEUN KASENIAN NU AYA DI DAERAH SORANGAN:

ATUH KUKITUNA PANITIA MULAI SIBUK NGALAKSANAKEUN RUPA RUPA KAGIATAN,

TIMIMITI NGUMPULKEUN DANA NEPIKEUN KA NGURUS PERSIAPAN PAGELARAN

~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~`

“TAH KUKITUNA, GENING… MAJUNA HIJI NAGARA ATAWA DAERAH TEH HENTEU NGAN UKUR
GUMANTUNG KA PIMPINAN HUNGKUL, TAPI KUDU NGAHIJI, ANTARA PAMINGPIN JEUNG
RAHAYATNA, BOH DINA PANGWANGUNAN,CONTONA : PAMINGPIM ULAH NGAN UKUR BISA
MARENTAH HUNGKUL, TAPI KUDU BISA MERE CONTO KA MASYARAKAT. ATUH SABALIKNA ,
MASYARAKAT OGE , ULAH UKUR NGANDELKEUN KA PAMINGPIN HUNGKUL, CONTONA: LAMUN
URANG NINGGALI DI PAKARANGAN IMAH AYA PAGEUR RUNTUH OMEAN KUSARANGAN, ATAWA
NINGGALI PAGER DI BALE DESA ATAU DI KANTOR RW TEU KUDU NGADAGOAN DI PARENTAH , SOK
OMEKEUN BARI NGALIWAT.AYEUNA TINA KASEHATAN NANA ,MICEUN RUNTAH ULAH ASAL LUNG
PICEUN KA TEMPAT ANU GES DI SADIAKEUN, KOMO MAKEJEUNG MICEUN KA CITARUM MAH, ANU
ANTUKNA URANG KENEH ANU BAKAL KATEMPUHAN NYAETA BANJIR TEA. BOH OLAH RAGA,
CONTONA: KUDU DAEK NGAGIATKEUN KA PARA PEMUDA . OGE TINA KASENIANANA. KAHAYANG TEH
PAJUKEUN HEULA SENI NU AYA DI WEWENGKON URANG, IEU MAH NGAN UKUR KAHAYANG……

TERUTAMA DINA AGAMA NA..

~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~

JADI INTINA ARI PAMINGPIN TEH KUDU BISA NAPAK SANCANG, KUDU BISA NERUS BUMI, JEUNG
KUDU BISA NGAPUNG. ARI HARTINA NAPAK SANCANG LAIN LEMPANG NA LUHUR CAI, TAPI KUDU
BISA NINCAK DINA SAGALA GOLONGAN, ARI NERUS BUMI, LAIN KUDU ASUP KAJERO TANEUH, TAPI
KUDU BISA NELEUMAN KAHAYANG MASYARAKAT, JEUNG BISA NGAPUNGNA PAMINGPIN LAIN
KAKALAYANGAN KAWAS MANUK, TAPI KUDU BOGA CITA CITA ANU LUHUR PIKEUN NGAMAJUKEUN
IEU DAERAH…

TAH KUKITUNA , TAPI PUNTEN … KA PARA PUPUHU LEMBUR HAYU URANG BABARENGAN
NGAMAJUKEUN IEU DAERAH, ULAH TEPIUKEUN KA AING AINGAN, NU TI KALER BANGBLAS KA KALER ,
NU TI KIDUL BANGBLAS KA KIDUL, NU TI WETAN BANGBLAS KA WETAN. ATUH MEREUN MOAL BISA
NGAHIJI ARI KITU CARA NAMAH SABAB MAJUNA DAERAH TEH KU NGAHIJI ANTARA KUBU JENG
KUBU.. (JEDA MUSIK)

POE KAGANTI KU MINGGU, LEUNGIT MINGGU DATANG BULAN, ANTUKNA TEPI KA WAKTU ANU GES
DI TANGTUKEUN

SINGKATNA CARITA

DI SALAH SAHIJI TEMPAT PENGGALANGAN DANA , HIJI PANITIA NUJU NGENCLENG SISI JALAN.
KUSABAB IEU NGENCLENG TERAKHIR, PANITIA NU SAWAREH NA DI BAGI BAGI TUGAS PIKEUN
NGURUS PAGELARAN, AYA NU NGADEKOR , AYA ANU NGATUR LIGHTING , AYA DEUI NU
MASANGKEUN TENDA , JEUNG SAJABANA .MALAHAN OGE KATINGGALI SAWATARA BARUDAK AYA
OGE NU NGAN UKUR KUKURILINGAN OCON BANYOL.

KATINGGALI TI KAJAUHAN SI PIAT KADITU KADIEU BARI MAMAWA KENCLENG . CEUK GERENTES
HATENA

~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~
BABAK 5

Piat:” Lumayan oge ngencleng poe ayeuna, abong terahir, kakarek ge 2 jam, geus meunang sakieu,
mun di paratkeun nepi sore jigana kabeuli ojeg.

Euhh hanas di kencleng sugan aing mobil angkot, Mobil remot sing horeng teh nurustunjung

~sora mobil tarik~

~sora motor gp~

(Piat:”motor nanahaon eta”)

~sora robot transformer~

(piat:”na nya asa rarame kieu jalan teh)

~sora gajah~

Piat:” Heup heup, kamalinaan siah opleter,kabina bina teuing, piraku di cikarees aya gajah? ”

(asep , ujang, asup ka panggung)

Asep:” Jang ,jang tinggali itu si piat kr naon”?

Ujang:” saha?”

Asep:” Itu si piat kr naon?

Ujang:” emmh ni bau siah sungut teh”

Asep:” naa sateh ni jujur”

Ujang:” da eta barang hakana atuh da, matak ngadahar runtah teh cik pasak heula”

Asep:”aaahh maneh, hayu urang samperkeun

Ker naon maneh piat sosoranganan di jalan ?

Ujang:” Ahh curiga dek nenggarkeun maneh ieu mah”

Piat:” Kamana karep we ngomongnateh, ieu urang teh kr ngencleng”

Asep:” ngencleng naon ari maneh?”

Ujang:” tah ieu yeuh cek aing ge islam nu tar aka masjid teh”

Piat:”Naon hubungana sia teh ngencleng jeung islam nu tara ka masjid?”


Ujang:” yeuh dengekeun , batur ge nu ti masjid mun mawa kencleng, minimal etateh kudu make mobil
keri jeung mawa proposal”

Asep:” kamana we si eta mah ngomongnateh, kumaha mun kadengeun ku ustad”

Piat:” Tapi da jeung enyana, tah ieu contona agama urang teh, ges ka bumbuan negatif, ku oknum
oknum tertentu, tapi wallohualam , mudah mudahan we jujur di parake bener”

Asep:”heu.euh sieunateh eta jadi kedok, modus, nyaeta penipuan tea”

Ujang:” Na sateh jeng boga fikiran kitu? Etateh ker ka masjid, doraka siah make jeng nganggap nipu”

Piat:”heu,euh keula dengekeun heula,kieu yeuh, pribadi kuring mah selaku sarua muslim, ninggali
tindakan maranehna menta sumbangan make mobil, komo deui make pengeras suara ka jalan, asa teu
pantes kacirina, etateh jadi tampilan anu kurang elok mun ninggali kana kaluhuran jeung ka agungan
agama islam. Apan islam teh ngajarkeun nilai nilai tangan di atas , lain tangan di bawah, memberi
bukan meminta sanajan atas nama apapun.”

asep:” tapi bener ketang ku kitunamah , nya intinamah balik deui ka niat urang, lain harti ulah sedekah,
komo deui eta kr masjid, nya sanajan silih sangka bisi kamana nepi namah , niat urangna we sing
panceg niat sedekah. Nya meh jelasnamah ke urang tanyakeun deui ka pa ustad bisi salah ngomong”

Ujang:” heu.euh bener euy, eh naha kalah ceramah ieu teh, apan urg teh rek nanya maneh ngencleng
ker naon?

Piat:” Heu.euh ieu teh ker penggalangan dana jang acara mieling ka merdekaan Indonesia”

Ujang:” Lah kacape cape palingge menang sabaraha dina ngencleng

Piat:” nya da ieu mah lain prioritas utama penggalangan dana, hampuranya da ieu mah samata mata
ngan jadi ajang kakompakan hungkul kr panitia.

Asep:” oh paingan atuh da asa teu mungkin ari bisa ngayakeun pagelaran ngandelkeun ku ngencleng
hungkul mah”

Ujang:” nya kaharti ari kitu mah, sep sep kaciri teu kumaneh itu?

Asep:” Naon?”

Ujang:”Itu tinggali aya awewe geulis”

Asep:”mana? Anjirr heu.euh siah itu deleu ujang, bemperna euy”

Piat:”Naaa kadon kana kararitu wae “

Ujang:” lain bener nya euy , kuat ka seseg kitu eta kotak pos”

Asep:” Naon sateh make jeung kotak pos?”


Ujang :” heu.euh maksud teh eta gigirna aya kotak pos , meni ngeres weh fikiran teh”

Asep:” mun dina mobil ,etateh Nissan juke , centang kitu piat”

Piat:”enggeuh siah gelo hayoh weh”

Asep:” buru buru heureuyan siah ujang”

Ujang:” eweuh kawani maneh mah, cicing ku uing, baturan tapi”

Asep:” nugelo”

Ujang:” hei eneng , bade kamana ?”

Vanesha:”Abdi a?”

Ujang:” muhun eneng, nyalira wae bade kamana atuh?

Vanesha:” Bade ngontrek aa”

Ujang:”Bade ngontrek?,sep sep, maenya arek ngontrek?”

Asep:” alah salah denge mereun, soksok buru Tanya ngarana saha”

Ujang:”Aeh heu.euh atuh,dupi namiteh saha eneng”?

Vanesha:”Nami abdi? Vanesha enjel”

Asep:”Anjir, boa vanesa vanesa artist teh ieu siah sujang?”

Ujang:”Boa boa euy”

Vanesha:” Dupi nami aa”?

Ujang:”tepangkeun ah nami abdi ujang Delon”

Asep:” (seuri leutik) si owah”

Vanesha:”Dupi nu ieu?

Asep:” upami di percanten mah nami abdi teh, Armada”

Piat:” EUUUH AROWAH KABEH”


Asep:”Ahahaha deleu itu si piat, hayangeun mereu n sujang”

Ujang:” Ngajedog siah piat, eweuh kawani mah, ngencleng we kaituh maneh mah”

Piat:” sabodo teuing ah barinage, uing mah rek focus ngencleng”

Asep:” cik jang gombalan tea ningan gombalan”


Ujang:”Cicing tinggalikeun, eh neng vanesha , ari eneng dah lama?”

Vanesha:”Naon make jeung dah lama a?”

Ujang:” Dah lama cantiknya?”

Vanesha:” aaahhhhh si aa mah”

Ujang:” kenal sama si ai gak”?

Vanesha:” Ai saha ari aa?

Ujang:” Ai LOP YU”

Vanesha:” ehehehehek( seuri ngeberewek)

Asep:” Deuleu siah itu sujang nepi ka ngaberewek kitu seurina , bakat ku gemper mereun nya?”

Ujang:” cicing lanan acan yeuh, ari ceuk aa mah eneng, nami eneng teh pantesna sanes vanesha , tapi
dina”

Vanesha :” naha make jeung dina?”

Ujang:” nya pantesna dina, dinafkahin”

Vanesha :uuuaaaaakkkk ( bari jungkir salto)

Asep:” deleu siah itu sujang, piraku nepi ka jujungkiran kitu?

Ujang:” heu.euh aneh euy piraku bungah teuing kitu?, ari eneng naha bet motah kitu?”

Vanesha :” da abi teh terenyuh aa, gara gara aa ngagombress”

Asep:” ngagombal mereun eneng ah”

Vanesha :” aeh enya”

Asep:” tapi asa aneh euy, di sidik sidik tatadi eta awewe bitisna kuat ka gede kitu jaba kekeur deuih”

Vanesha:” si aa eta ninggal bitis eneng wae,reseup nya ageung.”

Asep:” ah henteu eneng, eta we pedah seseg katinggalna bitis teh”

Vanesha:”enya a, apan abi teh sok rajin olah rada matak ageung bitis ge”

Asep:” naha sok kana olah raga naon kitu? Zumba?

Vanesha:” sanes… AA BOKSER, sareng tarung gulat”

Ujang:”aa bokser siah asep , naaa gede kawani”


Asep:” keula ujang, asa curiga aing, kadieu 2 rek mere beja, tadi si vanesha pas jujungkiran, aya nu
murag na sakuna, cik ituh cokot”

Ujang:” mana?”

Asep:” eta hareupeun maneh, buru cokot”

Vanesha:” meni harewos bojong weh aa?”

Asep:” ah henteu neng,ieu nambut casan”

Ujang:” ieu sep, KTP gening

Asep:” kadieukeun, cing ngarana saha?, NAMA : TATANG TARYANA, nya siah ceuk aing ge sujang,
sireum kararangge etamah”

Ujang:” naon ari maneh teu ngarti?”

Asep:” cicing siah deleu ku maneh, eta lain awewe”

Ujang:” piraku lain awewe, demplon kitu”

Asep :” heu.euh deleu sidik sidik, emang si eta demplon, ngan hanjakal, rangka jeung blok mesin beda
nomer”

Vanesha:” eta naon aa?”

Asep:” Naon naon siah!, ngaku, ieu ktp nu maneh lain?”

Vanesha:” meni kasar aa, mana?

Asep:”teu ngaku awas siah , di laporkeun ka manga de gareng”

Vanesha:” eh ulah a, leres eta nu abdi”

Asep:” tah gening aya naon jeung manga de gareng? Make jeung sieun?

Vanesha:” ah henteu ah,enya leres ari kedah jujurmah saleresna name abdi teh, TATANG TARYANA”

Ujang:” aeh aeh , hanas aing ngagombal siah, paingan tatadi asa aneh ,piraku aya awewe bau manglid,
sing horeng ges nyugu kusen mereun”

Asep:” hayu siah buru buru kabur ujang, hayang di sogot maneh”?

Ujang” hayu hayu, asa katipo aing”

Vanesha:” ARRRGGGH !kadon kabur beul siah, puguh we aing teh kuda, make jeung nyogot , mimiti we
ngarayu , teu jentel lalaki teh , dasar bencong! By one siah! Na teu apal aing top global alukar? , awas
nepi kamana ge di berik siah!”
BABAK 6

“KACARITAKEUN DINA SORENA , SI IYAN KANCAD KINCID REK NGURUSKEUN KEUR ACARA ENGKE
PEUTING

MANEHNA NGOMONG DINA JERONING HATENA”

Iyan: Ari si opik kamana nya? Luas leos wae, asa riweuh ti tatadi sagala ku sorangan.

Jaba pelatih tari ges mulai mikeunan lagu ieu teh , apan tugas manehna ari soal pagelaran tari mah.

Aduh, acan ieu teh kudu ka polsek nguruskeun ijin pagelaran peuting ieu..

kumaha nya?

Tah gening jelemana aya..”

Iyan: “euhh di tetangan tatadi , ari silaing kamana wae opik?”

Opik:” ieu ges teun pak rw”

Iyan: Na aya naon make jeng ka pak rw? Oh ges nguruskeun eta mereun nya? Komsumsi ker panitia?

Opik:” Lain, Ges push rank bieu, mobil lejen, pan sarua si pak rw ge sok maen mobil lejen

Iyan:” euh maneh mah ker riweuh kieu teh, kalah maenan nu kitu, ieu bantuan euy, para pelatih tari rek
mikeunan lagu , jang bahan pentas barudakna, sakalian urus jadwal na.”

Opik:” kadieukeun lah urusan eta mah , pan ges tugas kuring ngahendel tatarian mah , maneh deui sok
pipilueun wae kana pagawean batur”

Iyan:” lain pipilueun siah, pan tadi maneh nage eweuh teuing kamana”

Opik:” Rek nanahaon ngahurungkeun jenset?”

Iyan:” bebengok maneh ah, meni keukeuh, ti awal ge geus teu nyari heureui eta mah, tuluy we di
paksakeun”

Opik:” Samarukna babari kitu nyieun banyolan kieu teh, hese beul siah, punten ah pamiarsa, bilih tiiseun
mah komplen we ka pak rw , teu di sawer matak tiiseun ge “
(kriiiiing sora telepon)

Iyan:” jiga aya sora telepon ?”

Opik:” apal urg ge , na teu kadenge sakitu gede? Bisi kurang gede jug bebeja ka opleter”

Iyan:” naaa sateh api api we atuh , hp maneh eta? Saha nu nelepon?”

Opik:” teuing keula keula, eweuh ngaranan yan euy nomerna”

Iyan:” cing sok angkat heula bisi penting”

Opik:” Assalamualaikum”

(A) : waalaikum salam, dupi ieu sareng opik? Nu damel di bioskop”

Opik:” Muhun aya naon nya?”

(A) : Oh ieu bade naros a,upami bioskop bukana tabuh sabaraha?”

Opik:” biasa we bioskop mah bukana tabuh 8 wengi a”

(A) : “ Oh muhun atuh teu nanaon, assalamualaikum”

Opik:” waalaikum salam”

Iyan:” saha eta pik”

Opik:” ieu biasa pelanggan bioskop, nanyakeun jadwal buka na”

Iyan:” naon urusana jeung maneh?”

Opik:” Apan kuring teh gawe di bioskop ayeunamah, tukang beberes, diditu ayeunamah peraturanana,
nomor telpon petugas teh kudu di cantumkeun di temple dina tembok, bisi mun aya komplenan eta nepi
ka petugas lansung..”

Iyan:” oh kituu , suganteh aya naon”

(KRIIIING SORA TELPON)

Opik:” itu itu ges nelepon deui nu tadi, keula yan

Assalamualaikum”

(A) : wa alaikum salam, punten a ngagganguu deui, dupi bioskop teh leres tabuh 8 bukana?”

Opik:” Leres na ari bapa ni teu percanten ka abi, apan biasanage buka jam sakitu pak”

(A) :” Tiasa teu kang di pajukeun jadi tabuh opat bukana?”


Opik:” Har itu ari bapa, makejeung di pajukeun, teu tiasa pak “

(A) : Punten we ieu mah kang, dinten ieu hungkul , nyuhunkeun di pajukeun tabuh opat”

Opik:” Naaa ari bapa, upami bioskop eta nu gaduhna abi mah manga wae bade ti subuh ge pak, moal
tiasa, abdi mah sakadar ge tukang bebersih”

(A) :” Punten we pak dinten ieu hungkul”

Opik:” Naa ari bapa ni keukeuh , ari bapa damang? Teu tiasa, barinage bapa bade nonton film bade
naon? Meni rurusuhan kitu”

(A) :” enya kieu saleresnamah kang, abdi teh kamari nonton film didieu, anu jadwalna tabuh 8
malem, kaboboan ieu teh abi nembe gugah, bade uih tos di konci, punten lah tulungan pang
mukakeun konci”

Opik:” Mun ngomong titatadi atuh , antep ah sakalian, sok aneh aneh wae, jadi emosi ka aing nage”

Iyan:” seuri leutik”

Opik:” naon siah make jeung sura seuri iyan? Jug jug rek ka polsek mah!”

Iyan:” Aeh naha maneh make jeung apal ?, da kuring mah teu rumasa ngomong bakal ka polsek”

Opik:” apan tadi maca narasi aing ge, pusing atuh da, kudu we jelas!”

Iyan:” (seuri leutik) emmh maneh Opik pagadagan teh, teu bisa ngajaga rahasia dapur rekaman”

(Bari ngaleos)

~~~ASUP UJANG ASEP ADEGAN DI UDAG BENCONG~~~

Asep:” hayu siah sujang buru buru itu merik siah deleukeun

Vanesha:” AA …. KEKESEK AKU DONG”

Ujang:” kaitu nyingkah siah dasar gurita!!”

~~KALUAR PANGGUNG~~

~~~ ASUP DEUI UJANG ASEP ADEGAN DI UDAG BENCONG~~~

Ujang:” Nyingkah siah lucinta luna!!!)

Vanesha:” Hayu aa katanya mau ngadu lakbet”

Asep:” Teu hararayang teuing siah!!!”


~~KALUAR PANGGUNG~~

~~~ ASUP DEUI UJANG ASEP ADEGAN DI UDAG BENCONG DIGANTI KU HANCIP~~~

Asep:” Tulung tulung!!

Ujang:” Heup heup keula asep ereun heula, naha jadi pa hancip”

Asep:” Haaar itu “

Ujang:”nanaonan pak?”

Hancip:” nya bieu teh mules heula cenah teu kuat, jadi bapa katitipan ieu pangagantikeun titah
ngudag”

Asep:” ooh enya atuh manga, lajengkeun wae?

Hancip:” hayu ah meh gancang”

Ujang:”Tulung Tulung!!!

Hancip:”ayyyyy, BAWANG DAUN IYEEEYYY”

Opik:” Ka panitia punten rupina gera enggal 2 di rengsekeun ieu cabaret teh, kumargi tos arowah kabeh.
Nuhun ah perhatosanana.

Ampun aing , naa panitia teh gararejul kabeh.

Aduh ieu jam teh teu salah? Sakedeung deui euy mulai pagelaran teh, kudu buru buru yeuh ngondisikeun
acara cepengan urang

(music kaluar)
BABAK 7

SINGKAT CARITA ACARA GEUS MIMITI DI MULAI

MC:”Assalamuaialkum wr wb, nyicik wanci ninggang mangsa nitih wanci nu mustari, bissmillah damel
wiwitan, Alhamdulillah damel wekasan, tawis bakti ka alloh nu maha suci , wujud sukur ka alloh nu maha
agung wirehna dina dangeut ieu , dulur dulur saling cunduk, kadang wargi sami hadir, baraya anggang
daratang..

Bapak ketua Rw nu ku simkuring di pihormat ,ketua DKM sareng perangkatna, para tokoh agama , alim
ulama , para sesepuh, pamuda pamudi oge para bapa ibu hadirin anu sami di pi hormat.

Langkung ti payun manga urang sami sami manjatkeun puji sinareng syukur ka alloh SWT anu mana
kalayan rahmat sareng karunia na urang sadayana tiasa kumpul mungpulung paamprok jonghok
patepang raray dina raraga mieling hari kamerdekaan republik indonesia anu ka 74..

Solawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka jungjuna urang sadayana habibana
wanabiyana muhamad saw.

Aduh bagja pisan nya bapa ibu , Alhamdulillah gening ieu antusiasme warga rw 22 dugi ka luarbiasa
kieu.keprok heula atuh kangge sadayana nu aya didieu…

Tuh Ibu 2 ge melaan ngagarendol putrana kadarieu pikeun ngarayakeun semarak kamerdekaan nya …

nu dagang nepi ka ngageleuk kieu bu , tukang baso , tukang suuk , ari tukang peyeum itu kalah
kukulutus kunaon mang? Kadenge teh peyeum peyeum , tape tape . ari tape mah istirahat heula atuh
ulah maksakeun na ari sI emang…

Jeung eta deuih ku resep ngadengena nya ,tadi saacan naek kapanggung kuring jalan kabelah ditu , eta
di sidik 2 nu dagang didieu mah unik , variatif nawarkeun daganganateh ..

Make jeung aya n nawarkeun nada nateh tinu tinggi ka rendah “cangcimen cangcimen cangcimen “
panasaran

Dagang naon mang ? Ieu cangcimen

Naon cangcimen teh ?

Oh kacang koaci semen a ..

Wayyy mangga lajengkeun ah tara kagok..

Aya oge nu nada na ti rendah ka tinggi ndog asin , ndog asin …


Nu alus mah aya deui eta mah ti awal nepi ahir dataaar nada nateh “ remot remot remot”

Nu payu pisan mah tukang nasgor tuh , kungsi pasea abdi mah jeung tukang nasgor bu,pikasebelen
kabeh tukang nasgor mah, padahal manehna nu sok salah teh gera..

kuring teh meuli nasgor caritanamah bu , mang pesen nasi goreng ..

si emang nateh ngajawab teu pikangeunaheun .

di bungkus? Atuh kuring teh ambek ,nya di goreng mang sok Nyieun emosi wae

Anu paling ambek namah kieu bu, sa engges kitu teh make jeung nanya deui , nasgor na lada teu?

Di asaan ge acan mang naha ngajak ribut?

tah tidinya weh pukplek gelut …

untung nateh cicing keneh di indonesia, gelut masih keneh aya nu misahkeun, coba lamun gelutna di
cigereleng ibu lapur we mereun.

Ari ribut riributan teh sok inget baheula , kieu kieu ge kuring mah urut anak stm pak ..

Apal mereun stm kumaha mun riributan ..

Beak tah di kuah playoper cimahi teh

Tapi kuring mah paling geleuh da kanu sok bogogohan di luhur playoper, etateh ngaganggu jalan na
tawuran anak stm…

Atuh Piraku pas tauran gigirna aya nu bobogohan , ngarusak pisan momen pas nyerang ..

Tapi nya duh mun inget baheula , ayy . Anak stm mah mun kumpul karesepna salain tauran, marag ulin
ka smea , ka sakola awewe dek naon? Berburu cabe cabean u 19 …

Da jeng enya na atuh , harita pas usum usumna lagu crisyeu, ngahaleuang di sakola awewe bari ninggali
siswi gareulis , kisah kasih di sekolah dengan si dia alahh .pan genah , soal na mumpang mempeung da
disakola sorangan mah di stm moal genaheun ngalaguna , lagu crisyeu the kalah jadi sedih

Kisah kasih di sekolaahh dengan siapa, orang ga ada cewenya , eusina merang semua ..

kamana we heula nya ngemsian mah da bebas , bari nungguan pa rw bade sambutan teh aya karerepet
heula cenah, keun we urang ngadongeng heula

teu karaos ayeunateh tos 74 taun urang sararea merdeka teh nya, 74 taun urang lepas jajahan teh, ti
jaman walanda nepi ka jepang nu kacida kejam na …
kudu loba bersyukur urang teh kari ngeusi kamerdekaana hungkul

Ku kituna dina mieling hari kamerdekaan ieu , tangtuna kudu di isi ku hal atau kagiatan nu mangpaat ker
balarea. Ulah ngagugulung wae urusan pribadi , kali kali urang teh milu berpartisipasi kana hal anu sifat
na umum, ulah ngarasa teu milu urusan, da di henteu 2 ge jalan teh kaliwatan unggal poe ku urang
sararea nya pak, atuh miluan kerja bakti ngomean , atuh bilih sibuk teu ku tanagana ku materi na teu
nanaon ,bilih teu aya materina bari jeng sibuk , atuh nyimpang sakedapan ngarojong kana sumangetna,
cenah da tos teu kiat beberatan, atuh dongkap we ngamandoran, mereun nu kerja bakti ge sumanget
ari seer jalmi mah . anu ngaco nu kieu yeuh pak, ker mah tara aub kerja bakti, datang henteu, nyimpang
henteu , nyumbang tara , kari kari kalah kukulutus kokorowokan, jalan ka aing tara di omean , sok di
liwat wae, tara baraleg ngomeanteh asal babari ruksak …

Aduh tah nu kieu yeuh pak jalma anu tulang punggung na di jieun tina pipa rucika teh, belegugna
mengalir sampai jauh …

Untung didieu mah teu aya nu kitu nya . nya teu kabeh teuing maksud teh ….

Kumaha? tos aya bapak rw na? oh enya manga…

Rupina pangersa bapak RW urang tos dongkap ka ieu patempatan, manga urang sami sami
ngadangukeun sapatah dua patah kata kangge nyambut ieu pagelaran , rupina para hadirin supados
tiasa nengeutkeun naon wae arahan sareng sam butan ti bapak rw , kumargi urang salarea ge tos pada
terang , bapak rw ieu mah semangat na menggebu gebu , upami pidato bapak ibu , nepi ka antusias
nereleng kata baku penyemangat nateh ..

Manga ka bapa rw di antos di panggung

TERIMAKASIH SANES, ATAS DI TEKON NYA SIMKURING YAH, SAYA SEBAGAI SESEPUH DARI
MASYARAKAT CIKAREES SANES. BERSAMA SAMA MENGUCAPKAN TERIMAKASIHLAH KEPADA PARA
PEMUDANYA DAN PARA PEMUDINYA OGE, YANG TELAH GUGUR DALAM PET NYAWA, DI DALAM
MEMAJUKAN BAIK OLAHRAGANYA MAUPUN VOLINYA,…. SEMOGA SAJA DISINI JANGAN UKUR
CILING CINGCAT TEU PUGUH SANES, SABAB APAPUN BEGITU PULA, JADI APA NAMANYA… BAPAK
HARAPKAN KAUM PEMUDANYA SEKOLAHNYA YANG JUNUN SAMPE JUCUNG , JANGAN SAMPE
WAKTU MASIH MUDANYA SUDAH CANGANGANG CENNGENGENG KA AWEWE, TAPI APA NAMANYA
ITU PEMUDA SEKALIAN TETEREJEL UNTUK KEMAJUAN INI UNTUK ITU SAYA UCAPKAN TERIMAKASIH

MC:” Hatur nuhun bapak RW pidatona aduh , si pak rw ku naon nya , boa kr parusing mah kitu? ..

Dupi bapak aya nu karaos? Meni serak kitu?

RW:” (gaya nunjukeun beheungna)


MC:”nyeri tikoro?”

RW:” (gigideug bari gaya nunjuk beheung)

MC:” Panas dalam?

RW:” gigideug”

MC:” Amandel?” deuh naon nya?

RW:”gigideuk nunjuk beheung”

MC:” nyeri gugusi?

RW:”GIGIDEUG”

MC:” alah naon nya euy “

Ohhhh ROROMBEHEUN MEREUN!

RW:” UNGGEUK” bari jogged ngajempolan lagu sunda

MC:” seuri leutik, cik atuh rw mah ulah ngabodor padahalmah nya”

Manga ah urang lajeungkeun ku acara salajengna kumargi waktos tos nyerelek urang lanjut weh acara
teh ku pagelaran rupi rupi kesenian sunda , anu engkena pagelaran teh bakal di tutup ku penampilan tari
jaipong ti panitia PANHUT rw 22… mugia para hadirin tiasa ka hibur ku ayana ieu pagelaran
wasalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh

NITIH WANCI NU MUSTARI, NINCAK MANGSA NU UTAMA , IEU CARITA DI PANJANGKEUN BISA
PANJANG, DI PONDOKEUN BISA PONDOK, CAG, URANG SIMPEN DINA HANDEULEUM SIEUM GEUSAN
SAMPEREUN , TUNDA DINA HANJUANG SIANG GEUSAN ALAEUN ,SAMPEREUN WAKTU NU BAKAL
DATANG, RUPINA MUNG SAKITU PAMENTASAN KABARET TI MURANGKALIH KARANG TARUNA RW 22

AGEUNG NU DI SUHUNKEUN, SAKEDIK NU DI SANGGAKEUN , BOH BILIH AYA KALEPATAN DINA


BAHASANA, DINA RENGKAK PARIPOLAHNA, BOH BILIH AYA NU KASEBIT NAMI, KASEBAT ASMA, IEU
MAH MUNG UKUR HIBURAN, PIKEUN PANGELING NGELING KAMERDEKAAN ,SAKALI MERDEKA TETAP
MERDEKA , WASSALAM …

~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~TAMAT ```````````````

Anda mungkin juga menyukai