Anda di halaman 1dari 8

Situ bagendit

Kacaritakeun di hiji desa anu leutik. Aya hiji awewe anu katelahna Nyi Nendita, manehna teh
keur mondar-mandir di buruan lantaran bingungeun ku kakayaana anu sakitu lobana. Kumaha carana
meakeun harta bandana anu sakitu lobana, padahal disagedengeun imahna loba tatanggana anu
kalaparana, tapi manehna teu haying nyaho saeutik-eutik acan.

Babak I

Nyi Nendita :Aduh mani bararingung teuingnya hirup téh! nya malumlah ari jadi jalma
pangbeungharna di lembur mah, lamun ceuk paribasana téa mah éstuning bru di juru bro di panto
ngalalayah di tengah imah! sawah satungtung deuleu Pokona mah, bingung euy méakeun duit téh!!!

Dilain tempat

Tani 1: Iraha takdir urang robihnya?

Tani 2: "moal tiasa tahan kuring hirup sapertos kieu. Naha gusti henteu ngahukum lentah darat eta? "

Tani 1: "Sssh, tong ngomong kitu, bisi aya nu nguping batur engké!"

Tani 2: "Urang kudu sabar wae kitu! Tapi engké ogé bakal aya balasan anu pantes pikeun jalma anu
resep nyiksa batur! "

Samentawis eta Nyai Endit nyauran pambantuna

Nyi endit :"Zijach!Dupi sadaya beas parantos digaleuh? ”

Zijach :"Muhun nyai Lumbung parah pinuh, sarta sabagianana tetep disimpen di luar kusabab éta
henteu cocog deui. "

Nyi endit "Ha ha ha ha ...! Moal lami deui aranjeunna bakal kakurangan béas jadi bakal meuli ka kuring
béasna. Kuring bakal beunghar!!! Tuluy parhatikeun eta para patani, ulah aya nu ngajual hasil tani di
tempat lain. Pasihan pelajaran pikeun saha waé anu nolak! ”

Sababaraha minggu ti harita para penduduk desa mimiti ngaleungitkeun bahan pangan
bahkan seueur anu parantos kakurangan tina rasa lapar. Nalika Nyai Endit sok pesta tuangeun di
imahna.

Masarakat :"Aduh, pasokan béas tereh beak. Moal lami deui kedah mésér béas ka Nyai Endit. Tatangga
ti panto saurna hargana ayeuna lima kali langkung seueur tibatan waktos urang dijual heula. Kumaha
ieu pak? Sanaos urang ogé kedah mésér kaperluan sanés. Ya Gusti, pasihan kami lega tina beban anu
kami bawa. "

Babak 2

Nyi Nendita : Zijach…Zijach….!!

Zijach : nya, nyai aya naon?

Nyi Nendita : éta ai budak kuring ges balik tikota can

Zijach : atos nyai

Nyi nendita :titah geroan kadie!


Nyi Nendita : kumaha di kotatéh?lancar sakola th?

Asep : lancar lah sanés asep ngaranna lamun teu suksés mah!

Nyi Nendita: Wah, alus atuh teu hanjakal mamih nyakolaken téh atuh

asep : ambu asep mandi heula nya, mih tapi asep teh dek nyarita pas dikota asep di lédék ku babaturan
cenah sapatu asep mah geus katinggaleun jaman babaturan asep ayeuna boga sapatu buatan
Amerika.

Nyi Nendita : Aduh….., kurang ajar pisan éta barudak téh! geus tong sieun ké ku Mamih
dipangmeulikeun sapatu buatan ti Cibaduyut tina kulit buaya. éh, ké heula kétang! apan korét téh
pangkal kaya! can jebol mah moal pang meulikeun ku Mamih,paké heula wé nu éta!

Asep : nya ges we dek mandi

Babak 3

Di jalan asep panggih jeung dadang

Dadang :Asep!maneh dek kamana?

Asep: rék ulin wéh, néangan batur!

Dadang : kadiehela ngobrol,manéh karék balik tikota nya! mawa oléh-oléh atuh?

Miemoda : nya geus tangtu atuh! urang meli sapatu buatan London

Dadang : wah, pasti alus pisan atuh!

Asep : Nya geus tangtu atuh, iyéy……..!

Dadang :mana atuh oléh-oléh kanggo abi?

Asep : ah eweh!

Dadang : sep apal te, ayeuna masarakat ker kakurangan beas. Masarakat ge ges kalaparan,keluarga
kuring ge ges kalaparan. Kuring menta beas atu sep bae we te dibere oleh-oleh tikota ge asal dibere
beas

Asep :naha bisa kitu warga th? Tenang ke maneh ku urang di bere beas

Dadang: kan patani ges ngajual kabeh hasil ka nyi endit, munmelika nyi endit pastimahal hargana bakal
5 kalilipat

Asep : nya bae atuh padahalma, mun hayang benghar makudu kitu. nya geus atuh urang rek balik
heula ke urang kadie deui

Asep balik ka imah. Manéhna ka dapur néangan beas keur dadang. Tuluy manéhna
ngérésékan beas nepi ka indungna datang

Nyi endit : keur naon asep?

Asep : keur ngérésékan beas ambu.

Nyi endit : keur saha?


Asep : keur dadang karunya kalaparan

orojol adina datang

Munaroh : rék naon manéh bura-béré ka si éta! Pikasebeleun jelema na gé! (sabari ngajorowok)

Asep : Naon Munaroh….? siga di leuweung waé ngomong téh!

Munaroh : Eta gera maneh naonsi Aa, ngérésékan beas mani loba keur si dadang

Nyi Nendita : Eh….budak téh! Ulah….ulah………! sia mah barang béré ka batur! Batur gé tara méré ka
urang!sing inget atuh! Korét pangkal kaya…….!

Asep : baé atuh mih, da loba urang ma beas th lainn?

Nyi Nendita: loba-loba ogé, béak mun dibikeun ka batur mah!

Asep : ah, si Mamih mah korét!

Nyi Nendita : mun teu kitu mah! Sia ogé moal bisa dahar! Sing inget…korét téh pangkal kaya!
Eh..eh! geus éta kaluarkeun deui jéngkolna!

( Nyi Nendita mangkat, bari kukulutus : ’dasar budak leutik teunyaho apan? Korét téh pangkal kaya!)

Babak IV

Disagédéngeun imah éta, aya hiji kulawarga anu kaayaanana patukang tonggong jeung
kulawarga Nyi Nendita. Imahna ogé mung saukur imah leutik.Pokona mah jauh ti imah nu layak
ditempatan.

Ma Ipah : Bah….kumaha atuh ieu téh? Ema mah mani aréra ka guru si Jamilah. Ayeuna si Jamilah
geus tilu bulan nunggak can bayaran, terus hutang kasasaha. Can deui anu diwarung bi Kokom mah!

Abah : Nya kumaha atuh, Ma? Da kabeneran usaha Abah keur tiiseun, komo ayeuna mah keur
usum hujan! Pan Es Cendol Elisabet mah teu cocok dijualan mangsa keur usum hujan, lin? Nya urang
ihtiar sakuat tanaga heula wéh!

Ma Ipah : Kudu ihtiar naon deui atuh, Bah? Ingon-ingon geus béak dijualan, keur dahar sapopoé.
Boga tatangga beunghar teu bisa di andalkeun. Sigana téh Nyi Nendita sakulawarga mah meureun
teu boga haté nya, bah? Maenya aya tatangga kalaparan teu naglieuk-ngalieuk acan! Boro-boro méré,
ngahutangkeun gé teu méré!

Abah : geus atuh ambu, urang téh keur mah geus susah dunya téh, tos nepi susah ahérat
atuh! Geus, ulah ngomongkeun batur, keun wé da éta mah keur maranéhanana sorangan.

Ma Ipah : tapi atu bah da ges di bere surat nitah mayar spp Ema mah geus teu sanggup deui
ngalakonan kahirupan téh! Duh, meuni kieu-kieu teuing hirup téh, Bah!hiks…hiks….

Abah : Istigfar.., ambu….istigfar…..! yeuh, dimana-mana ogé Gusti mah moal ngantepkeun
mahlukna sangsara, insyaAlloh pasti rejeki mah bakal datang ti panto nu moal disangka-sangka. Tapi
urang kudu usaha anu sakuat tanaga heula.

Ma Ipah : nya usaha naon dieu atuh, bah? Pan apal meureun abah gé! Urang ayeuna geus teu
boga nanaon deui keur jualkeuneun!
Abah : ké, ambu! Abah rék nyobaan ngalamar gawé ka Ny Endit., sugan wé butuheun tukang
kebon.

Ma Ipah : atuh éta sarua baé jeung bohong! Pan apal meureun sifat meditna ogé euweuh nu
nandingan?

Abah : Atuh, Ambu! Urang téh ’ulah kuméok saméméh dipacok’, sok sanajan Abah geus apal
ka Nyi Nendita kumaha, nya sugan wé jeung sugan aya hidayat ti Gusti Alloh.

Ma Ipah : nya éta mah terserah Abah wé lah!

Abah : Ambu…du’akeun abah nya…. Ayeuna Abah rék ka imah Nyi Nendita rék ngalamar gawé.

Ambu : mangga Bah…ngan omat wé lamun rék datang ka Nyi Nendita mah kudu nyiapkeun
méntal nu ékstra.

Si Abah ninggalkeun imah anu leutik. Saléngkah, dua léngkah nepi ka teu kaitung deui
sabaraha léngkah Abah leumpang. Ahirna nepi ka imah Nyi Nendita.(Tok…tok…tok… bari ngetrok
panto si Abah datang pinuh ku harepan)

Nyi Nendita : asep (3x). Éta pangnempokeun di luar aya saha meuni gandéng ngetrok panto téh!
Cukup ku sakali wé atuh! Meni lebay pisan! Tapi inget nya sep! Lamun éta di luar téh pangemis,
langsung wé usir tong dibageuran nya! Hiji deui, yén korét téh pangkal kaya hahaha…(Nyi Nendita
seuri kuatka geunah)

Asep : Siap Mih! (bari leumpang nyampeurkeun panto)

Abah : Dén, dupi mamah na aya?

Asep :Oh…aya mang. Dupi aya peryogi naon nya? Mangga atuh kalebet heula, ké ku abi diwartosan
heula si Mamahna…

Abah : Oh..muhun mangga atuh (bari di haténa ”ieu budak téh sopan pisan nya, patukang
tonggong pisan jeung indungna”)

Asep : ambu…tuh aya tamu, cenah mah aya perlu ka ambu

Nyi Nendita : emang saha kitu? (mamih nanya panasaran)

Asep : Duka atuh…da Miemoda ogé teu apal.

Nyi Nendita : saha nya? Rék naon ka dieu?!!

Abah : Kieu Gan…kaleresan abdi téh nuju peryogi pisan bantosan ti Agan, kaleresan abdi
ayeuna nuju nganggur sedengkeun kabutuhan hirup kudu terus dicumponan, intina mah…abdi
dongkap ka dieu téh badé ngalamar gawé.

Nyi Nendita : Oh…rék ngalamar gawé? Sugan téh rék nginjeum duit! Nyaho teu? Di dieu mah
euweuh lowongan gawé keur baramaen!!!

Abah : tapi gan abdi butuh pisan bantosan ti Agan!!

Nyi Nendita : yeuh teu beunang diomongan maneh mah, kaditu mantog siah!

Abah : Nya atuh ari kitu mah, hatur nuhun pisan Gan…. Punten pisan tos ngarépotkeun…

Nyi Nendita : Heueuhlah jug geura indit tong loba bacot!


Babak V

Kacaritakeun di Imah Nyi Nendita, asep jeng munaroh ker darahar maklum da poé harita téh
poé minggu. Sok sanajan biasana poé minggu téh dipaké beberesih imah, tapi ku sabab Nyi Nendita
mah boga pembantu jadi gawé sakulawarga téh senang-seneng waé. Teu pati lila datang si dadang
babaturan asep.

Dadang : punten..punten..punten

Asep : mangga, eh dang asup

Dadang : kieu sep, kamari téh anuu urang menta beas tea naha ngan dibere sacangkir

Asep : hampura pisan eta ge urang ges hese mawana

Dadang : nya ges bae urang ge paham tapi eta beas tecukup kukabehan ngan cukup ker duaan

Asep : atuh kumaha dang hampura pisan

Dadang : nya ges dihampura ku urang

Keur serius ngomong jeng dadang kadengé sora panto aya nu ngetrokan!

Baramaen : Sampurasun, sampurasun….. Sampurasun….

Asep : Munaroh, itu pangbukakaeun panto jigana mah aya tamu!

Munaroh : Ih, si aa mah nitah, bi Zijach tuh pang mukakeun panto!!!

Zijach : mangga gan,,,

Baramaen : neng..pasihan neng…!, ema tos tilu dinten teu acan ngadahar sangu!

asep: bi, saha nu datang téh?

Zijach : baramaen den!!!

Asep : oh nya keun ke ku asep urang pasihan,,,

Asep : punten, mak mung sakieu hatur lumayan!

Baramaen : hatur nuhun pisan den!!!

Munaroh : ih ari si aa nanaonan mere ka baramaen, ke bisi deudeuieun datang ka imah urang
deui awas ah….. ku Munaroh di bejakeun ka si mamih geura!!! Lamun aa geus méré ka anu ngemis.
(bari nyampeurkeun Nyi Nendita, rék laporan ceunah mah).

Dadang :asep ieu anu alus dimanéh téh!!! Sok sanajan indung manéh meditna geus kasohor ka manca
nagara, tapi manéh mah béda pisan jeung indung manéh téh!

Asep : ah,,, manéh mah bisa waé dang!!!

Nyi Nendita : Heh…. Asepp ari manéh nanaonan méré duit ka nu ngemis? Kawas bisa ngala duit
baé. Apal teu yeuh ari jaman kiwari mah neangan duit hésé. Apan ceuk mamih ogé korét téh pangkal
kaya, inget teu?

Asep : atuh mih,,, da asep mah teu téh tega nempo Emak-emak meni geus teu walakaya kitu. Da bari
na ogé duit anu dibikeun ku asep mah éta téh duit jajan asep
Nyi Nendita : pokona mah teu hayang nyaho, awas lamun sakali-kali deui méréan kanu ngemis!
Duit jajan manéh ku Mamih bakal dipotong.

Babak VI

dina hiji poé kaluarga abah anu pas itu ka imah nyi endit ker kalaparan ku sabab euweuh dahareun
saeutik-eutik acan. Kacida patukang tonggong jeung pésta nu diayakeun ku Nyi Nendita. Abah nu teu
téga ningali anakna nu kalaparan maksakeun datang ka Nyi Nendita.Saacan indit, Ambu nanya ka Abah
nu geus dihina ku Nyi Nendita, tapi abah nékad ménta tulung ka Nyi Nendita demi anakna nu
dipikanyaah.

Di imah Nyi Nendita, Abah papanggih jeung asep.

Asep : Eh Abah, kumaha damang?

Abah: Alhamdulilah séhat, tapi…

Asep: Tapi naon Bah?? (nanya panasaran bari kerung)

Abah: Saleresna abdi téh isin upami ngdugikeun kaayaan ayeuna téh, kumargi ayeuna pun bojo jeung
pun anak téh geus sababaraha poé teu kaparaban. Dagang céndol teu pajeng waé. Ku kituna, isin teu
isin abdi hoyong neda pitulung ka aa sangkan pun anak jeung pun bojo tiasa ngaraosan deui nu namina
sangu.

Ngadangu kitu asep éra ningali sasamana teu bisa dahar sabaraha poé sedengkeun salila ieu
kulawargana miceunan duit sangeunahna. Tuluy manéhna ngaléos mawa dahareun keur si Abah.
Nalika kitu, Nyi Nendita datang ningali si Abah.

Nyi Nendita : Rék naon deu manéh ka dieu? Apal teu, ieu acara téh keur jalma-jalma nu beunghar
hungkul. Manéh mah teu pantes datang ka dieu. Eh..eh..eh..nincakkeun suku ogé geus haram
hukumna!

Abah : Astagfirullah…meni téga Agan nyarios sapertos kitu! Naha Agan téga ningali kulawarga
abdi teu tuanng sababaraha dinten? Ayeuna anak jeung pun bojo téh nuju ngantosan di bumi bari
ngaharepkeun abdi nyandak tuangeun kanggo ngaganjel patuangan.

Nyi Nendita : Dasar baramaen! Bisa na ngan ménta-ménta! Abong jalma teu gableg ka éra! Naha
éta boga kulit beungeut téh meni kandel-kandel teuing!!!

(Nalika Nyi Nendita ngahina Abah, asep datang bari mawa sangu jeung sapuratina nu geus dibungkus)

Nyi Nendita : Tuh geningan dahareun manéh geus datang! Tah lebok ku sia!!! (Nyi Nendita
ngalungkeun dahareunana)

Abah langsung ninggalkeun imah Nyi Nendita bari mawa batin nu kanyenyeri. Sapanjanng
jalan Abah istighfar bari ngado’a ka Gusti sangkan kabeungharan nu dipiboga ku Nyi Nendita bisa
méré hidayah ka manéhna.

Babak VII

Dua poé sanggeus éta, halodo panjang ngadatangan lembur éta. Sawah gararing, taneuh bareulah
nepi ka euweuh tatangkalan anu héjo deui.

Di imah Abah, nalika abah jeung Ambu ngobrol, aya anu keketrok. pas di buka aya saurang aki-aki.

Aki-aki: Assalamu’alaikum Wr. Wb.…


Abah: Wa’alaikumsalam…, mangga calik ki, aya kaperyogian naon nya? dupi tiasa dibantos?

Aki-aki : Kieu, aki téh tos mapah tebih pisan…dina hawa nu panas kieu aki téh ngaraos capé jeung
haus dupi aki nyuhunkeun cai kanggo ngicalkeun kahaus ieu?

Abah: Muhun…muhun mangga atuh aki… Ambu…punten pangnyandakkeun cai kanggo aki.

Ambu : (ngaharéwos) Ari si Abah, pan ayeuna téh keur halodo jeung cai téh keur hésé, eukeur mah
hésé ieu di dapur tinggal satéko deui.

Abah : Ambu…dangukeun abah nya…ari rizki mah moal kamana da sagalana ogé geus aya nu ngatur
urang pasrahkeun baé wé ka Gusti Alloh. Sok atuh énggal candak, karunya aki tos hauseun urang mah
engké wé deui…

Ambu : Enya atuh Bah…mangga (ngeluk tungkul bari indit mawa cai)

(teu lila Ambu datang bari mawa cai nu ukur satéko leutik deui)

Ambu : Aki,,,ieu mangga nyanggakeun, hapunteun mung aya cai wungkul,, ma’klum di dieu
mah katuangeun téh hésé.

Aki : Hatur nuhun teu sawios-wios. kieu nya…Aki datang kadieu téh lain nganjang wungkul,
tapi aki rék ngabéjaan yén ieu halodo téh masih panjang.

Abah : alus atuh nya Ki!! lamun kitu mah céndol téh bakal payu terus atuh…

Aki : éh…ari manéh, pan nanaon téh merlukeun cai. ari manéh rék ngala cai dimana pan
ngaranna ogé usum halodo?!!

Abah : Oh…heueuh nya? (abah tungkul)

Aki : Ceuk aki mah, mening ayeuna mah pindah ti ieu tempat ka anu leuwih genah tuluy
néang pakasaban séjén. tah kitu wé ayeuna aki rék neruskeun deui lalampahan aki. Assalamu’alaikum
Wr. Wb.…

Abah : Wa’alaikumsalam… ambu…

Sanggeus aya aki ka imahna abah teu bisa sare sapeupeuting terus mikiran uucapan si aki tadi berang,
poe isukanana.

Ambu : aya naon bah, gawe teh ngan huleung jentul bae?

Abah : ambu kamari teh si aki ngomong yen di kampung urang teh bakal kacadian halodo anu
kacida panjangna, ku kitunasanggeus dipikaran ku abah ayeuna mah urang balik we ka lembur urang
nu baheula.Sigana mah urang kedah pindah ti ieu lembur kusabab aya nu mere beja yeen usum halodo
teh masih panjang pisan.

Abah : ambu geura ajakan tah barudak beberes di kamer, abah rek ngaberesan parabotan.

Ambu : nya bah!

Abah sakulawarga pindah di lembur aslina di legok hangseur. sedengkeun di imah, Nyi Nendita nyalsé
ngani’matan hartana.

Babak IX
(Munaroh nu keur di tukangeun imah ngageroan Nyi Nendita)

Munaroh : Mamih…(3x)

Nyi Nendita : Naon Munaroh? meni gogorowokan wéh pagawéan téh!

Munaroh : Ari itu saha nu keur ngala cai ti sumur urang?

Nyi Nendita : hey…aki-akin péot, keur naon di dinya?

aki : Aki ngan ménta cai saeutik. aki haus geus jalan jauh.

Nyi Nendita : Ah! saha nu paduli. (ngadorong si aki nepi ka labuh ngagudubrag)

(Aki hudang deui bari jag-jag)

Aki : tinggalikeun Nyi Nendita naon nu rék katarima ku kalakuan manaéh salila ieu (aki bari
nunjuk ku iteuk nu di bawana)

Teu lila ti dinya sumur jadi pinuh, cai terus mudal.

Nyi Nendita : Aki, meni bageur méré cai loba hahaha…(aki geus ngaleungit)

Munaroh : Mih, si Aki ngaleungit!

Nyi Nendita : ah baé teu paduli. ayeuna nu penting mah urang boga cai loba jeung moal kahalodoan
deui.

Munaroh : oh…heueuh nya?!

(Nyi Nendita jeung Munaroh seuseurian)

Munaroh : Mih…naha éta cai téh teu eureun-eureun? beuki dieu beuiki loba?!

Nyi Nendita : Eh, heueuh nya? alah siah Roh! kumaha kalahka jadi banjir kieu. Aduh….itu korsi
mahal jeung stok jéngkol ti gudang jadi kakeueum… alah…kotah emas tina lomari kumaha…?

Anda mungkin juga menyukai