Anda di halaman 1dari 6

Nasakah Drama Basa Sunda

Ujian Praktek
Tahun ajaran 2022-2023
Kelas 9i

Situ Bagendit

Para palaku:Dinar Aziz A =


Yogiantara P =
M.shani A =
Tsaqiif M K =
Radhwa seftia =
Yuna M =
Kania Artha D =
Nur Santi P A =

SMP 3 PADALARANG
Situ Bagendit
Dina hiji wewengkon,aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu the saenyana ngaran nerehna,da
ngaran sajatina mah Nyi Bagendit. Manehna the kacida pisan kumedna kakayaan bru dijuru bro dipinto.
Patani kaditu kadieu nguruskeun eta pare anu kacida lobana da enya tea eta sawah sakitu legana.

Patani:”Mang Dadan ieu parena tos kabeh”

Kang Dadan:”Oh enya muhun,haturnuhun kang”,

Patani:”Sami-sami”.

Kang Dadan:”Beurat rasana lamun kudu ngajual ieu pare ka jalma kumed kitu”

Nyi Nani:”Nya bade kumaha deui atuh kang tipada aya urusan jeung canting-cantengna”.

Kang Dadan:”Nyi Endit bener” kumed,gusti….. asa kalanyaah ieu pare anu geus karasa”

Nyi Nani:”Kang arurang mah jelema teu gaduh,kudu narima nasib anu geus karasa”

Kang Dadan:”Naon nya anu diteangan ku Nyi Endit ? harta geus rea ge hayang keneh kanu pare patani-
patani. Sok naon wae sangkan dina kahirupan ngadon kabagjaan”

Nyi Nani:”Kang ai pare tos di beungkeut?”

Kang Dadan:”muhun atos Nyai”

Nyi Nani:”Hayu atuh urang jual”


Kang Dadan:”Hayu”

Kang Dadan sareng Nyi Nani dating ka centeng-centengna Nyi Endit,bade ngajual pare na.

Kang Dadan:”Dugi pargawis ,pare the ayeuna sabaraha ?”

Centeng 1 :”Sarua jiga nu baheula,sakitu keneh “.

Nyi Nani:”Naha teu naek?”

Centeng 2 :”Teu,beros yeuh,ieu duitna indit kaditu!”

Nyi Bagendit:”Centeng,bieu saha nu dating ?”

Centeng 1 :”Biasa,patani pare anu ngajual pare”

Nyi Bagendit:”Kade eta hargana ulah di teken”

Centeng 1 :”Muhun Nyi,tos di wartosan ti minggu kamai”.

Nyi Bagendit:”Hahaha,alus ai kitu mah”

Kang Dadan:”Iraha nya nasib arurang robah tos teu tahan hirup kawas kieu,kunaon gusti teu ngalaknat
eta randa kumed”.

Nyi Nani:”Ssstttt….. tong tarik teuing kang,bisi aya nu ngadenge kedah sabar. Engke ge aya walasna nu
sapadan ,gusti mah maha uninga.

Nyi Bagendit:”Centeng,kumaha pare tos ka perik kabeh can ?”

Centeng:”Atos nyi,bilih bade di parios manga,linggihna tos pinuh ku pare malah nepikeun teu cekap”

Nyi Bagendit:”Hahaha,alus atuh ai kitu mah ,engke maranehna bakal kabeakan beas ,tuluy meuli ka
urang. Urang bakal leuwih beunghar. Tong nepikeun aya nu ngajual ka nu lain. Bere sangsi kanu
ngalawan.”

Kang Dadan:”Kunaon Nyi ?”

Nyi Nani:”Aduh kang,cadangan beas sok beuki seep,sakedap deui urang kudu meuli ti Nyi Endit,pangmos
na tos 5 kali lipat”

Kang Dadan:”Saur Nyai ge kedah sabar…. Nya pasrah we”

Datang nini-nini anu duka jolna timana,bari karunya ningali kaayaan pribumi di kampung eta.
Nini-nini:”nyi bade tumaros”

Nyi Elih:”Mangga”

Nini-nini:”Dimana nini bade mendakan jalma nu pang beungharna di kampung ieu?”

Nyi Elih:”Ohhh caket,nini tidieu lempeng terus,aya parapatan didinya tangkal buah,tah didinya bumi na”

Nyi Elih:”Emang nini aya priyogi naon bade kadinya?”

Nini-nini:”Bade nyuhunkeun….. sodakoh”

Nyi Elih:”Ah percuma ni,moal dibere ,mun bade tuang mah sareng abdi we”

Nini-nini:”Tekedah nini hoyong terang kumaha reaksina lamun aya jalmi anu nyuhunkeun sodakoh”.

Nini-nini:”Oh muhun,punten pang wartoskeun ka para pribumi ,siap-siap ngararungsi kusabab sakedap
deui bakal aya caah nu ageung”

Nyi Elih:”Wah!? Nini mah sok hereuy,usum halodo kieu piraku ku kituna arenggal ngarungsi”

Nini-nini:”Nini teu hereuy,nini nu bakal masihan laknat ka nu kitu”

Kukituna enggal ngararungsi “.

Nyi Elih cicing bari ngalamun,nepi dating Kang Dadan sareng Nyi Nani.

Kang Dadan:”Punten Nyi Elih eta sapu na murag”

Nyi Nani:”Nyi Elih !”(bari nepak)

Nyi Nani:”Kunaon Nyi Elih katinggalna hulang-huleng kitu”

Nyi Elih:”Duka…. Bieu aya nini-nini anu ngabejaan,kdeah geura indit sabab bakal aya caah ceunah kacida
gedena”

Kang Dadan:”Hah! Maenya nyi,kan ayeuna nuju halodo”

Nyi Elih:”Tah,matakan abdi hulang huleng tatadi ge”

Nyi Nani:”Hayu atuh kang urang beberes”

Kang Dadan:”Hayu,manga atuh Nyi Elih”

Nyi Elih:”Mangga…”

Ayeuna kacaritakeun nuju di sawah,didinya aya nyi endit sareng centeng-centengna.


Nyi Bagendit:”Centeng ,tempo eta swah nu sakitu legana,etateh kabeh nu urang!”

Centeng 1 :”heeh Nyi,lega pisan “

Nyi Bagendit:”Ayeuna maneh ondang,kuncen,pandai,jeung patani.Ayeuna urang edek ngarayakeun ieu


panen”.

Centeng 2 :”Muhun Nyi laksanakan”

Nini-nini dating ka imah na Nyi Endit ,Karek nepi langsung di cegat ku cneteng na Nyi Endit.

Centeng 2 :”Heh Nini-nini bengkok,kaditu indit! Tong kadieu!”

NIni-nini:”Nini tos sabaraha poe teu acan tuang,sugan aya sesa kangge nini”
Centeng 2:”Naon paduli teuing aing ! mun hayang dahar meuli kaditu uklah menta ,buru indit!

Nini-nini:”Nyi Endit kaluar,nini bade nyuhunkeun sodakoh”

Nyi Endit:”Saha sih nu jojorowokan ,ngaganggu urang keur dahar we”

Nini-nini:”ieu nini bade nyuhukeun sodakoh sugan aya sesa sangu”

Nyi Endit:”Naha beut ka urang? Indit kaditu !”

Nini-nini:”Heh Endit,gusti numaha kuwasa mere riski nu sakitu reana tapi teu bersyukur dasar kumed”

Nyi Endit:”Hahaha nini dek ngahukum urang?teu ningali kitu centeng urang rea kacida,sakali tenggel ge
langsung paeh”

Nini-nini:”teu kudu ngusir nini,nini bakal indit lamun Nyai bisa Nyabut ieu itek”

Nyi Endit:”Dasar nini bengek,teu ditanangaan ge kacabut ieu mah”

Nyi Endit:”centeng cabut ieu itek ,mun teu kacabut ku urang kurangan gaji maneh”

Centeng 2 :”Aduh hampura Nyi ,teu bisa”

Nini-nini:”Ah sakitu wae teu kacabut,tingali yeuh”

Nini nyabut itekna,tuluy kaluar cai anu kacida gedena kaluar tina taneuh.

Nini-nini:”Ieu hukuman jeung maneh sabab nyangsarakeun kabeh pribumi didieu ,maneh bakal tile plep”

Si nini ngaleos indit teuing kamana,beuki lilac ai kaluar beuki gede.Mimitina naek ka mumuncangan
,naek ka tuur,ngeeumdada sarta tuluy laput sirah. Nyi Endit teu kaburu nyalamatkeun dirina jeung
sakabeh hartana,kabeh ka keueum sarta urutna jadi situ nu kacida legana.siitu katelah jadi situ bagendit
di cokot ti ngaranna Nyi Endit.

Anda mungkin juga menyukai