Anda di halaman 1dari 2

Page 1 of 2

Lomba : Ngadongeng

Nama : Putri Hermaryati

Asal sekolah : SDS Muhammadiyah 1 Cibatu

Dongeng Situ Bagendit

Di wewengkon Banyuresmi Kabupaten Garut, aya Situ anu ngeplak lega pisan, ngarana Situ
Bagendit. Pamandangan di situ Bagendit pohara endahna, nepika ayeuna oge sok loba anu ulin ka situ
Bagendit, ngadon lalayaran jeung balakecrakan.

Ceuk ujaring carita baleulana di eta wewengkon teh teu aya situ teu sing. Nu aya teh ngan
pilemburan jeung pasawahan wae. Ari dongengna mah nepika aya situ teh kieu.

Di tengah lembur aya imah nu nenggang tinu sejen. Nenggang soteh lain hartina anggang, tapi
nenggang bedana jeung imah-imah di sabudeuranana. Di eta lembur teh teu aya imah nu mapakan
gedena jeung sigrongna salian imah Nyi Endit. Nyi Endit teh randa pangbeungharna di eta lembur.
Imah oge kan sakitu agrengna, atuh pakaya lainukur lega sawahna jeung kebonna, emas jeung berlian
ge dipetian.

Nyi Endit mah lain wae kasohor ku beungharna tapi oge kasohor kupeditna. Sakitu rajakaya
ngaleya asup kana paribasa bru di juru bro di panto ngalayah ditengah imah, tapi tara daek barang
bere atawa tutulung kanu butuh, kacida Nyi Endit. Hasil tatanen kajen buruk jadi runtah batan
dibikeun ka tatangga mah. Padahal di eta lembur teh teu saeutik jalma nu sangsara, loba jalma nu
dahar isuk teu sore, malah teu saeutik nu maot alatan kalaparan. Eta oge sok aya nu lah-lahan
nepungan Nyi Endit niat menta tulung, tapi lain dibahanan ku pangabutuh kalah diusir bari dicarekan.
Teu saeutik jalma nu nyeri hate neupi ka ceurik balilihan kaneuyeurian ku Nyi Endit, loba rahayat nu
carinakdak lantaran teu geunah ku pari polah Nyi Endit nu taya pisan boga niat nalang kanu keur
susah.

Cunduk kana hiji mangsa, aya aki-aki rudin leumpangna jajarigjeugan kundang iteuk, ku saliwat
ge katangen eta aki-aki teh kawas nu kalaparan. Nu dijugjug ku aki-aki teh imah Nyi Endit, Barang nepi
ka buruan gedong, aki-aki uluk salam,

“Sampurasun...sampurasun...”

Nyi Endit nu kabeneuran keur ngadaweung di tepas imah bari balakecrakan, lain ditembalan ku kecap
nu someah, nempo aki-aki rudin Nyi Endit nyirintil bari ngahoak.

“Rek nanahaon datang kadieu, rek barang penta..?, Indit..!, kami moal mikeunan dahareun!”
Page 2 of 2

Sakitu aki-aki lumengis bari nyebutkeun lapar, Nyi Endit boro-boro aya rasa karunya, kalahkah
popolotot nitah indit.

Memeh ngaleos eta aki-aki teh nyarita keneh ka Nyi Endit.

“mangkahade anjeun poho, harta banda mah ukur pihapean, dunya barana mah ukur titipan, nu ku
anjeun pikaboga mah iwal ti amal hade jeung kanya’ah ka sasama, lamun nya’ah teuing ka dunya,
bakal cilaka..,bakal cilaka...!”

Aki-aki ngaleos indit tapi samemehna nanceubkeun heula iteukna di tengah pakarangan imah
Nyi Endit. Nempo iteuk nanceub, ku Nyi Endit gancang dicabut bari dibalangkeun. Bet ku aneh, tina
urut iteuk nanceub teh kaluar cai, mimitina cai teh ukur ngaburial, lila-lila mah mancer tarik pisan. Cai
tina urut iteuk nanceub teu eureun-eureun, mimitina ukur ngumplang dipakarangan, lila-lila mah leb-
leban caah. Cai beuki ngagulidag, Nyi Endit geumpeur. Nempo lembur kakeueum cai teh Nyi Endit
mah lain nyingkah cara batur tapi kalah ngeukeupan peti nu eusina emas berlian.

Teu kungsi lila ti harita lembur salin rupa jadi situ. Lembur jeung harta Nyi Endit kakeueum di
dasar Situ. Ceunah mah ceuk nu nyaho, Nyi Endit jadi lentah nu gede nu reunceum ku perhiasan.

Paingan ceuk aki-aki tea, dunya jeung harta banda ukur titipan. Gening ge kalah cilaka ari loba
harta bari teu daek amal hade mah.

Anda mungkin juga menyukai