Anda di halaman 1dari 1

SASAKALA SITU BAGENDIT

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana mana, nyaeta Situ
Bagendit. Cek sasakala mah, eta Situ Bagendit teh asal muasalna kieu.
Baheula, aya hijiranda beunghar katelahna Nyi Endit. Ngaran aslina mah Nyai
Bagendit. Manehna kacida koretna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakoretana teh. Salian ti pakacar pakacarna mah,
tara aya nu larsup ka imahna. Estuning lain babasan eta mah hirup nyorangan teh.
Ngahaja mencilkeun maneh, ngababakan ditengah pasawahan anu upluk aplak.
Maksudna taya lian, ku sabab embung campur jeung batur, da sieun kasoro tea.
Kacaturkeun keur usum panen, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi
Endit oge rea nu gacong. Ari rengse dibuat jeung sanggeus parena dikaleuitkeun,
sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebe jeung sawatara
tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus
tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy di ondang ngariung tumpeng. Atuh anu
ngariung teh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan
sakoteap ge geus beres, bari ting karetap keneh.
Keur meujeuhna balakecrakan, solongkrong aya aki aki bongkok anu
nyampeurkeun. Aki aki punten nyai,,,aki entos sababaraha dinten henteu
tuang. Nya pok aki-aki teh walleh yen teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas.
Ana gantawang teh Nyi Endit bet nyarekan, nyeksek-nyeksekkeun, pajarkeun teh
taya kaera, teu ngahutang gawe, menta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, akiaki dititah nyingkah. Nyai Endit sangeunahna wae,, teu miluan gawe hayang
menta bagean,,!!!! Teu bisa,,,!!!. Aki-aki saalit we nyai,,. Nyai endit indit
kaditu,, indit kaditu sing jauh,,!!.
Aki-aki indit bari jumarigjeug. Memeh indit manehna ngomong kieu sagala ge
boh ka nu hade ka nu goreng, moal taya wawalesna.
Ngomong kitu teh kasaksian ku sakur nu aya didinya. Sarengsena nu dalahar tuluy
amit rek baralik. Kakara ge patinglaleos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu
tinggarero, Caah,,,Caah,, cenah.
Henteu kanyahoan deui timana datangna cai, ngan leb we pakarangan Nyi Endit
teh geus ka keueum. Atuh kacida ributna, jalma jalma geus teu inget ka diri
batur, asal salamet dirina bae. Nyi Endit oge nya kitu, niat rek nyingkiran cai, tapi
barang kaluar pisan ti imahna, cai teh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka
palebah Nyi Endit. Imahna terus ka keueum meh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weleh-weleh
sasambat menta tulung, tapi taya nu nulungan, da batur ge sarua ripuhna. Nyi Endit
ngalelep. Beuki lila, cai teh beuki gede bae. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabeh
pakaya Nyi Bagendit.

Anda mungkin juga menyukai