Anda di halaman 1dari 4

DONGENG BAHASA SUNDA

01. KUYA NGAGANDONG IMAHNA


02. ASAL USUL DANAU SITU BAGENDIT

BU IIS

Anggota kelompok:
09. Fairyna Devani Putri
12. Icha Hartini Arifin
14. Kirlia vidi Arini Lutfia
KUYA NGAGANDONG IMAHNA
(Kura-kura Yang Menggendong Rumahnya)

Kuya Ngagandong Imahna,


Dijaman baheula, kapungkur mah imah-imah kuya teh aya di sisi-sisi muara. Saban poe kuya
gawena ngan ukur ngahuma (berladang). Kuya getol pisan kana ngahumana teh, indit isuk balik
magrib. Hiji mangsa basa manehna keur di huma, aya hujan angin anu gede. Tatangkalan loba anu
raruntuh, kitu deui jeung imah sakadang kuya milu hiber katiup angin, Brus weh.. Lep kalem, ragag
ka leuwi. Sakadang kuya atuh sedih kapisan, barang balik imahna geus teu aya.

Isukna, kuya nyieun deui hiji imah anu tohaga (bangunan ageung jeung kuat) supaya ulah
kabawa angin deui. Hiji poe, kuya balik ti huma tuluy masak keur dahar sore. Sabot masak
manehna ka cai hela, keur di cai manéhna nempo haseup ngebul dina suhunan imahna. Kuya
gancang mareman, tapi geus teu kaburu. Tungtungna mah kuya teh hing bae ceurik bari nempo
imahna anu beak ka beuleum. Teu lila, keur kitu jol bae sakadang monyet kolot anu geus loba
huisan. Eta monyet teh ngomong ka kuya. “Tong diceurikan sakadang kuya, nyieun deui bae imah
mah!”

“Lain mantak sakali ieu bae sakadang monyet, harita ge kitu bae aya hujan angin gede, imah
kuring ruksak keur ditinggakeun ka huma. Kudu kumaha atuh akalna supaya hayang boga imah
anu awet teh?”

“Gampang atuh kuya, ngarah imah hayang ulah cilaka mah babawa bae ulah di tinggakeun.
Pek ayeuna mah, maneh nyieun deui imah anu alus jeung kuat. Engke lamun geus anggeus, ku
urang pasangkeun ka tonggong maneh, jieun pantona sakira asup kana sirah bae supaya gampang
ngasupkeun sirahna ka jero.”

Eta omongan monyet teh di turutkeun ku kuya, tuluy manehna nyieun deui imah anu alus
jeung kuat, nu gedena ngukur kana awak, panto di harepna ukur bisa longgor sirah paranti kaluar
asupna, Saengges imahna jadi, prok bae dipasangkeun kana tonggongna, sakadang monyet anu
memenerkeun nana. Tah ti harita mah imah sakadang kuya teh sok di babawa bae di gagandong.

END

Pesan moral yang bisa diambil dari dongeng tersebut yaitu:


“Jadi jalma mah kudu getol kos sakadang kuya tapi tong gampang putus asa jeung teu boga
akal. Sarta kudu daék babantu ka batur kos sakadang monyet.”
(Jadi orang harus rajin dan jangan mudah seperti kura-kura serta harus banyak akal. Dan harus
seperti monyet yang suka membantu.)
ASAL USUL DANAU SITU BAGENDIT

Baheula geus rébuan taun ka tukang aya hiji randa beunghar nu katelah Nyi Endit. Ieu téh
saenyana mah ngaran nénehna, da ngaranna sajatina mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan
kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana ka kumedannana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara
aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Kajaba ti teu aya anu
ngawawuhan, Nyi Endit téh émang jalma nunggul pinang, geus teu kadang warga, hirup téh éstu
nunggelis.

Ari beungharna téa mah tétéla. Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di
salembur éta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan, nu
upluk-aplak. Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun
kasoro téa. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.

Kacaturkeun basa usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé
réa nu gacong. Ari saréngsé dijieun jeung sanggeus paréna di kaleuitkeun, sakumaha tali paranti,
Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatanggana. Popolahna saniskara ku
sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang,
ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha,
nepi ngan sakotéap geus bérés bari tingkaretap kénéh.

Keur meujeuhna balakecrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun . Ku


pribumi teu ditarik teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih
piwelas. Ari kitu téh Nyi Endit bet nyarékan, nyeklek-nyeklekkeun, pajarkeun téh tau aya ka éra,
teu ngahutang gawé, ménta bagéan. Tungtungna nepi ka pundung, aki-aki dititah nyingkah.
Cindekna mah geus lain picaritaeun. Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan.

Méméh indit manéhna ngomong kieu: “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal
taya wawalesna.” Ngomongna kitu téh kasaksian ku sakur anu aya di dinya. Saréngséna nu
dalahar tuluy amit rék baralik.

Kakarak gé pating laléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero: “Ca’ah! Ca’ah!” cenah.

Henteu kanyahoan deui timana datangna éta cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit téh
geus ka keueum, atuh kacida ributna jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina
baé. Nyi Endit gé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang kaluar ti imahna, cai téh nepi ka
lir ombak laut ting garuling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus ka keueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bias mah teu weléh-weléh sasambat
ménta tulung. Tapi henteu kungsi lila jep baé jempé, sihoréng geus tikerelep. Imahna gé geus teu
katembong. Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai .Lembur sakuriling
bungking geus robah ngarupa jadi situ, anu nepi ka ayeuna katelah situ bagendit téa .

END

Pesan moral dalam dongeng asal usul situ bagendit: “Jadi orang janganlah serakah, pelit dan
sombong, karena semua perbuatan pasti ada balasannya. Serta, harta hanyalah sebuah titipan,
alangkah baiknya kita bersikap dermawan, saling berbagi, dan saling menolong dengan orang lain .

Anda mungkin juga menyukai