Anda di halaman 1dari 8

Dongeng bahasa sunda, gajah eleh ku sireum

Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu we leumpang ngageyot di tegalan. Padahal di tegalan
nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta, keur digawe nyieun sayang. Kapan di tegalan
Afrika mah sireum teh nyarieun sayangna marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum
teh aya nu segede pasir leutik patingarenclo.
Di jero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga sireum di urang. Sireum
Afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang. Galak sabab mun geus ngaronom mangsana,
bakal amburadul. Singa, zebra oge teu mangga pulia mun geus dironom ku eta sireum mah.

Ari minangka alat komunikasina antar sireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk. Lamun hiji sireum Afrika
manggihan kadaharan, “anteneuna” tea tingarulang mere kode jeung soara. Jauhna eta alat teh bisa rebuan
meter.

Nya kusabab kitu, mun hiji sireum meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa
nambrong hiji sato gede, umpamana singa nu geus rerempo atawa zebra, bisa diserang ukur jamjaman kari
tulang-talengna wungkul. Ngagehan ajag.

Basa gajah ngaliwat ka eta tegalan teh, aya nu nangenan nya eta manuk dadali. Manehna karunyaeun bisi
sayang sireum nu keur babareungan dijieun teh digele ku gajah. Nya gajah teh dibejaan.

“Gajah, kade leumpang teh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun sayang bisi katincak
karunya,” ceuk manuk dadali ngingetan.

“Wah na asana teh pira sireum. Katincakan mah paling ge pejet!” gajah nembalanana teh sombong pisan, asa
aing gede, asa aing kuat. Ka nu leutik teh teu ngahargaan pisan.

Kitu deu kadal Afrika ge nu haat ngabejaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak sayang sireum, teu diwaro
anggur terus we gajah teh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur parulang anting ngakutan taneuh ti jero
lombang.

Na barang anjok kana gundukan imah sireum tea, ngan leye .. leye we sireum nu aya rewuna teh ditincakan,
atuh ngan hos paraeh we da teu kaburu kabur.

Ningali rayatna rebuan paraeh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah ditangtang perang. Gajah
ditantang kitu teh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh bari sombong. Manehna seuseurian. Ari sireum
nyieun siasat keur perang jeung gajah teh rewuan sireum teh nyieun lombang nu jerona salaput gajah.

Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato sejen nu ngalalajoan perang campuhna antara
pasukan sireum jeung gajah teh.

Gajah nyuruntul rek ngaleyek rewuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum ngahajakeun nangtang ti
jajalaneun nu geus meunang ngagali tea. Atuh ditangtang kitu asa dilelewean, gajah teh beuki ambek.

Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh puguh we barang nepi kana lombang tea, ngan gurawil we
gajah teh asup kana lombang bari tigurawil kana lombang. Gajah ukur bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat.

Sireum geus puguh nempo lawanna tigebrus teh teu ngengkekeun deui terus we napuk nyarocoan. Teu dibere
ampun beuki lila sireum teh beuki loba, antukna gajah bobor karahayuan teu kuat ngalawan sireum nu ceuk
ukuran mah sakitu leutikna, lain tandingna.

== RENGSE ==
CONTOH DONGENG MITE
Dongeng Mite Singkat Nyi Roro Kidul ti Wewengkon Tasikmalaya

Kacaturkeun jaman baheula aya hiji awewe, anu kacida geulisna tur kasaktiannana ge taya nu
nandingan. Ngan hanjakalna, eta awewe teh sarakah, ngabogaan 99 salaki, tapi kebeannana
maraot dina peutingan pangantenan. Cenah mah, dipaehan  ku sabangsa oray nu kaluar tina
larangan Nyi Putri.
Kasaktian jeung kageulisan Nyi Putri nepi ka hiji lalaki nu apaleun kana rusiah Putri. Tuluy bae
ngalamar jadi salaki Nyi Putri anu ka saratusna. Pikeun ngelehkeun Nyi Putri, salakina puasa tur
tapa geni. Dina hiji peuting, salakina kawenehan nangkeup oray nu kaluar tina larangan
pamajikannana.

Tapi Nyi Putri kaburu hudang bari ngamuk, nepi ka garelut. Tarung salaki jeung pamajikan teh
regot kacida. Nu antukna keris Nagasastra, nu ngawujud oray teh bisa karebut ku salakina.

Ceuk sakaol, keris Nagasastra teh mibanda sifat jahat. Sing saha bae nu ngabogaan eta keris,
eta jalma ngagem elmu sasar, nu  teu luyu jeung papagon agama.

Sanggeus eta keris di cekel ku salakina, Nyi Putri lumpat sataker kebek. Ku salakina diudag nepi
ka sisi basisir Laut Kidul. Tapi teu beunang sabab Nyi Putri kaburu ngajebur ka laut.

Sanajan Nyi Putri geus eleh, tapi manehna embung sadar tur teu narima eleh, kalah kabur ka
tengah laut miboga niat hayang naklukeun sarta ngawasa alam dunya. Sabada tilem ka jero laut
Nyi Putri  katelah Nyi Roo Kidul.

Nepi ka kiwari, upamana aya jalma nu sombong tur adigung-adiguna sarta goreng adatna tur
kalindih, ceuk sakaol mah Nyi Roro Kidul sok wera, sabab ngarasa kasaing tur kalindih.

Cek sakaol oge, cunah upama pareng rek ngalanto ka Laut Kidul teu menang make baju rupana
beureum, sabab ceunah sok aya ombak anu kacida gedena. Lian ti eta, nu datang ka Laut Kidul
ulah mawa peso nu tungtung gagangna aya tandukan, boh nu leutik boh nu gede, sabab ku cara
kitu ge, Nyi Putri ngarasa kalindih tur ngarasa aya saingana.

Sabab ngarasa dirina nu pang heulana boga eta peso sarta nganggap dirina Ratu Alam Dunya
nu pang punjulna sa jagat raya.
Dongeng Sunda Sasakala Situ Bagendit
(Cerita yang mengisahkan tentang janda kaya raya yang pelit dan kikir)

Nah, seperti apa cerita sasakalanya? Berikut kita simak dongeng sasakala legenda situ
bagendit yang berasal dari daerah kecamatan bayuresmi kabupaten garut, jawa barat
dalam bahasa sunda dibawah ini.
Sasakala situ Bagendit
Baheula geus rébuan taun ka tukang aya hiji randa beunghar nu katelah Nyi Endit. Ieu téh
saenyana mah ngaran nénehna, da ngaranna sajatina mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida
pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana ka kumedannana. Salian ti pakacar-pakacarna
mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh.

Kajaba ti teu aya anu ngawawuhan, Nyi Endit téh émang jalma nunggul pinang, geus teu kadang
warga, hirup téh éstu nunggelis. Ari beungharna téa mah tétéla. Béh kebonna béh sawahna,
imahna gé panggedéna di salembur éta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh,
ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak.

Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro téa. Teu
kitu mah atuh moal disebut medit. Kacaturkeun basa usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu
dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari saréngsé dijieun jeung sanggeus paréna di
kaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara
tatanggana.

Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu
mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna,
tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ngan sakotéap geus bérés bari tingkaretap kénéh.
Keur meujeuhna balakecrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi
teu ditarik teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas.
Ari kitu téh Nyi Endit bet nyarékan, nyeklek-nyeklekkeun, pajarkeun téh tau aya ka éra, teu
ngahutang gawé, ménta bagéan. Tungtungna nepi ka pundung, aki-aki dititah nyingkah.
Cindekna mah geus lain picaritaeun.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu: “Sagala
gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.” Ngomongna kitu téh kasaksian ku
sakur anu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakarak gé pating laléos,
rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero: “Ca’ah! Ca’ah!” cenah.

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna éta cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit téh geus
ka keueum, atuh kacida ributna jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.
Nyi Endit gé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang kaluar ti imahna, cai téh nepi ka lir
ombak laut ting garuling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus ka keueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bias mah teu weléh-weléh sasambat ménta
tulung. Tapi henteu kungsi lila jep baé jempé, sihoréng geus tikerelep. Imahna gé geus teu ka
tembong. Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur sakuriling
bungking geus robah ngarupa jadi situ, anu nepi ka ayeuna katelah Situ Bagendit téa.
Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala
tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”

Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.

Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba,
lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-
teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu
sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh
kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-
bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku
Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana
nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-
deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu
aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang
sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy
nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero
cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah
ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran
ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan
tutut.

Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”

Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong
langit.”

Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.

Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”


Raja Pajajaran, Prabu Siliwangi kagungan putra pameget, jenenganana Kéan Santang.
Ti aalit Kéan Santang dilatih kana kagagahan, dilatih élmu kadigjayaan.
Barang parantos sawawa, anjeuna ngémut. Ceuk émutanana, “Aing ayeuna tamat
diajar rupa-rupa élmu. Élmu kagagahan ogé geus kacekel kabéh. Aing henteu teurak
ku pakarang, tara raheut-raheut acan. Nepi ka ayeuna aing mah can kungsi nénjo
getih sorangan. Tapi naha enya ari diajar élmu aya tamatna ? naha énya aing teh
panggagahna ? Ah, aing panasaran. Aing rék ngalalana, rék nyiar élmu. Sugan baé aya
kénéh élmu nu aing can nyaho.”
Teras baé Kéan Santang ngalalana ka manda-mendi. Kéan Santang meuntas lautan.
Nya dugi wé ka Mekah. Didinya anjeuna ngadangu, cenah anu luhur élmuna jeung
gagah téh Sayidina Ali. Anjeunna seja nepangan ka Sayidina Ali.
Nalika nuju angkat, anjeunna tepang sareng hiji sepuh. Ku éta sepuh Kéan Santang
dipariksa ka mana nya tujuan.
Kéan Santang ngawaler, “Abdi téh badé nepangan Sayidina Ali. Maksad badé ngadu
kagagahan.”
“Euh, ari kitu mah hayu atuh dijajapkeun ku Mama,” saur éta sepuh téh.
Teras Kéan Santang ngirng ka Eta sepuh. Barang tos angkat sajongjongan, sepuh téh
sasauran, “Aéh, iteuk Mama tinggaleun. Tuh gening nanceb. Punten
pangnyandakeun!”
Énggal Kéan Santang mulih deui, maksad nyandak teteken kagungan éta sepuh. Iteuk
téh dijéwang, tapi pageuh. Teras dicabut ditanagaan, beut teu uget-uget acan. Kéan
Santang dudugingan nyabut iteuk, nepi ka rey bijil késang lembut.
Sepuh téa nyaketan, pok sasauranng, “Naha lami-lami teuing?”
“Aduh Mama, abdi teu tiasa nyabut ieu iteuk,” waler Kéan Santang mani ngahégak.
Kéan Santang ngaraos salirana kokoprot ku késang. Barang disidik-sidik, mana horéng
salirana téh rembes getih. Anjeunna pohara kagétna. Ayeuna laksana ningali getih
sorangan. Geuning getihna téh beureum kawas geutih nu séjén.
“Pagar palay ngadu kagagahan sareng Sayidina Ali. Geuning nyabut iteukna ogé
henteu kaduga!” saur sepuh téa.
Manahoréng éta téh nya Sayidina Ali téa.

Kéan Santang nyuuh kana sampéan Sayidina Ali. Tétéla jalma mah teu aya nu gagah,
taya nu sakti.
Loba kénéh élmu nu kudu diulik.
Teras baé Kéan Santang lebet Islam, sarta ngulik rupi-rupi élmu di Mekah. Engkéna
anjeunna mulih
deui ka Pajajaran ngadon nyebarkeun Islam di lemah caina.   

Anda mungkin juga menyukai