DISUSUN KU:
MEISA AURA OKTAVIANI
X MIIA 4
Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, ti isuk keneh nepi ka beurang
manehana tacan keneh manggihan nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih
tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek.
Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Kie omongna
“Sakadang Monyet, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa
naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparoan”
“Hade,” tembal Sakadang Monyet. “Di mana?” Tuluy maranehna arindit babarengan ka
tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut
dihakanan.
Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan
ciduh. “Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang
Kuya ngagorowok.
Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah
maledogan ku cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang
males.
Dina hiji poe isukana, Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak,
warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna
indit nepungan Sakadang Monyet.
Biwir sakadang kuya dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak
ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.
Ditanya ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing
menta!” Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah
loa paparin ti Dewata. Kakarka uing mah barang dahar ni’mat kieu.”
“Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Ceuk Sakadang Monyet bari lumah lameh menta
ngarah dipikarunyaan. “Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere
cau ka uing, padahal eta teh uing anu manggihana?”
“Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah
loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.
“Nya ari maksa-maksa teuing mah kop bae, tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!” tapi ulah
dibeakeun kabeh, sesakeun keur uing saparona.”
Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata
tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun.
Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak…. Adug
lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.
Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena keur
bareto.
Pesan:
Jadi jelema mah ulah sok sarakah, kudu daék barang-béré ka batur nu teu boga.
B.Parabel
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk
mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka
kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan.
Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si
Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si
Kabayan téh nyarita ka nangka.
“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan
téh.
“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si
Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari
ngaléos.
C.Legenda
Kacaturkeun di hiji leuweung aya bagong putih bikang. Éta bagong téh gawéna ngan tatapa baé, geus
mangpuluh-puluh taun. Ari anu ditapaan ku manéhna, hayang boga anak awéwé sarta bangsa manusa.
Dina hiji waktu bagong putih ngarasa hanaang. Manéhna indit ka tegalan, deukeut Walungan Citarum.
Barang anjog ka dinya, manggih batok balokan, nyaéta batok urut nu meulah duwegan. Loba pisan éta
batok balokan téh, urut rombongan Kangjeng Prabu nu moro uncal ka dinya. Malah aya hiji batok
balokan tilas Kangjeng Prabu. Éta batok téh aya caian, nyaéta cikahampangan Kanjeng Prabu. Barang
geus marulang, kapanggih ku bagong putih. Lantaran hanaang téa, leguk baé cai nu ngemplang dina
batok téh diinum. Ari geus nginum kawas aya nu nyaliara kana awak bagong putih, béda rarasaan
deuih kawas nu ngandeg. Henteu salah, bagong putih téh reuneuh.
Beuki lila bagong putih téh reuneuhna beuki gedé. Ari gubrag, orokna jelema sarta awéwé, rupana
geulis kacida. Pohara baé bagong putih téh atoheunana. Anakna diciuman, digaléntor bari disusuan.
Éta orok téh tuluy dingaranan Dayang Sumbi:
Barang Dayang Sumbi geus gedé, pok nanyakeun bapa ka indungna, “Ibu ari bapa kuring téh saha?
Naha jelema kawas kuring atawa bagong saperti Ibu?”
“Euh, Nyai anu geulis anak Ibu! Nyai mah henteu boga bapa. Mun enya mah boga bapa meureun aya
di dieu,” témbal bagong putih.
“Euh, piraku Ibu, sakabéh mahluk ogé kapan padaboga bapa, boh manusa boh sato héwan. Ngan
bangsa kakaian anu henteu boga bapa mah.”
Lantaran anakna pok deui pok deui nanyakeun bapa méh saban waktu, ahirna bagong putih téh
balaka. “Bapa hidep mah Kangjeng Prabu, di ditu ayana, di karaton,” cék bagong putih.
Ngadéngé kitu Dayang Sumbi pohara reuwaseunana, jeung ujug-ujug panasaraneun, hayang
nepungan bapana.
“Lamun kitu mah ayeuna kénéh ku kuring rék dite-pungan,” cék Dayang Sumbi.
Dayang Sumbi kebat baé indit ngajugjug ka karajaan. Barang tepung jeung Kangjeng Prabu, derekdek
Dayang Sumbi nyaritakeun asal-usulna. Nya tuluyna mah Dayang Sumbi téh diaku anak ku Kangjeng
Prabu, sarta diperenahkeun di hiji tempat. Dayang Sumbi dititah diajar ninun ka tukang tinun. Teu lila
ogé Dayang Sumbi geus mahér ninun, sarta jieunanana alus hésé babandinganana. Nya ku Kangieng
Prabu téh di-pangnyieunkeun saung ranggon nu 1uhur di tengah leu-weung, tempat Nyi Putri ninun.
Ari baturna ngan ukur anjing hideung anu dingaranan Si Tumang.
Dina hiji waktu, basa Dayang Sumbi keur ninun, taropong-na moncor sarta murag ka kolong saung.
Ku lantaran seung-gah kudu turun, pok Dayang Sumbi ngomong sorangan, “Leuh, mun aya anu daék
mangnyokotkeun taropong, lamun awéwé dijadikeun dulur, lamun lalaki rék dijadikeun salaki ku
kuring.”
Kabeneran pisan di kolong saung téh aya Si Tumang, anu ngadéngéeun omongan Dayang Sumbi. Éta
taropong téh dicokot ku Si Tumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Karuhan baé Dayang
Sumbi téh pohara reuwaseunana, teu nyangka yén anu mangnyokotkeun taropong téh geuning anjing,
lain manusa. Mangkaning manéhna geus kedal ucap, mun lalaki rék dijadikeun salaki. Ari Si Tumang,
apan anjing jalu.
Dayang Sumbi rumasa geus kapalang kedal ucap. Kawas geus kitu kuduna katangtuan ti Déwata,
manéhna tuluy hirup paduduaan jeung Si Tumang. Tepi ka hiji waktu Dayang Sumbi kakandungan,
terus ngajuru, anakna lalaki, dingaranan Sang-kuriang. Anakna mulus banglus, morontod méh taya
kuciwa-na.
Sangkuriang sok resep ulin lulumpatan kadua Si Tumang. Sakapeung bari mamawa tumbak. Belewer
dilempagkeun, cleb nanceb kana tangkal kai. Sangkuriang surak sorangan, bungah, lantaran tumbakna
meneran ka nu diincer. Si Tumang dihucuhkeun. Sebrut lumpat ngudag kana tangkal kai, bangun nu
keur ngudag sato boroan.
Beuki lila, Sangkuriang beuki mahér baé ngalempagkeun tumbakna. Tuluyna mah lain saukur ulin
lulumpatan, tapi mi-miti diajar ngasruk ka leuweung, néangan sato boroeun. Moro sato naon baé
kayaning bagong, careuh, manuk, atawa men-cek.
“Jung geura moro ka leuweung, Ibu mah hayang dahar jeung ati mencek,” omong Dayang Sumbi dina
hiji waktu.
Sangkuriang indit ka leuweung, dibarengan ku Si Tumang. Ngan hanjakal poé éta mah euweuh sato
anu katénjo hiji-hiji acan. Padahal ilaharna mah sok katénjo uncal atawa mencek keur rendang
nyaratuan di sampalan. Tapi anéh, poé harita mah kawas ngalaleungit ka mana boa. Sangkuriang geus
asruk-asrukan ka saban tempat, ka lamping ka tegalan. Lapur sasatoan téh teu kasampak tapak-
tapakna acan. Ari Si Tumang bet ngadak-ngadak kebluk deuih, henteu daék lulumpatan néangan sato
boroeun.
Awahing ku jéngkél moro teu beubeunangan, ngan lékék baé SiTumang téh dipeuncit ku Sangkuriang.
Atina dibawa balik sarta dipasrahkeun ka indungna. Dayang Sumbi puguh baé kacida atohna, dagdag-
dégdég ngasakan éta ati.
Ngan barang Sangkuriang balaka yén éta téh ati Si Tumang lain ati mencek, Dayang Sumbi pohara
ambekna. Sangkuriang ditoktrok sirahna ku sinduk tepi ka ngucur getih.
Sangkuriang tuluy pundung, indit ti imahna ka tebéh wé-tan. Mangtaun-taun miIeuweungan tepi ka
ahima bras anjog ka nagara siluman. Di dinya Sangkuriang guguru élmu kasak-tén ka siluman nu
wujudna oray naga. Sangkuriang ngulik é1mu “Tumbul Muda”. Jalma anu miboga éta é1mu bakal
bisa meruhkeun sakumna jin jeung siluman. Sanggeus élmuna kataékan, Sangkuriang dijurungan sina
indit deui ngalalana.
Dina hiji waktu, manéhna anjog deui ka nagara siluman. Lantaran geus boga ajian “Tumbul Muda”
téa, Sangkuriang bisa ngéléhkeun jin jeung siluman anu aya di éta nagara. Éta mahluk bangsa
lelembut téh tuluyna mah tunduk ka Sangkuriang.
Demi Dayang Sumbi sanggeus ditinggalkeun ku anakna, ngarasa kaduhung kabina-bina. Hirupna éstu
nunggelis. Manéhna tuluy indit ka tebéh kulon rék néangan Sangkuriang. Ngaprak ngalalana, tepi ka
anjog ka Gunung Halimun. Di dinya Dayang Sumbi patepung jeung Raja Jin anu keur tatapa. Dayang
Sumbi tuluy diajar rupa-rupa élmu kasaktén. Sanggeus tamat guguruna, manéhna dijurungan sina
indit deui ka beulah wétan. Di hiji tempat anu katelah Gunung Bohong, manéhna nganjrek bumetah,
nyaung-nyaung di dinya, teu incah balilahan deui.
Sanajan geus ditétélakeun yén manéhna téh anakna pituin, Sangkuriang teu percaya sarta keukeuh baé
ngajak kawin ka Dayang Sumbi. Mireungeuh anakna kitu, geuwat baé Dayang Sumbi téh nyiar akal.
Nyieun tanjakan anu dianggap pohara banggana.
“Heug kami daék dikawin, asal dipangnyieunkeun talaga jeung parahuna keur lalayaran urang
papangantén. Éta talaga jeung parahu téh kudu anggeus dijieun sapeuting!” ceuk Dayang Sumbi. Ku
Sangkuriang disanggupan éta paménta anu kacida banggana téh.
Harita kénéh Sangkuriang tuluy ngabendung Walungan Citarum. Digawé teu eureun-eureun
sapeupeuting, dibantuan ku bangsa jin jeung siluman. Nincak janari, talaga téh geus ngemplang. Kari
nyieun parahuna. Kabeneran aya tangkal kai gedé, gedok dituar. Kai téh tuluy ditilasan régangna sarta
dipapas dijieun parahu.
Dayang Sumbi yakin yén paméntana moal katedunan. Pimanaeun teuing nyieun talaga jeung.parahu
bisa anggeus sapeuting, cék pikirna. Tapi basa katénjo talaga geus ngemplang jeung parahuna geus
ngabagug téréh anggeus, manéhna kacida reuwasna. Dayang Sumbi bingung liwat saking. Kudu
kumaha atuh carana, sangkan aing teu tulus kawin jeung anak sorangan, cék pikirna. Ras manéhna
inget kana boéh rarang. Geuwat baé éta boéh téh dicokot tuluy dibawa ka mumunggang. Ku manéhna
dkebut-kebutkeun tepi ba bijil cahaya bodas kawas balébat di beulah wétan. Dadak sakala sasatoan
leuweung disarada. Manuk récét. Hayam raong kongkorongok, da disangkana geus beurang.
Sangkuriang ngagebeg barang nénjo di wétan geus bijil balébat téh. Manéhna nu keur ngageduk
nganggeuskeun parahu tuluy ngahuleng bakating ku reuwas. Bijil balébat, éta tandana geus beurang.
Mangka parahuna can anggeus, harti-na manéhna moal tulus papangantén jeung Dayang Sumbi.
Bakating ku handeueul kabina-bina, ngan jedak baé parahona ditajong sataker tanaga. Bubuhan jalma
sakti, parahu téh mangpéng jauh pisan. Gubrag di hiji tempat, parahu téh nangkub. Jleg salin rupa jadi
gunung. Éta gunung téh kiwari katelah Gunung Tangkubanparahu. Ari talaga anu ngemplang ku
Sangkuriang didupak bendunganana, tepi ka caina saat ngolétrak. Éta urut talaga téh kiwari jadi
padataran Bandung anu ngampar lega pisan. Tunggul kai urut nuar Sanguriang tuluy ngajanggélék
jadi Gunung Bukit Tunggul, wétaneun Gunung Tangkubanparahu. Ari régang kai anu ngahunyud sarta
geus rangrang teu daunan, tuluy ngajanggélék jadi Gunung Burangrang di béh kulon.
D.Sagé/Babad
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara towéksana ka rahayat,
wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé anjeunna parantos uningaeun,
kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmédi
neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa mangadep ka Yang
Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.
Sabada sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng Bupati.
Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta teras nyandak keris
pusaka.
Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Gedé. Rurusuhan da sieun bitu
mantén. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak
gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung baé éta keris téh
dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun téh ngan bati colohok, da éta keris
téh éstu kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep
saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah
teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh. Ger baé surak
bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Sakabéh
rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh.
Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda, bakat ku
bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah lantaran bisa
nyalametkeun rahayatna.
Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi
Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun pareng poé peré mah sok
rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna.
E.mite
NYI RORO KIDUL
Jaman baheula di Pulo Jawa aya hiji raja,kakasihna Sang Prabu Munding Wangi.
Ti praméswari kagungan putra istri,jenenganana Déwi Kadita,
anu kageulisanana pilih tanding,kaceluk ka awun-awun, kawéntar ka janapria,
malah nepi ka nelah Déwi Srangéngé,lantaran cahayana moncorong lir srangéngé.
Sanaos Déwi Mutiara tos nyenangkeun Raja,ku jalan kagungan putra pameget téa,
nanging ku margi Déwi Mutiara téh selir,linggihna angger baé di gédéngeun karaton,
henteu di lebet karaton sapertos praméswari,Manah Déwi Mutiara ngageremet teu sugema,
timbul baé rasa ceuceub ka praméswari,dibarung ku rasa sirik ka Déwi Srangéngé.
Maksud manéh Déwi Mutiara téh,praméswari jeung Déwi Srangéngé,rék ditenung supaya
beungeutna ruksak.Ingetanana, ari beungeutna ruksak mah,pasti ku Kangjeng Raja diusir,
atawa disingkurkeun ka leuweung,lantaran dianggap wiwirang keur karajaan.
Kacaritakeun dina hiji peuting,waktuna pangeusi karaton sararé tibra,Nini Jahil asup ka jero
karaton.Dasar tukang tenung sakti,euweuh saurang ogé anu nyahoeun.Para-ponggawa nu
ngajaraga.kabéh sararéna kawas bangké,gara-gara élmu sirep Nini Jahil.
Bérés praméswari ditenung,giliran Déwi Srangéngé.Ieu ogé sami sakedét nétra pisan,
pameunteu anu sakitu geulisna,robah jadi goréng patut.Pinuh ku koréng, borok, jeung
bisul.Sarua deuih teu kaop katoél saeutik,barijil nanah campur getih,
bauna semu hangru.
Sakali mangsa jog ka hiji patapan.Patepang jeung hiji pandita.Bubuhan pandita sakti,
mibanda élmu linuhung,weruh sadurung winarah,pribumi langsung uninga,istri anu
sarumping téh taya sanés,praméswari kadua putrana,sanaos pameunteuna kacida ruksakna.
Éta dua istri kacida ngarumasna,tuman hirup di karaton sagala nyampak,ari ayeuna dipatapan
sagala euweuh.Euweuh nu ngaladénan-ngaladénan acan.Éta anu salawasna jadi émutan
praméswari,utamana mah nasib putrana ka payunna.Ku tina seueur teuing émutan téa,brek
baé praméswari téh teu damang,tug dugi ka pupusna di patapan.
Ki Pandita kacida pisan ngangresna,mireungeuh kaayaan praméswari kitu.Nyel baé aya karep
males kanyeri,ka nu geus boga laku julig.Ki Pandita uninga ka nu boga dosana.
Lajeng baé ngutus maung kembar,sina ngahukuman Nini Jahil.Duanana teu meunang waka
balik,salila tukang tenung jahat hirup kénéh.
Maung kembar indit ti patapan,rék ngajugjug ka Gunung Parahu.Sarta teu kungsi lila ti
harita,di tutugan Gunung Parahu guyur,Nini Jahil geus kapanggih jadi bangké,Beungeut
jeung awakna ruksak,kawas tapak ngarewég maung.
Dikantun pupus ku ibuna.Déwi Srangéngé kacida pisan sedihna,raosna teu aya deui batur
pakumaha.Aya ogé Ki Pandita anu haat nyaaheun,da teu sarua jeung indung kanyaahna.Déwi
Srangéngé sering émut ka ibuna,ahirna teu kiat lami-lami aya di patapan.
Wengi-wangi anjeunna rerencepan kabur.
Déwi Srangéngé nanghunjar dina kikisik,bari nyarandé kana tangkal kalapa.Neuteup anteng
ka tengah laut.Sakedapan lali kana kasedih manahna.Angin laut lir nu ngusapan
salirana,lami-lami ngaraos tunduh anu kacida.Reup baé kulem di dinya tibra naker.
Sabot Déwi Srangéngé kulem,anjeunna ngimpén anu luar biasa,impénan sapertos anu enya-
enya kajadian.Dina éta impénanana,anjeunna ditepangan ku hiji aki-aki.Éta aki-aki nganggo
anggoan sing sarwa bodas.Ari kana rupina, asa henteu asing deui.Asa kungsi panggih, ngan
duka di mana.
Éta aki-aki pok sasauran, kieu cenah,“Deudeuh teuing incu Aki,nu geulis kedah ngalaman
hirup sangsara.Ayeuna mah geura gugah,hég geura siram dina cai laut.Engké sagala
rupana.baris balik deui,balik ka sabihara-sabihari.Réngsé siram ulah ka mana-mana,
margi bakal aya satria nu ngajak nikah.”
Tapi ahirna mah Déwi Srangéngéhenteu seueur deui anu diémutan,ku tina parantos pasrah téa
kana kadarna.Gebrus baé ka laut, ibak kokojayan.Cai laut asin téh karaosna asa seger.Anéhna
unggal anjeunna ngusap raray,urut borok reujeung bisul,harita kénéh langsung beresih.
Ngan naha atuh nu diantos-antos téhhenteu daék sumping baé.Anjeunna méh unggal dinten
ngalangeu.di sisi basisir bari neuteup ka tengah laut.Sangkaan anjeunna, moal henteu,satria
téh sumpingna ti tengah laut.Lamun kana kapal laut,geuning taya celak-celakna acan.Atawa
bisa jadi bijil ti jero laut.
Tapi cai laut kalah nyalingray,kawas nu méré jalan ka Sang Déwi.Kitu deui sakabeuh
pangeusina,rupa-rupa lauk nu gedé nu leutik,daratang ngabagéakeun.Tungtungna Déwi
Srangéngé téh diangkat jadi ratu di sagara kidul,katelah Nyai Ratu Roro Kidul.
Tapi anjeunna tetep panasaran,palay tepang sareng satria anu dijangjikeun dina impénan.
Cai laut teras-terasan diubek,niatna milarian satria téa.Éta sababna pangna laut kidul
kasohor galedé ombakna.Lantaran hayoh waé diubek-ubek ku Nyi Roro Kidul.